You are on page 1of 2

Conto Biantara Basa Sunda :

BABAD SINGKAT SUKAMULYA - KUNINGAN


JAWA BARAT
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Hadirin anu ku simkuring dipihormat.
Dina danget ieu sim kuring bade ngadadarkeun babad singkat Sukamulya.
Sateuacana taun 1740, Cipanas mangrupikeun Cantilan ti dayeuh Cigadung.
Cipanas anu mangrupukeun Cantilan ti Cigadung ngagaduhan kahayang nyaeta ngatur
pamarentahan sorangan. Alesanana elmu-elmu anu dipiboga ku tokoh-tokoh
masyarakat di dayeuh Cigadung sarua jeung anu dipiboga di daerah Cantilan.
Dina hiji waktu aya hiji kajadian :
Di dayeuh Cigadung aya acara hajatan, di antarana tokoh eta ngundang ka tokoh-
tokoh Cantilan. Kusabab datangna telat dahareun anu dihidangkeun kanggo
para tamu ti Cantilan robdah wujudna janten sadaya aratah deui, ku tina saktina
tokoh dayeuh Cigadung. Bakakak hayam jago robah jadi hirup deui nepi bisa
kongkorongok deui, komo deui dahareun anu sejena tina sayuran jadi aratah
deui.
Masih nuju hajatan di dayeuh Cigadung, tokoh-tokoh ti Cantilan ngahadiran.
Ngahadirana teh mawa lisung kaahengan anu teu asup akal. Kaahengan eta
lisung teh bisa leumpang sorangan diiringkeun ku tokoh-tokoh nu bade
ngahadiran hajatan, eta lisung teh haluna di aradu nepikeun katingburicak
ngaluarkeun seuneu. Atuh di pasamoan teh mani ribut tingkoceak sarieuneun
kahuruan.
Tah kitu geuning kabisa karuhun baheula mah araheng.
Sabalikna di Cantilan aya hajatan. Tokoh anu ti dayeuh di undang oge. Bewara
undangan nepi ka 3 kali tacan datang keneh bae. Kusabab urang Cantilan
keuheuleun di undang teu datang bae, urang Cantilan teh ngutus deui salah
saurang tokoh, kakara maranehna daratang.
Kusabab asa dihina, tokoh masyarakat Cantilan hayang nembongkeun elmu anu
dipibogana. Waktos tamu masih diperjalanan keneh, pribumi meuncit munding.
Waktos undangan daratang munding teh keur disisit, para tamu dipiwarang
caralik heula dibalandongan. Nembe oge para tamu caralik dadak sakala eta
munding teh hirup deui, terus ngubrak-ngabrik tamu anu nuju caralik. Geus pasti
nimbulkeun kaributan jeung papaseaan. Nu ngakibatkeun eta kampung jadi
panas. Ti harita kampung eta katelah jadi kampung Cipanas.
Saur para karuhun baheula, di dayeuh Cantilan aya sumber cai panas, tapi dugi
ka ayeuna teu acan kapendak. Nu aya di hulu dayeuh Cigadung teh ngarana bae
Cipanas, Cantilan anu karamat nepi ka ayeuna di ngaranan “Rama Ketib”. Lamun aya
budak bade disunat sok dipake ngembang, jeung aya batu nu sok di pake tatapa atawa
tempat karumpulna tokoh-tokoh masyarakat.
Dina tahun 1980 Cipanas digentos namina janten “Sukamulya”.
Sakitu manawi dongeng babad Sukamulya. Hapunten tina sagala kakiranganna.
Hatur nuhun tina sagala perhatosanana, mudah-mudahan ieu carita teh malaraya
mangtratna kanggo urang sadaya. Amin Ya Robal Alamin.

Billahi Taufiq Walhidayah Wassalamu’alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

You might also like