You are on page 1of 2

Tauhid Cecekelan Poko Anu Nangtukeun Kahirupan Manusa

Tauhid éta ngarupakeun cecekelan poko tur nangtukeun pikeun kahirupan manusa, demi tauhid
jadi tatapakan pikeun sakabéh amal, numutkeun tungtunan Islam. Saukur tauhid nu bakal
nganteurkeun manusa kana kahirupan nu hadé jeung kabagjaan nu sayakti di ahérat engké.
Sawangsulna sakabéh amal anu teu ditatapakan ku tauhid, éta bakal hampos tur taya
mangpaatna, teu ditampi ku Alloh. Leuwih jauhna, sakabéh amal anu ditatapakan ku syirik éta
bakal ngadatangkeun kasangsaraan boh di dunya atawa di ahérat. Pidawuh Alloh:

Jeung saéstuna geus diwahyukeun ka hidep jeung ka jalma-jalma anu saméméh hidep, yén upama
manéh syirik, tanwandé amal manéh jadi tumpur, jeung pasti manéh kaasup jalma-jalma nu rugi.
Malah nya Alloh nu sawajibna ku hidep diibadahan, jeung hidep sing jadi ti antara jalma-jalma nu
maruji syukur. (Az-Zumar: 65-66).

Tauhid lain saukur nyaho jeung ngarti yén nu nyiptakeun ieu alam murbéng téh Alloh, lain
saukur nganyahokeun kana bukti rasional ngeunaan bebeneran wujud (aya)-Na jeung
wahdaniyah (kaésaan)-Na, ogé lain saukur nyaho kana asma jeung sipat-Na.

Iblis percaya yén pangéranna téh Alloh, malah ngaku kana kaésaan katut kamahakawasaan
Alloh ku paméntana ka Alloh ngaliwatan asma’ katut sipat-Na. Kaom jahiliyyah baheula anu
disanghareupan ku Rosululloh ogé yakin yén anu nyipta, ngatur, ngamumulé jeung panguasa ieu
alam samakta téh Alloh. Tapi kapercayaan jeung kayakinan maranéhna téh acan ngajadikeun
maranéhna minangka golongan jalma nu nyangking prédikat muslim, anu iman ka Alloh. Ana
kitu mah naon atuh hakékat tauhid téh?

Hakékat tauhid, ngamurnikeun ibadah mung ka Alloh wungkul, nyaéta ngahambakeun


diri kalayan sayakti tur panceg saukur ka Alloh wungkul, ku cara to’at kana paréntah-Na
jeung nyinglarkeun sagala rupa nu dicaram-Na kalayan euyeub ku rasa ajrih, cinta,
pangarep tur sieun ku Mantenna.

Satemenna tauhid éta témbong tina ikrar yén teu aya Pangéran salian ti Alloh jeung Muhammad
éta utusan Alloh. Ma’nana, teu aya nu mibanda hak pikeun disembah anging Alloh jeung teu aya
ibadah anu bener kajaba ibadah nu luyu jeung tungtunan Rosululloh nyaéta as-Sunnah. Jalma nu
ngaikrarkeunana bakal abus ka sawarga salila teu diruksak syirik atawa kufur badag.

Jalma-jalma nu ariman bari henteu ngabaurkeun imanna jeung kazholiman (syirik), nya pikeun
maranéhna kaamanan jeung nya maranéhna anu meunang pituduh. (al-An’am : 82).

Abdullah bin Mas’ud ngariwayatkeun, “Nalika ieu ayat turun, para sahabat loba anu ngarasa
sedih tur beurat. Maranéhna nyararita, “Naha aya di antara urang nu teu kungsi zholim ka diri
sorangan?” Lajeng Rosul ngawaler, “Anu dimaksud zholim téh lain zholim anu kitu, tapi syirik.
Naha arandika henteu ngadéngé kana naséhat Luqman ka nu jadi anakna, “Yeuh anaking, poma
hidep ulah nyakutukeun (naon baé ogé) ka Alloh. Saéstuna ari syirik téh éstuning kazholiman nu
pohara gedéna”. (Luqman : 13) ( Muttafaqun ‘alaih).

 
Ayat di luhur méré pangbubungah ka sing saha jalma nu iman nu ngaésakeun Alloh. Jalma-jalma
nu teu nyampur baurkeun antara kaimanan jeung syirik tur ngajauhan sagala rupa laku lampah
syirik. Nya maranéhna bakal tinemu jeung kaamanan nu sampurna tina siksa Alloh di ahérat.
Nya maranéhna nu meunang pituduh di dunya.

Lamun téa mah manéhna téh hiji muwahid, ahli tauhid nu sayakti tur beresih tina sagala rupa
kokotor syirik bari ikhlas ngucapkeun “laa ilaaha illallooh”, nya tauhid ka Alloh téh bakal jadi
cukang utama pikeun kabagjaan dirina, sarta jadi hambalan poko pikeun di pupusna dosa-dosa
katut kajahatanana. Sakumaha nu diécéskeun dina pidawuh Rosululloh SAW nu diriwayatkeun
Ubadah bin ash-Shomit, anu hartosna.

“Sing saha nu nyakséni yén teu aya Pangéran (anu hak pikeun disembah) anging Alloh, teu aya
sakutu pikeun Mantenna, jeung Muhammad téh éta hamba katut Rosul-Na, jeung (nyakséni) yén
Isa téh hamba Alloh, utusan jeung kalimat nu ditempikeun-Na ka Maryam turta ruh ti Mantenna,
ogé (nyakséni) yén sawarga téh pasti bener ayana, naraka ogé bener ayana, tanwandé Alloh bakal
ngabuskeun dirina ka sawarga, luyu jeung darajat amalna. (HR al-Bukhori jeung Muslim).

Maksudna, sakabéh panyakséni anu dilakukeun ku hiji muslim saperti nu kaunggel dina hadits
di luhur boga hak pikeun ngabuskeun dirina ka sawarga. Sok sanajan dina sabagian laku lampah
amalna aya dosa jeung ma’siat. Sakumaha nu ditandeskeun dina hadits Qudsi, Alloh ngandika.

“Yeuh anak Adam, lamun téa mah hidep datang madep ka Kaula bari mawa dosa sapinuh bumi,
tuluy hidep nalika madep ka Kaula téh teu nyakutukeun Kaula saeutik ogé, tanwandé Kaula bakal
maparin pangampura ka hidep nu lobana sapinuh bumi”.  (HR. at-Tirmidzi, kalayan sanad
hasan).

Hadits tadi nandeskeun ngeunaan kautamaan tauhid. Tauhid éta ngarupakeun paktor penting
pikeun kabagjaan hiji abdi. Tauhid ngarupakeun lahan paling luhung pikeun ngalumerkeun
dosa jeung ma’siat.

Lamun téa mah tauhid nu sayakti ieu bisa ngajanggélék dina kahirupan, boh pribadi atawa
jama’ah, tinangtu bakal ngabébaskeun dirina tina kahinaan jeung kasangsaraan jeung saukur ku
tauhid; kahormatan, kamulyaan jeung harga diri Islam katut kaom muslimin bakal kapibanda.
Saukur ku tauhid darajat jeung martabat Islam katut kaom muslimin bakal nanjung tina sagala
kahinaan nu salila ieu ngungkung tur karandapan ku kaom muslimin.

You might also like