P. 1
Kakawihan Barudak

Kakawihan Barudak

|Views: 3,861|Likes:
Published by YasfiMaziya

More info:

Published by: YasfiMaziya on Sep 14, 2012
Copyright:Attribution Non-commercial

Availability:

Read on Scribd mobile: iPhone, iPad and Android.
download as DOCX, PDF, TXT or read online from Scribd
See more
See less

01/10/2016

pdf

text

original

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK Yukeu Yuliani Mustofa

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

1

Kakawihan Barudak
Kakawihan asal kecapna tina kawih. Kawih dina kamus basa Sunda miboga harti lagu sora jelema anu euweuh pupuhna, taya patokanana. Sedengkeun kakawihan nyaéta nyorakeun rupa-rupa kawih, biasana nu sok ngawih téh barudak di luhur tangkal bari eundeuk-eundeukan tandaning bungah, kakawihan mah tara aya anu dihariringkeun. Dina Danandjaya (1997 : 147) kakawihan barudak disebutna nyanyian permainan (play song). Nyanyian permainan (play song) yakni nyanyian yang mempunyai irama gembira serta kata-kata lucu dan selalu dikaitkan dengan permainan bermain (play) atau permainan bertanding(game). Kakawihan barudak ieu kaasup kana wangun folklore lisan anu ka asup kana nyanyian rakyat. Nyanyian rakyat nyaéta wangun lagu tradisional anu boga sababaraha wangun gumantung kana tempat nyebarna éta lagu. Definisi ieu sarua jeung definisi anu dipaparkeun ku Jan Harold Brunvand. “Nyanyian rakyat adalah salah satu genre atau bentuk folklore yang terdiri dari kata-kata dan lagu, yang beredar secara lisan di antara anggota kolektif tertentu, berbentuk tradisional, serta banyak mempunyai varian.” (Brunvand dalam Danandjaja, 1997 : 141)

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

2

Folklor sorangan asal kecapna tina folk jeung lore. Folk hartina sakelompok manusa anu miboga cirri-ciri fisik, social, jeung kabudayaan anu bisa dibedakeun jeung kelompok anu sejenna. Sedengkeun lore nyaéta tradisi folk atawa tradisi masarakat. Hartina sabagian tina kabudayaanna anu

diwariskeun turun temurun. Danandjaja maparkeun definisi folklore nyaéta: Sebagian kebudayaan suatu kolektif, yang tersebar dan diwariskan turun temurun, diantara macam kolektif apa saja, secara tradisional dalam versi yang berbeda, baik dalam bentuk lisan maupun contoh yang disertai dengan gerak isyarat atau alat pembantu pengingat (mnemonic device). (Danandjaja, 1997 : 2) Lamun ditilik-tilik kakawihan barudak ieu téh aya hubunganna jeung kaulinan barudak jeung sipatna dwitunggal teu bisa dipisahkeun antara kakawihan jeung kaulinan barudak. Ku sabab kakawihan barudak ieu sok di paké dina kaulinan barudak, sok sanajan teu kabéh kakawihan barudak ieu aya kaulinanna atawa teu kabéh kaulinan barudak aya kakawihanna. Tapi, ti waktu ka waktu, kakawihan geus teu dipaké deui ku barudak nu keur arulin. Loba pisan barudak anu geus teu wanoh kana naon anu disebut kakawihan barudak ieu. Kakawihan jeung kaulinan barudak saeutik-saeutik 3

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

kagantikeun ku kaulinan nu lain nu sifatna modern siga videogame atawa game-watch. Ngan aya sababaraha kakawihan barudak anu masih kénéh dipikawanoh ku barudak jaman ayeuna jeung masih katinggali sok dipaké ulin. Dunya budak jaman ayeuna jadi pasif. Anu kuduna lamun aya waktu téh budak bisa sosialisasi jeung baturbaturna, kalahkah dipaké keur ulin sorangan dina video-game, game watch, PS2, atawa ngan dipaké keur lalajo tivi wungkul. Ku kituna budak jadi leuwih egois jeung individulistik, komo lamun aya nu ngaganggu manéhna anu keur sibuk jeung kaulinanna. Éta jadi salah sahiji faktor kakawihan barudak teu di paké deui. Barudak jaman ayeuna geus teu wanoh kanu kakawihan jeung kaulinan barudak anu sifatna tradisional, tepi ka ngahambat kamajuan kaulinan tradisional. Kurangna peran serta ti nu jadi kolot ogé jadi faktor kakawihan barudak teu dipikawanoh deui. Kolot leuwih milih kaulinan anu praktis keur budakna, anu instan jeung bisa dibeli di bandingkeun kudu nyieun atawa ngajarkeun ka budakna. Ku kituna, ngan aya sababaraha kakawihan barudak anu masih kénéh dipikawanoh jeung rajeun dipaké kénéh keur kaulinan maranéhna, diantarana:

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

4

Pérépét jéngkol Pérépét jéngkol jajahéan Kadempét kohkol Jéjérétéan

Jaleuleuja Jaleuleuja Atulak tu ja éman gog Seureuh leuweung bay Jambé kolot bug Ucing katinggang songsong Ngék Oray-orayan (versi 1) Oray-orayan Oray naon Oray bungka Bungka naon Bungkalaut Laut naon Laut dipa Dipa naon Dipandeuri ………..

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

5

Oray-orayan (versi 2) + Oray-orayan luar léor mapay sawah - Entong ka sawah paréna keur sedeng beukah + Oray-orayan luar léor mapay kebon - Entong ka kebon loba barudak keur ngangon + Mending ka leuwi di leuwi loba nu mandi - Saha anu mandi – anu mandina pandeuri Cingcangkeling Cingcangkeling manuk cingkleung // Cindeten // Blos ka kolong bapa satar buleneng Ayang-ayang Gung Ayang-ayang gung Gung goongna ramé Ménak Ki Mas Tanu Nu jadi wadana Naha manéh kitu Tukang olo-olo Loba anu giruk Ruket jeung Kumpeni Niat jadi pangkat Katon kagoréngan Ngantos Kangjeng Dalem Lempa lempi lempong Ngadu pipi jeung nu ompong Jalan ka Batawi ngemplong

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

6

Bang kalima lima gobang (versi 1) Bang kalima lima gobang (bang) Bangkong di tengah sawah (wah) Wahéy tukang bajigur (gur) Guru sakola désa (sa) Saban poé ngajar (jar) Jarum paranti ngaput (put) Putri nu gareulis (lis) Lisung kadua halu (lu) Luhur kapal udara (ra) Ragrag di Jakarta (ta) Taun tujuh hiji (ji) Haji rék ka Mekkah (kah) Kahar tujuh rébu (bu) Buah meunang ngala (la) Lauk meunang nyobék (bék) Béker meunang muter (ter) Terus ka Cikampék (pék) Pékna dagang kalam (lam) Lampu eujeung damar (mar) Mari kuéh hoho (ho) Hotél panglédangan (ngan) Ngantos Kangjeng Dalem (lem) Lempa lempi lempong Ngadu pipi jeung nu ompong

Bang kalima lima gobang (versi 2) 7

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

Bang kalima lima gobang (bang) Bangkong di tengah sawah (wah) Wahéy tukang bajigur (gur) Guru sakola désa (sa) Saban poé ngajar (jar) Jarum paranti ngaput (put) Putri nu gareulis (lis) Lisung kadua halu (lu) Luhur kapal udara (ra) Ragrag di Jakarta (ta) Taun dua rébu (bu) Buah menang ngala (la) Lauk menang nyobék (bék) Békleun menang muter (ter) Terus ka cikampék (pék) Pék ngadukeun kuda (da) Dahar sangu goréng (réng) Réngkod aki ngaringkuk dibekok  Sursér-sursér (versi 1) Sursér sursér Amis cau Amis kembang Hileud sita Tarungambang Yéy iyéy Tai manukan Yéy iyéy Tai manukan Sursér-sursér (versi 2) Sursér sursér 8

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

Amis cau Amis kembang Balakbak buah bungbulang Jol sémah Ngajak nyeupah ku papagan Papagan kadongdong nyemplong  Trang-trang koléntrang Trang-trang koléntrang Si londok paéh nundutan tikusruk kana durukan mesat gobang kabuyutan Trang-trang koléntrang Si anggar nyingkah sing anggah jeung gancang muntahkeun bulan caang bulan didurukan Trang-trang koléntrang si nini urang tulungan imahna téh kapoékan bulan tempur nabrak siang Cingciripit Cingciripit Tulang bajing kacapit Kacapit ku bulu pare Bulu paré méméncosna Jol pa Dalang Mawa wayang jrék-jrék nong… Olé-olé Ogong Olé-olé ogong 9

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

melak cabé di tarogong dihakan ku embé ompong diteang kari sapotong au au ahéng beuleum cau tutung géhéng embé embé domba anak sapi tutunggulan ema ema weya si sahi kabuhulan hayang geura diinuman embé embé domba anak sapi tuntunggulan ema ema weya si sahi pupundukan ku baturna ditumbukan  Paciwit-ciwit Lutung (versi 1) Paciwit-ciwit lutung ari gog gog ka luhur Paciwit-ciwit lutung ari gog gog ka luhur  Paciwit-Ciwit Lutung (versi 2) Paciwit-ciwit lutung si lutung pindah ka tungtung Paciwit-ciwit lutung si lutung pindah ka luhur Paciwit-ciwit lutung nu ti handap pindah ka luhur

 Cak Cung Cak cung bakowék 10

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

Kukuruyuk Anak careuh Ka kowét Bujurna bareuh  Pacici Poci Pacici-cici poci Anyang-anyang bidadari Jalélé jakuwé Ja minta kembang apa? (milih ngaran kembang) Ba nona ba nona Ba (ngaran) ménta kembang eros Kabogohna ka Mang Eros  Pacici Putri Pacici cici putri Selerek kembang celempung Ali-ali pamadatan Goréng adat digurubas Kalau mau kembang apa? Kembang pacar Manoné-manoné hayang kembang pacar Kabogohna mantri cacar!

Eundeuk-eundekan Lagoni (versi 1) + Endeuk-eundeukan lagoni 11

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

- Meunang peucang sahiji + Leupas deui ku nini - Beunang deui ku aki + Leupas deui ku ninina nini nini - Beunang deui ku akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina nini nini - Beunang deui ku akina akina akina akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina ninina ninina ninina nini nini………… - Beunang deui ku akina akina akina akina akina akina akina akina aki-aki ……..  Eundeuk-eundeukan Lagoni (versi 2) Eundeuk-eundeukan lagoni Meunang peucang sahiji Leupas deui ku nyai Beunang deui ku abdi Eundeuk-eundeukan lagoni Meunang peucang sahiji Leupas deui ku nini Beunang deui ku aki

 Endog-endogan Endog-endogan pepes hiji pepes kabéh Endog-endogan pepes hiji pepes kabéh Endog-endogan pepes hiji pepes kabéh Goléang-goléang mata sapi bolotot  Aya hiji kurung pinuh ku japati 12

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

japati kaluar disada uok uokan Alim karamana alim ka ibuna hoyong kaputrana nu centik bulu socana  Hiji sareng hiji sami sareng dua Lamun bisa ngaji pasti bisa ngadoa Dua tambah dua sami sareng opat Lamun ngadoa pasti meunang berkat Opat sareng opat sami sareng dalapan Lamun meunang berkat pasti dihakan Dalapan sareng dalapan sami sareng genep belas Lamun geus dihakan tanaga jadi beda Genep belas sareng genep belas sami sareng tilu puluh dua Lamun geus bedas bisa mantuan indung bapa  Blung Blong Blung blong tampélét tampa gelom lalamis bulu maung cerentél cantél pakuong doblus

 Tat tit tut daun kanyere (kaliki) 13

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

saha nu hitut budak awewe (lalaki) dibawa kasaung butut balikna ngaburusut  Punteun-Mangga Punteun, mangga Ari ga, gatot kaca Ari ca, cau ambon Ari bon, bonténg asak Ari sak, sakit perut Ari rut, rujak asem Ari sem, sempal sempil Ari pil, pilem ramé Ari mé, méja makan Ari kan, kantong kosong Ari song, song-song lampu Ari pu, puak paok Ari wok, wok berewok  Sepdur Sepdur, sepdur Mantra-mantri naam jadur Kalung-kalung Kahijina Kaduana Katilu boleh ditangkap

Cang ucang anggé Cang ucang anggé 14

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

Mulung muncang ka paranjé Digogog ku anjing gedé Anjing gedé nu Pa Lebé Ari gog gog cungunguuuung

Interpretasi Kakawihan Barudak
15

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

Dina rumpaka kakawihan ieu loba pisan anu bisa ku urang diteuleuman. Aya sababaraha anu narik pikeun diinterpretasi ku urang ngenaan kakawihan barudak ieu. Boh dina segi maknana atawa dina segi fungsi kakawihan ieu keur barudak. Unggal kakawihan barudak miboga makna sewangsewangan anu bisa ditingali dina rumpaka-rumpakana. Salah sahiji contona anu maparkeun yén dina kakawihan barudak miboga makna-makna nyaéta dina kakawihan Jaleuleuja, Ayang-ayang Gung, Oray-orayan, Bang Kalima Gobang, Pérépét Jengkol, jeung lianna. Makna-makna dina kakawihan barudak diantarana: 1. Gerentes haté Kakawihan dina Jaleuleuja mangrupa alat anu

digunakeun ku masyarakat, sangkan naon anu aya dina gerentes haténa anu teu kaharti ku batur anu aya di luar komunitasna bisa dibéjérbéaskeun ku bahasa sandi dina kakawihan barudak. Contona, Jaleuleu ja. Lagu ieu téh cenah dijieun dina mangsa tatar Sunda diserang ku Mataram. Lagu Jaleuleu Ja aya anu nyurahan siga kieu :  Jaleuleu ja ( aya Jawa)

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

16

 Atulak tu ja éman - gog (Nitah ka jang Éman lamun aya Jawa kudu nyadiakeun tulak (keur panakol) sarta nagog atawa pasang kuda-kuda, anu miboga harti kudu siap-siap)  Seureuh leuweung - bay (seureuh leuweung téh biasa ogé disebut gebay, bentukna siga taméng, kukituna lamun aya Jawa, salian ti kudu siap téh, anu dina harti rumpaka tadi nagog téa, ogé urang kudu nyiapkeun taméng)  Jambé kolot - bug (jambé kolot téh di Sunda mah disebut jebug, jadi lamun musuh datang kudu digebug)  Ucing katinggang songsong - Ngék (ngagebugna nepi ka siga ucing katinggang songsong – ngék …….) Dina kakawihan Ayang-ayang Gung ogé aya makna anu sarua jeung Jaleuleuja, nyaéta pikeun nunjukeun gerentes haté ku bahasa sandi téa. Lagu Ayang-ayang Gung ieu nyaritakeun masyarakat di hiji wilayah anu sahéng (Ayang-ayang gung Gung goongna ramé) nyaritakeun kalakuan pamingpinna nyaéta ménak Ki Mas Tanu nu jadi wadana. Pangna diaromongkeun téh kusabab kalakuanana olo-olo (naha manéh kitu – tukang oloolo), giruk ruket (ngabalad jeung kumpeni). Tujuanana mah taya lian sangkan bisa naék pangkat, sanajan bari jeung (kalakuan kitu téh) goréng. Ningali wadana anu kitu petana, saenyana rahayat ngaharepkeun dalem – tapi dalem ogé sarua 17

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

misleukna (Ngantos kang jeung dalem, Lempa lempi lempong, Ngadu pipi jeung nu ompong) Ngeunaan jalan ka batawi ngemplong bisa dihartikeun yén pamingpin jaman baheula ogé leuwih oriéntasi ka luhur alias ka batawi.

2. Kaayaan atawa Kajadian Tina kakawihan barudak urang ogé bisa

ngagambarkeun kaayaan. Lamun analisa di luhur bener, kakawihan téh bisa jadi dijieunna patula-patali jeung hiji kajadian (aya faktor waktu). Contona, Jaleuleu dikira-kira dijieunna dina jaman Dipati Ukur, nya kitu ogé Ayang-Ayang Gung dikira-kira dijieunna dina jaman penjajahan.

3. Ngaramalkeun ka harep Aya ogé kakawihan barudak anu hartina téh

ngaramalkeun ka hareup. Nyaéta waktu Sukarno tibeubeut tina kalunguhanana, anu kababawa téh lain ngan ukur manéhna, tapi ogé anték-antékna. Ninggali kaayaan kieu aya nu nyarita, cenah kakawihan Oray-orayan ngajelaskeun kajadian éta. Dimana oray bungka dina rumpaka Oray-orayan téh nyaéta Bung Karno téa jeung naon anu dinyanyikeun dina rumpaka kakawihan éta jadi kanyataan, kabeh anu nutur-nutur

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

18

(dipandeuri)

Bung

Karno

kalaut

nyaéta

turun

dina

kalungguhanna.

4. Kritik Sosial Makna tina kakawihan Paciwit-ciwit Lutung, di jerona aya makna kritik sosial. Rumpaka dina kakawihan ieu lain ngan saukur ngagambarkeun aktivitas paciwit-ciwit leungeun, tapi kecap lutung tina rumpaka éta jadi konci maknawi kapongahan jelema anu hayang boga kalungguhan. Si Lutung boga kahayang aya waé diluhur leungeun batur. Paciwit-ciwit Lutung ogé mangrupakeun ekspresi hiji rasa ihwal ngenaan kajujuran jeung takdir yén jadi juragan atawa bawahan kudu bisa sanasib sapanggungan.

5. Ulin Kecap Dina kakawihan Bang Kalima Gobang jeung PunteunMangga mah makna na ngan ukur ngajelaskeun ulin kecap. Nyaéta dina rumpakana katinggali padalisan anu tungtung dijadikeun padalisan anu anyar.

6. Heureuy atawa Kagumbiraan DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 19

Aya ogé anu rumpakana téh ngan ukur heureuy biasa, saperti dina Pérépét Jéngkol jeung Cingcangkeling fungsi kakawihan ieu murni pikeun rekreatif barudak anu keur arulin. Tapi dina kaulinanna, Pérépét Jéngkol boga makna husus nyaéta kagumbiraan jeung guyonan ngenaan kasusah hirup, dimana barudak anu keur maénkeun kaulinan Pérépét Jéngkol ieu bisa ngarasa gumbira padahal anu dipaénkeun ku maranéhna téh pinuh ku rasa kasakit.

7. Étika Kakawihan barudak anu ngandung makna étika nyaéta kakawihan Punteun-Mangga. Dina kakawihan ieu fungsi awalna pikeun namu. lamun urang rék namu ka imah batur kudu nyebut punteun anu hartina sarua jeung sampurasun, jeung nu boga imahna kudu nembalan mangga ka nu rék namu.

Diajar dina Kakawihan Barudak
DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 20

Kakawihan barudak mangrupakeun salah sahiji bagéan tina sastra lisan anu miboga fungsi lain ngan ukur pikeun rekreatif wungkul, tapi ogé kakawihan barudak téh boga fungsi-fungsi atawa manpaat anu lainna, diantarana: 1. Ngembangkeun Intelektual Kakawihan barudak boga fungsi ngembangkeun

intelektual budak nyaéta pikeun pangajaran keur barudak. Dina sababaraha kakawihan barudak aya anu

nawarkeun pikeun nambah kapinteran dina widang pangajaran matematika. Lagu-lagu tina kakawihan barudak ieu lain ngan ukur rumpaka anu dikawihkeun ku barudak, tapi dina kakawihan barudak ieu aya narasi carita dongéng jeung wangun sastra anak lianna, nyaéta budak bisa diajar matematika dina kakawihan. Dina ngawih atawa nyanyi ku teu sadar budak keur diajar matematika. Conto kakawihan barudak anu aya patula-patalina jeung pangajaran matematika nyaéta Sepdur jeung Eundeukeundekan Lagoni.

 Sepdur Sepdur, sepdur DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 21

Mantri-mantri naam jadur Kalung-kalung Kahijina Kaduana Katilu boleh ditangkap Dina kawih sepdur ieu budak diajar ngurutkeun angka ti hiji nepi ka tilu. Ku ngapalkeun dina kakawihan budak bakalan gancang apalna.  Eundeuk-eundeukan Lagoni + Endeuk-eundeukan lagoni - Meunang peucang sahiji + Leupas deui ku nini - Beunang deui ku aki + Leupas deui ku ninina nini nini - Beunang deui ku akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina nini nini - Beunang deui ku akina akina akina akina aki-aki + Leupas deui ku ninina ninina ninina ninina ninina ninina nini nini………… - Beunang deui ku akina akina akina akina akina akina akina akina aki-aki ……. Kakawihan Eundeuk-eundeuk Lagoni éta lamun

dirumuskeun ngahasilkeun pola bantun-tambah ku soal carita. DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 22

Ku kakawihan samodel kieu budak dibeukeulan kamampuan pikeun mereskeun soal anu aya patalina jeung kukurangan ogé jeung tatambahan. Lamun kakawihan éta dipolakeun kanu angka bakal siga kieu : 0+1=1 1–1=0 0+1=1 (nepi ka beres) Conto anu lianna ngajarkeun budak tatambahan jeung ngajarkeun moral ka budak. Diantarana moral budak ka indung bapana jeung moral budak ka Gusti Allah. Hiji sareng hiji sami sareng dua Lamun bisa ngaji pasti bisa ngadoa Dua tambah dua sami sareng opat Lamun ngadoa pasti meunang berkat Opat sareng opat sami sareng dalapan Lamun meunang berkat pasti dihakan Dalapan sareng dalapan sami sareng genep belas Lamun geus dihakan tanaga jadi beda Genep belas sareng genep belas sami sareng tilu puluh dua Lamun geus bedas bisa mantuan indung bapa

Salian ti kakawihan anu aya di Sunda anu ka asup kana Sastra Sunda, dina Sastra Indonesia hususna sastra anak ogé 23

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

ngabogaan leuwih loba kakawihan atawa lagu-lagu budak anu dijerona boga fungsi pangajaran matematika keur budak, diantarana :  Dua mata saya hidung saya Satu dua kaki saya pakai sepatu baru. Dua tangan saya yang kiri dan kanan satu mulut saya tidak berhenti makan  Tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turun sepuluh, mati satu tinggal sembilan, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turun sembilan, mati satu tinggal delapan, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turun delapan, mati satu tinggalah tujuh, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya tujuh, mati satu tinggalah enam, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya enam, mati satu tinggalah lima, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya lima, 24

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

mati satu tinggalah empat, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya empat, mati satu tinggalah tiga, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya tiga, mati satu tinggalah dua, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya dua, mati satu tinggalah satu, tek kotek-kotek-kotek, anak ayam turunnya satu, mati satu tinggal induknya,  Empat anak bebek pergi berenang, Naik ke Gunung lalu menghilang Induk bebek mencari wek,, wek,, Hilang satu tinggalah tiga tigat anak bebek pergi berenang, Naik ke Gunung lalu menghilang Induk bebek mencari wek,, wek,, Hilang satu tinggalah dua dua anak bebek pergi berenang, Naik ke Gunung lalu menghilang Induk bebek mencari wek,, wek,, Hilang satu tinggalah satu

 Satu sepatu Dua durian DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 25

Tiga mentega Empat ketupat Lima delima Enam tanaman Tujuh maju mundur Delapan naik papan Sembilan orang bulan Sepuluh kue bolu Sebelas naik kelas Dua belasmenjadi patung Aya ogé lagu anu langsung tina wangun tatambahan tapi ku barudak sok dinyanyikeun, teu maké carita. Fungsi dinyanyikeun didinya méh budak bisa leuwih babari apal kusabab aya fungsi rekreatif dina lagu.  Satu ditambah satu, sama dengan dua Dua ditambah dua, sama dengan empat Empat ditambah empat, sama dengan delapan Delapan ditambah delapan, sama dengan enam belas

Terus aya lagu Balonku anu salian ti ngajarkeun matematika ngenaan kukurangan, ogé ngenalkeun ka budak ngenaan warna-warna. Jeung lagu Sayang Semuanya

ngajarkeun matematika ogé ngajarkeun budak boga rasa silih mikanyaah.  Balonku ada lima Rupa-rupa warnanya DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 26

Hijau, kuning, kelabu Merah muda dan biru Meletus balon hijau (daarrr) Hatiku sangat kacau Balonku tinggal empat Ku pegang erat-erat  Satu-satu aku sayang ibu Dua-dua juga sayang ayah Tiga-tiga sayang adik kakak Satu, dua, tiga, sayang semuanya Salian ti fungsi pangajaran matematika, kakawihan barudak ieu boga fungsi pedagogies anu sejénna. Diantarana budak bisa diajar fungsi-fungsi barang, tempat cicingna sasatoan, atawa ngenaan sipat-sipat jeung lianna. Conto na dina kakawihan Bang-bang Kalima Gobang rumpakana ngajarkeun budak naon nu can di pikanyaho ku maranéhna.         Bangkong di tengah sawah (tempat cicingna) Guru sakola désa Saban poé ngajar (fungsi guru) Jarum paranti ngaput (fungsi) Putri nu gareulis (sipat) Lisung kadua halu (sipat) Buah menang ngala (cara) Lauk menang nyobék (cara) Békleun menang muter (fungsi) Dina Sastra Indonesia leuwih loba deui fungsi lagu-lagu barudakna diantarana lagu Pelangi ngajarkeun budak ngenaan DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK 27

warna-warna jeung religiusitas anu nyiptakeunna. Aya ogé lagu-lagu ngenaan ngaran-ngaran poé pikeun barudak wanoh ka ngaran-ngaran poé.

 Pelangi-pelangi Alangkah indahmu Merah, kuning, hijau Di langit yang biru Pelukismu agung Siapa gerangan Pelangi-pelangi Ciptaan Tuhan  Senin, selasa, rabu,kamis Jum’at, sabtu, minggu Itu nama-nama hari (aya ogé anu nambahan rumpakana pikeun ngamotivasi barudak) Rajin belajar Cepat pintar Anak yang pemalas Tidak akan naik kelas

2. Pamahaman Kahirupan Sosial

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

28

Fungsi atawa manpaat anu séjénna nyaéta pamahaman ngenaan kahirupan social. Ieu ditunjukeun dina kaulinanna anu bisa ngadidik budak pikeun jadi budak anu sportif, bisa gawé bareng jeung nu lianna, numbuhkeun solidaritas, kapercayaan ka diri na sorangan, jeung nu lainna anu hubunganna jeung perkembangan psikologi anak. Dina kaulinan barudak anu sipatna siasat fungsina pikeun ngembangkeun daya pikir budak, jeung anu sipat kaulinanna katerampilan fisik bisa ngembangkeun kacekatan gerakna otot-otot (saraf motorik). Contona dina kakawihan Cingciripit, kaulinanna nyaéta di paénkeun ku duaan atawa leuwih, cara maénkeunna nyaéta leungeun salah sahiji budak ditangkarakeun tuluy manéhna jeung nu lianna leungeun panunjukna diacungkeun bari digerakeun-gerakeun méh leungeunna teu katéwak ku babaturanna bari ngawih Cingciripit, tulang bajing kacapit, kacapit ku bulu paré, bulu paré méméncosna, jol pa dalang mawa wayang jrék-jrék nong. Dina kaulinan Cingciripit éta budak diajar percaya ka dirina sorangan pikeun bisa nyieun strategi palebah mana manéhna kudu ngangkat leungeunna méh teu katewak ku baturna.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

29

Lamun dina kaulinan Pérépét Jéngkol, budak bisa diajar gawé bareng nu hiji jeung nu lianna ngarah teu nepi ka labuh keur maénkeunna. Salian ti éta, kakawihan ogé boga fungsi pikeun ngaguyubkeun. Dina faktana, unggal kakawihan barudak anu aya kaulinanna, dipaénkeunna sok ku lobaan, paling saeutik ku dua budak. Ieu ngajarkeun budak pikeun guyub, daék gawé bareng, ogé diajar interaksi jeung batur-baturna. Budak ogé bisa diajar sosialisasi jeung lingkunganna, utamana méré pangaweruh yén hirup téh teu bisa sosorangan, pasti ngabutuhkeun bantuan batur. Intina, dina kakawihan, budak diajar sangkan bisa hirup guyub jeung nu sejenna, teu individulistis jeung egois. Dina kakawihan ogé bisa ngadeukeutkeun nu jadi indung atawa kolotna ka budakna. Contona dina kakawihan Sursér, urang bisa ningali kadeukeutan budak jeung indungna utamana mah. Hal éta alus pikeun psikologi perkembangan keur budak. Budak bakalan ngarasa dipikanyaah ku indungna nu bisa nyieun budak geus gedé gé tetep deukeut jeung kolotna.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

30

3. Ngembangkeun Imajinasi Masa kanak-kanak mangrupakeun masa keur mejeuhmeujeuhna budak ngembangkeun imajinasina. Sastra pikeun hiji karya seni anu ngandeulkeun kakuatan imajinasi nawarkeun hiji panglaman imajinasi ka budak. Dina kakawihan budak bisa ngaimajinasikeun naon anu ku manéhna keur dikawihkeun. Contona dina kakwihan Trang-trang Koléntrang. Rumpaka dina éta kakawihan nawarkeun ka barudak pikeun ngimajinasikeun naon anu dikawihkeun ku maranéhna. Kusabab dina rumpaka Trang-trang Koléntrang loba pisan ngandung makna anu bisa diimajinasi ku barudak. Misalna dina kecap Si londok paéh nundutan, budak anu kreatif sabisabisa bakal ngaimajinasikeun kecap éta.

4. Ningkatkeun Kamampuan Basa Kakawihan boga manpaat pikeun ningkatkeun

kamampuan budak dina basa. Ku barudak ngawihkeun kakawihan sadar teu sadar geus ngembangkeun basa barudak, kekecapan jadi nambahan, ogé katerampilan budak dina ngomong jadi leuwih ningkat. Sanajan basa anu digunakeun dina kakawihan barudak teu kabéh babari jeung basajan keur barudak.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

31

5. Pamahaman Estetika Dina kakawihan, barudak bisa diajar ngenaan nilai estetika atawa kaéndahan, diantarana kaulinan kecap, purwankanti, jeung pilihan diksi anu éndah.

6. Ngawanohkeun Budaya Budak diwanohkeun kanu kabudayaan Sunda ku wanoh kana kakawihan. Kakawihan barudak salah sahiji wangun dina kabudayaan, hususna kabudayaan Sunda. Ku cara nyieun budak resep kana kakawihan, urang geus nyieun budak resep ogé kana kabudayaan sorangan. Rék saha deui anu bisa ngamumulé budaya urang sorangan, lamun lain ku barudakna mah. Budak ayeuna nyaéta cikal bakal generasi penerus urang engké. Kusabab kitu, wawasan ngenaan kabudayaan

tradisional penting pikeun budak. Kakawihan jadi salah sahiji alat pikeun nambahan wawasan budak ngenaan kabudayaan éta.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

32

7. Fungsi Rekreatif Dina genep mangpaat éta, manpaat atawa fungsi anu paling utama jeung pang lobana dina kakawihan barudak mah nyaéta fungsi rekreatifna. budak bakalan ngarasa bungah jeung meunang kanikmatan ngawihkeun kakawihan dina kaulinanna. Daya tarik dina kakawihan barudak ogé bisa meungkeut émosi budak tepi ka budak bisa kabandang ku kakawihan anu lianna.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

33

DAPTAR PUSTAKA

Ampera, Taufik. 2010. Pengajaran Sastra, Teknik Mengajar Sastra Anak Berbasis Aktivitas. Bandung : Widya Padjadjaran. Nurgiyantoro, Burhan. 2005. Sastra Anak: Pengamtar Pemahaman Dunia Anak. Cetakan Pertama. Yogyakarta: Gajdah Mada University Press. Danadibrata, R.A. 2009. Kamus Basa Sunda. Citakan II. Bandung : PT Kiblat Buku Utama. Danandjaja, James. 1997. Folklor Indonesia Ilmu Gossip, Dongeng, Dan Lain-lain. Cetakan VII. Jakarta : PT Pustaka Utama Grafiti. Hidayat, Rachmat Taufik., dkk. 2005. Peperenian Urang Sunda. Bandung. PT Kiblat Buku Utama.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

34

BIOGRAFI

Yukeu Yuliani Mustofa dibabarkeun di Bandung, 07 Januari 1992. Namatkeun sakolana ti MI (SD) nepi ka MA (SMA) di Pesantrén Persatuan Islam 24 Rancaékék ti taun 1998-2010. Satamatna ti SMA (2010), Yukeu Yuliani Mustofa ayeuna keur nyuprih élmu di Sastra Sunda Universitas Padjadjaran. Salian ti kuliah, aktip ogé di Himpunan Mahasisiwi Persis UNPAD ti taun 2010 nepi ka ayeuna. Salian ti éta aktip ogé di organisasi Pemudi Persis Rancaékék.

DIAJAR DINA KAKAWIHAN BARUDAK

35

You're Reading a Free Preview

Download
scribd
/*********** DO NOT ALTER ANYTHING BELOW THIS LINE ! ************/ var s_code=s.t();if(s_code)document.write(s_code)//-->