You are on page 1of 1

BIANTARA BASA SUNDA

JASA GURU

Assalamualaikum Wr. Wb. Bismilahirohmani rohim asolatu assalamu ala rosullilahi walawlahu alaihi, waalaalihi wasohbihi azmain ammabadu. Bapa miwah Ibu sinareng hadirin sadaya anu ku simkuring di pihormat. Langkung tipayun hayu urang sanggakeun puji sinareng sukur ka gusti anu maha agung, anu tos masihan mang pirang-pirang kanimatan utamina nimat iman sareung islam, jasmani sareng rohani margi ku hidayah mante-Na urang sadaya tiasa silaturahmi patepung lawung patepang raray, dina danget ieu simkuring bade masihan biantara ngenaan Jasa Guru. Shalawat sinareung salam mugi tetep kakocorkeun ka junjungan urang nyaeta Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, para sahabatna, sareng teu hilap deui urang sadaya salaku umatna anu nurut ka ajaranana Amin ya robal alamin. Hadirin rohima kumullah Guru nyaeta pahlawan anu mani ageung pisan jasana, tanpa guru urang sadaya moal tiasa naon-naon, sabab berkat jasa guru, urang anu kapungkurna teu tiasa nanaon, jadi tiasa nulis, maca, ngitung, jeung sajabina. Kumargi eta dina kesempatan ieu hayu urang sadaya kususna siswa-siswi SMP Negeri 1 Ciwaru hayu urang ngahaturkeun sarebu-rebu nuhun ka sadaya para guru anu tos masihan bekel sareung elmu ka urang sadaya, sareung anu mudah-mudahan Allah SWT maparin berkah ka sadaya guru anu aya disakola urang sareung umumna kasadaya guru anu aya dinagara Indonesia. Kungayakeun acara ieu hayu urang babareungan ningkatkeun prestasi urang sadaya kususna dina bidang pendidikan sareung hayu urang babareungan ningkatkeun ka taqwaan urang ka Allah SWT. Mung sakitu anu kapihatur. Mugi-mugi dina ayana acara ieu the sing aya mangpaatna kanggo urang sadaya. Bilih aya cariosan anu kirang merehna dina manah para hadirin sadaya pamugi kersa dihapunteun nu saageung-ageungna. Wabilahi taufik walhidayah wassalamualaikum Wr. Wb.

You might also like