You are on page 1of 7

DI TUJUKEUN KANGGE NGAREGEPKEUN TUGAS BASA SUNDA

Wasta : Dea Sulaeman Rasid Kelas : IX A

SMP Negeri 4 Kuningan


Cijoho - Kuningan

PANGJAJAP

Puji sinareng syukur urang panjatkeun ka Gusti nu Maha Suci, anu Alhamdulillah dina raraga ieu sim kuring bisangaregepkeun salah sahiji tugas Basa Sunda nyaeta nyieun makalah anu temana ngawawancara. Teu di rojong ku lian mah, ieu makalah teh moal jadi.Kukituna, ku sakumna pihak anu anu tos ngadeudeul medalna ieu makalah, sim kuring saparakanca ngahatur nuhunkeun. Ieu makalah teh masih keneh loba kakirangan sareng kahengkeranana. Kukituna sim kuring nganuhunkeun kritik atawa saran ti sadaya anu maca ieu makalah.Moga-moga bae ieu makalah teh aya mangfaatna.

Pun Panyusun.

DAFTAR EUSI
Hal Pangjajapi Daftar eusi..ii Bagian I : Proses mimiti wawancara a.Rupa-rupa bagian hasil wawancara1 Bagian II : Kagiatan wawancara b.Transkripsi hasil wawancara dina bentuk paguneman2 Bagian III : Proses akhir wawancara c.Hasil wawancara dina bentuk narasi...3 Panutup...4

Bagian I Proses mimiti persiapan wawancara

a.Rupa-rupa bagean tina hasil wawancara.


1. Judul wawancara 2. Narasumber 3. Poe,tanggal wawancara 4. Tempat wawancara 5. Nu ngawawancara 6. Pertanyaan poko

: Pangrajin gendang : Bp.Adin Kuswandi : Sabtu,12 Maret 2011 : Rompokna narasumber : Dea Sulaeman Rasid : - Ti tahun sabaraha usaha gendang ieu didirikeun?
-

Naon anu jadi motivasi bapa jadi pangusaha gendang? Naon anu jadi bahan dasar nyieun gendang teh? Kayu nu alus di damel gendang? Kulit nu alus di damel gendang? Sabaraha harga saset gendang teh? Kumaha cara nyieun gendang teh?

Bagian II Kagiatan Wawancara

B.Transkripsi Hasil Wawancara dina bentuk paguneman. Dea : Assalamualaikum wr.wb. bapak punten ngaganggu waktos bapa, ieu sim kuring Dea Sulaeman ti SMP 4 bade ngawawancara bapa sakedap,tiasa? Bp.Adin : Waalaikum salam.oh..muhun atuh sok teu nanaon. Dea Dea : Mulai ti pertanyaan, ti tahun sabaraha bapa mulai jadi pangrajin gendang? : Jadi tos lami nya pa hampir 29 tahunan.nah..naon si anu jadi motivasi bapa jadi pangrajin gendang? Bp.Adin : Anu jadi motivasi bapa jadi pangrajin gendang nyaeta kusabab bapa mah resep kanu musik sareng resep kanu karya seni rupa. Dea Dea Dea Dea Dea : Ayeuna naon anu jadi bahan dasar tia padamelan gendang teh? : Kayu nu alus kangge gendang kayu naon? : Upami kulitna? : Harga saset gendang teh sabaraha? : Nah,pan ayeuna barang-barang teh nuju marahal ,eta teh kapangaruh teu kana harga gendang ? Bp.Adin : Nya kapangaruh saeutik mah.biasana jadi Rp 2.300.000 sampe Rp 2.500.000 Dea : Kumaha cara nyieun gendang teh pa? cing atuh jelaskeun prosesna! wae,tuluy copongan gendang eta make tatah.Saentos copong bere hawa eta gendang ku cara di copongan leutik di tengah-tengah.Tuluy tos kitu keueum kulit munding kaka sapoe.saentos kulit leuleus atawa baseh, Bp.Adin : Proses ka hiji bentuk heula kayu nangka teh ka lonjong nya jiga gendang Bp.adin : Bahan dasar tina gendang nyaeta aya kulit wae sareng kayu. Bp.Adin : Kayu nu alus kangge gendang mah nyaeta kayu nangka. Bp.Adin : Upami kulit na mah biasa ngagunakeun kulit munding. Bp.Adin : Harga sa set gendang nyaeta sakitar 2 jutaan lah.. Bp.Adin : Bapa mulai jadi pangrajin teh ti tahun 1982.

nyieun tina kulit nyaeta karawat,cincin,sareng panutup gendangna.saentos sadaya bahan dasar siap,tuluy dirakit kaka jadi gendang.Entos jadi tah gendang hiji. Dea : Oh..nya entos atuh hatur nuhun pa,punten ngaganggu.Wassalamualaikum. Bp.Adin : Muhun teu nanaon .walaikum salam

Bagian III Proses akhir wawancara

c.Hasil Wawancara dina bentuk narasi

Pangrajin Gendang Usaha Pangrajin gendang nu di bogaan ku bapa Adin kuswandi dimulai ti tahun 1982.Usaha ieu didirikeun di rompokna di Lebakkardin.Anu jadi motivasi bapa Adin jadi pangrajin gendang nyaeta lantaran resep kana musik sareng resep kana karya seni rupa. Bahan dasar tina padamelan gendang nyaeta kayu sareng kulit. Kayu anu biasa digunakeun nyaeta kayu nangka sedengkeun kulitna nyaeta kulit munding. Biasana harga saset gendang teh nyaeta Rp 2.000.000. ,kusabab harga bahan dasar gendang harga gendang nage jadi mahal jadi Rp 2.300.000 sampe Rp 2.500.000. Cara nyieun gendang teh aya opat proses nyaeta proses kahiji kabentuk kayu nangka jadi bentuk lonjong jiga gendang.Proses kadua nyaeta nyopongan kayu sareng mere hawa.Proses katilu nyiapkeun kulit nyaeta dikeueum heula sadinten tuluy dijieun karawat,cincin,sareng panutup gendangna.Proses katungtung atawa kaopat nyaeta ngarakit kayu sareng kulit nu tadi dijieu jadi sababaraha bagean jadi gendang.

PANUTUP
Alhamdulillah sim kuring panjatkeun ka Allah SWT kulantaran nimat sareng kakiatana sim kuring tiasa ngaregepkeun salah sahiji tugas basa sunda Nulis Hasil Wawancara Sim kuring salaku panyusun ieu makalah ngahatur nuhun keun ka pihak terkait lantaran bantuana makalah ieu tiasa beres.Kusabab ieu makalah masih keneh loba kalepatan sim kuring nganuhunkeun kritik sareng saran ti sadayana.

Pun Panyusun

You might also like