You are on page 1of 9

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Alhamdulillahilladzi aujaba ‘alaina bil jama’ah wa nahana ‘anit tafaruqi wal ‘adawah. Ash-
shalatu was salamu ‘ala rasulillah, sayyidina Muhammadibni ‘abdillah wa ‘ala alihi wa
shahbihi wa maw walah, amma ba’du.

Sugrining puji kasangga ka Gusti Nu Maha Suci, sadaya puja kasangga ka Pangéran Nu Maha
Kawasa. Kalayan qudrot sareng irodat Mantenna urang sadaya dina danget ieu tiasa kumpul
riung, amprok jonghok, hempak merperbayaksa dina tempat anu kalintang nyugemakeunana.
Mudah-mudahan hibar barokah kalih maghfiroh Allah SWT ginuluran ka urang sadaya, amin.
Teu hilap shalawat kalih salam mugia dilélérkeun ka panutan alam, manusia anu pangmulyana
nyatana habibana wa nabiyyana Muhammad SAW, katut kulawargina, para sahabatna oge umat
sadayana anu turut, tumut kana ajaran anjeunna dugi ka poé kiamah, amin.

Hadirin anu sami linggih, dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah.

Kiwari manjing lingsirna wanci, ayeuna ninggang lugayna mangsa. Urang sadaya anu hadir di
dieu baris ngajadi saksi pikeun lumangsungna acara paturay tineung kelas XII anu diluluguan ku
kulawarga besar Madrasah Aliyah YPK Cijulang. Nya jisim kuring pisan dina danget ieu kapeto
ku kolot-kolot, kapapancénan ku sékésélér panitia kanggo nataan runtuyan acara ti kawit dugi ka
ahir, ti awal dugi ka tutasna ieu acara.

Dupi acara anu badé kapidangkeun dina acara ieu nyaéta :

Kahiji, bubuka, anu diantawisna dieusi ku galindengna ayat-ayat suci Al Qur’an.

Kadua, sanduk-sanduk papalaku ti pupuhu panitia

Katiluna, biantara

Kaopat, unjukan paturay tineung

Kalima, ngadugikeun tutungkusan

Kagenep, béwara juara

Katujuh, hiburan

Kadalapan, du’a/tutup.

Supados henteu nyakolong teuing kana waktos, mangga ieu acara urang buka ku ‘aosan
basmallah sasarengan. BISMILLAHIRROHMANIRROHIM. Ku ngalangkungan kalimah
basmallah nembé ieu acara parantos dikawitan kalawan resmi.
Atuh masih kénéh dina raraga bubuka, supados ieu acara langkung-langkung ginuluran hibaring
barokah, mangga urang sami-sami ngaregepkeun kana galindengna aosan ayat-ayat suci Al
Qur’an. Kalayan anu baris mancén tugas maos Al Qur’an, sim kuring ngahaturanan ka Patugas.

(Patugas ngagalindeng maos Al-Qur’an dugi ka tutas. Sabada tutas, panata calagara neruskeun
nataan acara)

Para wargi sadaya, réngsé galindengna Ayat-ayat Al Qur’an anu parantos di’aoskeun. Pamudah-
mudahan ku ngalangkungan aosan ayat anu nembé barokah tina amanah anu dipopoyankeun tina
dawuhan Allah, urang sadaya masing tiasa ngajalankeun sakumaha mistina malah mandar aya
dina ridlo Allah SWT, amin.

Ngalincak kana acara anu kadua, nyaéta sanduk-sanduk papalaku ti pupuhu panitia anu
ngaluluguan ieu acara. Ka pupuhu panitia, atanapi anu ngawakilanana sumangga dihaturanan.

(pupuhu panitia ngalaksanakeun pancénna)

Dulur-dulur anu sami rawuh, baraya anu sami lenggah.

Réngsé parantos anduk-sanduk papalaku di pupuhu panitia, anu parantos ngabéjérbéaskeun


undek-undak kereteg manahna, kalayan kamafhum tur kamaklum ku urang sayadana. Atuh
aterasna urang lajengkeun kana acara anu anu saterasna nyaéta Biantara. Kanggo biantara anu
kahiji, anu sakawitna diancokeun kanggo pengawas pendidikan agama Prov. Jawa Barat,
nanging Bapak Pengawas ku anjeun rupina aya pamengan. Mangga kanggo biantara kahiji sim
kuring ngahaturanan ka Kasepuhan Pupuhu Yayasan Pendidikan Kalangsari, ka Kersana Bapa
Haji Moh. Hayat  Arifin, sumangga dihaturanan …..

Assalamu ‘alaikum wr. wb.

Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na udzubillahi min syururi


anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala
hadiyalah.

Asyhaduanla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa


rosuluhu, la nabiya ba’dah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita,
urang sanggakeun ka Pangéran Nu Murbeng Alam, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha
Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ‘ala ni’matillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh
SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kempel ngariung dina ieu
pamaksadan, dina raraga nyambungkeun tatali silaturahmi antawis papada urang salaku umat
muslim. Atuh kalihna ti éta, urang ngariung téh seja nyakséni kalayan ngadorong ku du’a kana
naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi.
Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa
nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka
kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu
tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir.
Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Langkung ti payun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka
sim kuring kanggo cumarios dina ieu pasamoan.

Hatur séwu nuhun utamina kasanggakeun ka pangersa Bapa Sastra Wiguna sakulawargi anu
parantos ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng rombongan, ku panampian anu
kalintang nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana. Teu aya anu tiasa
dipisanggem iwal ti seja menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci,
pamugi rupining kasaéan Bapa Sastra Wiguna sakulawargi sing janten amal soléh anu dipirido
ku Alloh SWT. Amin.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, sakumaha anu kauninga ku urang
sadaya, wiréhna pun anak Cép Tata dongkapna ka dieu diwuwuh ku parasepuh, duriung ku
wargi-wargi, dijajap ku pirang-pirang pidu’a, kantenan sanés lantung tambuh laku sanés léntang
tanpa béja. Nanging aya maksud kolbu nu dituju, aya maksad manah anu diseja. Wiréhna
kapungkur sabadana pun anak, Cép Tata, patepang anu munggaran sareng Néng Titi, rupina
ngaraos kapetik ati kapentang asmara cinta. Bubuhan Néng Titi apan sakitu sieupna. Saur juru
pantun mah geulisna bawa ngajadi éndahna bawa ti kudrat. Dedeg sampé rupa hadé. Gadona
endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwungkuwungan, tarangna teja
mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang. Pantes saupami Cép Tata
teras kagémbang kapéngpéongan. Atuh kaleresan diwuwuh ku batu turun keusik naék, itu purun
ieu daék, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami.

Dina danget ieu, Cép Tata téh rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksud hoyong
mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rék muru ka balé nyungcung,
manawi aya rido ti Gusti Nu Maha Agung.

Dina ieu kasempetan, kalayan kasakséni ku wargi-wargi, ogé diwuwuh ku para sepuh, sim
kuring seja nyanggakeun pun anak, Cép Tata, ka ramana Néng Titi, pangersana Bapa Sastra
Wiguna kanggo ditikahkeun dina danget ieu.

Atuh ka Bapa Sastra W iguna sarimbit, hususna ka Néng Titi, ti danget ieu Bapa sareng Ibu
salaku sepuhna nyanggakeun Cép Tata, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti
tengah tina pangkonan. Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami.
Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu
sawaktos-waktos sok jiga surutu.
Kalihna ti éta, Cép Tata dongkapna ka dieu téh éstuning henteu jangjang henteu jingjing. Mung
ieu wé saurna nu dibantun téh mung sarupi, nyaéta nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot
kawas marmot, nu ngaréngkol osok ngompol.

Numawi Cép Tata teras ngaréka sisindiran:

Karéta nyorang tanjakan

jalanna maju ka kidul.

(Wios) Cép Tata teu cacandakan,

asal étana bedegul.

Saur Cép Tata, éta nu bedegul lir doran pacul téh tos ngukuntit ti aalit, dicacandak ti bubudak,
nanging éstu teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipaké pamikul bengkung, dianggo pangérét
bingkeng, dianggo tihul teu hurung. Numawi teras dibantun wé ka dieu. Manawi di dieu mah
tiasa dimangpaatkeun ku Néng Titi, dianggo geusan nyiptakeun kabagjaan lahir batin. Jadi
pamatri asih laki rabi dina ngambah sagara rumah tangga.

Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring!

Sateuacanna nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Néng Titi, wiréhna Cép
Tata téh mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti sareng hartana mah éstuning
sepi harti tuna harta, suwung ku kaweruh. Atuh ditilik tina rigigna sanés rigig santri, dirérét tina
légégna sanés légég Bapa Lebé, masih kénéh meryogikeun pangatik sareng pangdidik ti para
sepuhna, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga sakinah sakumaha anu dipiharep ku
urang sadaya.

Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat téh katingalna mah
ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut téh
henteu leubeut ku tanggeuyan, ngembat téh teu rébo ku cacandakan. Ngabringna henteu rimbil
ku jingjingan. Éstuning keupat eundang ngadaleungdang, indit sirib ngaligincing. Éta cenah aya
nu kajingjing sakedik, kabantun bari ngalangkung, duka naon. Duka artos sapésér duka kaén
sacewir. Éta mah haturan waé kanggo Néng Titi, tamba isin ngaligincing.

Minangka pangjajap pangjurung laku ka Cép Tata sareng Néng Titi, hidep duaan téh mangrupi
sekar munggaran anu mekar mangkakna pinuh ku harepan. Bébér layar tarik jangkar, ngarancana
mungkas mangsa lalagasan, sapuk rék muru ka balé nyungcung. Mugi-mugi pamaksadan hidep
duaan sing tiasa tinekanan. Sing teteg henteu galideur dina nyorang paneka rumah tangga.

Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu
ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngaréndékéh kawas séréh. Sing ayem
tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobot
sapihanéan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Ka cai sing getol mandi, ka darat sing getol
solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti rasa
kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacéngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur
sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring urang
cekapkeun sakitu waé. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung
saur bahé carék. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padésaan.
Bilih aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabéntar taar, kababuk punduk
kapangkék kélék, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun.

Pamungkas pisanggem, hatur séwu nuhun kana sanéskawis perhatosanana.

Wabillahi taufik wal hidayah. Wassalamu’alaikum wr. wb.

Seren Sumeren

Bismillaahir rohmaanir rohiim


Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu
wassalaamu alla sayyidina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin
Bapa …………….. miwah Ibu ………………… sinarengan para wargi anu sami kempel ayeuna
di dieu, kawakilan ku …………………………….. jaler istri, nyanggakeun haturan sumping
disarengan ku laksa keti kabingahan ka sadaya nu sarumping.
Kawuwuh-wuwuh disarengan bari nyandak pipangantenen pameget wasta
……………………………………, anu diajeng-ajeng pisan siang kalayan wengi. Lajeng
dipasrahkeun pisan, atuh kantenan ditampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda, binarungan
bingah amarwatasuta, bingah anu taya hinggana.

Kitu deui cacandakanana, sanaos henteu diantos-antos, ditampi pisan, henteu diteundeun di
handap-handap estu disuhun dina embun-embunan, sarta mugi-mugi janten kamangpaatanana ka
barudak miwah urang sadaya anu janten sepuhna.
Sawangsulna, mugi ageung sih hapunten dina sagala kakirangan miwah kajanggalan dina ieu
panampian ka nu sarumping, boh sipatna, boh carana, tata sinareng basana matak ngajaheutkeun
mamanahan. Kitu deui dina jamuanana anu sanget mung sakadarna pisan tebih tina kautamian,
mugi ulah kirang-kirang nya ngahapunten kawantos sanes pisan kirang upami, nanging kumaha
mung sakieu nya kaayaaan.

Pungkasing pihatur, sami-sami neneda, mugi-mugi barudak anu bade jatukrami miwah
pamaksadan sepuhna sadaya diijabah ku Gusti Allah anu sipat rahman rahim, sarta kenging
sapaat ti kangjeng Nabi Muhammad s.a.w., lulus mulus lunglur-langsar beres-roes laksana tanpa
kuciwa.
Wabillahi taufik wal hidayah.
Wassalamualaikum Wr. Wb.

Bismillaahir rohmaanir rohiim


Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu
wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.
Palawargi jaler istri anu mulya utamina ka pangersa saebul bet di dieu, sim kuring atas nami
kulawargi bapa ………………………………………….. rawuh rombongan, disarengan ku muji
syukur ka Gusti nu Maha Agung, ngahaturkeun rebu-rebu nuhun laksa keti kabinghan
kapalawargi didieu wirehna sim kuring parantos gasik ditampi enggal-enggal ditarima, dipapag
di hiap-hiap ku basa anu endah someah, diawur ku kembang tanjung paselang kembang kananga,
malati nu jadi saksi, tawis kaweningan galih pribumi nampi rombongan nu sumping. Estu matak
tingtrim kana ati, matak betah kana manah anu nyemah. Mugia pangbagea anu dadasarna ku
ikhlas kabingah nembe, tiasa jadi tatali asih panyimpay rasa anu bakal nyangreud mageuhkeun
silaturahim antawis kulawargi ti …………………. Sareng kulawargi ti
………………………….., bari ginuluran sareng rido Allah Swt. Amiin.

Salajengna sim kuring seja tamada wireh rumaos ngabantun rombongan teh lumayan seueurna,
bari sanes mung wungkul sepuh atanapi rumaja wae nanging katambih ku murangkalih anu nuju
meujeuhna baladeur, anu tangtos bakal seueur kalepatanana, utamina tata titi duduga peryogana.
Kumargi kitu tawakup anu kasuhun saupami katingali aya tingkah anu kirang munasabah,
kadangu aya saur anu kirang umum ti rombongan sim kuring sadayana.

Palawargi anu mulya.


Rupina cunduk waktuna sim kuring nedunan pamundut panata cakagara tadi, nincak mangsana
balaka nguningakeun pamaksadan. Ku kituna mah kantenan, raos rek mobok magih gorowong,
rek naek mendak taraje nguping pamundut panata calagara the, margi asa piraku ti
…………………….. dijugjug upami teu aya anu dipimaksud, pamohalan anggang-anggang
diteang ka ……………………………….. upami teu aya pamaksadan, tebih ge pasti disungsi
margi aya nu dipilari.

Ka kulawargi bapa……………………………………. Sakalih, Insya Allah sim kuring seja


balaka.
Saperkawis sim kuring sarombongan seja nyanggakeun bari nyangreud pageuhkeun silaturahim
ka parawargi sadaya di dieu, margi nya ieu pisan nu jadi bibit buit, cikal bakal sim kuring
sarawuh rombongan dongkap ka ieu tempat, teu aya sanes seja jajap pun
………………………………………………. Anu wastana …………………………………
kadeudeuh bapa ……………………………………. Sakalih, anu numutkeun selenting bawaning
angin parantos lami pakait ati pacantel hate sareng neng…………………………………. Putri
ka asih bapa …………………………. Miwah ibu.
Wartosna heubeul silih pikatineung, lawas silih pikamelang, bungbuna karujuk sepuh, samara
jiad ti sobat sadaya, cindekna mah batu turun kesik naek alias itu purun ieu daek. Malihan
parantos aya kasaluyuan ti sadayana reh dina dinten ieu ping ………………………………..
Insya Allah sejana bade diakadan.
Kumargi kitu, mugi kasaksi ku sadaya, danget ieu sim kuring atas namina kulawargi
………………………………………………… seja nyanggakeun pipanganteneun, nya ieu
…………………………………………. Ka pangersa bapa …………………………………..
sakulawargi, saur tukang pantun te mah ti luhur sausap rambut ti handap sausap dampal
rambutna salambar getihna satetes napasna sadami estu mo ngagaduih-gaduh deui mugia ditampi
lajeng ditikahkeun ka neng ………………………………………….
Panuhun sim kuring sakulawargi sabada pun anak resmi janten kulawargi di
…………………………….. mugi sing sering ngageuing, ulah bosen ngawurukan ulah suda
mapatahan nungtun sinareng nuduhkeun kana jalan pamaslahatan sareng pibagjaeun dunya
rawuh aheratna.
Nanging nyakitu geuning, teu weleh aya tambihna nyaeta mangrupi kabodoan sareng
kakiranganana, kirang elmu panemuna kirang tata titi duduga peryogana kirang pangalaman
sareng pamahaman tos kantenan anu disebat harta banda mah estu kirang keneh pisan margi
nembe bade kokoreh, sumuhun ari pangawakan mah estu tangtung teu nambut rupa teu nyewa
dedeg sampe rupa hade nanging nyakitu upami dina kai mah diangge pamikul bengkung diangge
pangeret bingkeng, lumayan keur pisuluheun.
Atuh salajengna boh bilih disebat wadul sim kuring nyanggemkeun teu jingjing teu bawa mah,
margi ku parawargi katinggali aya nu nyandak tanggeuyan. Isin upami disebat hiji-hijina mah
margi mung ukur tamba pamali tamba isin ulah ngaligincing teuing. Ari maksadna mah eta the
tilam kadeudeuh tawis asih ti ………………………………… kanggo neng
……………………………………, mugi ulah ditainggal pangaosna anu estu teu pira, nanging
niat suci nu maparina, saurna mah : sanes butuh keur sausum, butuh pikeun batur hirup, mun
wasa saumur-umur seja nyaah salawasna, deudeuh geugeut mo ngaheuleut wedi asih salamina.
Disarengan ku paneda mugia ginulur restu ginanjar rahmat sareng rido Allah Swt.

Parawargi jaler istri anu mulya. Piraku mun gunung tanpa tutugan, walungan tanpa muara, atuih
piraku nu jajap ge kateterasan. Rupina urang cekapkeun sakieu kecap pangjajap sim kuring.
Panutup catur pamungkas carita sim kuring atas nami rombongan ti
……………………………………. Nyanggakeun sewu bebendu laksa duduga ka parawargi
sadaya, tos tangtos saurna kirang umum kecap kirang merenah, bobot pangayon timbang taraju,
nyanggakeun ka parawargi sadaya. Panuhun sim kuring rawuh rombongan mugi agung
tawakupna jembar hampurana kana sagala rupi kalepatan sareng kakirangan

Billahi Sabilil haq.


Wasalamualaikum Wr. Wb.

RUNTUYAN ACARA SEREN SUMERENCALON PANGANTEN PAMEGET :

1. Bubuka ( ku Panta Acara)


2. Biantara pedaran ti sesepuh calon Panganten Pameget
3. Biantara panampian ti sesepuh calon panganten Istri
4. Seren-sumeren cacandakan, nu diawitan ku Ibu ………………… nampi salah sawios barang
nu disanggakeun ku Ibu …………………
5. Ngadu'a
6. Pamungkas

Diteraskeun ku acara:
a. Silih tepangkeun kulawedet ti calon panganten istri sareng calon panganten Pameget.
b. Gunem Catur (ramah-tamah)

I. BUBUKA
Bismillaahir rohmaanir rohiim
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahi robbil aalamin, Wabihi nasta'iinu alla umuurid dunia waddin. Was sholaatu
wassalaamu alla sayydina Muhammadin khootaminnabiyyin, Wa aalihi wa shohbihii ajma-'iin.
Langkung ti payun, sim kuring kalayan asmana bapak/ibu …………………………….
Sakulawargi, ngahaturkeun wilujeng sumping ka Ibu miwah Bapa…………… anu janten
sepuhna calon panganten Pameget, pon kitu deui ka sugri anu nyarenganana. Tutut gunung
keong reuma sumangga geura gek calik.
Pinisepuh, piderekan, para wargi anu sami hadir. Dinten ieu ping …………………………….,
mangrupi dinten anu kebek ku kabagjaan utamina kanggo kulawargi bapak/ibu …………..
miwah kulawargi ibi/bapa ……………………….., atuh urang oge anu ayeuna sami-sami riung
mungpulung seja ngiring bingah, seja mintinkeun prasetya kawening ati geusan rumojong
ngandum pangdu'a dina nyakseni pamaksadan anu parantos disimpay ti anggalna ku dua
kulawargi.
Kukituna saparantos reureuh palay, pepes kesang, bada mudun/nanjak ti ………………….. ka
………………….., sok sanaos anu sumping parantos sampurasun pon kitu deui pribumi parantos
ngarampeskeun, nanging supados kahartos naon rupi pamaksadan tatamu, sumangga ka sesepuh
rombongan calon panganten pameget dihaturanan ngadugikeun pamaksadanana.

II. BIANTARA SESEPUH ROMBONGAN CALON PANGANTEN PAMEGET (didugikeun


ku bapa …………………..)

Panata Acara :
Hadirin nu ginuluran kabagjaan
Parantos eces tembres atra maksadna naon rupi anu parantos dikedalkeun ku sesepuh rombongan
calon panganten Pameget. Upami kapungkur mah ieu pamkasadan the mung saukur kauningan
ku sakulawargieun, nanging ayeuna mah urang oge parantos sami-sami nyakseni, uningan kana
jujutan pasimpayna dua pamaksadan anu parantos disaluyuan ku kulawargi ibu/bapa ……….
Sareng kulawargi ibu/bapa …………
Salajengna sumangga dihaturanan sesepuh ti calon panganten istri kanggo ngadugikeun kedaling
panampian minangka pangwaler kasauran sesepuh calon panganten Pameget tadi.
Ka bapa ………………… dihaturanan kanggo biantara nyuluran ibu/bapa
………………………….

III. BIANTARA SESEPUH CALON PANGANTEN ISTRI

Panata Acara
Kedaling pamaksadan ti tatamu sareng kedaling panampian ti pribumi, parantos luyu tur
adumanis, nyekrup taya nyoledatna. Dua pihakanana parantos maphum sareng surti yen wanci nu
dipasinikeun, pamaksadan nu diraransang kiwari parantos ninggang ka nyata.
Papasrahan nu maning kana panampi, sumangga urang janggelekeun dina wangunan siloka
ditampina cacandakan ti calon panganten pameget. Pon kitu deui calon panganten pameget,
linggihna mugi ngalih ka tempat pihak calon panganten istri…..
Sumangga calon panganten pameget ngalih tempat.
Salajengna, Ibu …….. dihaturanan maparinkeun salah sawios barang cacandakanana ka ibu
………………………
Cacandakan anu sanesna, disanggakeun ku anu sanesna tatalepa bae atanapi siring.

Hadirin anu mulya.


Acara salajengna, sumangga urang sami-sami mapatkeun pangdu'a ka Allah Swt mugia bae
lumangsungna ieu acara ku MantenNa dijantenkeun hiji amal padamelan nu dipirido kalayan
dibarokahan. Amiin.
Pangdu'a ieu bade dijejeran ku bapa …… sumangga nyanggakeun

IV. NGADU'A

V. PAMUNGKAS

SABADA URANG SAMI-SAMI NGADU'A KA Allah Swt acara resmi seren-sumeren ieu
parantos lekasan. Ku kituna sim kuring salaku Panata Acara neda tawakup anu kasuhun tina
sagala rupi kakiranganana.
Wassalamu'alaikum wr. Wb.

You might also like