You are on page 1of 262

KITAB

MAJMUATUT TAUHID
j Tarjamah Basa Sunda |

] [
Kitab Tauhid-anu eta teh hak Alloh kawajiban abdi

MUHAMMAD BIN ABDUL WAHHAB


Ditarjamhkeun ku : Ahmad Juhaman S. Al-Fahlawy
.
Murajaah : Abu Hasan Ar-Rifahi
Lay out ku: Abu Farraz Al-Jauzi


Rabiiul Awwal 1433 H Februari 2011 M
Kitab Tauhid
ii
4
PANGJAJAP



. .
Tauhid teh mangrupikeun pegangan (cepengan) poko
sareng kalintang nangtoskeunnana kanggo kahirupan manusa,
margi tauhid janten landasan kanggo sadaya amal nu
dilakukeun.
Mung amal anu didasaran ku tauhidulloh, numutkeun
tuntunan Islam anu tiasa ngajajapkeun manusa kana
kahirupan nu langkung sae (hayatan thoyyibah) sareng
kahirupan anu langkung hakeki nyaeta di alam akherat anu
baris kasorang ku urang sadaya.
Alloh Taala ngadawuhkeun:
_ s !>l. _ _. "_` `>`l >
,L `>l > _.>!, ! ! l - _
Saha anu amal kasolehan ti lalaki atawa awewe bari
manehna teh anu iman, nya tangtu bakal mere kahirupan
pisan kaula ka manehna kalayan kahirupan anu hade; jeung
tangtu bakal mere babales pisan kaula ka maranehna
Kitab Tauhid
iii
ganjaran maranehna ku anu leuwih alus tibatan anu geus
bukti maranehna aramal. (QS. An-Nahl: 97).
Dumasar kana utamana peranan tauhid dina kahirupan
manusa, maka janten kawajiban ka sadaya umat Islam kanggo
nguninga hal-hal nu patalian sareng tauhid sakaligus
ngimankeun sareng nerapkeunnana dina kahirupan.
Tauhid sanes sakadar terang sareng ngartos yen pencipta
ieu alam raya teh Alloh SWT, sanes mung saukur terang kana
buktos-buktos rasional ngeunaan ayana wujud Mantena,
wahdaniyah (kamaha tunggalan) Mantena, sareng sanes mung
sakadar terang kana Asma sareng sifat-sifat Mantena.
Iblis percayaeun yen pangerannana teh Alloh; malah ngaku
kana kamahatunggalan sareng kamaha kawasaan Alloh ku
jalan menta ka Alloh ngalangkungan Asma Mantena sareng
sifat Mantena. Kaom jahiliyah kuno nu dipayunan ku
Rosululloh oge percayaeun malahan ngayakinkeun yen Alloh
teh nu nyiptakeun, nu ngatur, nu ngurus sareng nu ngabawah
ieu jagat raya. (Uninga Al-Quran: 38: 82, 31: 25, 23: 84-89).
Tapi, kapercayaan jeung kayakinan maranehna eta teu
ngajadikeun maranehna jadi makhluk nu sumerah diri (Islam)
ka Alloh, nu iman ka Alloh .
Nya di dieu muncul hiji patarosan: Naon ari hakekat
tauhid teh?.
Tauhid teh nyaeta ngamurnikeun ibadah ka Alloh samata-
mata. Maksadna nyaeta: Ngabaktikeun diri mung ka Alloh
sacara murni sareng patuh ku jalan thoat kana naon-naon anu
diparentahkeun ku Mantena sareng sakuat tanaga ngajauhan
naon-naon anu dilarang ku Mantena kalayan pinuh rasa
rendah diri, mipogot, miharep rohmat sareng sieun ku lanat
Mantena.
Nya kanggo tujuan ieu pisan saleresna bangsa jin jeung
manusa diciptakeun, sareng saestuna misi para Rosul Alloh teh
Kitab Tauhid
iv
nyaeta kanggo nangtungkeun tauhid dina ieu hahartosan, ti
kawit Rosul ngawitan nyaeta nabi Nuh Alaihis Salam dugi ka
panutupan para nabi sareng Rosul sabagi panutupan utusan
karajaan gusti Alloh ka sadaya manusa nyaeta nabi
Muhammad . (Uninga Al-Quran: 16: 36, 21: 25, 7: 59, 65,
73, 85, sareng sajabina).
Ieu kitab tauhid anu aya dipayuneun saderek teh
ngagaduhan mana anu kalintang utamana sareng kalintang
berharga kanggo nguninga hakekat tauhid teras peryogi
dijantenkeun sabagi cecepengan dina papagon kahirupan nuju
kana kabagjaan hirup anu sajati nyaeta kabagjaan dunya
sareng akherat.
Ieu kitab tauhid teh diserat ku salahsawios ulama anu
kalintang sungguh-sungguhna dina kagiatan dawah Islamiyah.
Anjeuna teh nyaeta Syaikh Muhammad bin Abdul Wahhab At-
Tamimi, anu dilahirkeun di Uyainah, taun 1115 H (1703 M),
sareng ngantunkeun dunya di Diriyyah (Saudi Arabia) taun
1206 H (1792 M).
Kaayaan umat Islam kalayan sadaya bentuk amalan
sareng kapercayaan- dina waktos anjeuna jumeneng nu geus
nyimpang tina mana tauhid nu saleresna, parantos ngarojong
Syaikh Muhammad bin Abdul Wahhab sareng murid-muridna
kanggo ngalaksanakeun dawah Islamiyah kanggo mepelingan
umat sangkan mulih kana tauhid anu murni.
Nya kanggo ngawujudkeun eta tujuan mulia, anjeuna
nyerat sajumlah kitab sareng risalah, anu diantawisna nyaeta:
1. Kasyf Asy-Syubuhaat (Mukakeun anu samar)
2. Tafsir Al-faatihah
3. Tafsir Syahadah Laa Ilaaha Illalloh
4. Kitab Al-Kabaair (Ngeunaan dosa-dosa gede)
5. Ushul Al-Ieman (Poko-poko Iman)
Kitab Tauhid
v
6. Ushul Al-Islam (Poko-poko Islam)
7. Al-Masaail Allati kholafa fiihaa Rosululloh ahlal
Jaahiliyah (Masalah kajahiliyahan anu disulayaan ku
Rosululloh SAW)
8. Adab Al-Masy-yi Ilash-Sholah Ala madzhabil Imam
Ahmad bin Hambal (Tatakrama ngahadiran sholat
dumasar mazhab Imam Ahmad bin Hanbal)
9. Al-Amru bil ma'ruf wan Nahyu anil Munkar
10. Mukhtashor Siiraturrosul (Ringkesan sajarah
perjuangan Rosul SAW)
11. Kitab tauhid alladzi huwa Haqqullah alal ibad (Kitab
tauhid anu mangrupakeun hak Alloh kawajiban
satiap abdi).
Kitab terakhir ieu anu tarjamahannana aya dina panangan
para ahli tadarus.
Ngalangkungan ieu kitab, Syaikh Muhammad bin Abdul
Wahhab ngupayakeun kanggo ngajelaskeun hakekat tauhid
sareng penerapannana dina kahirupan umat Islam/kaom
Muslimin.
Dina bab ka I, anjeuna ngajelaskeun hakekat tauhid sareng
kadudukannana; dina bab ka 2 sareng ka 3 nerangkeun
kautamaan tauhid sareng ganjaran anu bakal dihasilkeun tina
eta; dina bab ka 4 anjeuna mepelingan sangkan umat islam
ngarasa sieun kana perbuatan anu patojaiyah sareng tuntunan
tauhid nyaeta musyrik akbar margi tiasa ngahancurkeun
tauhid atawa perbuatan anu tiasa ngurangan kana
kasampurnaan tauhid nyatana syirik ashghor; dina bab ka 5
anjeuna ngajelaskeun ngeunaan kawajiban ngadawahkeun
tauhid; dina bab ka 6, anjeuna ngajelaskeun mana tauhid
sareng syahadah Laa Ilaaha Illaa Alloh.
Kitab Tauhid
vi
Upaya pemurnian tauhid ieu moal rengse mung ku
ngajelaskeun mana tauhid, tapi kedah disarengan ku
ngajelaskeun hal-hal anu tiasa ngaruksakkeun jeung ngotoran
tauhid margi umat Islam zaman ayeuna kadang-kadang kana
nu namina syirik/musyrik teh terang di nami tapi teu terang di
rupi atanapi upami dibahasa cohagkeun mah Nyaho
ngaran teu nyaho rupa. Kanggo eta tujuan, dina bab-bab
salajengna anjeuna ngajelaskeun bentuk-bentuk tindakan
sareng perbuatan nu tiasa ngabatalkeun atawa ngurangan
kana kasampurnaan tauhid sareng ngotoran kasuciannana
nyaeta naon anu disebut syirik/musyrik, boh nu ageung
atanapi anu alit. Anjeuna oge ngajelaskeun hal-hal anu teu
kagolong musyrik tapi dilarang ku Islam lantaran ngajurus
kana kamusyrikan, disarengan oge ku dasar katerangan
ngeunaan kasang tukang/latar belakang timbulna
kamusyrikan.
Di bagian akhir, anjeuna nyebatkeun dalil-dalil tina Al-
Quran sareng Al-Hadits nu nerangkeun kaagungan, kaesaan,
sareng kakawasaan Alloh kanggo nunjukkeun yen Alloh teh
nyaeta Ilah (panembahan) anu ngagaduhan hak muthlak
pikeun diibadahan sareng Mantena teh anu kagungan sadaya
sifat kamuliaan sareng kasampurnaan.
Salahsawios hal anu narik perhatian dina metode
pembahasan ieu kitab, wireh anjeuna teu nyeratkeun atanapi
nerangkeun tauhid kalayan cara nu bisa di kenal ku urang dina
kitab-kitab/buku-buku zaman ayeuna. Dina satiap bab,
anjeuna mung nyebatkeun ayat-ayat Al-Quran sareng hadits-
hadits disarengan ku pamadegan-pamadegan para ulama
salaf; teras anjeuna ngabahas eta bab-bab teh ku nerangkeun
masalah-masalah penting (kandungan bab) anu diisyarahkeun
ku dalil-dalil tadi.
Tapi saleresna, justeru kalayan eta cara, ieu kitab janten
langkung penting margi pembahasannana ngaruju kana
Kitab Tauhid
vii
Quran sareng hadits nu janten sumber hukum Pertama
sareng Utama kanggo sadaya umat Islam. Ieu hal
dipandang langkung penting/utama margi kadang kajantenan
sabagian umat Islam masih langkung percaya kana Kaol
Ulama batan kana hukum nu sumberna tina Quran atanapi
hadits nabi. Akibatna; ayat-ayat Quran sareng hadits-hadits
nabi jadi asing dilingkungan umat Islam nyalira, tapi malah
kaol ulama nu nyepeng kaputusan hukum. Innaa lillaahi..
Ngemutkeun kana kalintang ringkesna sababaraha masalah
nu diserat ku anjeuna, nya kalayan neda pertulungan Alloh, nu
narjamahkeun ngawantunkeun diri kanggo nyeratkeun sapalih
penjelasan ngalangkungan catetan kaki. Mugia eta catetan teh
aya guna sareng manfaat kanggo sadayana; oge kanggo nu
narjamhkeun mugia janten hiji jariyah ilmu anu lebet kana
maksad dawuhan nabi SAW Ilmun Yuntafau bihi/elmu nu
dialap manfaatna kana eta anu ganjarannana bakal ngocor
dugi ka Yaumul Jaza. Aammiin!.
Anu dipiharep ku penulis kitab (syaikh Muhammad bin
Abdul Wahhab) sareng ku anu narjamahkeun (Ahmad
Juhaman Suriah Al-Fahlawi), tangtosna sanes mung sakadar
ngartos sareng faham, tapi langkung ti eta, nyaeta sikep
sareng pandangan hirup tauhidi (bercitra tauhid) nu kagambar
dina kayakinan (tekad), ucapan sareng lampah/perbuatan.
Mugia ieu tarjamahan ieu kitab teh nyandak manfaat anu
ageung kanggo urang sadaya dina raraga perjuangan urang
salaku umat Islam anu berjuang dina raraga ibadah ka Alloh
kalayan dasar perjoangan Saberesih-beresihna Tauhid,
saluhur-luhurna elmu pangaweruh sareng sa-
maslahat-maslahatna siyasah. Ucapkeun Laa illaaha
Illaa Alloh; Pasti Unggul!.
Mung ka Alloh Nyalira urang sadaya ngabdikeun sareng
nyumerahkeun diri, sareng mung ka Mantena nyalira urang
sadaya nyuhunkeun pitulung.
Kitab Tauhid
viii
Mugia Sholawat sareng Salam tetep dilimpahkeun ka
pamingpin sajati dunia akherat, pemberi syafaat kanggo umat
nu bertauhid, Nabi Muhammad , kulawargi, para sahabat
sareng anu nuturkeun agama tauhid anu dicandakna.


Rancakole 20 Robiiul Awwal 1433 H/13 Februari 2012 M.
Ahmad Juhaman


















Kitab Tauhid
ix

DAFTAR EUSI

Pangjajap
Pangbagea ti DPW Syarikat Islam Jawa Barat

Daftar Eusi xi
Bab1: Tauhid, hakekat jeung kadudukannana 1
Bab2: Kaistimewaan tauhid jeung dosa-dosa anu
dihampura sabab eta
10
Bab3: Ngamalkan tauhid kalayan samurni- murnina
bisa nyababkeun asup ka surga tanpa dihisab
16
Bab4: Mikarempan kana syirik 21
Bab5: Dawah kana syahadat Laa Ilaaha Illa Alloh 24
Bab6: Penjelasan ngeunaan mana tauhid jeung
syahadat Laa Ilaaha Illaa Alloh
31
Bab7: Make geulang jeung sabangsana pikeun nolak
balai mangrupakeun perbuatan musyrik
36
Bab8: Ruqyah jeung Tamimah (Masalah Jampe jeung
jimat)
40
Bab9: Menta barokah ka tatangkalan, batu jeung
sabangsana
44
Bab10: Meuncit sato lain dasar karana Alloh 49
Bab11: Meuncit sato karana Alloh, dilarang dilaksana-
keun ditempat pameuncitan lain karana Alloh
53
Bab12: Nadzar pikeun salian Alloh kaasup syirik
/musyrik
56
Bab13: Menta perlindungan ka selian Alloh kagolong
syirik/musyrik
58
Bab14: Ngadoa ka salian Alloh kaasup syirik/musyrik 60
Bab15: Ibadah teh hak mutlak milik Alloh ] 65
Bab16: [Malaikat makhluk anu perkasa ngalaksana-
keun sujud ka Alloh]
70
Bab17: Masalah Syafaat 76
Kitab Tauhid
x
Bab18: [Nabi teu tiasa maparin hidayah kajabi kalayan
pangersa Alloh]
81
Bab19: Penyebab utama kakufuran teh nyaeta
kaleuleuwihan dina ngultuskeun jalma-jalma
sholeh
85
Bab20: Larangan ibadah ka Alloh di sisi kuburan 91
Bab21: Kaleuleuwihan kana kuburan jalma sholeh
sabab utama dijadikeunnana eta sabagi
sesembahan ti salian Alloh
97
Bab22: Upaya Rosululloh dina ngajaga tauhid jeung
nutup celah satiap jalan nu ngajurus kana
syirik/musyrik
100
Bab23: Penjelasan yen sabagian ieu umat aya anu
nyembah berhala
103
Bab24: Hukum sihir 111
Bab25: Bentuk-bentuk sihir 114
Bab26: Dukun, tukang ramal / paranormal jeung
sajenisna
117
Bab27: Nusyroh 121
Bab28: Tathoyyur 123
Bab29: Elmu nujum (Perbintangan) 129
Bab30: Nganisbatkeun turunna hujan ka bentang 131
Bab31: [Cinta ka Alloh]. 135
Bab32: [Sieun ka Alloh] 139
Bab33: [Tawakkal ka Alloh] 142
Bab34: Ngarasa aman tina siksa Alloh tur putus asa
tina Rohmat Mantena
145
Bab35: Sabar narima takdir Alloh mangrupakeun
bagian tina kaimanan
147
Bab36: Riya (amal hayang pameunteun makhluk) 150
Bab37: Amal sholeh pikeun kapentingan dunya kaasup
syirik / musyrik
154
Bab38: Taat ka ulama jeung umaro dina ngahalalkeun
anu haram jeung ngaharamkeun anu halal
berarti mempertuhankeun ka maranehna
157
Kitab Tauhid
xi
Bab39: [Ngangkat hakim ka salian Alloh] 160
Bab40: Ingkar kana sabagian Asma jeung Sifat Alloh 165
Bab41: [Ingkar (kufur) kana nimat Alloh] 168
Bab42: [Larangan ngajadikeun syarikat kanggo Alloh] 170
Bab43: Teu rela kana sumpah anu ngagunakeun
Asma Alloh
173
Bab44: Ucapan: Dumasar takdir Alloh jeung pangersa
salira
174
Bab45: Nyarekan waktu, ngandung harti nyarekan ka
Alloh
178
Bab46: Penggunaan gelar Qodli Qudlot [Hakimna
para hakim]
180
Bab47: Ngamuliakeun asma-asma Alloh 181
Bab48: Guguyon kalayan nyebut jenengan Alloh, Al
Quran atawa Rosululloh
183
Bab49: [Syukur kana nimat Alloh] 186
Bab50: [Mere ngaran nu dihambakeun ka salian
Alloh]
192
Bab51: [Netepkeun Al-Asmaaul Husnaa husus kanggo
Alloh
195
Bab52: Dilarang ngucapkeun As-Salaamu Ala Alloh 197
Bab53: Ucapan Hapunten abdi upami gusti
ngamaksad
199
Bab 54: Larangan ngucapkeun abdi kula 201
Bab55: Larangan nolak pamenta anu nyebutkeun
asma Alloh
203
Bab56: Larangan menta hiji perkara ku nyebutkeun
asma Alloh kajaba menta surga
205
Bab57: Ucapan Lamun 206
Bab58: Larangan nyaci/nyarekan angin. 209
Bab59: [Larangan goreng sangka ka Alloh] 212
Bab60: Ingkar kana takdir 215
Bab61: Jalma nu ngagambar (Mushowwir) 219
Bab62: Dilarang ngalobakeun sumpah 222
Bab63: Perjanjian Alloh jeung perjanjian Nabi-Na 225
Kitab Tauhid
xii
Bab64: Dilarang sumpah miheulaan Alloh 229
Bab65: Larangan ngajadikan Alloh sabagi wasilah ka
mahluk-Na
231
Bab66: Upaya Rosululloh SAW dina raraga ngajaga
kasucian tauhid
233
Bab67: [Kaagungan jeung kakawasaan Alloh ] 235
Daftar Istilah 242
BAB 1
TAUHID
[HAKEKAT JEUNG KADUDUKANNANA]

Dawuh Alloh :
! 1l> _>' _ | ,- l
Jeung teu nyiptakeun kaula ka jin jeung manusa kajaba
kudu ibadah
(1)
maranehna ka kaula (QS. Adz Dzariyat: 56).
1l !.-, ,s < ,.>
,-Ll
Jeung demi estu geus ngutus kaula di satiap ummat teh
hiji utusan yen kudu ibadah aranjeun ka Alloh jeung kudu
ngajauhan aranjeun ka thoghut
(2)
. (QS. AnNahl: 36).

(
1
) Ibadah nyaeta ngabdikeun diri ka Alloh Taala ku jalan thoat kana
sadaya parentah-Na jeung ngajauhan kana sagala cegahan-Nana,
sakumaha anu tos diuningakeun ku Rosululloh SAW. Jeung tah nya
ieu pisan hakekat agama Islam teh sabab Islam teh ngandung harti
sumerah diri ka Alloh samata-mata dibarengan ku kapatuhan
muthlaq ka Mantena sarta dibarengan ku perasaan rendah diri
jeung mipogot.
Ibadah oge ngandung harti sadaya ucapan jeung perbuatan boh
lahir atawa bathin anu dipikacinta jeung dipikaridlo ku Alloh Taala.
Jeung hiji amal baris ditampi ku Alloh sabagi hiji ibadah lamun
dibarengan niyat ikhlas karana Alloh tur nuturkeun tuntunan/aturan
Rosululloh Shollalloohu 'alaihi wa sallam.
Kitab Tauhid
2
_. ,, ,-. | !| _$!l!, !.>| !| _-l,
s l !> ! 1. ! !..
!l ! _> !l _!> %! _ >l
, !- ! ! , ,- .
Jeung geus mutuskeun pangeran anjeun yen ulah ibadah
aranjeun kajaba ka Mantena. Jeung ka indung bapa nyieun
hade. Lamun tepi pisan di anjeun kana kakolotan,
salahsahijina aranjeuna atawa duanana, nya ulah ngucapkeun
anjeun ka aranjeunna His jeung ulah nyentor ka aranjeunna
jeung ucapkeun ka aranjeunna ucapan anu mulia. Jeung
rendahkeun kanggo aranjeuna jangjang kahinaan tina
kanyaah jeung ucapkeun : Nun pangeran abdi mugi
ngarohmat/mikaasih gusti ka aranjeuna sapertos anu parantos
ngurus aranjeuna ka abdi waktos alit . (QS. AlIsroo: 23-24).
,s < : ., !: _$!l!, !.>| ,
1l .l _,>.l !>' 1l !>' `>l

(
2
) Thoghut nyaeta: setiap anu diibadahan/diagungkan -ti salain Alloh
ku cara disembah, ditaatan atawa diturutkeun. Wujudna mah
bisa batu, manusa atawa syetan.
Ngajauhan Thoghut ngandung harti ingkar/nolak kana eta, teu
nyembah jeung muja kana eta, dina bentuk jeung cara kumaha
bae.
Kitab Tauhid
3
>!.l >l!, _ ,.l ! >l >` | < >
_ l !. `
Jeung kudu ibadah aranjeun ka Alloh tur ulah musyrik
aranjeun ka Mantena hiji perkara oge. Jeung ka indung bapa
nyieun hade jeung ka anu aya kakarabatan jeung ka yatim-
yatim jeung ka miskin-miskin jeung ka tatangga nu deukeut
jeung ka tatangga anggang jeung babaturan di gigireun jeung
anak jalan jeung anu geus ngamilik katuhu-katuhu aranjeun.
Saestuna Alloh teu mikaresep ka anu kabuktian manehna teh
tukang olo-olo tukang sombong. (QS An-Nisaa: 36).
l!- . `. ! > , l. : ., !:
_$!l!, !.>| l.1. l _l| _`>
` !| ,1. _>l ! L ! ! L,
l.1. _l _.l > < | _>l!, />l >8. .,
/>l-l l1-. ,1. ! .l | _.l!, _.> _.>
_l, : l ,l 1`.1l!, l> !. |
!-`` | `.l ls! l l -, <
l >8. ., />l-l `. L.
Kitab Tauhid
4
!1.`.` `-,.! `-,.. ,.l . >, _s .&#,
>l >8. ., l -l 1..
Caritakeun: Kadarieu; rek macakeun kaula kana nu geus
ngaharamkeun pangeran aranjeun ka aranjeun yen ulah
musyrik aranjeun ka Mantena hiji perkara oge, jeung ka
indung bapa nyieun hade, jeung ulah ngabunuh aranjeun ka
anak anak aranjeun tina lantaran sieun fakir; Kaula ngarizkian
ka aranjeun jeung ka maranehna. Jeung ulah ngadeukeutan
aranjeun kana kajahatan-kajahatan anu nemrak tina eta jeung
anu samar. Jeung ulah maehan aranjeun ka diri anu geus
ngaharamkeun Alloh kajaba kalayan hak. Tuh itu teh geus
ngawashiyatkeun Mantena ka aranjeun kana eta supaya
aranjeun ngalarti. Jeung ulah ngadeukeutan aranjeun kana
barang yatim kajaba ku anu eta teh leuwih alus sampe tepi eta
kana kadewasaanana, jeung carumponan kulakan jeung
timbangan kalayan ajeg. Moal meredih kaula ka hiji diri kajaba
kana sapangadugana. Jeung dimana ngomong aranjeun, nya
sing aradil bari sanajan nyata eta teh nu aya kakarabatan.
Jeung kana jangji Alloh, prak nyarumponan aranjeun!. Tuh itu
teh geus ngawashiyatkeun Mantena ka aranjeun kana eta
supaya aranjeun nyarieun peringetan. Jeung saestuna ieu teh
jalan kaula bari lempeng, nya taruturkeun eta jeung ulah
naluturkeun kana pirang-pirang jalan nya bakal mecahkeun ka
aranjeun tina jalan Mantena. Tuh itu teh geus
ngawashiyatkeun Mantena ka aranjeun kana eta supaya
aranjeun tarakwa. ( QS. Al-Anaam: 151-153).
Ibnu Masud sasauran: Saha anu ngamaksud yen
merhatikeun kana washiyat Muhammad anu kana eta teh
cincin/stempel kanabian mantena, nya pek maca manehna
kana dawuhan Alloh :
Kitab Tauhid
5
Caritakeun: Kadarieu; rek macakeun kaula kana nu geus
ngaharamkeun pangeran aranjeun ka aranjeun yen ulah
musyrik aranjeun ka Mantena hiji perkara oge, -dugi kana
dawuhan Mantena: Jeung saestuna ieu teh jalan kaula bari
lempeng, nya taruturkeun eta jeung ulah naluturkeun kana
pirang-pirang jalan nya bakal mecahkeun ka aranjeun tina
jalan Mantena. Tuh itu teh geus ngawashiyatkeun Mantena ka
aranjeun kana eta supaya aranjeun tarakwa.
(3)

Muadz bin Jabal sasauran:
)) .
.
.
.
. )) ((
Kabuktian simkuring teh boncengan nabi SAW luhureun
himar, nya dadawuh mantena ka kuring: Hey Muadz, naha
terang anjeun naon ari hak Alloh kawajiban abdi-abdi, jeung
naon ari hak abdi-abdi kawajiban Alloh?. Nyanggem kuring:
Alloh sareng Rosul-Na nu langkung uninga. Dadawuh: Ari hak
Alloh kawajiban abdi-abdi teh yen aribadah maranehna ka
Mantena tur teu ngareujeungkeun maranehna ka Mantena
kana hiji perkara oge; Jeung ari hak abdi-abdi kawajiban Alloh
teh yen teu nyiksa Mantena ka anu teu musyrik ka Mantena
saperkara oge. Nyanggem kuring: Nun Rosululloh, naha tong
ngagumbirakeun abdi ka jalmi-jalmi?. Dadawuh: Ulah

(
3
) Atsar ieu diriwayatkeun ku At-Tirmidzi, Ibnu Majah sareng Ibnu Abi
Hatim.
Kitab Tauhid
6
ngagumbirakeun anjeun ka maranehna nya bakal nyarieun
tetegenan maranehna (atuh). (HR. Bukhori, Muslim).

Pelajaran penting anu terkandung dina ieu bab :
1. Hikmah diciptakeunnana jin jeung manusa ku Alloh .
2. Ibadah teh mangrupakeun hakekat (tauhid), sabab
pertentangan anu kajadian antara Rosululloh jeung
kaomna teh ngeunaan masalah tauhid ieu.
3. Singsaha anu can ngawujudkeun tauhid ieu dina
hirupna, hartina manehna teh can ibadah (ngabdikeun
diri) ka Alloh . Ieu teh mangrupakeun penjabaran nu
sabenerna tina dawuhan Alloh Taala:
`. ,s ! ,s
Jeung moal aranjeun anu pinyarembaheun kana nu
ibadah kuring. (QS. Al-Kaafirun: 3).
4. Hikmah diutusna para Rosul [nyaeta pikeun ngajak
kana tauhid jeung ngalarang musyrik].
5. Misi diutusna para Rosul nyaeta pikeun ka sadaya
ummat (lain ka sawareh umat).
6. Ajaran para Nabi teh sahiji, nyaeta tauhid (nga-esakeun
Alloh wungkul].
7. Masalah nu paling penting nyaeta: Yen ibadah ka Alloh
moal ngawujud kalayan bener kajaba ku jalan
ingkar/nolak ka Thoghut.
Hal ieu nu dimaksud ku dawuhan Alloh :
Kitab Tauhid
7
_ > ,-Ll!, ` <!, 1 ,..`
``-l!, ..'l
Nya saha anu kufur ka Thoghut jeung iman ka
Alloh, nya estu geus nyekel manehna kana tali anu
kuat. (QS. Al-Baqoroh: 256).
8. Pengertian Thoghut teh bersifat umum, ngawengku
kana sagala anu disembah ti salian Alloh .
9. Katilu ayat muhkamat anu aya dina surat Al-Anaam
numutkeun para ulama salaf penting kadudukannana,
didinya terkandung 10 pelajaran penting, nu
pangheulana jeung pangutamanana nyaeta ngalarang
ngalakukeun musyrik.
10. Ayat-ayat muhkamat nu aya dina surat Al-Isroo
ngandung 18 masalah, dimimitian ku dawuh Mantena:
-> _ < !l| > `-1. !`
Jeung ulah ngajadikeun anjeun barengan Alloh
panembahan sejen, nya bakal diuk anjeun bari dicacad
bari dihinakeun. (QS. Al-Isroo: 22).
Jeung diakhiran ku dawuh Mantena:
-> _ < !l| > .l. . > !l
`>
Jeung ulah ngajadikeun anjeun barengan Alloh
panembahan sejen, nya bakal dialungkeun anjeun dina
Jahannam bari dicacad bari diusir. (QS. Al-Isroo: 39).
Kitab Tauhid
8
Sareng Alloh ngelingan ka urang sadaya ngeunaan
pentingna ieu masalah ngalangkungan dawuh-Na:
,l ! _- ,l| ,, _ >>'
Itu teh tina anu geus ngawahyukeun ka anjeun
pangeran anjeun tina hikmah. (QS. Al-Isroo: 39).
11. Hiji ayat anu aya dina surat An-Nisaa ayat 36; dina eta
ayat disebutkeun 10 hak, nu kahiji Alloh ngawitan ku
dawuh-Na:
,s < : ., !:
Jeung kudu ibadah aranjeun ka Alloh tur ulah
musyrik aranjeun ka Mantena hiji perkara oge. (QS.
An-Nisaa: 36 ).
12. Perlu diinget washiyat Rosululloh di saat akhir hayat
anjeuna.
13. Nganyahokeun hak-hak Alloh nu wajib ku urang
dilaksanakeun.
14. Nganyahokeun hak-hak abdi-abdi nu pasti bakal
dicumponan ku Alloh lamun maranehna nyarumponan
eta.
15. Masalah ieu teh teu dikanyahokeun ku sapalih sahabat
nabi SAW
(4)
.

(4) Teu dikanyahokeun ku sapalih sahabat nabi SAW margi Rosululloh
miwarang Muadz kanggo teu ngawawarkeunnana ka para sahabat
sanesna kalayan alesan mantena hariwang para sahabat bakal
ngajadikeun tanggelan/tetegenan kana kabar gembira ti mantena
SAW ngeunaan legana rohmat Alloh Taala. Sahingga teu daek
paheula-heula dina ngalaksanakeun amal soleh. Nya Muadz oge
Kitab Tauhid
9
16. Meunang ngarasiahkeun elmu pengetahuan pikeun
tujuan kamaslahatan.
17. Dianjurkeun pikeun ngadugikeun kabar gumbira ka
sasama Muslim.
18. Rosululloh ngaraos hariwang kana sikep
nyarandekeun diri kana legana rohmat Alloh.
19. Jawaban jalma nu ditanya, sedengkeun manehna teu
nyaho teh nyaeta: Alloh sareng Rosul-Na nu langkung
uninga.
20. Diwenangkeun masihkeun elmu ka jalma tertentu
wungkul, tanpa ka anu sejen ti eta.
21. Karendahan manah Rosululloh , sahingga anjeuna
kersa nunggangan kalde, sakantenan kersa
ngabonceng salahsawios sahabatna.
22. Meunang ngabonceng diluhureun sato tutunggangan,
lamun memang eta sato tutunggangan teh cukup kuat.
23. Kautamaan sahabat nabi (Muadz bin Jabal).
24. Tauhid nempatan posisi jeung kadudukan anu kacida
pentingna.


teu ngawartoskeun kana eta kabar gumbira kajabi di akhir hayatna
kalayan tujuan sieun janten dosa upami teu dibewarakeun. Ku eta
hal, di zaman jumenengna Muadz ieu masalah teu seueur sahabat
nu terang.
Kitab Tauhid
10
BAB 2
KAISTIMEWAAN TAUHID
JEUNG DOSA-DOSA ANU DIPUPUS SABAB ETA
Dawuh Alloh :
_%! ` `l .,l | lL, ,l` `l _
.
Anu ariman tur teu nyalampuran kaimanan
(5)
maranehna
sarta kadoliman (kamusyrikan)
(6)
, tuh itu teh pikeun
maranehna katengtreman tur maranehna teh anu mareunang
pituduh. (QS. Al-Anaam: 82).
Ubadah bin Shomit nguningakeun: Rosululloh
ngadawuhkeun:
))


((

(
5
) Iman nyaeta: ucapan hate jeung letah nu dibarengan ku
perbuatan, dibarengan ku kaikhlasan niyat karana Alloh tur
didasaran ku nyekel pageuh kana sunnah Rosululloh .
(
6
) Syirik atawa musyrik disebut kazholiman lantaran syirik teh
nempatkeun hiji pengabdian lain dina tempatna tur
masrahkeunnana ka anu teu hak pikeun narimana.
Kitab Tauhid
11
Ti Ubadah bin Shomit Ra, nyanggem: Dadawuh
Rosululloh SAW: Saha anu nyaksi
(7)
yen teuaya nu hak
diibadahan kajaba Alloh Nyalira Mantena teuaya nu nyarengan
ka Mantena, jeung saestuna Muhammad teh abdi Mantena
sareng utusan Mantena, jeung saestuna Isa teh abdi Alloh
sareng utusan Mantena sareng kalimah Mantena, nibankeun
Mantena kana eta ka Maryam jeung Ruh ti Mantena, jeung
surga teh pasti, jeung naraka teh pasti; ngasupkeun ka
manehna Alloh ka surga kana nu bukti manehna tina amal.
(Ngaluarkeun aranjeunna duaan kana eta). Jeung kagungan
aranjeuna dina hadits Itban :
))
((
Nya saestuna Alloh ngaharamkeun kana naraka ka anu
ngucapkeun (Teuaya panembahan kajaba Alloh)
bari mandang manehna ku itu kana wajah Alloh. (HR. Bukhori
& Muslim).

) . .
. . . . .
. .

(
7
) Syahadat/ nyaksi nyaeta: pengakuan kalayan hate jeung letah
kalayan ngarti/faham kana hartina jeung ngamalkeun kana eusina
tur tuntutannana, boh lahir atawa batin.
Kitab Tauhid
12
,
, | ( .j
Jeung ti Abu Said Al-Khudriy Ra ti Rosululloh SAW, dadawuh
mantena: Parantos sasauran nabi Musa: Nun Pangeran abdi,
wurukanan abdi hiji perkara seja nyebat-nyebat abdi ka gusti
sareng seja ngadua abdi ka gusti ku eta!. Dadawuh: Hey
Musa; Ucapkeun Laa ilaaha illaa Alloh. Nyanggem: Nun
pangeran abdi, sadaya abdi-abdi gusti ngarucapkeun kana ieu.
Dadawuh: Hey Musa; lamun saestuna langit-langit anu tujuh
jeung pangeusina eta lian kaula jeung bumi-bumi anu tujuh
dina hiji epek-epek, jeung Laa ilaaha illaa Alloh dina hiji epek-
epek, beurat kana eta kabeh Laa ilaaha illla Alloh. (HR Ibnu
Hibban sareng Hakim, sareng nyohehkeun anjeunna kana
eta).
_ .
) . .
,
.(
Jeung kagungan Tirmidzi jeung geus nganggap Hassan
anjeuna kana eta ti Anas Ra: Nguping kuring Rosululloh SAW
ngadawuhkeun: Dadawuh Alloh Taala: Hey Anak Adam,
lamun datang anjeun ka kaula sarta saampireun bumi
kasalahan-kasalahan tuluy datang anjeun ka kaula bari teu
musyrik anjeun ka kaula hiji perkara, tangtu datang kaula ka
anjeun sarta saampireun eta pangampura.
Kandungan ieu bab:
1. Luas/legana kurnia Alloh .
2. Agungna ganjaran tauhid dihadepan Alloh .
Kitab Tauhid
13
3. Tauhid teh bisa mupus dosa-dosa.
4. Penjelasan ngeunaan ayat nu aya dina surat Al-Anaam
ayat 82.
5. Perhatikeun lima masalah anu kaunggel dina hadits
Ubadah.
6. Lamun anjeun ngagabungkeun antara hadits Ubadah,
hadits Itban jeung hadits sabadana, maka bakal jelas
keur anjeun pengertian kalimat jeung
kasalahan jalma-jalma anu linglung lantaran hawa
nafsuna.
7. Perlu diperhatikeun syarat-syarat nu disebutkan dina
hadits Itban, (nyaeta ikhlas samata-mata karana Alloh,
tur teu ngareujeungkeun ka Mantena).
8. Para Nabi oge perlu dielingan ngeunaan kautamaan
jeung kaistimewaan .
9. Penjelasan yen kalimat beurat
timbangannana ngunggulan kana beuratna timbangan
sakabeh makhluq, padahal loba jalma anu ngucapkeun
kana eta kalimah (bari teu apal hartina. pent..).
10. Pernyataan yen bumi teh tujuh lapis saperti halna
langit.
11. Langit jeung bumi teh aya nu ngeusiannana.
12. Netapkeun sifat-sifat Alloh saayana (apa adanya), beda
jeung pamadegan Asyariyah
(8)
.

(8 ) Asyariyah teh salahsahiji aliran teologis, pengikut Syekh Abu
Hasan Ali bin Ismail Al Asyari (260 324 H = 874 936 M). Nu
dimaksud ku penulis didieu nyaeta netepkeun sifat sifat Alloh
sakumaha anu disebutkeun dina Al-Quran jeung As-Sunnah.
Kitab Tauhid
14
13. Lamun anjeun faham kana hadits Anas, maka anjeun
bakal terang yen dawuh nabi nu aya dina hadits Itban:
saestuna Alloh geus ngharamkeun kana naraka ka anu
ngucapkeun mandang manehna ku itu
kana wajah Alloh, maksudna nyaeta bari teu musyrik
ka Alloh sarta hiji perkara oge, lain ngan sakadar
ngucapkeun eta kalimah ku letahna wungkul.
14. Nabi Muhammad sareng Nabi Isa teh sami-sami abdi
Alloh sareng Rosul Alloh.
15. Nganyahokeun kaistimewaan Nabi Isa, sabagi Kalimat
Alloh
(9)
.
16. Nganyahokeun yen Nabi Isa teh ruh di antara ruh-ruh
anu diciptakeun ku Alloh.

Kaasup sifat anu dibenerkeun nyaeta ayana wajah kanggo Alloh,
nuturkeun metoda kaom Salaf sholih dina ieu masalah, nyaeta:
ngimankeun kaagungan sifat-sifat Alloh anu diuningakeun ku Al-
Quran sareng As-Sunnah kalayan teu make tahrief/ngarobah,
tathil/ngaeueuhkeun, takyif/ nyarupakeun jeung pertingkah
makhluk, jeung tamtsil/nyarupakeun. Ari golongan Asyariyah
mah,sabagian aranjeuna aya nu nawilkeun (Nafsiran kalayan
mana nu nyimpang tina harti sabenerna) kalayan dalih yen hal eta
lamun teu ditawil bisa nimbulkeun tasybih (nyarupakeun) Alloh
sarta makhluk-Na, tapi perlu dikanyahokeun yen Syekh Abu Hasan
ku anjeun dina ieu masalah tos nganyatakeun nyepeng deleg
langsung klana mazhab anu dicepeng ku mazhab Salafus sholih,
sakumaha anu diuningakeun ku anjeuna dina kitab nu disusun ku
anjeuna di akhir hayatna, nyaeta kitab "Al Ibanah an Ushulid
Diyanah" (editor: Abdul Qodir Al-Arnauth, Bairut, maktabah Darul
Bayan, 1401 H) malih dina susunan anjeuna ieu anjeuna ngiritik
sareng nyanggah kana tindakan tawil anu dilakukeun ku jalma-
jalma anu nyimpang tina mazhab ulama Salaf.
(9 ) Kalimat Alloh maksudna yen Nabi Isa teh diciptakeun ku Alloh
ngalangkungan dawuh Mantena Kun (jadil anjeun) nu didugikeun
ku Mantena ka Maryam ngalangkungan malaikat Jibril.
Kitab Tauhid
15
17. Nganyahokeun kaistimewaan iman kana bener ayana
surga jeung naraka.
18. Faham kana dawuhan Rosul: Kana naon bae anu geus
bukti manehna tina amal .
19. Nganyahokeun yen timbangan amal (dina poe
kiyamah) teh ngabogaan dua daun.
20. Ngimankeun ayana wajah kanggo Alloh Taala.
Kitab Tauhid
16
BAB 3
NGAMALKEUN TAUHID KALAYAN SABENERNA BISA
NYABABKEUN ASUP SURGA TANPA DIHISAB

Dawuh Alloh :
| ,| l !.! < !> `l , _ _,:l
Saestuna Ibrohim teh nyata anjeuna hiji anutan anu
khusyu ka Alloh bari pinuh satia tur teu bukti anjeuna tibagian
anu malusyrik. (QS. An Nahl: 120).
_%! ,, :
Jeung anu maranehna ka pangerannana teu
ngarareujeungkeun. (QS. Al Muminun: 59).
Husain bin Abdurrahman nguningakeun: Hiji waktu
simkuring aya di sandingeun Said bin Jubair teras saurna:
Mana aranjeun geus ningali bentang anu ragrag peuting tadi?.
Nya jawab kuring: Abdi, terus nyanggem kuring: Anapon
saestuna kuring teu bukti kuring dina sholat, tur tapi kuring
diseureud kuring (diseureud kalajengking). Nyanggem: Nya
kana naon migawe anjeun?. Nyanggem kuring: Menta
ruqyah
(10)
kuring. Nyanggem: nya naon ngadorong ka anjeun
kana itu?. Nyanggem kuring: Hiji hadits geus nyarioskeun ka
kuring sadaya kana eta Syabi. Nyanggem: Jeung naon geus
nyarioskeun anjeuna ka aranjeun?. Nyanggem kuring: Geus
nyarioskeun anjeuna ka kuring sadaya ti Buraidah bin Hashib
saestuna anjeuna sasauran:

(10) Ruqyah, maksudna didieu nyaeta : Ngubaran kalayan ngaguna-
keun bacaan ayat-ayat Al-Quran atawa doa-doa nabawi.
Kitab Tauhid
17
)) _ ((
Teuaya Ruqyah kajaba tina lantaran ain
(11)
atawa
kakeunaan seureudan.
Nyanggem (Sa'id): Estu geus nyieun hade anu eureun kana
nu geus ngadenge, tur tapi geus nyarioskeun ka abdi sadaya
Ibnu Abbas Ra ti nabi SAW saestuna mantena
ngadawuhkeun:
))

.
.

.
.
. ))

(( _ . .
)) (( .
)) . ((

(11) Ain, nyaeta: pangaruh jahat anu disababkeun ku rasa dengki hiji
jalma ngaliwatan pandangan matana. Disebut oge panyakit panon.
Kitab Tauhid
18
Geus diasongkeun ka kaula umat-umat, nya ningali kaula
ka hiji nabi bari sarengan anjeuna teh golongan saeutik,
sareng nabi bari sarengan anjeuna teh hiji lalaki jeung dua
lalaki, sareng nabi bari teuaya sarengan anjeuna saurang oge;
ujug-ujug diangkatkeun ka kaula golongan anu loba, nya
nyangka kaula saestuna maranehna teh ummat kaula, nya
dicaritaan ka kaula: Ieu teh Musa jeung umatna. Nya ningali
kaula, nya gening golongan anu pohara nya dicaritaan ka
kaula: Ieu teh ummat anjeun, tur barengan maranehna teh
tujuhpuluh rebu (70.000) bakal arasup ka surga kalayan tanpa
hisaban jeung (tanpa) siksaan.
Teras cengkat mantena nya lebet ka bumina, nya cekcok
jalma-jalma dina itu kabeh, nya nyarita sabagian maranehna:
Nya mudah-mudahan maranehna teh anu nyararengan ka
Rosululloh SAW. Jeung nyarita sabagian maranehna: Nya
mudah-mudahan maranehna teh anu dilahirkeun dina Islam
terus teu musyrik maranehna ka Alloh saperkara oge. Jeung
nyebutkeun aranjeuna perkara-perkara. Nya kaluar ka
aranjeunna Rosululloh SAW teras ngawartoskeun mantena ka
aranjeuna nya dadawuh: Maranehna teh anu teu pernah
marenta ruqyah (jampe) jeung teu menta di kayyi
(nempelkeun beusi panas kana tatu), teu pernah ngalakukeun
tathoyyur
(12)
jeung ka pangeran maranehna, tarawekal. Nya
ngadeg Ukasyah bin Mihshon teras sasauran: Mugi ngadua
salira ka Alloh yen ngajantenkeun Mantena ka abdi tibagian
aranjeuna!. Dadawuh: Anjeun tibagian maranehna. Terus
ngadeg lalaki sejen nya nyarita: Mugi ngadua salira ka Alloh
yen ngajantenkeun Mantena ka abdi ti bagian maranehna!.
Nya dadawuh mantena: Geus miheulaan ka anjeun kana eta
Ukasyah. (HR. Bukhori sareng Muslim)

(12) Tathoyyur nyaeta: Ngarasa leutik harepan/pesimis, ngarasa boga
nasib sial, atawa norah/ngaramal nasib sial ku ngagunakeun
totonden manuk, bentang atawa sabangsana.
Kitab Tauhid
19
Kandungan ieu bab:
1. Nganyahokeun ayana tingkatan-tingkatan manusa dina
hal tauhid.
2. Pengertian ngamalkeun tauhid kalayan samurni-
murnina.
3. Pujian Alloh kanggo Nabi Ibrohim, kumargi anjeuna teu
pernah ngalakukeun kamusyrikan.
4. Pujian Alloh ka tokoh para wali Alloh (para shahabat
Rosululloh) margi beresihna diri aranjeunna tina
kamusyrikan.
5. Teu menta diruqyah (dijampe), teu menta di kayyi, teu
nganggap sial ku manuk jeung tawakkal murni ka Alloh,
eta mangrupakeun hakekat tauhid nu sabenerna.
6. Tawakkal ka Alloh teh mangrupakeun sifat nu jadi
dasar utama dina hal tauhid.
7. Luhungna elmu para sahabat, margi aranjeuna
aruninga yen jalma-jalma anu diterangkeun dina ieu
hadits moal meunangkeun kadudukan anu luhur kajaba
ku wujud nyata katoatan/pengamalan.
8. Sumangetna para sahabat dina paheula-heula dina
kasaean.
9. Kaistimewaan umat Islam dina kwalitas (jumlah) jeung
kwalitas (eusi).
10. Katamaan para pengikut Nabi Musa.
11. Umat-umat baheula tos diuningakeun ka Kj Nabi
Muhammad .
12. Satiap umat dikumpulkan sewang-sewangan
sasarengan jeung nu jadi nabina.
Kitab Tauhid
20
13. Saeutik pisan jalma-jalma nu nuturkeun ajaran/dawah
para nabi.
14. Nabi nu teu ngagaduhan pangikut bakal sumping
nyalira dina poe kiyamah.
15. Manfaat tina ieu elmu teh nyaeta teu silau ku jumlah
nu loba sarta teu leutik hate ku jumlah nu saeutik.
16. Dimeunangkeun ngalakukeun ruqyah upama
kakeunaan lara ain jeung seungseureudan.
17. Jembarna elmu para ulama salaf, hal ieu tiasa diuninga
tina kasauran Said bin Jubair: Estu geus nyieun hade
jalma anu ngamalkeun kana naon anu geus kadenge ku
manehna, tapi., ku eta hal jadi jelas yen hadits nu
tiheula teu bertentangan jeung hadits anu kadua.
18. Kamuliaan sifat para ulama salaf, margi kaikhlasan
manah aranjeuna, sareng aranjeuna tara muji hiji jalma
kalayan pujian anu dijieun-jieun.
19. Dawuh Nabi: Anjeun (Ukasyah) tibagian maranehna
mangrupakeun ucapan nu jadi ciri kanabian mantena
SAW.
20. Kautamaan Ukasyah bin Mihshon.
21. Penggunaan kecap sindiran
(13)
.
22. Kamuliaan akhlak Nabi Muhammad .


(13) Margi mantena ngadawuhkeun ka hiji jalma nu menmta didoakeun
hayang digolongkeun ka anu asup ka surga tanpa dihisab jeung
tanpa disiksa: Geus miheulaan ka anjeun kana eta Ukasyah ,
sareng mantena teu ngadawuhkeun ka manehna: Anjeun teu
pantes pikeun diasupkeun ka golongan maranehna.
Kitab Tauhid
21
BAB 4
MIREMPAN KANA SYIRIK/MUSYRIK

Dawuh Alloh :
| < `- : ., `- ! ,l _l '!:
Saestuna Alloh moal ngahampura yen direujeungkeun ka
Mantena, sareng bakal ngahampura Mantena kana nu salian
itu pikeun anu ngersakeun Mantena. (QS. An-Nisaa: 48).
Nabi Ibrohim ngadawuhkeun:
_.,`> _., ,- !.
Sareng mugi nebihkeun gusti ka abdi sareng ka anak incu
abdi yen ibadah abdi sadaya ka berhala.( QS. Ibrohim: 35 ).
Diriwayatkeun dina hiji hadits wireh Rosululloh dadawuh:
)) .
((
Pangrempanna anu mikarempan kaula ka aranjeun teh
syirik leutik. Nya ditaros mantena tina hal eta, nya dadawuh:
Riya.(HR. Ahmad, Thobroni sareng Abu Dawud).
Diriwayatkeun ti Ibnu Masud , Rosululloh dadawuh:
)) ((
Saha anu maot bari manehna nyambat (ibadah) ti salian
Alloh ka hiji saengan, asup manehna kana naraka.( HR.
Bukhori).
Kitab Tauhid
22
Diriwayatkeun ku imam Muslim ti Jabir dadawuh
Rosululloh :
))
((
Saha anu nepangan ka Alloh bari teu musyrik ka Mantena
hiji perkara, asup manehna ka surga. Jeung saha nu nepangan
ka Mantena bari musyrik manehna ka Mantena hiji perkara,
asup manehna kana naraka.

Kandungan ieu bab:
1. Syirik/musyrik teh mangrupakeun perbuatan dosa anu
wajib dipikarempan jeung dijauhan.
2. Riya kagolong perbuatan syirik.
3. Riya kagolong syirik leutik
(14)
.

(14) Syirik/musyrik teh aya dua rupa: Kahiji Syirik akbar (syirik gede)
nyaeta ngareujeungkeun hiji perkara ka Alloh, dina hal-hal anu
mangrupakeun hak khusus kanggo Alloh. Kadua, syirik leutik,
nyaeta perbuatan anu diuningakeun dina Al-Quran sareng Al-
Hadits sabagi hiji syirik, tapi can tepi kana tingkatan syirik gede. Ari
inti perbedaannana nyaeta:
a. Syirik akbar ngahapuskeun sadaya amal, sedengkeun syirik leutik
ngan ngahapus amal nu dibarengannana wungkul.
b. Syirik akbar ngakibatkeun pelakuna langgeng dina naraka,
sedengkeun syirik leutik teu nepi ka kitu akibatna.
c. Syirik akbar ngajadikeun pelakuna kaluar tina Islam, sedengkeun
syirik leutik mah teu ngakibatkeun kaluar tina Islam.

Kitab Tauhid
23
4. Riya teh mangrupakeun dosa nu pang dipikarempanna
ku Rosululloh SAW terjadi ka jalma-jalma sholeh.
5. Deukeutna surga jeung naraka.
6. Deukeutna surga jeung naraka tos sarua diterangkeun
dina al-hadits.
7. Singsaha anu maot lain dina kaayaan musyrik, maka
pasti manehna asup ka surga, jeung saha anu maot
dina kaayaan musyrik, maka pasti manehna asup
naraka sanajan loba amal ibadahna.
8. Hal anu kalintang utamana nyaeta doa Kj Nabi
Ibrohim; anjeuna ngadoa kanggo diri anjeuna sareng
turunannana supaya dijauhkeun tina nyembah
berhala/musyrik.
9. Nabi Ibrohim nyandak ibroh (pelajaran) tina kondisi
sabagian loba manusa yen maranehna teh sakumaha
anu diuningakeun ku anjeuna:
, _| _ll. ,: _ _!l
Nun pangeran abdi, saestuna eta kabeh berhala
teh geus nyasarkeun ka anu loba ti jalma-jalma. (QS.
Ibrohim: 36).
10. Dina ieu bab, kawengku penjelasan ngeunaan mana
sakumaha dina hadits nu diriwayatkeun ku
Bukhori, nyaeta Pembersihan diri tina musyrik jeung
ngawungkulkeun ibadah ka Alloh nyalira.
11. Kautamaan jalma anu dirina beresih tina kamusyrikan.


Kitab Tauhid
24
BAB 5
DAWAH (AJAKAN) KANA SYAHADAT
LAA ILAAHA ILLALLOH

Dawuh Alloh :
. l, `s || < ls ,., ! _ _.-,.
_>, < ! ! _ _,:l
Caritakeun: Ieu teh jalan kaula. Ngajak kaula ka Alloh
kalayan dasar hukum, kaula jeung anu turut ka kaula. Jeung
Maha sanget Alloh; jeung henteu kaula teh tibagian anu
malusyrik. (QS. Yusuf: 108).
Ibnu Abbas sasauran: Nalikana Rosululloh ngutus
Muadz bin Jabal ka Yaman, mantena ngadawuhkeun ka
anjeuna:
))
~ . ~

_


((
Kitab Tauhid
25
Saestuna anjeun teh bakal ngadatangan ka hiji kaom ti
ahli kitab, nya kudu kabuktian pangheulana anu ngajak anjeun
ka maranehna teh pangakuan yen teuaya panembahan kajaba
Alloh- Jeung dina hiji riwayat: Kana yen nauhidkeun
maranehna ka Alloh- Nya lamun maranehna geus taroat ka
anjeun kana kitu, nya bere nyaho maranehna saestuna Alloh
geus ngawajibkeun ka maranehna lima pirang-pirang sholat
dina sapoe jeung sapeuting. Nya lamun maranehna geus
taroat ka anjeun kana kitu, nya bere nyaho maranehna
saestuna Alloh geus ngawajibkeun ka maranehna shodaqoh;
dicokot eta ti anu baleungharna maranehna terus dibalikkeun
eta ka anu falaqirna. Nya lamun maranehna geus taroat ka
anjeun kana kitu, nya mangkade anjeun sarta kamulusan-
kamulusan babarangan maranehna, jeung kudu ati-ati anjeun
kana doa anu didoliman, nya saestuna eta teh teuaya antara
eta jeung antara Alloh hahalang. (HR. Bukhori sareng
Muslim).
Dina hadits nu sanesna, Imam Bukhori sareng Muslim
ngariwayatkeun ti Sahal bin Saad , wireh Rosululloh dina
waktos perang Khoibar ngadawuhkeun:
))


. )) .

. ))

Kitab Tauhid
26

(( .
Tangtu bakal masihkeun pisan kaula kana bendera
(komando perang) isukan ka hiji lalaki anu mikacinta ka Alloh
jeung Rosul-Na, jeung mikacinta ka manehna Alloh jeung
Rosul-Na, buat mukakeun (Maparinkeun kameunangan) Alloh
ngalangkungan dua leungeunna. Nya meuting jalma-jalma
bari ngagunemcaturkeun dina peutingan maranehna mana
maranehna bakal dibere eta?. Nya nalikana geus arasup
shubuh, arindit rebun-rebun maranehna ka Rosululloh SAW,
sakabeh maranehna miharep yen dibere eta. Nya dadawuh
mantena: Mana Ali bin Abu Tholib?. Nya diuningakeun:
Anjeuna nuju teu damang (nyeri) dua socana, teras ngajurung
utusan maranehna ka anjeuna teras disumpingkeun ka
anjeuna, teras ngaludahan mantena dina dua soca anjeuna
sareng ngadua kanggo anjeuna. Nya damang anjeuna saolah-
olah yen teu kajantenan di anjeuna kasakit, teras masihkeun
mantena ka anjeuna bendera sareng dadawuh: Prak
ngalaksanakeun anjeun kana risalah (tugas) anjeun sampe
nempat anjeun di buruan maranehna tuluy prak ajak
maranehna kana Islam
(15
, jeung terangkeun ka maranehna
kana anu wajib ka maranehna tina hak Alloh Taala dina eta;
Nya demi Alloh, estu yen masihan pituduh Alloh sabab anjeun
ka hiji jalma, eta leuwih alus pikeun anjeun tibatan anu

(15) Ajak maranehna kana Islam, nyaeta kana pamahaman nu
sabenerna tina dua kalimah syahadat, nyaeta sumerah diri ka
Alloh, lahir batin ku jalan thoat kana sadaya parentah Mantena
jeung ngajauhan sadaya nu dicegah ku Mantena nu geus
didugikeun ngalangkungan Rosul Mantena SAW.
Kitab Tauhid
27
bareureumna onta-onta
(16)
.. Kecap ngandung harti
=galecok.



Kandungan ieu bab:
1. Dawah kana Laa Ilaaha Illaa Alloh mangrupakeun
jalan anu ditempuh ku jalma-jalma anu saratia ka
Rosululloh .
2. Peringetan ngeunaan pentingna ikhlash dina
ngalaksanakeun dawah samata-mata karana Alloh,
sabab kalolobaan jalma lamun ngajak kana hak, justeru
maranehna ngajak kana (kapentingan) dirina sorangan.
3. Bener-bener ngarti kana naon nu didawahkeun, eta
mangrupakeun hiji kawajiban.
4. Kaasup sabagi bukti kautamaan tauhid, yen tauhid teh
hartina mah ngagungkeun Alloh.
5. Bukti kana gorengna syirik/musyrik, yen eta syirik teh
mangrupakeun pelecehan/ngarendahkeun ka Alloh.
6. Kaasup hal anu kacida pentingna ngajauhkeun jalma
muslim ti lingkungan jalma-jalma musyrik supaya teu
kabawa musyrik ku maranehna, sanajan manehna can
ngalakukeun kamusyrikan.
7. Tauhid teh mangrupakeun kawajiban nu pangheulana.
8. Tauhid mangrupakeun masalah anu pangheulana wajib
didawahkeun samemeh ngadawahkeun kawajiban-
kawajiban lianna kaasup sholat.

(16) Onta-onta beureum/nu bareureumna onta mangrupakeun bahasa
kinayah tina harta kakayaan nu kacida berhargana jeung geus jadi
bahan kaumagulan bangsa Arab waktu harita.
Kitab Tauhid
28
9. Pengertian supaya maranehna nauhidkeun Alloh eta
mangrupakeun pengertian syahadat.
10. Hiji jalma terkadang kaasup ahli kitab, tapi manehna
teu nyaho pengertian syahadat nu sabenerna, atawa
manehna faham, tapi manehna teu ngamalkeunnana.
11. Peringetan geunaan pentingna sistem pengajaran
sacara tadarruj (bertahap).
12. Nyaeta ku dimimitian tina hal anu kacida penting, terus
nu penting jeung tah nyakitu pikeun saterusna.
13. Salahsahiji sasaran pembagian zakat teh nyaeta jalma
fakir.
14. Kawajiban jalma berelmu nyaeta ngajelaskeun
ngeunaan hal anu masih diragukeun/can kaharti ku anu
dialajar.
15. Dilarang nyokot harta kamulusan/harta kamulyaan dina
pelaksanaan nyokot zakat.
16. Ngajaga diri tina ngalakukeun kadoliman ka batur.
17. Malumat yen doa anu didoliman teh mustajabah.
18. Di antara bukti tauhid teh nyaeta ayana ujian anu
dialaman ku Rosululloh sareng para sahabat, saperti
kasulitan, kalaparan atawa wabah panyakit.
19. Dawuhan Rosululloh : Demi Alloh tangtu masrahkeun
pisan kaula kana bendera mangrupakeun salahsahiji
tina tanda-tanda kanabian mantena SAW.
20. Damangna dua soca Ali, saparantos diludahan ku nabi
SAW mangrupakeun salahsawios tina tanda-tanda
kanabian mantena SAW.
21. Kautamaan sahabat Ali bin Abi Thalib .
Kitab Tauhid
29
22. Kautamaan para sahabat Rasul, [sabab hasrat
aranjeuna nu kacida ageungna dina hal kahadean
jeung sikep aranjeuna anu teras-terasan berlomba dina
ngamalkeun kasolehan-kasolehan; ieu bisa ditingali tina
gunemcatur aranjeuna tipeuting (pienjinganeun perang
Khoibar, ngeunaan saha pijalmaeunnana anu bakal
dipasrahan bendera komando perang, sadaya
aranjeuna miharep dipasrahan eta bendera margi
ngangap eta hal sabagi kahormatan ti Alloh sareng
Rosul-Na].
23. Kawajiban iman kana takdir Alloh, sabab bendera teu
dipasrahkeun ka jalma anu geus ngusahakeun, tapi
dipasrahkeunana eta teh justeru ka anu teu berusaha
meunangkeun eta.
24. Adab dina berjihad, sakumaha anu kawengku ku
dawuh mantena: kudu ngalangsungkeun anjeun kana
risalah anjeun (kalayan tenang).
25. Disyareatkeun pikeun ngadawahan musuh samemeh
merangannana.
26. Syareat ieu teh berlaku oge ka anu geus pernah
didawahan jeung diperangan samemehna.
27. Dawah wajib dilaksanakeun sacara bijaksana
sakumaha anu diisyaratkeun dina dawuh nabi SAW:
jeung terangkeun ka maranehna kana nu wajib ka
maranehna tina hak Alloh Taala dina eta (Islam).
28. Wajib mengenal hak-hak Alloh dina Islam
(17)
.

(17) Hak Alloh dina Islam nu wajib dilaksanakeun saperti : sholat, zakat,
puasa, haji jeung kawajiban-kawajiban lianna.
Kitab Tauhid
30
29. Kamuliaan dawah, jeung agungna ganjaran nu
disadiakeun pikeun anu jadi wasilah hidayahna hiji
jalma asup kana Islam.
30. Diwenangkeun sumpah dina nepikeun/nablighkeun
hidayah.


Kitab Tauhid
31
BAB 6
PENJELASAN NGEUNANA MANA TAUHID
JEUNG SYAHADAT LAA ILAAHA
ILLALLOOH

Dawuh Alloh :
,l` _%! `s -., || `, '#l ,
`> .> ! ,s | ,s ,, l >
Tuh itu anu ngarajak teh, marandang maranehna ka
pangeran maranehna wasilah (jalan/pelantara) mana
maranehna anu leuwih deuheus. Jeung miharep maranehna
kana rohmat Mantena tur marikarempan kana siksa Mantena.
Saenyana siksa pangeran anjeun teh nyata eta anu (kudu)
dipikahariwang. (QS. Al-Isroo: 57).
| ! `,| , . _.| ", ! ,-. | %!
L | _,
Jeung nalika nyanggem Ibrohim ka ramana jeung
kaomna: Saestuna simkuring teh anu lulubaran tina anu
ibadah aranjeun. Kajaba ka anu geus nyiptakeun ka simkuring,
nya saestuna Mantena bakal masihan pituduh ka simkuring
(kana jalan hak). (QS. Az- Zukhruf: 26-27).
Kitab Tauhid
32
!,> ,' !,!, _ < _.l
, ! ` | ,-l !l| > l| |
>, !s :
Geus ngajadikeun maranehna ka jalma ngarti maranehna
jeung pendeta-pendeta maranehna pangeran-pangeran ti
salian Alloh; jeung ka Al-Masih Isa bin Maryam. Tur teu
diparentah maranehna teh kajaba supaya barakti ka
panembahan anu sahiji. Teuaya panembahan sajaba Mantena.
Maha sanget Mantena tina anu mararengkeun maranehna.
(QS. At-Taubah: 31).
_!l _ . _ < ,> > <
_l ` : !',`> <
Jeung ti sabagian jalma-jalma teh (aya) anu ngajadikeun
ti salian Alloh saengan-saengan. Mikacinta maranehna ka eta
saperti mikacinta (ka) Alloh. Jeung ari anu geus ariman mah
leuwih kacida cintana ka Alloh. (QS. Al-Baqoroh: 165).
Diriwayatkeun dina Shohih Muslim, Rosululloh dadawuh:
))
((
Saha nu ngucapkeun jeung ingkar kana nu
diibadahan ti salian Alloh, haram hartana jeung getihna. Jeung
ari hisaban manehna teh tanggungan Alloh .
Kitab Tauhid
33
Katerangan ngeunaan ieu bab baris dijelaskeun dina bab-
bab sabadana.
Anapon eusi ieu bab patalian jeung masalah gede jeung
pundamental/mendasar, nyatana pembahasan ngeunaan
mana tauhid jeung syahadat.
Ieu masalah geus diterangkeun dina ieu bab kalayan
sababaraha hal anu cukup jelas, diantarana:
1. Ayat dina surat Al-Isroo. Diterangkeun dina ieu ayat
sanggahan ka jalma-jalma musyrik anu marenta ka
jalmi-jalmi sholeh. Nya ku sabab eta, ieu ayat
ngandung hiji penjelasan yen perbuatan maranehna
teh kagolong kana syirik gede
(18)
.
2. Ayat dina surat At-Taubah. Diterangkeun dina eta ayat
yen kaom ahli kitab geus ngajaradikeun jalma berelmu
jeung pandita maranehna sabagi tuhan-tuhan salian
Alloh, jeung dijelaskeun oge yen maranehna ngan
diparentah pikeun ibadah ka hiji panembahan, jeung
numutkeun penafsiran nu sabenerna maranehna teh
ngan diparentah pikeun thoat ka eta (pendeta) dina
hal-hal anu teu mashiyat ka Alloh, sarta teu ngadoa ka
eta.
3. Kasauran Nabi Ibrohim ka jalma-jalma kafir:
Saestuna kaula lulubaran tina anu nyembah aranjeun,
kajaba (kaula ngan nyembah) Dzat anu nyiptakeun ka
kaula .
Di dieu mantena ngajabakeun Alloh tina sagala
sesembahan.

(18) Bisa ditarik kasimpulan tina ayat dina surat Al-Isroo ieu yen mana
tauhid jeung syahadat Laa Ilaaha IllAlloh teh nyaeta ninggalkeun
naon bae nu dilakukeun ku jalma-jalma musyrik saperti nyambat
ka jalma-jalma soleh jeung menta syafaat ka aranjeunna.
Kitab Tauhid
34
Pembebasan (tina sagala sembahan anu batil) jeung
pernyataan satia (ka sembahan anu haq, nyaeta:
Alloh) eta teh harti nu sabenerna tina syahadat Laa
Ilaaha IllAlloh.
Alloh dadawuh:
!l-> l !, .,1s l-l `->
Jeung geus ngajadikeun Mantena kana eta teh
ucapan anu langgeng di tukangeunnana supaya
maranehna baralik. (QS. Az-Zukhruf: 28).
4. Ayat dina surat Al-Baqoroh nu patalian jeung jalma-
jalma kafir, anu diuningakeun ku Alloh dina dawuh-Na:
! _,>, _ !l
Tur henteu maranehna teh kana nu pikalaluareun
tina naraka. (QS. Al-Baqoroh: 167).
Disebutkeun dina eta ayat yen maranehna nyembah
saengan-saengan ti salian Alloh nyaeta ku jalan
mikacinta kana eta sakumaha maranehna marikacinta
ka Alloh, ieu nunjukkeun yen maranehna ngabogaan
kacintaan anu gede ka Alloh, sok sanajan kitu,
kacintaan maranehna ieu can bisa ngasupkeun
maranehna kana agama Islam
(19)
.
Terus kumaha halna jalma anu kacintaannana ka
sesembahan salian Alloh leuwih gede tibatan
kacintaannana ka Alloh?

(19) Tina ayat dina surat Al-Baqoroh eta bisa ditarik kasimpulan yen
penjelasan mana tauhid jeung syahadat Laa Ilaaha Illa Alloh teh
nyaeta pemurnian tauhid ka Alloh nu dibarengan kalawan rasa
rendah diri jeung penghambaan mung ka Alloh Nyalira.
Kitab Tauhid
35
Terus kumaha deui jalma-jalma anu ngan ukur cinta
ka sembahan salian Alloh tur teu mikacinta ka Alloh?
5. Dawuh Rosululloh :
))
((
Saha anu ngucapkeun jeung nolak ka
sembahan-sembahan ti salian Alloh, haram hartana
jeung getihna. Jeung hisaban manehna teh ka Alloh.
Ieu kagolong kana hal anu penting pisan nu
ngajelaskeun pengertian . Sabab naon anu
dijadikeun ku Rosululloh SAW sabagi pelindung darah
jeung harta banda lain ngan sakadar ngucapkeun eta
kalimah ngaliwatan lisan wungkul atawa faham kana
harti jeung pokpokannana, atawa nyaho kana benerna
eta, malah lain oge lantaran teu menta kajaba ka Alloh
wungkul anu teuaya sakutu ka Mantena, tur tapi kudu
dibarengan jeung teuayana pengabdian kajaba ka
Mantena.
Lamun manehna masih ragu atawa bimbang, maka
can haram jeung can terlindung harta jeung darahna.
Kacida gede jeung pentingna penjelasan mana
nu kaunggel dina ieu hadits, jeung kacida
jelas pisan katerangan anu ditegeskeunnana jeung
kacida kuatna argumentasi/alesan anu diajukeun
pikeun jalma-jalma anu nentang kana eta.


Kitab Tauhid
36
BAB 7
MAKE GEULANG JEUNG SABANGSANA PIKEUN
NOLAK BALAI/BAHAYA MANGRUPAKEUN
PERBUATAN SYIRIK
(20)
.

Dawuh Alloh :
. ! `s. _ < | < ., _
: .. >, >.` ..-
_,`.> < ls `. l.l
Caritakeun (hey Muhammad ka jalma-jalma anu
malusyrik): Naha nya ningali aranjeun (kumaha pamadegan
aranjeun) ka anu nyambat-nyambat aranjeun ti salian Alloh
lamun ngersakeun ka kaula Alloh kana kamadaratan, naha eta
kabeh teh anu pimarukakeuneun kana kamadaratan Mantena,
atawa (lamun) ngersakeun Mantena ka kaula kana rohmat,
naha eta kabeh teh anu pingahalanganneun kana rohmat
Mantena?. Caritakeun: Nyukupkeun ka kaula teh Alloh. Ka
Mantena kudu tawekal anu tarawekal. (QS. Az-Zumar: 38).

(20) Dimimitian ku ieu bab, penulis bade nerangkeun leuwih jelas
ngeunaan pengertian tauhid jeung syahadat Laa Ilaaha IllAlloh
kalayan nyebatkeun hal-hal anu bertentangan jeung eta, nyaeta
musyrik jeung sagala bentukna, boh syirik akbar atawa syirik
ashghor, lantaran ku jalan mengenal kana musyrik sabagi lawan
tauhid bakal jelas pisan pengertian nu sabenerna tina tauhid jeung
syahadat Laa Ilaaha Illalloh.
Kitab Tauhid
37
Imron bin Husain nguningakeun yen Rosululloh ningali
hiji lalaki make geulang nu dijieun tina kuningan, teras
mantena tumaros:
)) . .
((
Naon ieu teh?. Ngajawab: Tiantara alwahinah (geulang
tolak balai). Nya Dadawuh mantena: Kudu ngalaan anjeun
kana eta, nya saestuna eta moal nambahan ka anjeun kajaba
kahinaan, nya saenyana anjeun lamun maot anjeun bari eta
teh di anjeun, moal bagja anjeun salalamana oge. (HR.
Ahmad kalayan sanad anu bisa ditarima)
Diriwayatkeun ku Imam Ahmad deuih ti Uqbah bin Amir,
dina hadits marfu, Rosululloh dadawuh:
))
(( . )) ((
Singsaha anu ngagantungkeun/make tamimah
(21)
nya
moal mere kasampurnaan Alloh ka manehna, jeung saha anu
ngagantelkeun kana Wadaah
(22)
nya moal mere katenangan
Alloh ka manehna jeung dina hiji riwayat: Saha anu
ngagantungkeun kana tamimah, nya estu geus musyrik
manehna.

(21) Tamimah: hiji perkara anu dikangkalungkeun dina beuheung budak
sabagi panolak bahaya/balai atawa pangusir kasakit, pengaruh
jahat nu disababkeun ku rasa dengki batur, jeung sabangsana.
(22) Wadaah: hiji perkara anu dicokot ti laut, nyarupaan cangkang
kerang; numutkeun anggapan jalma-jalma jahiliyah bisa
digunakeun sabagi panolak bahaya, penghadang kasakit. Kagolong
dina nu saharti jeung ieu teh sagala rupa jimat.
Kitab Tauhid
38
Ibnu Abi Hatim ngariwayatkeun ti Hudzaifah wireh
anjeuna ningali hiji lalaki anu dina leungeunna aya
benang/bola pikeun ngubaran sakit panas, teras anjeuna
megatkeun kana eta benang bari ngaoskeun dawuhan Alloh:
! _` `. <!, | :
Jeung teu iman kalolobaan maranehna ka Alloh kajaba
bari maranehna teh anu malusyrik". (QS. Yusuf: 106).
Kandungan ieu bab:
1. Larangan keras make geulang, benang jeung
sabangsana pikeun tujuan-tujuan saperti anu
diterangkeun diluhur.
2. Disebutkeun yen sahabat Nabi tadi lamun maot
sedengkeun geulang (atawa sajenisna) eta masih aya
dina badanna, maka manehna moal pernah untung
pikeun salalamana, ieu ngisyarahkeun benerna
kasauran para sahabat nabi SAW yen musyrik leutik teh
leuwih beurat tibatan dosa gede.
3. Syirik moal dihampura ku alesan teu nyaho.
4. Geulang, benang jeung sajenisna teu guna pikeun
nolak atawa ngusir panyakit, malahan eta teh bisa
ngadatangkeun bahaya, sakumaha anu diuningakeun
ku dawuh nabi Muhammad : lantaran eta teh
ngan ukur nambahan kalemahan dina diri anjeun.
5. Wajib ingkar ka jalma-jalma anu ngalakukeun eta
perbuatan nu disebut diluhur.
6. Penjelasan yen jalma-jalma anu ngagarantungkeun hiji
perkara kalayan tujuan diluhur, maka Alloh bakal
ngajadikeun eta jalma ngabogaan katergantungan kana
eta benda.
Kitab Tauhid
39
7. Penjelasan yen jalma anu ngagantungkeun tamimah
teh sarua jeung geus ngalakukeun kamusyrikan.
8. Nyangreudkeun benang dina badan pikeun ngubaran
panyakit panas eta mangrupakeun bagian tina
kamusyrikan.
9. Pembacaan ayat diluhur ku Hudzaifah nuduhkeun yen
para sahabat nabi ngagunakeun ayat-ayat nu patalian
jeung musyrik akbar sabagi dalil pikeun syirik leutik
sakumaha anu diuningakeun ku Ibnu Abbas dina
salahsawios ayat dina surat Al-Baqoroh
(23)
.
10. Ngagantungkeun Wadaah pikeun ngusir atawa nolak
panyakit, eta oge kagolong kamusyrikan.
11. Jalma nu ngagantungkeun tamimah didoakan: muga
Alloh teu ngaijabah kana kahayangna jeung jalma anu
ngagantungkeun wadaah oge didoakeun: muga Alloh
teu masihan katenangan kana dirina.











(23) Penjelasan Ibnu Abbas ieu baris dibahas dina bab 42.
Kitab Tauhid
40
BAB 8
RUQYAH JEUNG TAMIMAH

Diriwayatkeun dina shohih Bukhori jeung Muslim wireh Abu
Basyir Al-Anshori pernah nyarengan Rosululloh dina hiji
perjalanan, teras mantena ngutus hiji utusan pikeun
ngadugikeun amanat:
)) ((
Yen ulah nyesa pisan dina beuheung onta hiji kangkalung
tina tali panah atawa kalung naon bae kajaba kudu
diteukteuk/dipegatkeun eta".
Ibnu Masud nguningakeun: simkuring tos nguping
Rosululloh dadawuh:
)) ((
Saestuna ari Ruqyah jeung Tamimah jeung Tiwalah teh
syirik.(HR. Ahmad sareng Abu Dawud).
TAMIMAH nyaeta hiji perkara anu dikalungkeun dina
beuheung budak pikeun tujuan ngahadang/ nolak panyakit
ain. Lamun anu dikangkalungkeun teh asalna tina ayat-ayat
Quran, sapalih ulama salaf masihan karinganan dina eta hal;
sabagiannana deui teu ngameunangkeun malahan ngalarang,
diantarana Ibnu Masud
(24)
.

(24) Tamimah tina ayat Al Quran jeung Al-Hadits leuwih alus
ditinggalkeun lantaran teuaya dasarna tina syara; malahan hadits
nu ngalarang tina eta bersifat umum, teu sarua jeung masalah
ruqyah, aya hadits sejen anu ngameunangkeunnana.
Disagedengeun eta lamun diantep atawa dimeunangkeun maka
bakal mukakeun peluang pikeun ngagunakeun tamimah nu haram.
Kitab Tauhid
41
RUQYAH
(25)
nyaeta: anu disebut oge ku istilah Ajimat. Ieu
dimeunangkeun lamun penggunaannana beresih tina hal-hal
musyrik, margi Rosululloh tos masihan karinganan dina hal
ieu ruqyah asal tujuannana pikeun ngubaran lara ain atawa
seureudan kalajengking.
TIWALAH nyaeta hiji perkara nu diciptakeun kalayan
kapercayaan yen eta hal teh bisa ngajadikeun hiji pamajikan
cinta ka salakina jeung hiji salaki cinta ka pamajikannana.
Dina hadits marfu ti Abdullah bin Ukaim, Rosululloh
ngadawuhkeun:
)) ((
Singsaha anu ngagantungkeun kana hiji perkara,
dijadikeun gumantung manehna kana eta.(HR. Ahmad sareng
At-Tirmidzi).
Imam Ahmad ngariwayatkeun tii Ruwaifi Rosululloh
pernah dadawuh ka anjeunna:
))
_
((
Hey Ruwaifi, muga-muga hirup panjang di anjeun/ muga-
muga anjeun panjang umur). Nya bejakeun ka jalma-jalma
saestuna anu nyangreudkeun kana janggotna, atawa make
kalung tina tali panah, atawa susuci tina bubuang kalayan
ngagunakeun kokotor sato atawa tulang, nya saestuna
Muhammad lulubaran tina eta.

(25) Ruqyah: Ngubaran hiji panyakit ku bacaan ayat ayat suci Al Quran,
atawa doa-doa nabawi.
Kitab Tauhid
42
Waki ngariwayatkeun yen Said bin Zubair sasauran:
Saha anu motongkeun tamimah ti hiji jalma, maka eta
tindakan teh sarua jeung ngamerdekakeun hiji abid.
Sareng waki ngariwayatkeun oge yen Ibrohim (An-Nakhoi)
sasauran: aranjeunna (para sahabat) mibenci sagala jenis
tamimah, boh anu tina ayat-ayat Al-Quran atawa lain tina
ayat-ayat Al-Quran.

Kandungan ieu bab :
1. Pengertian ruqyah jeung tamimah.
2. Pengertian tiwalah.
3. Katilu hal diluhur, mangrupakeun bentuk kamusyrikan
kalayan tanpa kajaba.
4. Anapon ruqyah ku ngagunakeun ayat-ayat Al-Quran
atawa doa-doa anu tos diajarkeun ku Rosululloh
pikeun ngubaran panyakit ain, seureudan serangga
atawa sajenisna, nya eta hal mah teu kagolong
musyrik/syirik.
5. Lamun tamimah eta dijieun tina ayat-ayat Al-Quran,
dina eta hal para ulama beda pendapat, naha eta
kagolong ruqyah anu dimeunangkeun atawa henteu?.
6. Ngangkalungkeun tali busur panah dina beuheung sato
pikeun ngusir panyakit ain, eta oge kagolong
kamusyrikan.
7. Ancaman beurat pikeun jalma anu ngangkalungkeun
tali panah kalayan maksud sakumaha anu disebutkeun
diluhur.
8. Agungna ganjaran pikeun jalma anu megatkeun
tamimah/ngalaan susuk atawa jimat tina awak hiji
jalma.
Kitab Tauhid
43
9. Kasauran Ibrohim An-Nakhoi anu kasebut diluhur, teu
bertentangan jeung bedana pendapat nu geus
disebutkeun sabab nu dimaksud ku Ibrohim didieu
nyaeta sahabat-sahabat Abdullah bin Masud
(26)
.



















(26) Sahabat Abdullah bin Masud diantarana: Al-Qamah, Al-Aswad,
Abu Wail, Al-Harits bin Suwaid, Ubaidah As-Salmani, Masruq, Ar-
Robi bin Khaitsam, Suwaid bin Ghoflah. Aranjeuna teh tokoh
generasi Tabiin.
Kitab Tauhid
44
BAB 9
NGAHAREPKAN BAROKAH (TABARRUK) KANA
TATANGKALAN, BATU ATAWA SABANGSANA

Dawuh Alloh :
`. ll `-l _ .l!.l > `>l `%!
`&! _. ,l. | `. ,. | | "!.
!.. . /!, ! < !, _ _Ll | `-,. |
_Ll ! . _ 1l l> _ `,
Naha nya ningali aranjeun (kumaha pamadegan aranjeun)
ka Latta jeung Uzza. Jeung Manat anu katiluna
(27
nu sejenna.
Naha pikeun aranjeun lalaki jeung pikeun Mantena awewe?.
Tuh itu teh atuh pembagian anu teu adil. Tayalian eta teh
kajaba ngaran-ngaran geus ngangaranan aranjeun kana eta,
aranjeun jeung bapa-bapa aranjeun. Teu nurunkeun Alloh dina
eta tina katerangan. Tayalian turut maranehna teh kajaba
kana sangkaan jeung anu geus loyog hawa nafsu. Jeung demi
estu geus datang ka maranehna ti pangeran maranehna
pituduh. (QS. An-Najm: 19-23).
Abu Waqid Al-Laitsi nguningakeun: Dina hiji waktu nalika
kuring sadaya kaluar sarengan Rosululloh SAW nuju ka Hunain
sedengkeun kuring sadaya dina kaayaan anyar lesot tina
kakufuran (anyar asup Islam), dina eta saat jalma-jalma anu

(27) Al-Lata, Al-Uzza jeung Manat teh nyaeta ngaran-ngaran berhala-
berhala anu dipuja ku masyarakat Arab Jahiliyah tur dianggap
sabagi puteri-puteri Alloh.
Kitab Tauhid
45
malusyrik ngabogaan sagundukan tangkal sidir nu disebut
Dzatu Anwath, maranehna sering ngadatangan eta tangkal
jeung ngagantungkeun senjata-senjata perang dina eta
tangkal. Nalika kuring sadaya ngaliwatan eta tangkal,
nyanggem kuring sadaya: Nun Rosululloh, jantenkeun kanggo
abdi sadaya oge Dzatu Anwath sakumaha anu geus miboga
maranehna. Nya dadawuh Rosululloh :

))
-> !l !l| ! `l l ! >|
l> ((
Allohu Akbar, saenyana eta teh tradisi (jalma-jalma
samemeh aranjeun) demi Alloh anu jiwa kaula dina panangan
Mantena-sakumaha anu geus ngucapkeun Bani Isro-il ka
Musa: Kudu ngajadikeun anjeun pikeun kuring sarerea hiji
panembahan sakumaha anu boga maranehna panembahan!.
Nyanggem (Musa): Saestuna aranjeun teh kaom anu barodo.
Tangtu nuturkeun pisan aranjeun kana tradisi-tradisi anu geus
aya samemeh aranjeun.(HR. Tirmidzi, sareng nganggap
shohih anjeuna kana eta).

Kandungan dina ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat anu aya dina surat An-Najm
(28)
.

(28) Dina ieu ayat, Alloh nyangkal tindakan kaum musyrikin anu teu
rasional, lantaran maranehna nyarembah katilu berhala nu teu bisa
mere manfaat atawa nolak madarat. Sareng Alloh parantos nyacad
Kitab Tauhid
46
2. Nganyahokeun bentuk pamenta maranehna
(29)
.
3. Maranehna can ngalakukeun naon anu dipenta ku
maranehna.
4. Maranehna ngalakukeun eta kabeh teh pikeun
ngadeukeutkeun diri maranehna ka Alloh sabab
maranehna baroga anggapan yen Alloh mikacinta eta
perbuatan. Lamun maranehna teu ngalarti kana ieu hal,
maka komo deui saluar maranehna.
5. Maranehna ngabogaan kahadean-kahadean jeung
jaminan pangampura anu teu dipimilik ku jalma-jalma
salian maranehna.
6. Nabi Muhammad teu nampi alesan maranehna,
malah nentang kalayan dawuhna: Allohu Akbar,
saestuna eta teh tradisi jalma-jalma samemeh aranjeun
jeung aranjeun bakal nuturkeun ka maranehna.
Mantena bersikep keras kana pamenta maranehna
kalayan tilu kalimah ieu.
7. Hiji hal anu kacida penting nyaeta pangumuman ti
Rosululloh yen pamenta maranehna eta persis jeung
pamenta Bani Isro-il ka nabi Musa : jadikeun keur
kuring sarerea hiji panembahan sacara yen boga
maranehna oge panembahan

tindakan kadoliman maranehna nyaeta milih lalaki pikeun diri
maranehna jeung nganisbatkeun awewe kanggo Mantena sabagi
ucapan hade keur maranehna. Tindakan maranehna eta sakabehna
oge ngan ukur dumasar sangkaan-sangkaan jeung hawa nafsu,
samasakali teu dumasar kana tuntunan para Rosul anu ngajak
ummat manusa pikeun ibadah ka Alloh samata-mata tur teu ibadah
ka salian Mantena.
(29) Nyaeta: maranehna marenta dipangnyieunkeun tangkal Dzatu
Anwath sakumaha anu dipimilik ku kaom musyrikin, pikeun
tabarruk/ngaharep barokahna.
Kitab Tauhid
47
8. Pengingkaran terhadep ieu hal nyaeta kaasup tiantara
pengertian nu sabenerna, anu acan
kafaham ku aranjeunna anu anyar asup Islam.
9. Rosululloh ngagunakeun sumpah dina ngadugikeun
tuntunannana, sareng mantena tara midamel sumpah
kajaba kanggo kamaslahatan.
10. Syirik teh aya nu gede aya nu leutik, buktina
maranehna teu dipandang murtad ku ayana eta
pamenta.
11. Ucapan maranehna: sedengkeun kuring sadaya
anyar lesot tina kakufuran (anyar asup Islam).
Ngisyaratkeun yen para sahabat nu sanesna
ngartoseun yen perbuatannana teh kagolong
kamusyrikan.
12. Dimeunangkeun takbir nalika ngarasa heran atawa
ngadenge hiji hal anu teu layak diucapkeun dina
agama, nyulayaan kana pamadegan nu nganggap kana
eta makruh.
13. Diparentahkeun nutupan panto anu ngajurus kana
kamusyrikan.
14. Dilarang niru jeung ngalakukeun hiji perbuatan anu
nyarupaan kana perbuatan ahli jahiliyah.
15. Meunang ambek nalika ngadugikeun pelajaran.
16. Kaidah umum, yen diantara umat ieu aya anu
nuturkeun kana tradisi-tradisi umat samemehna. Hal
ieu dumasar kana penjelasan ti nabi SAW: Eta teh
tradisi jalma-jalma anu ti samemeh aranjeun .jst.
17. Ieu teh mangrupakeun tina salahsahiji tanda kanabian
nabi Muhammad SAW lantaran kajadiannana persis
sakumaha jeung anu diuningakeun ku mantena SAW.
Kitab Tauhid
48
18. Panyacad Alloh anu ditujukeun ka bangsa Yahudi jeung
Nashroni anu aya dina Al-Quran berlaku oge keur
urang (ummat Islam).
19. Geus ngajadi katangtuan umum di lingkungan para
sahabat yen ibadah teh kudu dumasar parentah Alloh
(lain nuturkeun hawa nafsu, kahayang atawa fikiran
sorangan). Ku ieu hal, hadits diluhur teh ngandung hiji
isyarat ngeunaan hal-hal anu bakal ditanyakeun ka
manusa di alam kubur. Anapon Saha ari pangeran
anjeun? geus jelas; Sedengkeun Saha ari nabi
aranjeun? Dumasar katerangan masalah-masalah ghoib
anu diuningakeun ku mantena bakal terjadina eta;
jeung ari Naon agama anjeun? Dumasar kana ucapan
maranehna Jadikeun pikeun kuring sarerea hiji
panembahan sakumaha anu boga maranehna
panembahan..jst.
20. Tradisi kaom ahli kitab teh tercela saperti tradisina
kaom musyrikin.
21. Jalma nu kakara pindah tina tradisi-tradisi batil nu geus
jadi kabisaaan dina dirina, teu bisa dipastikeun sacara
mutlak yen dirina terbebas tina sesa-sesa eta tradisi,
sabagi buktina maranehna ngarucapkeun: Kuring
sarerea anyar asup Islam jeung maranehna oge can
lesot tina tradisi-tradisi kafir, lantaran kanyataannana
maranehna marenta dipangnyieunkeun Dzatu Anwath
sakumaha anu dipimilik ku kaom musyrikin.


Kitab Tauhid
49
BAB 10
MEUNCIT SATO LAIN KARANA ALLOH

Dawuh Alloh :
| .. >. !> .! < , _,-l
,. l ,l, , ! ` _,`.RQ
Caritakeun: Saestuna sholat abdi sareng qurban abdi
sareng hirup abdi sareng maot abdi kagungan Alloh pangereh
antero alam. Teuaya nu nyarengan ka Mantena sareng kana
kitu teh diparentah abdi, sareng abdi teh pangheulana anu
salumerah diri (ka Alloh). (QS. Al-Anaam: 162-163).
. ,,l >
Nya prak sholat anjeun karana pangeran anjeun jeung
prak kurban anjeun. (QS. Al-Kautsar: 2).
Ali bin Abu Tholib sasauran: Rosululloh ngadawuh ka
simkuring ngeunaan opat perkara:
))
((
Geus ngalanat Alloh ka anu meuncit pikeun lian Alloh,
geus ngalanat Alloh ka anu nyarekan ka indung bapana, Geus
ngalanat Alloh ka anu ngalindungan ka anu jahat/ahli bidah,
geus ngalanat Alloh ka anu ngarobah-robah kana wates
tanah. (HR. Muslim).
Kitab Tauhid
50
Thoriq bin Syihab nguningakeun yen Rosululloh
ngadawuhkeun:
, .
. _
. .
.
. .
((
Geus asup ka surga hiji lalaki dina hal laleur. Jeung geus
asup kana naraka hiji lalaki dina hal laleur. Nyaranggem:
Sareng kumaha itu teh nun Rosululloh?. Dadawuh: Geus
ngaliwat dua lalaki ka hiji kaom, boga maranehna teh patung
moal ngaliwatan kana eta salahsaurang sahingga ngurbankeun
manehna pikeun eta kana hiji perkara. Nya ngaromong ka
salahsaurang maranehna: Prak kurban anjeun. Nyarita
manehna: Teuaya di kuring hiji perkara buat kurban kuring.
Nyarita maranehna ka manehna: Prak kurban anjeun bari
sanajan (ku) laleur!. Nya kurban manehna ku laleur terus
ngabebaskeun maranehna kana perjalanannana nya asup
manehna kana naraka. Jeung ngaromong maranehna ka anu
sejenna: Prak kurban anjeun!. Nya nyarita; Teu bukti kuring
pikeun kurban kuring pikeun salahsaurang sajaba Alloh Azza
Wa Jalla; nya nareunggeulan maranehna kana beuheungna
terus asup manehna ka surga. (HR. Ahmad).

Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan mana ayat:
Kitab Tauhid
51
| .. >. ...
2. Penjelasan ngeunaan mana ayat:
. ,,l >
3. Jalma nu pangheulana dilanat ku Alloh numutkeun
hadits diluhur nyaeta jalma anu meuncit karana salian
Alloh.
4. Dilanat jalma anu nganyerikeun indung bapana, eta hal
bisa kajadian lamun manehna nyarekan ka indung bapa
batur terus eta jalma nu dicarekan indung bapana tea
males nyarekan ka indung bapa manehna.
5. Dilanat jalma anu ngalindungan ka jalma jahat atawa
ahli bidah-nyaeta jalma anu mere pembelaan ka jalma
anu ngalakukeun kajahatan anu wajib diterapkeun ka
manehna hukum Alloh Taala.
6. Dilanat oge jalma anu sok ngarobah-robah wates
tanah, nyaeta ngarobah tanda anu ngabedakeun antara
hak milik hiji jalma jeung hak milik tatanggana boh ku
cara digeser maju atawa mundur.
7. Aya perbedaan antara ngalanat jalma tertentu jeung
ngalanat jalma-jalma ahli mashiyat sacara umum.
8. Ayana kisah gede dina ieu hadits, nyaeta kisah hiji
laleur.
9. Asupna eta jalma ka naraka dilantarankeun ku
ngurbankeun hiji laleur anu mungkin wae manehna teu
ngahaja ngalakukeun eta hal, sabab manehna
ngalakukeun eta teh pikeun ngaleupaskeun diri tina
perlakuan jahat para pemuja berhala.
Kitab Tauhid
52
10. Nganyahokeun gedena bahaya kamusyrikan dina
pandangan kaom muminin, kumaha katabahan hatena
dina nyanghareupan eksekusi mati jeung
panolakannana pikeun minuhan pamenta musyrikin,
padahal maranehna teu marenta kajaba amalan
lahiriyah wungkul.
11. Jalma nu asup naraka dina ieu hadits teh nyaeta jalma
islam, lantaran lamun jalma kafir mah maka Rosululloh
moal ngadawuhkeun: asup naraka dina hal laleur
...
12. Hadits ieu mangrupakeun hiji bukti pikeun hadits
shohih anu nganyatakeun:
))
((
Ari surga teh leuwih deukeut ka salahsaurang
aranjeun tibatan rakitan sendalna; jeung ari naraka oge
saperti kitu.
13. Nganyahokeun yen amalan hate teh tolok ukur nu
kacida pentingna sanajan pikeun para pemuja berhala
pisan.







Kitab Tauhid
53
BAB 11
MEUNCIT SATO KARANA ALLOH DILARANG
DILAKUKEUN DI TEMPAT MEUNCIT ANU LAIN
KARANA ALLOH

Dawuh Alloh :
_%! >`. . !1. _,,
_,l !.| _l Ul> < `&! _ `, _l`> l |
! | _.`.>l < : | ,>l `1.
, >`.l _ ls 1.l _ _> 1.
l> ,> `L. < > _Ll

Jeung (di antara jalma-jalma munafik teh) aya anu
ngajaradikeun masjid dliror (masjid pikeun nimbulkeun
kamadaratan ka kaom muminin), jeung pikeun kakufuran
jeung mecahkeun antara muminin jeung nunggu-nunggu
kadatangan pikeun anu merangan ka Alloh jeung Rosul-Na ti
samemehna, Jeung tangtu bakal sumpah pisan maranehna:
Teu ngamaksud kuring sadaya kajaba kana kahadean. Tur
Alloh nyaksi saestuna maranehna teh estu nu barohong. Ulah
ngadeg anjeun didinya salalamana. Estu ari masjid nu
dibangun diluhureun taqwa ti mimiti poe (masjid Quba) eta
leuwih hak yen ngadeg anjeun didinya. Didinya teh pirang-
pirang lalaki anu marikacinta yen beberesih. Sareng Alloh teh
Kitab Tauhid
54
mikacinta Mantena ka ahli-ahli beberesih diri. (QS. At-
Taubah: 107 108).
Tsabit bin Dhohhak sasauran:
)) . ))
. . ))
. )) .
((
Geus nadzar hiji lalaki yen meuncit onta di Buwanah
(30),
nya naroskeun manehna ka nabi SAW, nya dadawuh mantena:
Naha aya didinya hiji patung tiantara patung-patung jahiliyyah
anu disembah?. Nyaranggem: Teuaya. Dadawuh: Nya naha
kabuktian didinya hiji hari raya tiantara hari raya maranehna?.
Nyaranggem: Teuaya. Nya dadawuh Rosululloh : Prak
cumponan nadzar anjeun, nya saestuna eta teh teuaya
nyumponan kana nadzar dina mashiyat ka Alloh, jeung teuaya
dina nu teu ngawasa anak Adam (diluar kamampuhan). (HR.
Abu Dawud, jeung Isnadna eta nurutkeun persyaratan Imam
Bukhori sareng Muslim).
Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan dawuh Alloh anu geus
diterangkeun diluhur
(31)
.

(30) Buwanah: ngaran hiji tempat di Beulah kiduleun kota Makkah
sateuacan Yalamlam, atawa papasir deukeuteun daerah Yanbu.
(31) Ayat ieu nuduhkeun yen meuncit sato kalayan niyat karana Alloh
dilarang dilakukeun di tempat anu digunakeun ku kaom musyrikin
pikeun meuncit sato, sakimaha sholat kalayan niyat karana Alloh
dilarang dilakukeun di Masjid anu dibangun kalayan dasar
mashiyat ka Alloh.
Kitab Tauhid
55
2. Kamashiyatan teh bisa nimbulkeun dampak/akibat
goreng/negatif, sakumaha kathoatan ngalahirkeun
akibat hade/positif.
3. Masalah nu masih ngaragukeun hadena mah
dibalikkeun kana masalah nu geus jelas, supaya eta
karaguan jadi leungit.
4. Diwenangkeun pikeun hiji mufti pikeun ngajukeun
pertanyaan-pertanyaan sateuacan matwakeun
katerangan nu jelas.
5. Ngakhususkeun tempat pikeun nadzar teu dilarang
salama tempat eta bebas tina hal-hal anu dilarang.
6. Teu dimeunangkeun ngakhususkeun tempat, lamun di
eta tempat aya berhala-berhala anu pernah disembah
di zaman jahiliyah, sanajan sakabehna geus teuaya.
7. Teu dimeunangkeun ngakhususkeun tempat pikeun
bernadzar, lamun eta tempat pernah digunakeun
pikeun ngalaksanakeun perayaan jahiliyah, sanajan eta
hal geus teu dilakukeun deui.
8. Teu dimeunangkeun ngalakukeun nadzar di tempat-
tempat tadi lantaran nadzar saperti kitu kagolong kana
nadzar mashiyat.
9. Wajib ngajauhan perbuatan anu nyarupaan kana
perbuatan kaom musyrikin dina acara-acara/ritual
kaagamaan jeung upacara-upacara maranehna sanajan
maksudna teu sarua jeung nu dimaksud ku kaom
Musyrikin.
10. Teu meunang ngalaksanakeun nadzar pikeun
ngalakukeun kamashiyatan.
11. Teu meunang salahsaurang ngalaksanakeun nadzar
anu eta nadzar teh diluar hak milik/kamampuhannana.
Kitab Tauhid
56
BAB 12
NADZAR PIKEUN SALIAN ALLOH
MANGRUPAKEUN PERBUATAN SYIRIK

Dawuh Alloh :
` l!, ! ! l . ,L.`.`
Nyumponan maranehna kana panadzaran jeung
mikarempan maranehna kana hiji poe anu kabuktian
kagorengannana eta teh sumebar (rata di mana-mana). (QS.
Al-Insan: 7).
! .1 _ 1 . _ | < l-
Jeung naon bae anu geus nganafkahkeun aranjeun tina
hiji nafaqah atawa geus nadzar aranjeun tina hiji nadzar, nya
saestuna Alloh uninga kana eta. (QS. Al-Baqoroh: 270).
Diriwayatkeun dina shohih Bukhori ti Aisyah radhiyalloohu
anhaa wireh Rosululloh dadawuh:
))
((
Singsaha anu nadzar yen thoat ka Alloh, nya kudu thoat
manehna ka Mantena; Jeung saha nu nadzar yen mashiyat ka
Alloh, nya ulah mashiyat manehna ka Mantena (ku
mgalaksanakeun eta panadzaran).

Kandungan ieu bab:
1. Nyumponan nadzar teh wajib.
Kitab Tauhid
57
2. Lamun geus jadi katetepan yen nadzar teh ibadah ka
Alloh, maka nunjukkeunnana ka salian Alloh kagolong
musyrik/syirik.
3. Dilarang ngalaksanakeun nadzar dina mashiat.

Kitab Tauhid
58
BAB 13
MENTA PERLINDUNGAN KA SALIAN ALLOH
MANGRUPAKEUN SYIRIK/MUSYRIK

Dawuh Alloh :
l l> _ _ `- l>, _ _>' !1
Jeung saestuna eta teh geus kajadian lalaki-lalaki ti
bangsa manusa marenta perlindungan ka lalaki-lalaki ti bangsa
jin, nya nambahan eta ka maranehna kadorakaannana. (QS.
Al-Jinn: 6).
Khoulah binti Hakim nguningakeun: "Simkuring nguping
dawuhan Rosululloh :
)) . ))
((
Saha anu nempatan hiji patempatan terus ngadua:

(Nyalindung abdi kalayan kalimah-kalimah Alloh anu
sampurna tina kajahatan anu parantos nyiptakeun Mantena,
moal ngamadaratkeun ka manehna hiji perkara oge sampe
indit manehna tina tempatna itu. (HR. Muslim).




Kitab Tauhid
59
Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan maksud ayat anu aya dina surat
Al-Jinn
(32)
.
2. Menta perlindungan ka salian Alloh mangrupakeun
syirik/musyrik.
3. Hadits diluhur, sakumaha disimpulkeun ku para ulama,
mangrupakeun dalil yen kalam Alloh teh lain makhluk,
sabab menta perlindungan ka makhluk kagolong
syirik/musyrik.
4. Doa ieu kalintang utamana sanajan singket.
5. Hiji hal nu bisa ngadatangkeun kahadean dunya, boh
ku jalan nolak kajahatan atawa ngadatangkeun
kauntungan teu ngandung harti eta hal teh teu kaasup
syirik.









(32) Dina ayat ieu, Alloh nguningakeun yen diantara bangsa manusa
aya nu marenta perlindungan ka bangsa jinn kalayan tujuan
neangan kaamanan tina satiap anu dipikasieun, padahal bangsa jin
justeru geus nambahan dosa/kadorakaan jeung kasieun
maranehna sabab maranehna teu marenta perlindungan ka Alloh.
Ku ieu hal, ieu ayat teh nuduhkeun yen menta perlindungan ka
salian Alloh mangrupakeun bentuk kamusyrikan anu dilarang.
Kitab Tauhid
60
BAB 14
MENTA TULUNG JEUNG NGADOA KA SALIAN ALLOH
ETA TEH SYIRIK
Dawuh Alloh :
_. _ < ! ,`- . | l- ,|
| _ _,lLl
Jeung ulah nyambat anjeun ti salian Alloh ka anu teu
manfaat ka anjeun jeung teu ngamadaratkeun ka anjeun. Nya
lamun migawe anjeun (kana kitu), nya saestuna anjeun atuh
tibagian anu darolim (musyrik). (QS. Yunus: 106).
| ,`.. < ., :l `&! | | `
, .&#.l .` ., _ '!: _ .!,s
'-l `>l
Jeung lamun ngeunakeun ka anjeun Alloh kana
kamadaratan, nya teuaya nu pimukakeuneun kana eta kajaba
Mantena. Jeung lamun ngamaksad Mantena ka anjeun kana
kasaean, nya teuaya nu pingahalangeun kana kurnia Mantena.
Ngeunakeun Mantena kana eta ka anu ngersakeun Mantena ti
abdi-abdi-Na. Jeung Mantena teh Nu Maha Ngahampura Nu
Maha Asih. (QS. Yunus: 107).
| _%! ,-. _ < >l >l !
-.,! s < l ,s >: `&! l| `->.
Kitab Tauhid
61
Saestuna anu ibadah aranjeun ti salian Alloh teh teu
ngamilik maranehna pikeun aranjeun hiji rizki, nya prak
neangan aranjeun dihadepan Alloh rizqi jeung prak aribadah
ka Mantena jeung prak syukuran aranjeun ka Mantena. Ka
Mantena bakal dibalikkeun aranjeun. (QS. Al-Ankabuut: 17 ).
_ . _ `s _ < _ >.`. `&! ||
1l _s `l. ls | :`> '_!l l
s l :! ,-, _
Jeung saha anu leuwih sasar tibatan anu nyambat ti
salian Alloh ka anu teu ngajawab ka manehna nepi ka poe
qiyamah bari maranehna tina sambatan/doa maranehna anu
malalaweung. Jeung dimana dikumpulkeun jalma-jalma,
kabuktian eta kabeh keur maranehna jadi musuh-musuh.
Jeung bukti eta kabeh kana pengabdian maranehna teh anu
narolak. (QS. Al-Ahqoof: 5-6).
_ > L.l | l. :> .l l-> !l>
_ l _ < l ! `.
Atawa saha anu bakal nyubadanan ka anu dimadaratan
dimana nyambat manehna ka eta jeung bakal mukakeun kana
kagorengan jeung ngajadikeun ka aranjeun penerus-penerus
bumi?. Naha (aya) panembahan salian Alloh?. Saeutik pisan
anu nyarieun peringetan aranjeun. (QS. An-Naml: 62).
Imam At-Thobroni kalayan nyebatkeun sanadna
ngariwayatkeun yen Pernah aya di zaman Rosululloh hiji
jalma munafiq nu terus-terusan nganyerikeun jalma mumin,
nya salahsahiji diantara jalma mumin nyarita: Hayu urang
Kitab Tauhid
62
babarengan nyuhunkeun perlindungan ka Rosululloh supaya
dihindarkeun tina tindakan jahat jalma munafik ieu nya
ngawaler Rosululloh :
)) ((
Saestuna eta teh teu dipenta tulung ka kaula, jeung
tayalian dipenta tulung mah ngan ka Alloh.

Kandungan ieu bab:
1. Istighotsah (menta tulung) teh pengertiannana leuwih
husus tibatan ngadoa
(33)
.
2. Penjelasan ngeunaan ayat nu mimiti
(34)
.
3. Menta perlindungan ka salian Alloh mangrupakeun
syirik gede.
4. Jalma nu pang sholehna pisan lamun ngalakukeun ieu
perbuatan pikeun neangan simpati anu sejen, maka
manehna kagolong jalma-jalma anu darolim
(malusyrik).
5. Penjelasan ngeunaan ayat nu kadua
(35)
.

(33) Istighotsah nyaeta: menta pertulungan nalika dina kaayaan
kasulitan supaya dibebaskeun tina eta kasulitan.
(34) Ayat kahiji nuduhkeun yen dilarang menta ka salian Alloh, lantaran
salian Alloh mah moal bisa mere manfaat jeung moal bisa
ngadatangkeun madarat ka saurang oge.
(35) Ayat kadua nunjukkeun yen Alloh nyalira anu kagungan hak kana
sadaya pengabdian manusa saperti doa, istighotsah, jeung
sajabana. Lantaran ngan Alloh Nu Maha Kawasa. Upami Mantena
ngeunakeun hiji madarat ka hiji jalma, nya moal aya nu bisa
ngahalangannana salian Mantena. Jeung lamun ngersakeun
Kitab Tauhid
63
6. Menta perlindungan ka salian Alloh teu
ngadatangkeun manfaat dunyawi, disagedengeun hal
eta mangrupakeun kakufuran.
7. Penjelasan ngeunaan ayat nu katilu
(36)
.
8. Menta rizki teh ngan ka Alloh, sakumaha halna menta
surga.
9. Penjelasan ngeunaan ayat nu kaopat
(37)
.
10. Teuaya jalma nu leuwih linglung tibatan jalma anu
menta ka pangeran salian Alloh.
11. Sesembahan salian Alloh teu ngarasa jeung teu
nyaho lamun aya jalma anu menta ka eta.
12. Sesembahan salian Alloh bakal mibenci jeung ambek
ka jalma anu menta ka eta dina poe kiyamah.
13. Permohonan ieu dianggap ibadah ka sesembahan
salian Alloh.
14. Dina poe qiyamah sesembahan nu disembah ti salian
Alloh teh bakal ingkar kana ibadah nu ditujukeun ka
maranehna.
15. Permohonan ka salian Alloh ieu nu nyababkeun hiji
jalma aya dina kasasaran nu paling sasar.

kahadean ka hiji jalma, maka teuaya nu bisa ngahalangan kana
pangersa Mantena.
(36) Ayat katilu nuduhkeun yen ngan Alloh nyalira anu ngagaduhan hak
pikeun diibadahan jeung disyukuran ku urang, jeung ngan ka
Mantena sakuduna urang menta rizki lantaran salian Alloh teuaya
nu bisa mere rizki.
(37) Ayat kaopat nuduhkeun yen doa (permohonan) teh bagian tina
ibadah. Lantaran eta, singsaha anu nyelewengkeun doa ka salian
Alloh, maka manehna teh musyrik.
Kitab Tauhid
64
16. Penjelasan ngeunaan aya nu kalima
(38)
.
17. Hiji hal anu kacida ngaherankeun nyaeta ayana
pangakuan ti para penyembah berhala yen teuaya nu
bisa ngaijabah kana doa jalma nu aya dina kasulitan
kajaba Alloh, karana eta, nalika maranehna aya dina
kaayaan sulit jeung kasesekan, maranehna marenta
ka Mantena kalayan ikhlas jeung ngawungkulkeun
kathoatan ka Mantena.
18. Hadits diluhur nerangkeun tindakan anu tepat nu
dilakukeun ku Rosululloh pikeun ngajaga tauhid,
jeung etika sopan santun mantena ka Alloh.














(38) Ayat kalima nuduhkeun yen istighotsah ka salian Alloh- lantaran
teuaya nu kawasa sajaba Mantena- eta mangrupakeun kabathilan
jeung kamusyrikan.
Kitab Tauhid
65
BAB 15
TEUAYA SAURANG OGE ANU BOGA HAK PIKEUN
DISEMBAH TI SALIAN ALLOH

Dawuh Alloh :
: ! _l !: 1l _ `-L.`.
`. . `.
Naha ngareujeungkeun maranehna (ka Alloh) ka anu teu
nyiptakeun naon-naon tur maranehna teh anu dicariptakeun?.
Jeung teu kadarugaeun maranehna ka maranehna nulungan
jeung henteu kana diri-dirina barisa nulungan. (QS. Al Araf:
191-192).
_%! `s. _ . ! >l _ ,L |
``s. `-`. /!s l `-. ! ,!> .` >l
1l `> >:, ,`,` `. ,, >
Jeung ari anu nyarambat ti salian Mantena, teu ngamilik
maranehna tina sacewireun oge. Lamun nyambat aranjeun ka
eta, teu ngadarenge eta kana sambatan aranjeun. Jeung
lamun ngadarenge, moal nyubadanan maranehna ka aranjeun.
Jeung dina poe qiyamah bakal nolak eta kana
ngareujeungkeunnana aranjeun jeung moal ngabejakeun
(mere katerangan) eta ka aranjeun kana saperti (katerangan)
nu Maha Waspada. (QS. Fathir: 13-14).
Kitab Tauhid
66
Diriwayatkeun dina shohih (Bukhori Muslim) ti Anas bin
Malik , saurna:
)) . ))
(( _l ,l _ '`_:
Parantos ditatuan nabi poean perang Uhud jeung
dipunglakkeun waos gigirna, nya dadawuh: Kumaha rek
bagja hiji kaom geus natuan maranehna ka nabi maranehna?.
Nya dilungsurkeun (ayat): Teuaya pikeun anjeun tina urusan
teh hiji perkara. (QS. Ali-Imron: 128).
Jeung diriwayatkeun dina shoheh Bukhori ti Ibnu Umar
wireh anjeuna Rosululloh dadawuh nalika mantena ngadeg
tina ruku dina rokaat akhir dina sholat shubuh:
)) (( . ))
(( _ l ,l _ '`_:
Nun Gusti Alloh, mugi ngalanat gusti ka si fulan jeung si
fulan, sabada yen ngadawuhkeun mantena:
(mugi ngadangu Alloh ka anu muji ka
Mantena, Nun pangeran abdi sadaya sareng kagungan gusti
pujian teh) teras lungsur dawuhan Alloh:
_l ,l _ '`_:
Teuaya pikeun anjeun tina urusan saperkara oge.
Dina riwayat sejen: Mantena SAW ngaduakeun muga
Shofwan bin Umayah, Suhail bin Amr, jeung Al-Harits bin
Hisyam dijauhkeun tina rohmat Alloh, nya lungsur ayat:
Kitab Tauhid
67
_l ,l _ '`_:
Teuaya pikeun anjeun tina urusan saperkara oge.
Diriwayatkeun oge dina Shohih Bukhori ti Abu Hurairoh
anjeuna sasauran: nalika lungsur ka Rosululloh dawuhan
Alloh :
,.,:s _,,
Jeung prak ngageuing anjeun ka kulawarga anjeun anu
dareukeut. (QS. Asy-Syuaaroo: 214).
Mantena SAW ngadeg lajeng ngadawuh: Hey urang-urang
Quraisy, kudu nyalametkeun aranjeun kana diri-diri aranjeun
tina naraka (ku jalan ngamurnikeun tauhid ka Mantena).
Saeutik oge kaula teu ngamilik pikeun aranjeun dihadepan
Alloh. Hey Abbas bin Abdul Muthollib, teu ngajamin abdi ti
salira tina siksa Alloh saperkara oge. Hey Shofiyyah bibi
Rosululloh, moal ngajamin abdi ti salira tina siksa Alloh
saperkara oge. Jeung hey Fathimah puteri Muhammad, prak
menta anjeun ka kaula tina barang kaula nu karep anjeun,
moal ngajamin kaula ti anjeun tina siksa Alloh saperkara oge.

Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan kadua ayat kasebut diluhur
(39)
.
2. Kisah perang uhud.

(39) Kadua ayat ieu nuduhkeun kabathilan syirik ti mimiti dasarna,
lantaran makhluk anu lemah ieu anu teu ngabogaan kamampuhan
naon-naon teu bisa dijadikeun sabagi sandaran sama sakali; jeung
nuduhkeun oge yen Alloh nyalira anu kagungan hak kana sadaya
bentuk pengabdian nu dilakukeun ku manusa.
Kitab Tauhid
68
3. Rosululloh, pemimpin para rasul, dina sholat shubuh
kantos maca qunut sedengkeun para sahabat
dipengkereunnana nga-aminkeun.
4. Jalma-jalma anu didoakeun ku mantena SAW muga
Alloh ngajauhkeun rohmat-Na ti maranehna eta teh
jalma-jalma anu kalafir.
5. Maranehna geus ngalakukeun perbuatan anu teu
dilakukeun ku jalma-jalma kafir sejenna, diantarana
ngajadikeun tatu dina salira Rosululloh SAW bagian
mastaka sarta ngayakeun tarekah pikeun nandasa nabi
SAW sakaligus nganyenyeri/nyacag badan jasmani para
sahabat Rosululloh SAW anu geus dibunuh ku
maranehna padahal eta teh kulawarga maranehna.
6. Patalian jeung eta kajadian,Alloh ngalungsurkeun
dawuh-Na ka mantena SAW:
_l ,l _ '`_:
7. Alloh dadawuh:
,. ,l. , -`
Atawa bakal nampi taubat Alloh ka maranehna.
(QS. Ali-Imron: 128).
Teras Alloh nampi taubat maranehna, ku asupna
maranehna kana agama Islam jeung jadi jalma-jalma
anu ariman.
8. Dianjurkeunnana ngalakukeun qunut nazilah, nyaeta:
qunut anu dilakukeun nalika umat Islam aya dina
kaayaan marabahaya.
9. Nyebutkeun ngaran-ngaran maranehna sarta ngaran-
ngaran kolot maranehna nalika ngadoakeun
Kitab Tauhid
69
kabinasaan keur maranehna dina sholat, teu dipandang
ngabatalkeun sholat.
10. Meunang ngalanat jalma kafir tertentu dina doa qunut.
11. Kisah Rosululloh nalika diturunkeun ka mantena
dawuhan Alloh: Jeung prak ngageuing anjeun ka
kulawarga anjeun anu dareukeut.
12. Kasungguhan Rosululloh dina hal ieu, sahingga
mantena ngalakukeun hiji hal anu nyababkeun salirana
dituduh gelo, nyakitu deui halna lamun dilakukeun ku
jalma mumin zaman ayeuna.
13. Rosululloh mepelingan ka kulawargina nu jauh teras
nu caket ku dawuhna: saeutik oge kaula teu bisa
ngajamin naon-naon pikeun aranjeun dihadepan Alloh
jaga dugi kana dawuhan mantena: Hey Fathimah
puteri Rosululloh, kaula teu bisa ngajamin naon-naon
pikeun anjeun dihadepan Alloh jaga.
Upami mantena sabagi pamingpin para rosul
parantos terus terang teu tiasa ngabela nu janten
puterina nyalira nu mangrupakeun pamimpin kaom
wanita di jagat raya ieu, jeung lamun percaya jalma
kana nu diucapkeun ku mantena teh bener, terus
lamun manehna merhatikeun naon anu kajadian di
kaom khawash
(40)
zaman kiwari, maka bakal jelas
pikeun manehna yen tauhid ieu teh geus ditinggalkeun,
jeung tuntunan agama geus jadi asing.



(40) Kaom Khowash nyaeta: jalma-jalma tertentu nu ditokohkeun di
masyarakat dina hal agama sarta baroga rasa yen dirina layak
dituturkeun, dipikasegan jeung dipenta barokah doana.
Kitab Tauhid
70
BAB 16
MALAIKAT MAKHLUK NU PERKASA,
SARUJUD KA ALLOH
(41)


Dawuh Alloh :
_.> | _ _s `,l l! ! ! >, l! _>l
l-l `,,>l
Sahingga dimana geus dileungitkeun rasa sieun tina hate-
hate maranehna, ngaromong maranehna: kana naon
ngadawuhkeun pangeran aranjeun teh?. Ngaromong:
(Ucapan) anu hak, tur Mantena teh Nu Maha Luhur Nu Maha
Agung. (QS. Saba: 23).
Diriwayatkeun dina kitab shohih Imam Bukhori, ti Abu
Hurairoh wireh Rosululloh dadawuh:
)) ,
_.> |
_ _s `,l l! ! ! >, l! _>l l-l `,,>l

(41) Bab ieu ngajelaskeun bukti sejen nu nuduhkeun kana bathilna
syirik ka Alloh jeung ngan Alloh anu hak pikeun diibadahan.
Lantaran lamun para Malaikat sabagi makhluk nu kacida perkasa
jeung paling kuat ngalaksanakeun sujud di hadepan Alloh Nu Maha
Luhur jeung Maha Agung nalika ngadangu dawuh Mantena, maka
teuaya nu hak kana diibadahan, dipuji sareng disanjung kajaba
Alloh Nyalira.
Kitab Tauhid
71
_



.

, ((
Dimana mutuskeun Alloh kana hiji aturan di langit,
tumandang para malaikat (ngabeberkeun) jangjang-
jangjangna karana patuh kana dawuh Mantena lir saestuna
eta teh rante (anu ditarik) luhureun batu lemes,
ngalumangsungkeun eta ka aranjeuna (ngajadikeun cepil
aranjeunna katorekan sahingga kapiuhan tina marga rasa
sieun), Sahingga dimana geus dileungitkeun kasieun tina
hate-hate maranehna, nyarita maranehna: Naon geus
ngadawuhkeun pangeran aranjeun teh?. Nyaranggem: Ucapan
hak, tur Mantena teh Nu Maha luhur Nu Maha Agung. Nya
ngadenge kana eta anu maling kana pangdenge (syetan-
syetan tukang maling rasiah langit), jeung ari tukang maling
pangdenge saperti kieu sabagiannana luhureun sabagian-
Geus nyifatan kana eta Sufyan bin Uyainah
(42)
kalayan epek-
epekna nya ngarenggangkeun anjeuna kana eta jeung
mukakeun anjeuna antara rema-remana- nya ngadenge
manehna kana hiji kalimah terus nepikeun manehna kana eta
ka anu handapeunnana, terus nepikeun kana eta anu sejenna

(42) Sufyan bin Uyainah bin Maimun Al Hilali, salahsawios nu
ngariwayatkeun ieu hadits.
Kitab Tauhid
72
ka anu handapeunnana sampe nepikeun manehna kana eta
kana letah ahli sihir atawa dukun, nya terkadang nyusul ka
manehna panah seuneu samemeh yen nepikeun manehna
kana eta, jeung terkadang nepikeun manehna kana eta
samemeh yen nyusul eta (panah seuneu) ka manehna terus
bohong manehna barengan eta saratus (100) kabohongan
terus dipokkeun: Naha lain estu geus ngucapkeun manehna
pikeun urang dina hiji poe kieu jeung kieu?. Nya
ngabenerkeun kana itu ucapan anu geus didenge ti langit.
An-Nawwas bin Saman nguningakeun dawuhan
Rosululloh :
))
.


.
.

((
Dimana ngamaksad Alloh yen ngawahyukeun kana hiji
aturan/urusan, ngadawuhkeun Mantena kana wahyu, kajadian
langit-langit tina eta teh genjlong- atawa ngucapkeun
anjeuna: Ngageter eta langit kalayan geteran anu kacida
karana mikarempan ka Alloh , Nya dimana ngadenge kana
itu ahli langit, ngalengerek aranjeuna jeung ngajarungkel
sarujud, Nya kabuktian pangheulana anu nyengkatkeun kana
Kitab Tauhid
73
mastakana teh Jibril, nya ngajak nyarios ka anjeuna Alloh tina
wahyu Mantena ku anu geus ngersakeun Mantena, teras
ngalangkung Jibril ka para Malaikat. Tiap-tiap ngalangkung
anjeuna kana hiji langit, naros ka anjeuna malaikat-malaikatna
(ahlina eta): Naon geus ngadawuhkeun pangeran urang teh
hey Jibril?. Nya ngawaler Jibril: Ngadawuhkeun Mantena teh
kana nu sabenerna jeung Mantena teh Nu Maha Luhur Nu
Maha Agung, Nya nyaranggem aranjeuna sadayana saperti
anu geus nyanggemkeun Jibril: Nya liren (ngarengsekeun)
Jibril kana wahyu ka tempat anu geus marentahkeun ka
anjeuna Alloh .

Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat anu geus disebutkeun di
luhur
(43)
.
2. Ayat diluhur ngandung alesan nu nguatkeun kana
bathilna musyrik, khususna anu patalian jeung jalma-
jalma anu sholeh, jeung eta ayat oge megatkeun akar-
akar tangkal kamusyrikan nu aya dina hate hiji jalma.
3. Penjelasan ngeunaan dawuhan Alloh: ngajawab
maranehna: (Ucapan) nu sabenerna, jeung Mantena
teh Nu Maha Luhur Nu Maha Agung.
(44)


(43) Ayat ieu nerangkeun kaayaan para malaikat, nu mana aranjeuna
teh mangrupakeun makhluk Alloh nu paling thoat, paling kuat
jeung paling perkasa nu disembah ku kaom Musyrikin. Lamun kieu
kaayaan aranjeuna jeung perasaan sieun aranjeuna ku Alloh nalika
Alloh ngadawuhkeun, nya naha pantes aranjeuna dijantenkeun
sembahan salian Alloh?. Tangtuna teu pantes, komo deui makhluk
salian aranjeuna eta leuwih teu pantes deui pikeun dijadikeun
sembahan.
(44) Dawuhan Alloh ieu nunjukkeun yen kalamulloh lain makhluk Alloh,
margi aranjeuna nyararios: Naon anu geus ngadawuhkeun
Kitab Tauhid
74
4. Nerangkeun ngeunaan sabab patarosan para Malaikat
ngeunaan wahyu nu didawuhkeun ku Alloh.
5. Jibril akhirna ngawaler pertanyaan maranehna kalayan
ucapan: (ngadawuhkeun Mantena ) kana ucapan anu
sabenerna.
6. Nyebutkeun/ nerangkeun yen Malaikat nu
pangpayunna ngangkat mastaka teh Jibril.
7. Jibril masihkeun eta waleran ka sadaya malaikat
penghuni langit teh margi aranjeunna nararoskeun ka
anjeuna.
8. Para malaikat penghuni langit pada kapiuhan/ pingsan
nalika ngadangu kana dawuh Alloh.
9. Langit oge genjlong nalika ngadangu dawuhan Alloh
tadi.
10. Jibril teh malaikat anu ngadugikeun wahyu eta dugi
kana tujuan anu geus diparentahkeun ku Alloh ka
anjeun.
11. Hadits di luhur nerangkeun ngeunaan ayana syetan-
syetan anu sok curaling kana berita ghoib/wahyu.
12. Cara maranehna maling bewara, sabagian maranehna
naek diluhureun sabagian deui.
13. Nyamberna syihab (panah seuneu/meteor) pikeun
maledog jatoh syetan-syetan pencuri berita.
14. Kadangkala syetan pencuri berita eta kakeunaan syihab
samemeh tepi eta berita ka anu ditujuna, jeung

pangeran aranjeun teh?. Nunjukkeun oge yen Alloh Taala
luhureun sadaya makhluk-Na jeung Maha Agung nu kaagungan-
Nana teu kaidrok ku akal makhluk-Na (boh manusa atawa
Malaikat).
Kitab Tauhid
75
kadang-kadang tepi eta berita teh kana ceuli manusa
nu jadi abdina syetan samemeh kasusul ku panah
seuneu /syihab.
15. Kadang-kadang ramalan tukang ramal teh meneran.
16. Kalayan berita nu katarimana, manehna ngalakukeun
saratus kabohongan.
17. Kabohonganna teu bisa dipercaya kajaba karana ayana
berita ti langit (ngaliwatan syetan penyadap berita).
18. Kacenderungan manusa pikeun narima hiji kabatilan,
kumaha maranehna bisa nyarande kana hiji bebeneran
nu diucapkeun ku tukang ramal tanpa merhitungkeun
atawa mertimbangkeun saratus kabohongan nu
ditepikeunnana.
19. Hiji kabeneran eta sumebar ti hiji sungut ka sungut
sejenna sarta terus dipikainget, terus dijadikeun bukti
yen ucapan tukang ramal teh bener.
20. Netepkeun sifat-sifat Alloh (saperti anu kaunggel dina
hadits diluhur), beda jeung faham AsyAriyah anu
ingkar kana eta.
21. Penjelasan yen genjlongna langit jeung kapiuhannana
para Malaikat eta disababkeun lantaran perasaan
rempanna aranjeuna ka Alloh .
22. Para malaikat oge sarujud ka Alloh.
Kitab Tauhid
76
BAB 17
S Y A F AA T
(45)


Dawuh Alloh :
, _%! ! `:> || `, _ l l _ .
| _: l-l 1.
Jeung prak ngageuing anjeun ku eta ka anu
marikarempan yen dikarumpulkeun ka pangeran maranehna.
Teuaya pikeun maranehna ti salian Mantena anu mingpin
jeung teuaya anu mere pembelaan supaya maranehna taraki-
taki. (QS. Al-Anaam: 51).
< -:l !--
Caritakeun: Kagungan Alloh Syafaat (pembelaan) teh
sakabehna. (QS. Az-Zumar: 44).
_ %! _: s | .|,

(45) Syafaat geus dijadikeun dalil ku kaom musyrikin dina hal menta ka
para malaikat, nabi jeung wali. Ceuk maranehna: Kuring sarerea
teh lain menta ka aranjeunna kajaba pikeun ngadeukeutkeun diri
ka Alloh jeung marere syafaat ka kuring sarerea dihadepan Alloh.
Nya dina ieu bab dijelaskeun yen syafaat nu dipiharep ku
maranehna teh bakal percumah, malah jadi kamusyrikan sabab
syafaat teh mung kagungan Alloh, teuaya anu bisa mere syafaat
kajaba kalayan izin Alloh, eta oge pikeun anu dikersakeun ku
Mantena nyaeta pikeun anu aya dina karidlo Mantena.
Kitab Tauhid
77
Saha ieu (teuaya deui) anu buat masihan pembelaan
dihadepan Mantena kajaba kalayan idzin Mantena. (QS. Al-
Baqoroh: 225).
/ _ ,l ,.l _.-. .-: !: | _ -,
! < _l '!: _ .
Jeung pirang-pirang (loba) ti Malaikat di pirang-pirang
langit, teu nyukupkeun pembelaan aranjeuna saperkara oge
kajaba ti sabada yen ngawidian Alloh ka anu ngersakeun
Mantena sareng mikaridlo. (QS. An-Najm: 26).
`s _%! . s _ < l !1.
,.l _ ! ! _ . ! l . _
,L _. -:l s | _l l
Caritakeun: prak nyambat aranjeun ka anu nyangka
aranjeun ti salian Alloh. Teu miboga maranehna kana
sabeurateun sireum leutik di pirang-pirang langit jeung henteu
di bumi, jeung teuaya pikeun maranehna dina eta nu dua tina
pamarengan, jeung teuaya pikeun Mantena ti maranehna ti
anu ngabantu (dina nyiptakeun). Jeung moal manfaat
pembelaan di hadepan Mantena kajaba pikeun anu geus
ngawidian Mantena pikeun manehna (QS. Sabaa: 22).
Abu Abbas
(46)
nguningakeun: Alloh parantos nampik
sagala hal anu jadi tujuan utama kaom musyrikin, salian salira

(46) Taqiyuddin Abu Abbas Ibnu Taimiyah: Ahmad bin Abdul Halim bin
Abdus Salam bin Abdullah An-Numairi Al-Harroni Ad-Dimasqi.
Syaikhul Islam, sareng tokoh anu kalintang sumanget dina
Kitab Tauhid
78
Mantena Nyalira ku ngadawuhkeun yen teuaya saurang oge
salian Mantena anu miboga kakawasaan, atawa bagianna
atawa jadi pembantu Mantena.
Anapon ngeunaan syafaat, eta geus dijelaskeun ku Alloh
yen syafaat eta teu manfaat kajaba pikeun anu geus diijinan
ku Mantena pikeun meunangkeunnana, sakumaha dawuh
Mantena:
`-: | _l _..
Jeung teu mere pembelaan maranehna kajaba ka anu
miridlo Mantena. (QS. Al-Anbiyaa: 28).
Syafaat anu diperkirakeun ku jalma-jalma musyrik eta
moal aya dina poe kiyamah, sakumaha anu dijelaskeun ku Al-
Quran.
Jeung diberitakeun ku Nabi : wireh mantena SAW dina
poe qiyamah bakal sujud ka Alloh sareng nyanggakeun sadaya
pujian ka Mantena. Nabi SAW teu langsung masihkeun
syafaat, sabada itu nembe didawuhan ka mantena:
Cengkatkeun mastaka anjeun, ucapkeun!. Pasti ucapan
anjeun didangu; prak menta, pasti pamenta anjeun diijabah
jeung prak mere syafaat, pasti syafaat anjeun bakal
ditarima. (HR. Bukhori Muslim).
Abu Hurairoh tumaros ka mantena SAW: Saha jalmi
anu panguntungna ku syafaat salira?. Waler mantena: Nyaeta
anu ngucapkeun Laa ilaaha Illalloh kalayan ikhlas tina hatena.
(HR. Bukhori sareng Ahmad)

ngagerakkeun gerakan dawah Islamiyah. Dilahirkan di Harron,
taun 661 H (1263 M) sareng wafat di Damaskus taun 728 H (1328
M).
Kitab Tauhid
79
Syafaat nu ditetepkeun ieu teh nyaeta syafaat pikeun
Ahlul Ikhlas Wattauhid (Ahli ikhlas jeung tauhid)
kalayan izin Alloh; lain pikeun jalma anu ngareujeungkeun
Alloh sarta anu salian Mantena.
Jeung dina hakekatna, wireh mung Alloh nu
ngalungsurkeun rohmat-Na ka jalma-jalma nu ikhlas ku jalan
masihkeun pangampura ka maranehna kalayan wasilah doana
jalma anu geus diijinan ku Alloh pikeun meunangkeun syafaat,
pikeun ngamuliakeun eta jalma jeung nempatkeunnana dina
kadudukan anu terpuji.
Jadi, syafaat anu diilangkeun ku Al-Quran teh nyaeta anu
dijerona eta aya kamusyrikan sahingga Al-Quran geus
netepkeun dina sababaraha ayat yen syafaat teh ngan aya
kalayan izin Alloh sareng nabi SAW parantos ngajelaskeun yen
syafaat teh ngan dikhususkeun pikeun jalma-jalma anu
bertauhid jeung ikhlash dina tauhidna eta karana Alloh
samata-mata.

Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat-ayat di luhur
(47)
.

(47) Ayat kahiji jeung kadua nunjukkeun yen syafaat sadayana
mangrupakeun hak khusus kanggo Alloh.
Ayat katilu nunjukkeun yen syafaat teh teu dibikeun ka hiji jalma
kajaba kalayan ijin ti Alloh.
Ayat kaopat nunjukkeun yen syafaat dibikeun ku jalma anu
dipikaridlo ku Alloh kalayan ijin Mantena sahingga eta syafaat teh
nyata-nyata mangrupakeun hak mutlak Alloh Taala, teu bisa
dipenta kajaba ka Mantena; jeung nuduhkeun oge kana bathilna
musyrik nu dilakukeun ku musyrikin ku cara ngadeukeutkeun diri
ka para Malaikat, nabi atawa jalma soleh, pikeun menta syafaat ka
eta kabeh.
Kitab Tauhid
80
2. Syafaat anu dinafikeun nyaeta syafaat anu dijerona
eta aya unsur-unsur kamusyrikan.
3. Syafaat nu ditetepkeun nyaeta syafaat pikeun jalma-
jalma anu bertauhid kalayan ikhlas, jeung samata-mata
terjadi kalayan ijin Alloh.
4. Penjelasan ngeunaan ayana syafaat kubro, nyaeta Al-
Maqomal mahmuda (Kadudukan anu terpandang).
5. Cara nu dilakukeun ku Rosululloh nalika bade
ngengengkeun syafaat, mantena SAW teu langsung
maparin syafaat tapi kalayan sujud heula ka Alloh,
ngahaturkeun sadaya puji ka Mantena. Nya sabadana
diijinan, nembe mantena SAW masihkeun syafaat (ka
umatna).
6. Ayana pertanyaan: saha jalmi anu paling untung ku
syafaat salira (nabi) teh?
7. Syafaat teh teu dibikeun ka jalma anu
ngareujeungkeun ka Alloh.
8. Penjelasan ngeunaan hakekat syafaat nu sabenerna.



Ayat kalima ngandung bantahan ka kaom musyrikin anu
maranehna teh nyarambat ka salian Alloh, saperti malaikat jeung
makhluk-makhluk sejenna, lantaran nganggap yen makhluk-
makhluk tadi bisa ngadatangkeun manfaat atawa nolak madarat;
jeung nunjukkeun yen syafaat teu guna keur maranehna lantaran
syirik nu dilakukeun ku maranehna, tapi ngan berguna pikeun
jalma anu ngamalkeun tauhid, jeung eta oge kalayan ijin Alloh.
Kitab Tauhid
81
BAB 18
NABI TEU TIASA MAPARINAN HIDAYAH KAJABA
KALAYAN PANGERSA ALLOH
(48)


Dawuh Alloh :
,| : _ ,,> _>l < _ '!: `l.
_.l!,
Saestuna anjeun teu bisa nuduhkeun ka anu geus
mikacinta anjeun; tur tapi Alloh bakal nuduhkeun ka anu
ngersakeun Mantena; jeung Mantena teh langkung uninga ka
anu mareunang pituduh. (QS. Al-Qoshosh: 56).
Diriwayatkeun dina shohih Bukhori, ti Ibnu Musayyab,
wireh rama anjeuna sasauran: Nalika Abu Tholib rek maot,
datang ka anjeuna Rosululloh , jeung dina eta waktu pisan
datang Abdullah bin Abu Umayah jeung Abu Jahal aya
digigireun anjeuna (Abu Tholib), teras Rosululloh SAW
dadawuh:
)) ((
Nun paman, ucapkeun Laa ilaaha illalloh hiji kalimat anu
tiasa ngadamel hujjah abdi kanggo salira ku eta di hadepan
Alloh.

(48) Bab ieu mangrupakeun bukti ayana kawajiban nauhidkeun Alloh.
Lantaran lamun Nabi Muhammad sabagi makhluk termulia jeung
anu paling luhur darajatna di hadepan Alloh teu tiasa masihan
hidayah ka saha bae nu dipiharep ku anjeuna, maka teuaya
sembahan anu hak sajaba Alloh nu mampuh masihkeun hidayah ka
singsaha bae anu dikersakeun ku Mantena.
Kitab Tauhid
82
Tapi Abdullah bin Abi Umayyah jeung Abu Jahal nyararita
ka Abu Tholib: Naha geus mibenci anjeun kana agama Abdul
Mutholib? Teras Rosululloh ngawangsulan kana dawuhna deui,
jeung maranehna duaan oge ngabalikan kana ucapannana.
Nya kabuktian ucapan terakhir anu diucapkeun ku Abu Tholib
teh: Yen manehna tetep dina agama Abdul Mutholib (agama
jahiliyah) sarta manehna nolak pikeun ngucapkeun Laa ilaaha
illalloh, teras Rosululloh SAW dadawuh: Tangtu bakal neda
pangampura pisan abdi kanggo salira ka Alloh sapanjang can
dilarang abdi tina eta, lajeng Alloh nurunkeun dawuh-Na:
! l _,ll _%! ` `-.`. _,:ll
Teu bukti pikeun nabi jeung anu ariman yen marenta
pangampura pikeun anu malusyrik. (QS. Al-Baroah: 113).
Masih patalian jeung Abu Tholib, Alloh oge ngalungsurkeun
ayat:
,| : _ ,,> _>l < _ '!:
Saestuna anjeun moal bisa nuduhkeun (mere hidayah) -
sanajan- ka anu geus mikacinta anjeun, tur tapi Alloh bakal
masihan hidayah ka anu ngersakeun Mantena. (QS. Al-
Qoshosh: 57).

Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat 57 surat Al-Qoshosh
(49)
.

(49) Ayat ieu nunjukkeun yen hidayah (pituduh) pikeun asup Islam eta
ayana dina panangan Alloh, teuaya saurang oge anu mampuh
ngajadikeun hiji jalma aya dina jalan anu lurus kajaba kalayan
pangersa Mantena; oge ngandung bantahan ka jalma-jalma anu
ngabogaan kapercayaan yen para nabi jeung para wali bisa
Kitab Tauhid
83
2. Penjelasan ngeunaan ayat 113 surat Al-Baroah
(50)
.
3. Masalah anu kacida pentingna, nyaeta penjelasan
ngeunaan dawuh Nabi : Ucapkeun kalimah laa ilaaha
illalloh, beda jeung naon anu difaham ku jalma-jalma
anu ngaku yen dirina teh berelmu
(51)
.
4. Abu Jahal jeung balad-baladna ngalarti maksud
Rosululloh nalika mantena lebet sareng sasauran ka
pamanna: Ucapkeun kalimah laa ilaaha Illalloh, nya
ku sabab eta, kacida cilakana jalma anu
pamahamannana ngeunaan asas utama Islam ieu
leuwih rendah tibatan Abu Jahal.
5. Kasumangetan/enya-enyana Rosululloh dina hal
ngupayakeun kanggo nga-Islamkeun paman mantena.
6. Bantahan ka jalma-jalma anu nganyatakeun yen Abdul
Mutholib jeung luluhurna teh ngagem agama Islam.
7. Permohonan ampun Rosululloh kanggo Abu Tholib teu
di kabulkeun, manehna teu dihampura, malahan Kj
nabi diwagel ku Alloh pikeun menta pangampura keur
Abu Tholib.

ngadatangkeun manfaat jeung nolak madarat sahingga dipenta
pikeun menta pangampura, nyalametkeun diri tina kasulitan, jeung
pikeun kapentingan-kapentingan sejenna.
(50) Ayat ieu nunjukkeun ngeunaan haramna mangmentakeun
pangampura pikeun jalma-jalma musyrik; nya kitu deu haram
hukumna ngabogaan wala (kasatiaan/simpati tur ngabela) ka
maranehna.
(51) Penjelasannana nyaeta: diyakinkeun dina hate, diucapkeun ku lisan
jeung diamalkeun ku angota badan, nyaeta ngamurnikeun ibadah
ka Alloh Nyalira jeung ngaberesihkeun diri tina ibadah ka salian
Alloh saperti ka Malaikat, ka Nabi, ka Wali, ka kuburan, ka batu, ka
kayu jeung sabangsana.
Kitab Tauhid
84
8. Bahayana sosobatan jeung jalma-jalma anu baroga
pamadegan jeung berperilaku jahat.
9. Bahayana ngagung-ngagungkeun para luluhur/karuhun
jeung jalma-jalma nu dipandang terkemuka/tokoh.
10. Nama besar maranehna ieu pisan anu dijadikeun ku
kaom jahiliyah sabagi ukuran bener nu misti dianut
jeung diturut.
11. Hadits di luhur ngandung bukti yen amal hiji jalma teh
anu direken amal sajati nyaeta amal di akhir hayat,
sabab lamun Abu Tholib daek ngucapkeun kalimah
tauhid, maka pasti bakal manfaat keur dirina di
hadepan Alloh.
12. Perlu difikirkeun, kacida beuratna hate jalma-jalma anu
linglung eta pikeun narima tauhid lantaran dianggap
sabagi hiji hal anu teu bisa ditarima ku akal fikiran
maranehna; sabab dina kisah di luhur disebutkeun yen
maranehna teu nyerang/mangaruhan ka Abu Tholib
kajaba supaya nolak tina ngucapkeun kalimat tauhid,
padahal Nabi parantos berusaha samaksimal
mungkin, sareng ngabulak-balik menta Abu Tholib
pikeun ngucapkeun kalimah tauhid. Jeung lantaran eta
kalimat tauhid teh miboga mana nu jelas jeung
konsekwensi/kategesan anu agung, sahingga cukup
pikeun maranehna ku nolak pikeun ngucapkeunnana.

Kitab Tauhid
85
BAB 19
SABAB UTAMA KAKUFURAN TEH
KALEULEUWIHEUN (AL-GHULUL) DINA
NGAGUNGKEUN JALMA-JALMA SHOLEH

Dawuh Alloh :
! .l l-. l1. ls < |
_>l
Hey ahli kitab, ulah kaleuleuwihan aranjeun dina agama
aranjeun jeung ulah ngucapkeun aranjeun ka Alloh kajaba anu
hak. (QS. An-Nisaa: 171).
Dina shohih Bukhori aya hiji riwayat ti Ibnu Abbas nu
ngajelaskan dawuhan Alloh :
l! '. />.l '. l. W-
`- .
Jeung ngaromong maranehna (kaom Nuh): Ulah
ninggalkeun pisan aranjeun ka panembahan-panembahan
aranjeun jeung ulah ninggalkeun pisan aranjeun ka Wadd
jeung ulah ka Suwa jeung ulah ka Yaghuts jeung Yauq jeung
ka Nasr.(QS. Nuh: 23).
Anjeuna (Ibnu Abbas) nguningakeun: Ieu teh ngaran-
ngaran jalma anu sholeh ti kaum Nuh; Nalika aranjeuna tos
pada wafat, syetan ngaharewoskeun ka kaum aranjeuna
supaya nyieun patung-patung aranjeuna nu tos ngantunkeun
ieu di tempat-tempat anu pernah dianggo pertemuan ku
Kitab Tauhid
86
aranjeuna, jeung maranehna dititah sangkan mikeun ngaran
ka eta patung-patung teh ku ngaran-ngaran aranjeunna, terus
eta kaom teh narima kana eta harewos syetan sarta waktu eta
mah patung-patung nu dijieun ku maranehna teh can
dijadikeun sembahan, terus sanggeus nu nyarieun patung eta
maraot, jeung elmu agama geus pada mohokeun, nya ti waktu
harita mah terus eta patung-patung teh dijadikeun
pangeran/disembah ku maranehna.
Ibnul Qoyyim sasauran
(52)
: Kaseuseueuran para ulama
salaf nguningakeun: Sabada aranjeuna (kaom sholeh ti
ummat Nuh) ngarantunkeun dunya, loba jalma-jalma anu
ngadatangan kuburan aranjeunna terus maranehna nyieun
patung-patung aranjeunna, terus sabada waktu lumangsung
lila akhirna eta patung-patung teh dijadikeun
sembahan/dipertuhankeun ku maranehna.

Diriwayatkeun ti Umar wireh Rosululloh dadawuh:
))
((
Ulah ngagung-ngagungkeun (ngultuskeun) aranjeun ka
kaula sakumaha anu geus ngultuskeun Nashoro ka Isa bin
Maryam. Tayalian kaula teh hiji abdi, nya arucapkeun: Abdi
Alloh sareng utusan Mantena. (HR. Bukhori sareng Muslim).
Sareng dawuhan Rosululloh :

(52) Abu Abdillah: Muhammad bin Abu Bakar bin Ayyub bin Saad Az
Zuri Ad-Dimasqi, Ibnu Qoyyim Al-Jauziyah. Salahsawios ulama
besar sareng tokoh gerakan Dawah Islamiyah; murid Syaikhul
Islam Ibnu Taimiyah. Ngagaduhan sajumlah karya ilmiyah.
Dilahirkeun taun 691 H (1292 M) sareng wafat dina taun 751 H
(1350 M).
Kitab Tauhid
87
)) ((
Kade aranjeun sarta leuleuwiheun (ngultuskeun), nya
tayalian geus ngabinasakeun ka anu samemeh aranjeun teh
leuleuwiheun. (HR. Ahmad, Tirmidzi sareng Ibnu Majah ti
Ibnu Abbas ).
Jeung dina shohih Muslim, Ibnu Masud sasauran:
Dadawuh Rosululloh :
)) ~ ((
Geus cilaka anu pada kaleuleuwiheun (ngadawuhkeun
mantena kana eta teh tilu wangsulan).

Kandungan dina ieu bab:
1. Jalma nu faham kana ieu bab jeung dua bab sabadana
(bab 20-21), bakal jelas keur manehna asingna Islam;
jeung manehna bakal apal kana ka-Maha Kawasaan
Alloh dina ngarobah hate manusa.
2. Nganyahokeun yen awal mula munculna kamusyrikan
di luhureun bumi teh diakibatkeun ku sikap
kaleuleuwiheun ka jalma-jalma anu saroleh.
3. Nganyahokeun naon pangheulana anu dilakukeun ku
jalma-jalma sahingga ajaran para nabi dirarobah, jeung
paktor naon nu nyababkeunnana? Padahal maranehna
nyaraho yen para nabi teh utusan Alloh.
4. Nganyahokeun sabab-sabab dilakukeunnana bidah,
padahal syareat jeung fitroh manusa nolak kana eta.
5. Faktor nu nyababkeun terjadina hal di luhur teh nyaeta
campur-adukna antara hak jeung bathil; Anapon
mimitina nyaeta rasa cinta ka jalma-jalma anu saroleh.
Kitab Tauhid
88
Sedengkeun anu kadua, nyaeta: tindakan nu
dilakukeun ku jalma-jalma alim nu ahli dina masalah
agama kalayan maksud pikeun hiji kahadean, tapi
jalma-jalma anu hirup sabada maranehna nyangka yen
nu dilakukeun ku nu tihareula maranehna lain kitu (aya
kesalahfahaman).
6. Penjelasan ngeunaan ayat anu kaunggel dina surat Nuh
(53)
.
7. Mengenal watek manusa yen bener nu aya dina dirina
bisa ngurangan, jeung kabatilan malah bisa leuwih
nambahan/tumbuh subur.
8. Bab ieu ngandung hiji bukti ngeunaan benerna
kasauran para ulama salaf yen bidah teh
mangrupakeun penyebab utama kakaufuran.
9. Syetan nyahoeun kana akibat nu timbul tina bidah,
sanajan maksud nu ngalakonan eta hade.
10. Nganyahokeun kaedah umum, nyaeta sikep
leuleuwiheun dina agama teh dilarang, jeung
nganyahokeun dampak negatifna.
11. Bahaya tina perbuatan remen datang ka kuburan
kalayan niyat pikeun hiji amal soleh.
12. Larangan ayana patung-patung, jeung hikmah dijero
parentahan ngahancurkeunnana (nyaeta: pikeun
ngajaga kamurnian tauhid jeung ngahapus
kamusyrikan).

(53) Ayat ieu nunjukkeun yen sikep anu kaleuwihan jeung ngaliwatan
bates dina ngultuskeun jalma-jalma anu sholeh, eta nyababkeun
kajadiannana syirik/musyrik jeung ditinggalkeunnana tuntunan
para nabi.
Kitab Tauhid
89
13. Agungna kadudukan kisah kaum nabi Nuh ieu, sarta
manusa kacida merlukeunnana kana hal ieu, sanajan
loba diantara maranehna nu geus mopohokeunnana.
14. Hiji hal anu kacida ngaherankeun, yen maranehna
(para ahli bidah) geus pada maca jeung pada faham
kana ieu kisah boh ngaliwatan kitab-kitab tafsier atawa
hadits, tapi Alloh nutup hate maranehna sampe
maranehna ngabarogaan kayakinan yen nu dilakukeun
ku kaom Nuh teh mangrupakeun amal nu paling
utama, jeung maranehna oge baroga anggapan yen
anu dilarang ku Alloh jeung Rosul-Na teh ngan
kakufuran nu ngahalalkeun getih jeung harta
maranehna.
15. Dinyatakeun yen maranehna kaleuleuwihan sikep ka
jalma-jalma anu soleh teh tayalian karana miharep
syafaat ti aranjeuna.
16. Maranehna nyarangka yen jalma-jalma berelmu nu
nyarieun eta patung teh maksudna pikeun kitu
(sakumaha anu dilakukeun ku maranehna).
17. Pernyataan anu kacida penting nu kaunggel dina
dawuh nabi SAW: Ulah ngultuskeun aranjeun ka kaula
sakumaha anu geus ngultuskeun Nashroni ka Isa bin
Maryam. Mugia sholawat sareng Salam dilimpahkeun
ka mantena anu parantos ngadugikeun risalah kalayan
sajujurna!.
18. Kaikhlasan jiwa mantena SAW ka urang salaku umatna
ku jalan maparinan nasehat yen jalma-jalma anu pada
kaleuwihan teh bakal binasa jeung cilaka.
19. Pernyataan yen patung-patung eta teu disembah
kajaba sabada elmu/agama dipopohokeun, ku ieu hal
bisa dikanyahokeun nilai wujudna hiji elmu jeung
Kitab Tauhid
90
bahayana elmu lamun leungit atawa komo lamun
ngahaja dileungitkeun.
20. Penyebab ilangna elmu agama teh nyaeta
ngantunkeunnana/wafatna para ulama.







Kitab Tauhid
91
BAB 20
NGALARANG TINA IBADAH KA ALLOH DI SISI
KUBURAN JALMA-JALMA SHOLEH

Diriwayatkeun dina dua nu shohih [Bukhori Muslim], ti
Aisyah radhiyallaohu anha wireh Ummu Salamah radhiyallohu
anha nguningakeun ka Rosululloh ngeunaan hiji gereja anu
katingali ku anjeuna di nagri Habasyah (Ethiopia), anu di
jerona aya rupaka-rupaka (gambar-gambar), nya dadawuh
Rosululloh SAW:
))

((
Tuh itu teh, dimana maot di maranehna hiji jalma sholeh
atawa hiji abdi anu soleh, ngabangun maranehna diluhureun
kuburannana masjid jeung ngagambaran maranehna kana eta
kalayan itu patung-patung. Tuh itu teh panggorengna makhluk
dihadepan Alloh.
Maranehna dihukum/divonis ku Alloh SWT/ku nabi SAW
sabagi panggorengna makhluk lantaran maranehna
ngalakukeun dua fitnah sakaligus; nyaeta muja kuburan ku
cara ngabangun masjid diluhureun eta, jeung fitnah nyieun
rupaka-rupaka (patung-patung).
Dina riwayat Imam Bukhori sareng Muslim, Aisyah
sasauran: Nalika Rosululloh SAW bade ngantunkeun dunya,
mantena enggal nutupan wajahna ku kaen; jeung nalika
nafasna karaos sesek, teras dibukakeun eta kaen. Nalika
mantena dina itu kaayaan, nya kaluar kasauran mantena SAW:
Kitab Tauhid
92
)) ((
Lanat Alloh teh ka bangsa Yahudi jeung Nashroni; geus
ngajadikeun maranehna kana kuburan nabi-nabi maranehna
masjid-masjid (tempat-tempat muja).
Mantena SAW mepelingan ka umatna supaya ngajauhan
perbuatan maranehna (Yahudi jeung Nashroni). Jeung lamun
lain lantaran eta hal, maka pasti kuburan mantena bakal
ditemrakkeun, mung mantena ngaraos risi engkena bakal
dijadikeun tempat peribadahan.
Imam Muslim ngariwayatkeun ti Jundub bin Abdullah,
dimana anjeuna kantos sasauran: Geus nguping simkuring
Rosululloh dadawuh lima dinten sateuacan wafatna:
))



((
Saestuna kaula lulubaran diri ka Alloh yen aya pikeun
kaula ti aranjeun hiji kakasih, nya saestuna Alloh estu geus
ngajadikeun ka kaula kakasih sakumaha anu geus ngajadikeun
Mantena ka Ibrohim jadi kakasih. Jeung lamun bukti kaula anu
ngajadikeun ti ummat kaula hiji kakasih, tangtu ngajadikeun
kaula ka Abu bakar kakasih (kaula). Inget!; jeung saestuna
anu kabuktian samemeh aranjeun kabuktian maranehna
ngajaradikeun kuburan nabi-nabi maranehna masjid-masjid;
Inget!; nya ulah ngajadikeun aranjeun kana kuburan-kuburan
Kitab Tauhid
93
teh masjid-masjid, nya saestuna kaula ngalarang ka aranjeun
tina hal itu.
Rosululloh di akhir hayatna sakumaha anu
diuningakeun dina hadits Jundub tos ngalarang umatna tina
ngajadikeun kuburan sabagi tempat ibadah. Teras disaat bade
ngantunkeun dunya- sakumaha anu diuningakeun dina hadits
Aisyah- mantena ngalanat jalma-jalma anu ngalalakukeun eta
perbuatan. Jeung sholat disakurilingeun kuburan kagolong
kana ngajadikeun kuburan sabagi tempat ibadah, sanajan teu
dibangunan masjid; jeung nya ieu pisan anu dimaksud ku
kasauran Aisyah: dikhawatirkeun bakal dijadikeun sabagi
tempat ibadah.
Jeung para sahabat oge can pernah/teu pernah
ngabangun masjid (tempat ibadah) disagedengeun kuburan
mantena, lantaran satiap tempat anu digunakeun pikeun
sholat ngandung harti geus dijadikeun masjid, malah satiap
tempat nu digunakeun pikeun sholat disebut masjid sakumaha
anu didawuhkeun ku Rosululloh :
)) ((
Geus dijadikeun pikeun kaula bumi teh masjid jeung alat
beberesih.
Jeung Imam Ahmad ngariwayatkeun hadits marfu kalayan
sanad nu jayyid (mulus) ti Ibnu Masud , wireh Nabi
Muhammad dadawuh:
))
((
Saestuna tiantara panggorengna jalma-jalma teh, anu
manggihan ka maranehna kiyamah bari maranehna masih
harirup; jeung anu ngajaradikeun kana kuburan-kuburan
Kitab Tauhid
94
masjid-masjid (tempat ibadah). (HR. Abu Hatim dina kitab
shohih anjeuna).

Kandungan ieu bab:
1. Larangan ngabangun tempat ibadah (masjid) di sisi
kuburan jalma-jalma sholeh sanajan niyatna hade.
2. Larangan keras ayana rupaka-rupaka (gambar/ patung)
dijero tempat ibadah.
3. Pelajaran penting nu bisa dicokot ku urang sadaya tina
sikep tegasna Rosululloh dina ieu masalah, kumaha
mantena ngajelaskeun langkung awal ka para sahabat,
yen jalma nu ngabangun masjid (tempat ibadah) di
sakurilingeun kuburan jalma-jalma soleh eta kagolong
kana panggorengna makhluk dihadepan Alloh; Teras
lima dinten sateuacan wafat, mantena ngaluarkeun
pernyataan nu ngalarang umatna ngajadikeun kuburan-
kuburan sabagi tempat ibadah; Terakhir, sababaraha
saat nalika datangna ajal, mantena masih ngaraos
teuacan cekap ku tindakan-tindakan anu parantos
ditetepkeunnana sahingga mantena ngalanat ka jalma-
jalma anu ngalakukeun ieu.
4. Rosululloh oge ngalarang eta perbuatan dilakukeun
di sisi kuburan mantena, sanajan kuburan mantena
nyalira teuacan aya waktos harita.
5. Ngajadikan kuburan nabi-nabi sabagi tempat ibadah,
mangrupakeun tradisi jalma-jalma bangsa Yahudi jeung
Nashroni.
6. Rosululloh ngalanat maranehna lantaran perbuatan
maranehna sorangan.
7. Rosululloh ngalanat maranehna kalayan tujuan
masihan peringetan ka urang sadaya sangkan urang
Kitab Tauhid
95
teu ngalakukeun hal anu sarua terhadep kuburan
mantena.
8. Alasan teu diebrehkeunnana kuburan mantena SAW
lantaran hariwang bakal dijadikeun sabagi tempat
ibadah.
9. Pengertian ngajadikeun kuburan sabagi tempat
ibadah nyaeta: [ngalakukan hiji ibadah, saperti: sholat
di sisi kuburan, sanajan teu dibangun diluhureun eta
hiji tempat ibadah].
10. Rosululloh ngagabungkeun antara jalma nu
ngajadikeun kuburan sabagi tempat ibadah jeung jalma
nu masih hirup waktu kajadian kiyamah, dina raraga
masihan peringetan ka umatna ngeunaan perbutan nu
baris nganteurkeun kana kamusyrikan samemeh hal eta
bener-bener kajadian, disagedengeun ngelingan yen
akhir kahirupan dunya teh nyaeta mahabuna
kamusyrikan.
11. Khutbah mantena nu didugikeun lima dinten
sateuacannana wafat ngandung bantahan keur dua
kelompok anu kadua-duana kaasup panggorengna ahli
bidah, malah sapalih ulama nguningakeun yen eta dua
kelompok teh diluar 72 golongan anu aya di umat
Islam, nyaeta Rofidloh
(54)
jeung Jahmiyah
(55)
. Jeung

(54) Rofidloh teh salahsahiji sekte dina aliran syiah. Maranehna baroga
sikep kaleuwihan terhadep Ali bin Abi Thalib jeung Ahlul Bait,
jeung maranehna nganyatakeundan permusuhan ka sabagian
ageung para sahabat Rosululloh, khususna ka Abu Bakar jeung
Umar.
(55) Jahmiyah teh hiji aliran/golongan anu munul dina akhir khilafah
Bani Umayyah. Disebut Jahmiyah, lantaran dinisbatkeun ka ngaran
tokoh maranehna, nyaeta Jahm bin Shofwan At-Tirmidzi nu maot
terbunuh dina taun 128 H. di antara pendapat/pamadegan aliran
ieu nyaeta nolak kana benerna ayana Asma jeung Sifat Alloh,
Kitab Tauhid
96
sabab kajadiannana kamusyrikan jeung penyembahan
kuburan teh asalna ti golongan Rofidloh. Maranehna
pisan jalma-jalma anu pangheulana ngabangun tempat
ibadah diluhureun kuburan-kuburan teh.
12. Rosululloh [mangrupakeun manusa bisaa]
ngarasakeun beuratna sakaratul maut.
13. Mantena dimuliakeun ku Alloh ku dijadikeun sabagi
kakasih Alloh (Kholilulloh) [sakumaha Kj Nabi Ibrohim].
14. Pernyataan yen Al-Kholil teh leuwih luhur darajatna
tibatan Al-Habib (kakasih).
15. Pernyataan wireh Abu Bakar teh sahabat Nabi anu
paling mulia.
16. Hal nu disebut diluhur mangrupakeun isyarat yen Abu
Bakar bakal janten Kholifah sabada Rosululloh SAW.


lantaran nurutkeun maranehna mah, Asma jeung sifat Alloh
mangrupakeun ciri khas makhluk, maka lamun diaku jeung
ditetepkeun pikeun Alloh, ngandung harti nyarupakeun Alloh ka
makhluk-Na.
Kitab Tauhid
97
BAB 21
KALEULEUWIHEUN KANA KUBURAN JALMA-JALMA
SOLEH JADI SABAB NGAJADIKEUN ETA JADI
SEMBAHAN TI SALIAN ALLOH

Imam Malik ngariwayatkeun dina kitab anjeuna Al-
Muwaththo, dadawuh Rosululloh :
)) _
((
Nun gusti Alloh, mugi ulah ngajantenkeun gusti kana
kuburan abdi teh berhala anu disembah; Kacida bebendon
Alloh ka hiji kaom geus ngajaradikeun maranehna kana
kuburan nabi-nabi maranehna masjid-masjid.
Diriwayatkeun ku Ibnu Jarir, kalayan sanadna ti sufyan tii
Manshur ti Mujahid, patalian jeung ayat:
`. ll `-l
Naha ningali aranjeun (kumaha pendapat aranjeun) ka
Latta jeung Ujja. (QS. An Najm: 19).
Anjeuna (Mujahid) sasauran: Al-Latta teh nyaeta jalma
nu asalna mah tukang ngadonan tipung cair atawa saeutik cai
(kalayan cai atawa lisah (minyak) pikeun disuguhkeun ka para
jamaah haji. Sabadana ngantunkeun dunya, maranehna
terus-terusan ngadatangan kuburannana.
Nyakitu deui penafsiran Ibnu Abbas sakumaha anu
diuningakeun ku Ibnul Jauza: Manehna teh dina awalna mah,
tukang ngaduk tipung pikeun para jamaah haji.
Diriwayatkeun ti Ibnu Abbas , anjeuna sasauran:
Kitab Tauhid
98
))
((
Geus ngalanat Rosululloh ka kaom wanita anu ziarah ka
kuburan, jeung jalma-jalma anu nyieun tempat ibadah jeung
marasang lampu diluhureun kuburan. (HR. Ashabus
Sunan/para penulis kitab Sunan).

Kandungan dina ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan naon anu dimaksud ku berhala
(56)
.
2. Penjelasan ngeunaan naon nu dimaksud ku ibadah.
(57)
.
3. Rosululloh kalayan doana, Teuaya lian mikahoyong
ka Alloh supaya dihindarkeun tina sagala hal nu
dipikahariwang eta kajadian keuna ka umat
Muhammad) hiji hal sakumaha anu geus kajadian ka
umat-umat samemehna, nyaeta : Sikep kaleuwihan
terhadap kuburan mantena, anu akhirna kuburan
mantena bakal dijadikeun berhala anu disembah.
4. Dina doana, mantena SAW ngareujeungkeun oge naon
bae anu dilakukeun ku jalma-jalma bahula ku
ngajadikeun kuburan para nabi-Na sabagi tempat
ibadah .

(56) Berhala nyaeta hiji perkara anu diagungkeun salian Alloh saperti
kuburan, batu, tatangkalan jeung sabangsana.
(57) Ngagungkeun kuburan ku ngajadikeunnana sabagi tempat ibadah,
eta kagolong pengertian ibadah nu dilarang ku Rosululloh SAW.

Kitab Tauhid
99
5. Penjelasan wireh Alloh kalintang benci ka jalma-jalma
nu ngajadikeun kuburan sabagi tempat ibadah].
6. Di antara masalah nu kacida penting pikeun dijelaskeun
dina ieu bab nyaeta pengertian sajarah disembahna
Latta jeung Uzza teh sabagi patung panggedena di
zaman jahiliyah.
7. Nganyahokeun yen berhala teh asal-usulna nyaeta
kuburan jalma soleh (nu diperlakukeun sacara
leuleuwiheun ku jalan ditarepungan ku maranehna.
8. Al-Latta teh ngaran jalma nu dikuburkeun, dina awalna
manehna teh mangrupakeun tukang ngaduk tipung
pikeun disuguhkeun ka para jamaah haji.
9. Rosululloh ngalanat para wanita penziarah kubur.
10. Mantena oge ngalanat ka jalma-jalma anu marasang
lampu-lampu di kuburan-kuburan.












Kitab Tauhid
100
BAB 22
UPAYA ROSULULLOH DINA RARAGA NGAJAGA
KAMURNIAN TAUHID JEUNG NUTUP JALAN NU
NGAJURUS KANA KAMUSYRIKAN

Dawuh Alloh :
1l l> _ . s ls ! `. s _>
l. _,l!, ' '>
Demi estu geus datang ka aranjeun hiji utusan tiantara
diri-diri aranjeun; beurat ka anjeuna anu geus payah aranjeun,
kacida kasengsrem ka aranjeun ka anu ariman kacida
perhatian kacida mikaasih. (QS. At-Taubah: 128).

Diriwayatkeun ti Abu Hurairoh dadawuh Rosululloh :
))
((
Ulah ngajadikeun aranjeun imah-imah aranjeun (jadi)
kuburan, jeung ulah ngajadikeun aranjeun kuburan kaula teh
sabagi tempat perayaan, jeung prak maraca sholawat ka
kaula, nya saestuna sholawat aranjeun teh bakal tepi ka kaula
dimana bae aya aranjeun. (HR. Abu Dawud dkalayan sanad
an mulus , jeung rowi-rowina eta teh karuat).
Dina hadits sanesna, Ali bin Al-Husain nguningakeun,
wireh anjeuna ningali hiji lalaki asup kana lolongkrang nu aya
di pakuburan Rosululloh , terus manehna ngadoa, nya
ngalarang anjeuna ka manehna sareng nyarios ka manehna:
Kitab Tauhid
101
Naha hayang anjeun yen ngabejaan kaula ka anjeun hiji
hadits anu kakuping ku kuring ti bapa kuring ti Rosululloh ,
dadawuh mantena:
))
((
Ulah ngajadikeun aranjeun imah-imah aranjeun (jadi)
kuburan, jeung ulah ngajadikeun aranjeun kuburan kaula teh
sabagi tempat perayaan, jeung prak maraca sholawat ka
kaula, nya saestuna salam aranjeun teh bakal tepi ka kaula
dimana bae aya aranjeun. (HR. Abu Dawud dkalayan sanad
anu mulus, jeung rowi-rowina eta teh karuat (Diriwayatkeun
dina kitab Al-Mukhtaroh).).
Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat anu kaunggel dina surat Al-
Baroah
(58)
.
2. Rosululloh parantos mepelingan ka umatna sareng
berupaya kalayan maksimal dina ngajauhkeun umatna
tina jalan anu ngajurus kana kamusyrikan sarta nutup
satiap celah/lolongkrang anu ngajurus kana
kamusyrikan.
3. Rosululloh kalintang miharep/kasengsrem kana
kaimanan sareng kasalametan umatna sakaligus
kalintang mikanyaahna ka umatna.

(58) Ayat ieu, kalayan sifat-sifat anu disebutkeun dina eta kanggo
pribadi Nabi Muhammad , nunjukkeun yen mantena ngelingan ka
umatna supaya ngajauhan syirik nu mangrupakeun panggedena
dosa lantaran keur ieu pisan tujuan utama diutusna Rosululloh
teh.
Kitab Tauhid
102
4. Larangan Rosululloh pikeun teu ngazarahan kuburan
mantena kalayan cara-cara tertentu, nyaeta kalayan
cara ngajadikeun kuburan mantena sabagi tempat
perayaan, padahal ngazarahan kuburan anjeuna teh
kagolong perbuatan hade.
5. Rosululloh ngalarang salahsaurang ngalobakeun
ziyarah kubur.
6. Rosululloh nganjurkeun pikeun ngalakukeun sholat
sunat di imah.
7. Hiji hal anu geus jadi katetepan dilingkungan kaom
salaf, yen ngadugikeun sholawat kanggo nabi teu perlu
misti asup ka area kuburan nabi.
8. Alesannana lantaran sholawat jeung salamna hiji jalma
ka nabi SAW bakal dugi ka mantena dimana bae
manehna aya, maka teu perlu kudu ngadeukeutan
makam nabi sakumaha anu jadi kayakinan kalolobaan
jalma awam.
9. Nabi di alam Barzakh, bakal ditembongkeun sadaya
amalan umatna nu mangrupa sholawat sareng salam
kanggo mantena SAW.









Kitab Tauhid
103
BAB 23
PENJELASAN YEN SABAGIAN UMAT ISLAM IEU AYA
ANU NYEMBAH BERHALA

Dawuh Alloh :
l . || _%! . !,. _ .l `` ,>l!,
,-Ll l1 _%#l ` _ _%! `
,
Naha teu ningali anjeun ka anu geus dibarere bagian tina
kitab, ngarimankeun maranehna kana Jibt jeung Thoghut
(59)
,
jeung ngarucapkeun ka anu kalafir: Ieu kabeh teh leuwih

(59) Aya sababaraha penafsiran ti kalangan salaf ngeunaan mana Jibt,
diantarana: Berhala, sihir, tukang sihir, tukang ramal, Hauyay bin
Akhthob jeung Kaab bin Asyrof (dua tokoh Yahudi di zaman
Rosululloh ). Ku ieu hal, pengertian umum ngawengku kana harti
ieu kabeh sakumaha anu diuningakeun ku Al-Jauhari dina Ash-
Shihah: Jibit teh nyaeta sesebutan pikeun berhala, tukang
ramal/paranormal, tukang sihir jeung sajenisna
Nya kitu deui halna jeung kecap Thoghut, aya sababaraha
penafsiran nu sarua ngandung mana nu umum/loba; diantarana:
Syetan, syetan dina wujud manusa, berhala, tukang ramal, Kaab
Al-Asyrof.
Ibnu Jarir Ath-Thobari, dina nafsiran ieu ayat sabada nyebutkeun
sababaraha penafsiran ulama salaf, nguningakeun..Jibit jeung
Thoghut teh nyaeta dua sesebutan pikeun satiap anu diagungkeun
kalayan disembah ti salian Alloh, atawa ditoatan boh wujudna teh
batu, manusa atawa syetan.
Kitab Tauhid
104
nuduhkeun tibatan anu ariman kana perjalanan. (QS. An-
Nisaa: 51).
>`, :, _ ,l ,. s < _ -l <
.s ls -> `. 1l !' ,s ,-Ll
Caritakeun: Naha ngabejakeun kaula ka aranjeun ka anu
leuwih goreng tibatan itu babalesna di hadepan Alloh?.
(Nyaeta) anu geus ngalanat ka manehna Alloh jeung geus
mibendu Mantena ka manehna jeung ngajadikeun Mantena ti
maranehna teh monyet-monyet jeung babi-babi jeung para
pemuja Thoghut. (QS. Al-Maaidah: 60).
! _%! ,l. ls .l ,ls >`.
Geus ngomong anu geus ngalalindih kana urusan
maranehna: Tangtu ngajadikeun pisan kuring sarerea
luhureun (guha) maranehna masjid. (QS. Al-Kahfi: 21).
Ti Abu Said , dadawuh Rosululloh :
))
.
. ((
Tangtu turut pisan aranjeun (Umat Islam) kana gerakan-
gerakan (Tradisi/pola hirup) anu bukti samemeh aranjeun
saukuraneun salengkah ku salengkah, sampe lamun arasup
maranehna kana liang bayawak oge, tangtu ngilu asup
aranjeun kana eta. Nyaranggem: Nun Rosululloh, Ka yahudi
sareng Nashroni?. Dadawuh: Nya ka saha deui atuh?. (HR.
Bukhori Muslim).
Kitab Tauhid
105
Imam Muslim ngariwayatkeun ti Tsauban , dadawuh
Rosululloh :
))
.

.



((
Saestuna Alloh parantos ngabeberkeun/ngalegakeun
pikeun kaula bumi. Nya ningal kaula kana wetan-wetanna eta
jeung kulon-kulonna. Jeung saestuna umat kaula bakal tepi
kakawasaannana kana anu dibeberkeun pikeun kaula tina eta;
jeung geus dibere kaula teh dua gudang nyaeta beureum
jeung bodas (Imperium Persia jeung Rumawi), Jeung saestuna
kaula geus menta kaula ka pangeran kaula pikeun umat kaula
yen teu ngabinasakeun Mantena ka eta ku taun
kalaparan/paceklik jeung yen teu ngawasakeun Mantena ka
maranehna ka musuh ti saluar diri maranehna nya ngarampas
eta musuh kana nagara maranehna. Jeung saestuna pangeran
kaula ngadawuhkeun: Hey Muhammad, saestuna kaula
dimana geus mutuskeun kaula kana hiji kaputusan, nya
saestuna eta teh moal bisa ditolak; jeung saestuna kaula geus
masrahkeun kaula ka anjeun pikeun umat anjeun yen teu
ngabinasakeun kaula ka maranehna ku taun paila/paceklik,
jeung yen teu ngawasakeun kaula luhureun maranehna ka
Kitab Tauhid
106
musuh ti saluar diri maranehna terus ngarampas eta musuh ka
nagara maranehna bari sanajan kumpul ka maranehna ti
penjuru-penjuruna eta sampe kajadian sabagian maranehna
ngabinasakeun sawarehna deui jeung nawan sabagian
maranehna ka sabagian.
Hadits ieu diriwayatkeun oge ku Al-Barqoni dina shohih
anjeuna kalayan aya tambahan:
))




((
Jeung saestuna kaula mikarempan ka umat kaula (ayana)
imam-imam anu ngalinglungkeun, jeung dimana keuna ka
maranehna pedang (perang), moal diangkat eta nepi ka poe
kiyamah; jeung moal ngadeg kiyamah sampe ngilu sagolongan
ti umat kaula ka anu malusyrik, jeung sampe ibadah golongan-
golongan ti umat kaula ka patekong-patekong, jeung saestuna
eta teh bakal aya di umat kaula pembohong-pembohong anu
tilu puluh (30 Dajjal), sakabeh maranehna ngaraku yen
manehna teh nabi padahal kaula teh panutupan para nabi anu
teuaya nabi sanggeus kaula, Jeung teu weleh-weleh
sagolongan ti umat kaula netepan kana hak bari ditulungan
(ku Alloh) tur teu ngamadaratkeun ka maranehna anu
ngahinakeun ka maranehna jeung henteu anu nyulayaan ka
maranehna sampe datang aturan Alloh Maha Barokah sareng
Maha Luhur (sampe kajadian kiyamah).
Kitab Tauhid
107
Kandungan dina ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat anu kaunggel dina surat An-
Nisaa
(60)
.
2. Penjelasan ngeunaan ayat anu kaunggel dina surat Al-
Maaidah
(61)
.
3. Penjelasan ngeunaan ayat nu kaunggel dina surat Al-
Kahfi
(62)
.
4. Masalah anu kacida penting pisan, nyaeta pengertian
ngeunaan percaya/iman ka Jibt jeung Thoghut, naha
sakadar percaya dina hate atawa nuturkeun eta
sanajan bari mibenci kana eta jeung ngarti kana
kabathilannana eta?. [sabagi buktina], naon anu
dicaritakeun ku kaom ahli kitab ka kaom kafir Makkah
yen eta (Jibt jeung Thoghut) teh leuwih
nuduhkeun/leuwih bener jalanna tibatan jalma-jalma
anu ariman.
5. Iman ka Jibt jeung Thoghut pasti bakal kajadian di
lingkungan umat Islam sakumaha anu geus

(60) Ayat ieu nunjukkeun yen lamun jalma-jalma anu diturunkeun ka
maranehna kitab daraek iman ka Jibt jeung Thoghut, maka teu
nutup kamungkinan jeung teu bisa dipungkir deui yen ieu umat
anu geus diturunan Al-Quran oge bakal milampah saperti anu
dipilampah ku umat samemehna margi Rosululloh parantos
maparinan terang yen bakal aya diantara ieu umat teh anu berbuat
saperti anu dipilampah ku urang-urang Yahudi jeung Nashroni.
(61) Ayat ieu nunjukkeun yen bakal kajadian di lingkungan ieu umat teh
anu nyarembah ka Thoghut sakumaha eta penyembahan ka
Thoghut teh geus pernah kajadian di umat samemehna nyaeta di
lingkungan ahli kitab.
(62) Ayat ieu nunjukkeun yen diantara umat ieu aya jalma-jalma anu
ngabangun tempat ibadah diluheun atawa disakurilingeun kuburan
sakumaha anu dilakukeun ku umat-umat anu samemehna.
Kitab Tauhid
108
ditetepkeun dina hadits Abu Said. Jeung memang ieu
teh bagian utamana ieu bab.
6. Pernyataan Rosululloh yen bakal kajadian
penyembahan terhadep berhala anu dilakukeun ku
sabagian ieu ummat.
7. Hiji hal anu kacida ngaherankeun nyaeta munculna
jalma-jalma anu ngaku jadi nabi saperti Al-Mukhtar bin
Ubaid Ats-Tsaqifi
(63)
; padahal manehna ngucapkeun
dua kalimah syahadat, jeung nganyatakeun yen dirina
kaasup umat Muhammad, jeung manehna yakin yen
Rosululloh teh hak jeung al-Quran teh hak nu dijerona
diterangkeun yen nabi Muhammad teh panutupan para
nabi sareng para Rosul Alloh. Tapi sok sanajan kitu,
nyatana manehna loba anu mercaya sanajan aya
kontradiksi nu kacida natratna. Manehna hirup dina
akhir zaman sahabat sarta dituturkeun ku sajumlah
pangikut.
8. Rosululloh ngadugikeun kabar gumbira yen al-haq
(Benerna Alloh sareng ajaran-Nana) moal bisa
dileungitkeun samasakali, sakumaha anu kajadian di
waktu nu geus kaliwat, tapi masih terus bakal aya
sakelompok jalma-jalma anu nyarekel pageuh jeung
ngabelaan bebeneran.
9. Bukti kongkrit (wujud nyatana) nyaeta : Aranjeuna teh
sanajan saeutik jumlahna, tapi teu kagoyahkeun ku
jalma-jalma anu nyacad jeung nentang ka aranjeunna.
10. Kondisi saperti ieu teh bakal tetep lumangsung sampe
datangna poe qiyamah.

(63) Al-Mukhtar bin Abu Ubaid bin Masud Ats-Tsaqifi. Kaasup tokoh nu
ngabarontak kana kakawasaan Bani Umayyah jeung nonjolkeun
kacintan ka ahlul Bait. Manehna ngaku jadi nabi tur meunang
wahyu. Dibunuh ku Mushab bin Zubair dina taun 67 H (687 M).
Kitab Tauhid
109
11. Bukti-bukti kana benerna kanabian Muhammad anu
terkandung dina ieu hadits nyaeta:
Pangumuman ti mantena SAW yen Alloh parantos
ngabeberkeun kanggo mantena beulahan bumi
bagian wetan jeung bagian kulon sareng
ngajelaskeun hartina eta, teras eta hal kajadian
sakumaha anu diuningakeun ku mantena SAW, lain
halna jeung bagian beulah kidul jeung kaler.
Pangumuman ti mantena SAW yen anjeuna teh
dipasihan dua simpenan anu berharga nyaeta
beureum jeung bodas.
Pangumuman ti mantena SAW yen dua doana
kanggo umatna diijabah ku Alloh Taala,
sedengkeun doa nu katiluna mah teu diijbah.
Pangumuman ti mantena SAW yen bakal kajadian
pertumpahan darah/perang di umatna, jeung lamun
geus kajadian, maka eta hal moal bisa
dieureunkeun sampe poe kiyamah.
Pangumuman ti mantena SAW yen sabagian umat
anjeuna bakal ngabinasakeun sabagianna deui
jeung sabagianna bakal nawan ka anu sabagianna
deui.
Pangumuman ti mantena SAW ngeunaan bakal
munculna jalma-jalma anu ngaku-ngaku jadi nabi.
Pangumuman ti mantena SAW yen bakal tetep aya
sakelompok jalma ti ieu umat anu tetep istiqomah
ngabelaan hak sarta bakal aya dina pertulungan
Alloh.
Sadaya hal ieu jelas-jelas kajadian sakumaha anu
diuningakeun ku mantena SAW, padahal sadaya ieu teh
diluar jangkauan akal manusa.
Kitab Tauhid
110
12. Mantena ngahariwangkeun di umatna muncul
pamingpin-pamingpin anu ngalinglungkeun umat.
13. Perluna perhatian kana mana tina penyembahan
berhala (terutama bentuk-bentuk nyatana di zaman
ayeuna..pent).




















Kitab Tauhid
111
BAB 24
HUKUM S I H I R

Dawuh Alloh :
1l ls _l 1.: ! l > _l>
Jeung demi estu geus nyaraho maranehna; estu anu geus
nalukeuran (meuli) kana eta, teuaya pikeun manehna di
akherat tina bagian. (QS. Al-Baqoroh: 102).
`` ,>l!, ,-Ll
Malercaya maranehna ka Jibt jeung Thoghut. (QS. An-
Nisaa: 51).
Numutkeun penafsiran Umar bin Khoththob : Jibt teh
sihir, sedengkeun Thoghut mah syetan.
Saur Jabir : Thoghut teh tukang ramal anu didatangan
syetan; nu aya di satiap kabilah.
Diriwayatkeun ti Abu Hurairoh dadawuh Rosululloh :
)) . .


((
Jaruahan tujuh perkara anu ngabinasakeun!.
Nyaranggem: Nun Rosululloh, sareng naon tea eta teh?.
Dadawuh: Syirik ka Alloh, jeung sihir, jeung ngabunuh diri anu
Kitab Tauhid
112
geus ngaharamkeun Alloh kajaba kalayan hak, jeung
ngadahar riba, jeung ngadahar harta yatim, jeung mabur
poean nyogrog ka musuh, jeung nuduh zina ka awewe-awewe
anu karaksa anu teu harib-harib kana zina anu ariman. (HR.
Bukhori sareng Muslim).
Diriwayatkeun ti Jundub dadawuh Rosululloh dina hadits
marfu:
)) ((
Hukuman pikeun tukang sihir teh disabet ku pedang.
(HR. Imam Tirmidzi, sareng saurna: Pamadegan nu paling
kuat yen ieu teh kasauran para sahabat").
Dina shohih Bukhori, ti Bajalah bin Abdah, sasauran
anjeuna: Umar bin Khoththob tos ngawajibkeun pikeun
ngabunuh satiap tukang sihir boh lalaki atawa awewe, nya
ngabunuh kuring ka tilu tukang sihir.
Jeung dina shohih Bukhori deuih, Hafshoh binti Umar
marentahkeun ngabunuh budak beuliannana nu awewe anu
geus nyihir ka anjeuna, nya dibunuh eta. Jeung nyakitu deuih
riwayat anu shoheh ti Jundub Ra.
Imam Ahmad sasauran: Diriwayatkeun dina hadits shohih,
yen hukuman mati pikeun tukang sihir ieu geus dilaksanakeun
ku tilu sahabat utama nabi SAW nyaeta Umar bin Khoththob,
Hafshoh binti Umar isteri nabi SAW sareng Jundub.

Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat nu kaunggel dina surat Al-
Baqoroh
(64)
.

(64) Ayat kahiji nunjukkeun yen sihir teh hukumna haram, sarta
pelakuna dipandang kafir, disagedengeun ngandung ancaman
Kitab Tauhid
113
2. Penjelasan ngeunaan ayat nu kaunggel dina surat An-
Nisaa
(65)
.
3. Penjelasan ngeunaan mana Jibt jeung Thoghut, sarta
perbedaan antara eta nu dua.
4. Thoghut teh terkadang ti jenis Jin, jeung kadang ti
jenis manusa.
5. Nganyahokeun tujuh perkara anu bisa ngakibatkeun
kabinasaan, nu dilarang sacara khusus ku nabi SAW.
6. Tukang sihir teh kafir.
7. Tukang sihir teh dihukum mati tanpa dipenta taubat
heula.
8. Lamun praktek sihir eta geus aya di lingkungan kaom
Muslimin zaman Umar bin Khoththob, bisa
dibayangkeun komo deui zaman sabada anjeuna
kaasup zaman modern ayeuna.







beurat pikeun jalma anu ngabalieur tina kitab Alloh, jeung
ngamalkeun amalan anu teu bersumber kana kitab Alloh.
(65) Ayat kadua nunjukkeun yen aya diantara ieu umat teh anu percaya
ka tukang sihir (Jibt), sakumaha ahli kitab ariman/palercaya kana
eta. Ieu masalah tos ditegeskeun ku Rosululloh yen diantara ieu
umat teh aya anu nuturkeun jeung niru-niru pola hirup/tradisi umat
nu samemehna.
Kitab Tauhid
114
BAB 25
BENTUK-BENTUK SIHIR

Imam Ahmad ngariwayatkan: Geus nyarioskeun ka
simkuring Muhammad bin Jafar ti Auf ti Hayyan bin Alaa ti
Qothon bin Qubaishoh ti ramana, parantos ngadangu anjeuna
ka Rosululloh dadawuh:
)) ((
Saestuna ari Iyafah, jeung Thorq jeung Thiyaroh teh ti
bagian Jibt.
Auf nafsirkeun hadits ieu ku nguningakeun: "Iyafah"
nyaeta: ngaramal nasib jalma ku jalan ngahiberkeun manuk.
"Thorq" nyaeta: ngaramal nasib jalma ku jalan nyieun
guratan-guratan diluhureun taneuh.
"Jibt" nyaeta sakumaha anu geus dijelaskeun ku Hasan,
nyaeta sora atawa bisikan syetan (Hadits kalayan sanad
jayyid).
Jeung diriwayatkeun deuih ku Abu Dawud, An-Nasaa-i
sareng Ibnu Hibban dina shohihna kalayan nyebutkeun
pokpokan hadits ti Qubaishoh tanpa nerangkeun
penafsirannana.
Diriwayatkeun ti Ibnu Abbas dadawuh Rosululloh :
))
((
Singsaha anu diajar kana hiji cabang tina elmu
perbintangan, nya estu geus diajar manehna kana sacabang
tina sihir; nambahan eta kana nu nambahan manehna (beuki
Kitab Tauhid
115
tambah elmuna, bakal tambah oge dosana). (HR. Abu Dawud
kalayan sanad shohih).
An-Nasa'i ngariwayatkeun hadits ti Abu Hurairoh
dadawuh Rosululloh :
))
((
Saha anu nyieun hiji cangreudan tuluy niup manehna dina
eta, nya estu geus nyihir manehna. Jeung saha anu nyihir, nya
estu geus musyrik. Jeung saha anu ngagantungkeun hiji
perkara (sabagi jimat), bakal dipasrahkeun manehna kana eta
(Alloh ngajadikeun manehna gumantung kana eta..pent).
Ti Ibnu Masud saestuna Rosululloh dadawuh:
)) ((
Naha tong ngabejakeun kaula ka aranjeun naon ari idloh
teh?. Eta teh ngadu dombakeun-mindahkeun omongan antara
jalma-jalma. (HR. Muslim).
Ibnu Umar nguningakeun, dawuhan Rosululloh dina
hadits:
)) ((
Saestuna tiantara katerangan/penjelasan teh estu
(kakuatan) sihir. (HR. Bukhori Muslim).

Kandungan ieu bab:
1. Di antara bentuk sihir (Jibt) teh nyaeta Iyafah, thorq
jeung thiyaroh.
Kitab Tauhid
116
2. Penjelasan ngeunaan mana iyafah, thorq jeung
thiyaroh.
3. Elmu nujum (perbintangan) teh kaasup salahsahiji
jenis sihir.
4. Nyieun cangreudan, terus ditiupkeun kana eta kaasup
sihir.
5. Ngadu dombakeun oge kaasup perbuatan sihir.
6. Kaendahan susunan omongan [nu ngajadikeun
kabathilan saolah-olah hak jeung hak saolah-olah
kabatilan] eta oge kaasup bagian tina sihir.
















Kitab Tauhid
117
BAB 26
DUKUN, TUKANG RAMAL JEUNG SABANGSANA

Diriwayatkeun ku Imam Muslim dina kitab shohihna, i
salahsawios istri Nabi , wireh Rosululloh dadawuh:
))
((
Saha anu ngadatangan ka Arrof (orang pintar/tukang
ramal) terus nanyakeun ka manehna tina hiji perkara nya
ngabenerkeun manehna kana eta, moal ditarima pikeun
manehna hiji sholat oge salama opat puluh poe.
Abu Dawud ngariwayatkeun ti Abu Hurairoh dadawuh
Rosululloh :
))
((
Singsaha anu datang ka dukun terus ngabenerkeun ka
manehna kana nu ngucapkeun manehna, nya estu geus kufur
manehna kana nu geus diturunkeun ka Muhammad . (HR.
Abu Dawud).
Jeung diriwayatkeun ku imam nu opat
(66)
sareng Al-Hakim
kalayan nganyatakeun: Hadits ieu shohih nurutkeun
syarat/kriteria Imam Bukhori sareng Muslim ti Abu Hurairoh
wireh Rosululloh dadawuh:

(66) Nyaeta: Abu Dawud, At-Tirmidzi, An-Nasaai sareng Ibnu Majah.
Kitab Tauhid
118
))
((
Singsaha anu datang ka Arrof atawa ka kahin terus
ngabenerkeun ka manehna kana nu ngucapkeun manehna,
nya estu geus kufur manehna kana nu geus diturunkeuun ka
Muhammad .
Abu Yala oge ngariwayatkeun hadits mauquf ti Ibnu
Masud saperti anu disebut di luhur, kalayan sanad Jayyid.
Al-Bazzar kalayan sanad Jayyid ngariwayatkeun hadits
marfu ti Imron bin Hushain, wireh Rosululloh dadawuh:
))

((
Lain ti bagian kaula, anu ngalakukeun tathoyyur atawa
dipangtathoyyurkeun keur manehna, atawa ngadukun atawa
dipang ngadukunkeun keur manehna, atawa nyihir atawa
dipangnyihirkeun keur manehna. Jeung saha anu datang ka
dukun terus ngabenerkeun ka eta, nya estu geus kufur
manehna ka anu geus diturunkeun ka Muhammad .
Hadits ieu diriwayatkeun oge ku Ath-Thobroni dina Mujam
Al-Ausath kalayan sanad hasan ti Ibnu Abbas tanpa
nyebutkeun kalimat: jeung saha anu datang ka dukun
jst.
Kitab Tauhid
119
Imam Al-Baghowi
(67)
sasauran: Al-Arrof (peramal) nyaeta
jalma anu ngaku yen dirina nganyahokeun hal-hal ghoib ku
ngagunakeun isyarat-isyarat anu digunakeun pikeun
nganyahokeun barang anu ilang atawa anu dipaling jeung
sajabana. Aya oge nu nerangkeun yen Arrof teh nyaeta
dukun, nyaeta jalma anu bisa mere info ngeunaan hal-hal
ghoib nu bakal kajadian di zaman rek datang. Jeung aya oge
nu nyebutkeun: Manehna teh nyaeta anu bisa ngabejakeun
ngeunaan naon anu aya dina hatena hiji jalma.
Nurutkeun Abu Abbas Ibnu Taimiyah: Al-Arrof nyaeta
sesebutan pikeun dukun, ahli nujum, peramal nasib jeung
sabangsana anu ngaku-ngaku yen dirina nyaho kana hal-hal
ghoib kalayan cara maranehna sorangan.
Ibnu Abbas sasauran ngomentaran jalma-jalma anu
naruliskeun huruf-huruf bari nareangan rasiah huruf
jeung merhatikeun bentang-bentang: Simkuring teu terang
naha eta jalma nu ngalakukeun kitu teh boga bagian di
hadepan Alloh atanapi henteu?.

Kandungan ieu bab:
1. Teu bisa patepung dina diri hiji mumin antara iman kana
Al-Quran jeung percaya ka tukang ramal, dukun jeung
sabangsana.
2. Pernyataan Rosul yen percaya kana ucapan dukun teh
mangrupakeun kakufuran.

(67) Abu Muhammad Al-Husain bin Masud bin Muhammad Al-Farro,
atawa Ibnu Farro Al-Baghowi. Dipasihan gelar Muhyi Sunnah.
Kitab-kitab anu disusunna diantawisna: Syarh as-Sunnah, al-Jami
baina ash shohihain. Lahir dina taun 436 H (1044 M), sareng wafat
taun 510 H (1117 M).
Kitab Tauhid
120
3. Ancaman pikeun jalma mumin nu menta diramal nasib.
4. Ancaman pikeun jalma anu menta di tathoyyur-keun.
5. Ancaman pikeun jalma anu menta dipangnyihirkeun.
6. Ancaman pikeun jalma anu nulis huruf-huruf
[pikeun neangan rasiah].
7. Perbedaan antara Kahin jeung Arrof, [yen kahin/dukun
nyaeta jalma anu mere katerangan ngeunaan hal-hal nu
bakal kajadian di zaman nu bakal kasorang anu disadap
ti syetan tukang maling berita langit].
















Kitab Tauhid
121
BAB 27
NUSYROH

Diriwayatkeun ti Jabir , wireh Rosululloh nalika ditaros
tina hal Nusyroh, mantena ngadawuh:
)) ((
Eta teh tiantara perbuatan syetan. (HR.Ahmad kalayan
sanad anu sae, sareng Abu Dawud).
Imam Ahmad nalika ditaros ngeunaan nusyroh, ngawaler:
Ibnu Masud mibenci eta sadayana.
Diriwayatkeun dina shohih Bukhori, wireh Qotadah
nguningakeun: "Simkuring tumaros ka Said bin Musayyab:
Salahsaurang anu kakeunaan sihir atawa pangjahilan/guna-
guna sahingga teu bisa ngajima ka isterina, naha meunang
manehna diubaran kalayan ngagunakeun nusyroh?. Walerna:
)) ((
Teu naon-naon ka manehna; tayalian ngamaksud
maranehna teh kana kaberesan. Nya ari nu manfaat mah nya
teu dilarang tina eta.

Diriwayatkeun ti Al-Hasan anjeuna sasauran: teuaya nu
bisa ngalepaskeun kana pangaruh sihir kajaba tukang sihir.
Ibnul Qoyyim ngajelaskeun: Nusyroh teh ngubaran jalma
nu kakeunaan sihir. Carana aya dua jalan:
Kahiji: ku jalan ngagunakeun sihir deui, jeung hal eta mah
anu kagolong perbuatan syetan. Jeung pamadegan
Al-Hasan diluhur kagolong kana ieu hal, lantaran
masing-masing ti jalma anu ngubaran jeung anu
Kitab Tauhid
122
diubaran ngayakeun pendekatan/istikhdam ka
syetan ngagunakeun cara nu dipiloyog ku syetan,
sahingga ku eta cara, perbuatan syetan tadi
dianggap gagal mere pangaruh ka jalma anu keuna
sihir tadi.
Kadua: Pengobatan kalayan ngagunakeun ruqyah jeung
ayat-ayat nu ngandung eusi menta perlindungan
jeung pertulungan ka Alloh , oge ku ngagunakeun
obat-obatan jeung doa-doa anu dimeunangkeun ku
agama Islam. Cara samodel kieu hukumna ja-iz
(wenang).

Kandungan ieu bab:
1. dilarangna Nusyroh (Ngalawan sihir ku sihir).
2. Perbedaan antara Nusyroh anu dilarang jeung anu
diwenangkeun. Ku cara ieu jadi jelas masalahna.











Kitab Tauhid
123
BAB 28
AT-TATHOYYUR
(Anggapan gara-gara mujur atawa sial ku manuk)

Dawuh Alloh :
!| `L s < _>l . l-
Inget, tayalian anggapan sial aranjeun teh di hadepan
Alloh; tur tapi kalolobaan maranehna teu ngalarti. (QS. Al-
Aroof: 131).
l! `L >- _ . , `. .
Jeung nyaranggem aranjeuna (para Rosul): Anggapan sial
aranjeun teh barengan aranjeun. Naha lamun dielingan
aranjeun (Naha aranjeun boga nasib sial)?. Balik aranjeun teh
kaom anu pada leuleuwiheun. (QS. Yaasin: 19).
Diriwayatkeun ti Abu Hurairoh dadawuh Rosululloh :
)) (( ,
)) ((
Teuaya Adwa, jeung teuaya Thiyaroh, jeung teuaya
Hamah, jeung teuaya Shofar. (HR. Bukhori sareng Muslim),
jeung dina riwayat Imam Muslim mah aya tambahan: jeung
teuaya Nau, jeung teuaya ghaul.
(68)
.

(68) Adwa: penularan panyakit. Maksud dawuh Nabi di dieu nyaeta
pikeun nolak anggapan maranehna nalika masih hirup di zaman
jahiliyah, yen panyakit teh bisa nular kalayan carana sorangan
tanpa pangersa sareng takdir Alloh . Anggapan ieu anu ditolak
Kitab Tauhid
124

ku Rosululloh , sanes ayana penularan; sabab dina riwayat
sanesna saparantos ieu hadits, disebutkeun:
)) ((
Jeung kudu mabur aranjeun ti anu kakeunaan corob saperti anu
mabur aranjeun tina singa. (HR. Bukhori).
Ieu hadits nuduhkeun yen penularan panyakit ku soranganna eta
teuaya, tapi sakabehna eta berjalan kalayan pangersa Alloh sareng
takdir Mantena, tapi sabagi jalma muslim disagedengeun iman
kana takdir Allokasebut, oge kudu ngupayakeun ngalakukeun
tindakan pencegahan samemeh keunana eta panyakit kana diri ku
jalan ngajauhan eta panyakit saperti halna urang ngajauhan singa.
Nya ieu teh mangrupakeun hakekat iman kana takdir Alloh.
Thiyaroh: anggapan kakeunaan nasib sial atawa ngaramal nasib
goreng lantaran ningali manuk, sato sejenna, atawa naon bae.
Hamah: burung hantu. Jalma-jalma jahiliyah ngarasa boga nasib
sial ku ningali kana eta manuk; lamun aya manuk eta eunteup
kana luhureun imah salahsaurang diantara maranehna, manehna
boga anggapan yen eta manuk teh mawa berita kematian boh nu
patalian jeung dirina, atawa salahsaurang anggota kulawargana.
Sareng maksud mantena SAW nyaeta pikeun nampik anggapan
anu teu berdasar ieu. Pikeun hiji jalma muslim, anggapan samodel
kieu teh wajib dipupus terus kudu ditumbuhkeun kayakinan yen
sadaya anu kajadian dina kahirupan teh lumangsung dumasar
perkara anu parantos ditangtukeun ku Alloh.
Shofar: bulan kadua dina taun hijriyah, nyaeta bulan sabada
Muharram. Kaom jahiliyah baroga anggapan yen bulan shofar sok
mawa nasib sial atawa teu nguntungkeun. Hal samodel kieu
dibantah ku pernyataan Rosululloh SAW ngalangkungan ieu hadits
yen saestuna teuaya kasialan anu bisa ditempuhkeun kana
datangna bulan Shofar. Kaasup oge dina ieu anggapan nyaeta
ngarasa yen poe rebo ngadatangkeun sial jeung sabangsana. Ieu
hal teh kagolong jenis thiyaroh anu dilarang keras dina Islam.
Nau: bentang; harti asalna mah: teuleum atawa bijilna hiji
bentang. Kaom jahiliyah nganisbatkeun turunna hujan kana
bentang ieu atawa bintang itu. Nya Islam sumping kanggo ngikis
Kitab Tauhid
125
Imam Bukhori sareng Muslim ngariwayatkeun oge ti Anas
bin Malik , anjeuna sasauran: Rosululloh parantos
dadawuh:
)) (( . . ))
((
Teuaya Adwa jeung teuaya Thiyaroh; jeung narik
perhatian ka kaula teh Falu. Nyaranggem: sareng naon ari
Falu teh?. Dadawuh: Kalimah thoyyibah (kalimah anu hade).
Abu Dawud ngariwayatkeun kalayan sanad anu shohih, ti
Uqbah bin Amir, anjeuna sasauran: Thiyaroh disebut-sebut
dipayuneun Rosululloh , nya dadawuh mantena:

habis anggapan-anggapan bidah saperti kieu, yen teuaya turun
hujan karana bentang, tapi sadaya kajadian-kaasup turunna hujan-
eta berjalan numutkeun takdir Alloh .
Ghoul: hantu/siluman, salahsahiji makhluk halus jenis jin.
Maranehna baroga anggapan yen hantu ieu kalayan robah
bentuk/wujud atawa rupana bisa ngajadikeun linglungna hiji jalma
atawa nyilakakeunnana. Sedengkeun maksad dawuhan nabi SAW
di dieu teu ngandung harti nganafikeun kana ayana makhluk
halus/makhluk ghoib saperti ieu, tapi kanggo nampik anggapan
maranehna anu teu bener nu ngakibatkeun sieun ka salian Alloh,
sarta ngaleungitkeun rasa tawakkal ka Mantena. Hal ieu anu
ditolak ku nabi SAW sahingga mantena ngadawuhkeun: Lamun
hantu beraksi nyingsieunan aranjeun, nya prak ucapkeun adzan.
Hartina: Pek tolak kajahatannana ku jalan dzikir ka Alloh. Hadits
ieu diriwayatkeun ku Imam Ahmad dina Al-Musnad.

Kitab Tauhid
126
)) .

((
Pang hadena eta teh Al-Falu, jeung (eta thiyaroh teh) teu
meunang ngagagalkeun ka jalma muslim, nya dimana ningali
salahsaurang aranjeun kana nu mikabenci manehna, nya
ucapkeun: Nun gusti Alloh, teu ngadongkapkeun kana
kasaean-kasaean teh kajabi gusti, sareng teu nolak kana
kajahatan-kajahatan teh kajabi gusti, sareng teuaya daya
sareng teuaya kakuatan kajaba kalayan (pertulungan) gusti.
Abu Dawud ngariwayatkeun hadits marfu ti Ibnu Masud
, dadwuh Rosululloh :
))
((
Ari thiyaroh teh musyrik; ari thiyaroh teh musyrik; jeung
teuaya tiantara abdi sadaya kajaba (Geus pernah kajadian
dina hatena itu anggapan), tur tapi Alloh tiasa ngilangkeun
kana eta ku tawakkal (ka Mantena). (HR.Abu Dawud).
Hadits ieu diriwayatkeun oge ku At-Tirmidzi sareng
dinyatakeun shohih, jeung ari kalimat terakhir ku anjeuna
dijadikeun sabagi ucapannana Ibnu Masud.
Imam Ahmad ngariwayatkeun hadits ti Ibnu Umar ,
dadawuh Rosululloh :
Kitab Tauhid
127
)) (( .
. )) .
((
Saha anu nahan ka manehna thiyaroh tina pangabutuhna,
nya estu geus musyrik manehna. Nyaranggem: Nya naon
kifaratna eta teh?. Dadawuh: Yen ngucapkeun anjeun: Nun
gusti Alloh, teuaya kasaean kajabi kasaean salira, sareng
teuaya anggapan sial kajabi anu (dianggap sial) ku salira;
sareng teuaya panembahan salian salira.
Jeung dina riwayat anu sanesna ti Fadhl bin Abbas,
Rosululloh dadawuh:
)) ((
Tayalian ari thiyaroh teh anu ngalangsungkeun ka anjeun
atawa nahan ka anjeun (tina tujuan anjeun).

Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan kadua ayat di lujur; surat Al-
Aroof ayat 131, sareng surat Yasin ayat 19.
2. Pernyataan yen teuaya Adwa.
3. Pernyataan yen teuaya thiyaroh.
4. Pernyataan yen teuaya hamah.
5. Pernyataan yen teuaya sial di bulan Shofar.
6. Al-Falu teu kaasup anu dilarang ku Rosululloh, malah
dianjurkeun.
7. Penjelasan ngeunaan mana Al-Falu.
Kitab Tauhid
128
8. Lamun kajadian tathoyyur dina hate hiji jalma tapi
manehna teu miharep eta, maka eta hal teh teu
dipandang dosa dina dirina malah Alloh bakal
ngilangkeunnana mun eta jalma balik kana tawakkal ka
Mantena.
9. Penjelasan ngeunaan doa anu dibacana, nalika
salahsaurang manggihan/ngalaman eta hal .
10. Ditegeskeun yen thiyaroh teh kaasup kamusyrikan.
11. Penjelasan ngeunaan thiyaroh anu tercela jeung
terlarang dina pandangan syari.
















Kitab Tauhid
129
BAB 29
ELMU NUJUM (PERBENTANGAN)

Imam Bukhori ngariwayatkeun dina kitab shohihna ti
Qotadah sasauran anjeuna:
)) . ,

((
Parantos midamel Alloh kana ieu bentang-bentang teh
pikeun tilu perkara: panghias pikeun langit, jeung pamaledog
pikeun syetan-syetan, jeung pirang-pirang tanda dipake
padoman kana eta. Nya saha anu nawiel dina eta kana saluar
itu, nyalahana manehna jeung ngalalaworakeun manehna
kana bagiannana jeung geus maksakeun maneh manehna
kana nu teuaya elmu pikeun manehna dina eta.
Samentara ngeunaan elmu pikeun nganyahokeun posisi
peredaran bulan, Qotadah nguningakeun kana makruhna eta,
sedengkeun Ibnu Uyainah mah teu ngameunangkeun
sakumaha anu diuningakeun ku Harb ti aranjeunna duaan.
Tapi Imam Ahmad mah ngameunangkeun kana eta
(69)
.
Abu Musa sasauran: Rosululloh ngadawuhkeun:
))
((

(69) Maksudna, mempelajari posisi panon poe, bulan jeung bentang,
pikeun nganyahokeun arah kiblat, waktu sholat jeung sabangsana,
maka eta hal dimeunangkeun ku agama Islam.
Kitab Tauhid
130
Tilu anu moal arasup ka surga: tukang nginum arak, jeung
anu tukang megatkeun kasanakan jeung anu percaya ka
tukang sihir
(70)
. (HR. Ahmad sareng Ibnu Hibban dina kitab
shohih aranjeunna).

Kandungan ieu bab:
1. Hikmah diciptakeunnana bentang-bentang.
2. Bantahan ka jalma anu ngabogaan anggapan ayana
fungsi sejen pikeun diluar tilu hal anu disebutkun dina
hadits.
3. Ayana perbedaan pendapat dilingkungan ulama
ngeunaan hukum mempelajari elmu letak peredaran
bulan (elmu astrologi).
4. Ancaman pikeun jalma anu percaya kana sihir (anu
diantara jenisna nyaeta elmu perbentangan), sanajan
manehna nyaho kana kabathilannana eta.



(70) Percaya kana sihir anu diantara jenisna eta teh elmu nujum
(astrologi), sakumaha anu geus dinyatakeun dina hiji hadits:
Singsaha anu diajar sacabang tina elmu perbentangan, diajar
manehna kana sacabang tina sihir.. uninga bab 25.
Kitab Tauhid
131
BAB 30
NGANISBATKEUN TURUNNA HUJAN KA BENTANG

Dawuh Alloh :
l-> > > ,>.
Jeung ngajadikeun aranjeun kana rizki aranjeun; saestuna
aranjeun ngabarohongkeun. (QS. Al-Waaqiah: 82).
Diriwayatkeun ti Abu Malik Al-Asyari dadawuh
Rosululloh :
)) .
,
.
((
Opat perkara di umat kaula tina aturan jahiliyah moal
ninggalkeun maranehna kana eta: agul ku luluhur/karuhun,
jeung nyacad dina hal turunan, jeung menta hujan ku
bentang-bentang jeung sasambat ka mayit. Jeung dadawuh
mantena: Ari tukang sasambat (ka mayit) dimana teu tobat
samemeh maotna, ditangtungkeun manehna dina poe
kiyamah bari ka manehna teh calana tina qothiron (hancuran
karet) jeung mantel tina jarob (mantel nu pinuh ku
merang/kuman). (HR. Muslim).
Imam Bukhori sareng Muslim ngariwayatkeun ti Zaid bin
Kholid anjeuna sasauran: Rosululloh ngimaman abdi
sadaya dina sholat shubuh di Hudaibiyah kami pada shalat
subuh di Hudaibiyah dina tapak hujan kajadian tipeuting. Nya
Kitab Tauhid
132
nalikana geus rengse, mayun mantena ka jalma-jalma teras
dadawuh:
)) . .
.
. ,
((
Naha nyaho aranjeun kana naon geus ngadawuhkeun
pangeran aranjeun?. Nyaranggem: Alloh sareng rosul-Na Nu
Langkung Uninga. Dadawuh: Dadawuh Mantena: Geus asup
shubuh tiantara abdi-abdi kaula nu iman ka kaula jeung kufur.
Nya aria nu ngucapkeun: Geus dihujanan kuring sadaya teh
sabab kurnia Alloh sareng Rohmat-Na, nya tuh itu teh nu iman
ka kaula, kufur ka bentang-bentang. Jeung aria nu
ngucapkeun: Geus dihujanan kuring sarerea sabab bentang
kieu, jeung kieu, nya tuh itu teh anu kufur ka kaula; iman ka
bentang-bentang.
Imam Bukhori sareng Muslim ngariwayatkeun hadits ti Ibnu
Abbas anu manana diantarana disebutkeun kieu:
)) . .
`. _ , >l
Geus nyarita sabagian maranehna: Demi estu geus
bener bentang kieu jeung kieu. Nya ngalungsurkeun Alloh
kana ieu ayat:
`. _, >l , >. .
Kitab Tauhid
133
Nya lain sumpah kaula ku tempat-tempat pamuragan
bentang-bentang dugi kana dawuh Mantena:
Ngabarohongkeun
(71)
.

Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan maksud ayat dina surat Al-
Waaqiah
(72)
.
2. Nyebutkeun ayana opat perkara anu kaasup perbuatan
jahiliyah.
3. Pernyataan yen salahsahiji diantarana kagolong
perbuatan kufur (nyaeta nganisbatkeun turunna hujan
kana bentang tertentu)
4. Kufur teh diantarana aya nu teu matak ngajadikeun
manusa kaluar tina Islam.
5. Di antara dalilna nyaeta dawuhan Alloh anu
didawuhkeun ku Nabi dina hadits Qudsi: Geus asup
shubuh diantara abdi-abdi kaula teh nu iman ka kaula
jeung anu kufur ka kaula.. disababkeun turunna
nimat hujan.
6. Perlu pamahaman anu jero ngeunaan iman dina ieu
kasus.
7. Nyakitu oge ngeunaan kufur dina ieu kasus.

(71) Surat Al-Waaqiah, ayat 75 82.
(72) Dina ieu ayat, Alloh moyok ka jalma-jalma musyrik sabab
kakufuran maranehna kana ni;mat Alloh anu dikurniakeun ku
Mantena ku jalan nganisbatkeun turunna hujan kana bentang;
sareng Alloh nganyatakeun yen eta omongan teh teu bener sabab
turunna hujan lain karana bentang tapi mangrupakeun
kurnia/nimat anu lungsur tina rohmat Alloh samata-mata.
Kitab Tauhid
134
8. Di antara pengertian kufur, nyaeta ucapan
salahsaurang tiantara maranehna: Estu geus bener
bentang ieu atawa bentang itu.
9. Metode pengajaran ka jalma anu teu ngarti masalah ku
jalan ngajukeun hiji pertanyaan, saperti dawuh nabi
SAW: Naha nyaho aranjeun naon anu geus
ngadawuhkeun pangeran aranjeun teh?.
10. Ancaman pikeun awewe anu sok sasambat ka mayit.







Kitab Tauhid
135
BAB 31
[MAHABBAH (CINTA KACIDA) KA ALLOH]

Dawuh Alloh :
_!l _ . _ < ,> > <
_l ` : !',`> <
Jeung tiantara jalma-jalma teh (aya) anu ngajadikeun ti
salian Alloh saengan-saengan; Mikacinta maranehna ka eta
saperti mikacinta ka Alloh. Jeung ari anu geus ariman mah
leuwih kacida cintana ka Alloh. (QS. Al-Baqoroh: 165).
| l !, !, >>| />`> `>.,: s
!.. > : !!. _>. ! .. >
l| < .&! !> .&#, .,. _.> .! <
.!,
Caritakeun: Lamun bukti bapa-bapa aranjeun jeung anak-
anak aranjeun jeung dulur-dulur aranjeun jeung pamajikan-
pamajikan aranjeun jeung kulawarga aranjeun jeung
babarangan anu geus ngusahakeun aranjeun kana eta jeung
perdagangan anu mikasieun aranjeun kana rugina eta jeung
tempat-tempat anu misuka aranjeun kana eta leuwih
nyintakeun ka aranjeun tibatan Alloh jeung Rosul-Na jeung
jihad dina jalan Mantena, nya prak narunggu-nunggu sampe
nyumpingkeun Alloh kana aturan/kaputusan-Nana. (QS. At-
Taubah: 24).
Kitab Tauhid
136
Imam Bukhori sareng Muslim ngariwayatkeun ti Anas ,
dadawuh Rosululloh :
))
((
Teu iman salahsaurang aranjeun sampe bukti kaula teh
leuwih dipikacinta ku manehna tibatan anakna jeung bapana
jeung jalma-jalma sakabehna.
Jeung diriwayatkeun ku Imam Bukhori sareng Muslim ti
Anas Rosululloh dadawuh:
)) .


(( . ))
... ((
Tilu perkara; saha anu aya eta di manehna, manggihan
manehna kana amisna iman: Yen bukti Alloh jeung Rosul-Na
leuwih dipikacinta ku manehna tibatan anu salian aranjeuna;
jeung yen mikacinta manehna ka hiji jalma, teu mikacinta
manehna ka eta kajaba karana Alloh. Jeung yen mibenci
manehna yen balik dina kakufuran sabada yen nyalametkeun
ka manehna Alloh tina eta sakumaha anu benci manehna yen
dipangpengkeun dina naraka. Jeung dina hiji riwayat:
Moal manggihan salahsaurang kana amisna iman sampe..
nepi ka akhirna.
Ibnu Jarir ngariwayatkeun ti Ibnu Abbas , sasauran
anjeuna:
Kitab Tauhid
137
))


((
Saha anu mikacinta di hal Alloh, jeung benci di hal Alloh,
jeung ngabelaan di hal Alloh, jeung ngamusuhan di hal Alloh,
nya tayalian bakal dibeunangkeun perlindungan Alloh sabab
itu. Jeung moal manggihan hiji abdi kana rasana iman bari
sanajan loba sholatna jeung saumna sampe bukti manehna
saperti kitu. Jeung estu geus kajadian kalolobaannana
dudularannana manusa teh karana urusan dunya; jeung ari itu
teh moal mawa guna ka ahlina eta saperkara oge.
Ibnu Abbas nafsiran Dawuhan Alloh :
-L1. `, ,!,` . .
Jeung geus putus di maranehna pertalian-pertalian.
(QS. Al-Baqoroh: 166). Anjeuna netelakeun: nyaeta putus
kadeudeuh.
Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Al-Baqoroh
(73)
.
2. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat At-Taubah
(74)
.

(73) Ayat ieu nunjukkeun yen singsaha anu ngajadikeun sembahan di
salian Alloh ku jalan mikacinta kana eta saperti mikacinta ka Alloh,
maka manehna teh geus musyrik (musyrik mahabbah).
(74) Ayat ieu nunjukkeun yen cinta ka Alloh jeung cinta ka anu
dipicintaku Alloh (nyaeta Rosul Alloh), wajib diheulakeun
diluhureun sagala cinta.
Kitab Tauhid
138
3. Wajib micinta Rosululloh leuwih ti cinta ka diri
sorangan, kulawarga sareng harta banda.
4. Pernyataan Teu iman dina ieu hadits, lain ngandung
harti kaluar tina Islam.
5. Iman teh ngabogaan rasa amis, kadang bisa
dirasakeun amisna teh, kadang oge henteu.
Disebutkeun opat sikep anu mangrupakeun syarat
mutlak pikeun meunangkeun kacintaan Alloh. Jeung hiji
jalma moal manggihan/ngarasakeun kana lezatna iman
kajaba ku opat sikep tadi.
6. Pamahaman Ibnu Abbas kana kanyatan, yen hubungan
persahabatan/duduluran antara sasama manusa teh
dina pada umumna mah dibangun kalayan dasar
kapentingan duniawi.
7. Penjelasan ngeunaan Dawuhan Alloh: Jeung pegat
di maranehna pertalian-pertalian.
(75)

8. Disebutkeun yen di antara jalma-jalma musyrik aya nu
mikacinta ka Alloh kalayan kacintaan nu kacida gede.
9. Ancaman keur singsaha wae anu mikacinta dalapan
perkara di luhur (kolot, barudak, paman, kulawarga,
pamajikan, harta kakayaan, tempat cicing jeung
perusahaan) leuwih tibatan cintana ka Alloh, Rosul-Na
sareng jihad melaan agama Mantena.
10. Mangeran ka salian Alloh ku jalan micinta kana eta
sakumaha mikacinta ka Alloh mangrupakeun salahsahiji
bentuk musyrik akbar (musyrik gede).

(75) Ayat ieu nunjukkeun yen kacintaan jeung kasimpatian anu geus
dibina ku kaom musyrikin didunya bakal terputus samasakali di
akherat, sarta masing-masing maranehna bakal ngabelaan dirina
sewang-sewangan (lulubaran).
Kitab Tauhid
139
BAB 32
[MIKAREMPAN KA ALLOH]

Dawuh Alloh :
!| `>l _L:l !l !. l> | .
_,
Tayalian itu teh syetan, nyingsieunan manehna ka para
pangikutna; nya ulah mikasieun aranjeun ka maranehna jeung
kudu marikasieun aranjeun teh ka kaula lamun nyata aranjeun
anu ariman. (QS. Ali Imron: 175).
!| `- >. < _ <!, l > ! l.l
. l `l _ | < _.- ,l` > _
_.l
Tayalian bakal ngamamurkeun kana masjid-masjid Alloh
teh anu iman ka Alloh jeung kana poe akhir jeung ngadegkeun
kana sholat jeung masrahkeun kana zakat jeung teu sieun
kajaba ka Alloh. Nya mudah-mudahan itu yen jadi maranehna
tibagian anu mareunang pituduh. (QS. At-Taubah: 18).
_ _!l _ `1 ! <!, | < -> .
_!l ,- < _l l> "`. _ ,, _l1l !| ! >-
_l < l.!, !, . _,l-l
Kitab Tauhid
140
Jeung tiantara jalma-jalma teh (aya) anu ngomong: Iman
kuring sadaya ka Alloh. Nya dimana dinyenyeri manehna di hal
Alloh, ngajadikeun manehna kana siksaan jalma-jalma teh
saperti siksaan Alloh. Jeung demi lamun datang pertulungan ti
pangeran anjeun, tangtu ngucapkeun pisan maranehna:
saestuna kuring sadaya kabuktian kuring sadaya marengan
aranjeun. Naha lain Alloh teh kana nu langkung uninga ka anu
dina hate-hate antero alam?. (QS. Al-Ankabuut: 10).
Diriwayatkeun dina hadits marfu ti Abu Sai'd , Rosululloh
dadawuh:
))

_ ((
Saestuna tina lemahna kayakinan teh yen neangan ridlo
ka jalma-jalma ku bebendon Alloh, jeung yen muji anjeun ka
maranehna karana rizki Alloh (nu ngaliwatan manehna) ,
jeung yen nyacad anjeun ka maranehna kana nu can
masihkeun ka anjeun Alloh. Saestuna rizki Alloh teh moal narik
kana eta keukeureuweutna anu keukeureuweut, jeung moal
nolak kana eta kasumingkian anu sumingki.
Diriwayatkeun ti Aisyah,dadawuh Rosululloh :
))

((
Saha anu neangan ridlo Alloh ku kabencian jalma-jalma,
ridlo Alloh ti manehna jeung ngaridlokeun Mantena ti manehna
jalma-jalma. Jeung saha anu neangan ridlo manusa ku
Kitab Tauhid
141
bebendon Alloh, mibendu Alloh ka manehna jeung mibenci ka
manehna jalma-jalma. (HR. Ibnu Hibban dina kitab
shohihna).

Kandungan ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Ali Imron
(76)
.
2. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat At-Taubah
(77)
.
3. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Al-Ankabuut
(78)
.
4. Keyakinan teh bisa nguatan jeung bisa lemah.
5. Tanda-tanda lemahna kayakinan diantarana tilu perkara
anu disebutkeun dina hadits Abu Sai'd diluhur.
6. Ngamurnikeun rasa rempan ngan ka Alloh, eta
mangrupakeun hiji kawajiban.
7. Ayana ganjaran pikeun anu ngalakukeunnana.
8. Ayana ancaman ka jalma anu ninggalkeunnana eta.




(76) Ayat ieu nunjukkeun yen khouf (rempan) teh kaasup ibadah anu
wajib ditujukeun ka Alloh samata-mata, jeung diantara tanda
kasampurnaannana iman teh nyaeta teu ngarasa rempan ka naon
bae iwal ti ka Alloh Nyalira.
(77) Ayat ieu nunjukkeun yen ngamurnikeun rasa rempan ka Alloh teh
wajib, sakumaha wajibna sholat, zakat jeung kawajiban lianna.
(78) Ayat ieu nunjukkeun yen ngarasa sieun kana kakuciwaan jeung
katugenah ti jalma-jalma dilantarankeun iman ka Alloh, eta kaasup
sieun ka salian Alloh, sakaligus nunjukkeun kawajiban sabar dina
nyekel pageuh kana jalan Alloh.
Kitab Tauhid
142
BAB 33
[TAWAKKAL KA ALLOH]

Dawuh Alloh :
ls < l . | . _,
Jeung ka Alloh nya kudu tawekkal aranjeun lamun nyata
aranjeun nu ariman. (QS. Al-Maaidah: 23).
!| `l _%! | < l> ',l | l. ,ls
. : !| ls `, l.
Tayalian anu ariman teh anu dimana disebut (jenengan)
Alloh, ngageter hate-hate maranehna. Jeung dimana
dibacakeun ka maranehna ayat-ayat Mantena, nambahan eta
ka maranehna kaimanannana. Jeung ka pangeranna tarawekal
maranehna. (QS. Al-Anfaal: 2).
!! _,l ,,`.> < _ ,-,. _ _,l
Hey ieuh inget nabi, cukup ka anjeun Alloh (jadi pelindung
anjeun) jeung (pelindung) anu turut ka anjeun ti anu ariman.
(QS. Al-Anfaal: 64).
_ . ls < ,`.>
Jeung saha anu tawekkal ka Alloh, nya Mantena teh anu
nyukupkeun ka manehna. (QS. At-Tholaq: 3).
!,`.> < - `l
Kitab Tauhid
143
Nyukupkeun ka abdi sadaya Alloh; Sareng sae pisan
Wakil teh. (QS. Ali Imron: 173).
Kalimat ieu diucapkeun ku Kj nabi Ibrohim nalika
anjeuna digebruskeun dina seuneu, jeung diucapkeun ku nabi
Muhammad SAW nalika nyarita ka anjeuna jalma-jalma (Abu
Sufyan cs): Saestuna jalma-jalma estu geus karumpul pikeun
(ngepung) aranjeun, nya kudu sieun aranjeun ka maranehna.
Nya nambahan eta ka maranehna kaimanannana jeung
nyaranggem: Cukup ka abdi sadaya Alloh sareng sae pisan
wakil teh. (QS. Ali Imron: 173-HR Bukhori sareng Nasaa-i).

Kandungan bab:
1. Tawakkal teh hiji kawajiban.
2. Tawakkal teh kaasup syarat-syarat iman.
3. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Al-Anfaal
(79)
.
4. Penjelasan ngeunaan ayat di akhir surat Al-Anfaal
(80)
.
5. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat At-Tholaq
(81)
.
6. Kalimat:
!,`.> < - `l

(
79
) Ayat ieu nunjukkeun yen tawakkal ka Alloh mangrupakeun sifat
jalma-jalma anu ariman ka Alloh; jeung nunjukkeun yen iman teh
bisa nambahan jeung bisa ngurangan.
(
80
) Dina ieu ayat Alloh marentahkeun ka Nabi sareng kaom muminin
nu tumut ka anjeuna supaya tawekkal ka Alloh margi mung Alloh
anu bakal maparin kacukupan ka aranjeunna.
(
81
) Ayat ieu nunjukkeun kawajiban tawakkal ka Alloh jeung ganjaran
pikeun anu ngalakukeunnana.
Kitab Tauhid
144
Ngabogaan kadudukan penting pisan, sabab tos diucapkeun
ku Nabi Ibrohim sareng Nabi Muhammad nalika
aranjeuna mayunan situasi genting/sulit.


Kitab Tauhid
145
BAB 34
NGARASA AMAN TINA SIKSA ALLOH JEUNG PUTUS ASA
TINA ROHMAT MANTENA

Dawuh Alloh :
`! < _! < | `1l `.l
naha nya ngarasa aman maranehna kana tipu daya Alloh?.
Nya teu ngarasa aman kana tipu daya Alloh teh kajaba kaom
anu rarugi. (QS. Al-Aroof: 99).
! _ 11 _ > ., | l!.l
Nyanggem anjeuna (Ibrohim): Jeung teu putus harepan
tina rohmat pangerannana kajaba anu salasar. (QS. Al-Hijr:
56).
Diriwayatkeun ti Ibnu Abbas wireh Rosululloh nalika
ditaros ngeunaan dosa-dosa ageung (Al-Kabaa-ir), mantena
ngawaler:
)) ((
Nyaeta: syirik ka Alloh, jeung putus asa tina rohmat Alloh,
jeung ngarasa aman tina makar Alloh.
Abdurrozzaq ngariwayatkeun ti Ibnu Masud , saurna:
)) .
((
Panggedena dosa-dosa gede teh musyrik ka Alloh jeung
ngarasa aman tina siksa Alloh jeung putus asa tina rohmat
Kitab Tauhid
146
Alloh jeung putus asa tina pertulungan Alloh. (HR. Abdur
Rozzaq).

Kandungan bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Al-Aroof
(82)
.
2. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Al Hijr
(83)
.
3. Ancaman keras pikeun jalma anu ngarasa aman tina
siksaan Alloh.
4. Ancaman keras pikeun jalma anu putus asa tina rohmat
Alloh.


(82) Ayat ieu nunjukkeun yen ngarasa aman tina siksa Alloh teh
kagolong dosa gede anu wajib dijauhan ku jalma mumin.
(83) Ayat ieu nunjukkeun yen putus asa tina rohmat Alloh kaasup dosa
gede anu wajib dijauhan. Tina dua ayat ieu bisa ditarik kasimpulan
yen jalma mumin kudu ngagabungkeun antara dua sikep nyaeta
miharep jeung mirempan. Miharep rohmat Alloh jeung sieun kana
siksa Mantena.
Kitab Tauhid
147
BAB 35
SABAR KANA TAKDIR ALLOH
TEH BAGIAN TINA IMAN KA ALLOH

Alloh dadawuh:
! ,!. _ ,. | |, < _ _` <!, ,l <
>, `_: 'l.
Teu pati-pati keuna ka anjeun tina hiji mushibah kajaba
kalayan idzin Alloh. Jeung saha nu iman ka Alloh, nuduhkeun
Mantena kana hatena. Sareng Alloh teh kana sagala perkara
Maha Uninga. (QS. At-Taghobun: 11).

Alqomah
(84)
nafsirkeun Iman anu disebutkeun dina ayat ieu
ku nyanggemkeun:
))
((
Manehna teh hiji jalma anu kakeunaan mushibah terus
yakin yen eta teh ti hadepan Alloh nya ridlo jeung sumerah diri
(kana takdir-Na).
Diriwayatkeun dina shohih Muslim ti Abu Hurairoh ,
dadawuh Rosululloh :

(84) AlQomah bin Qois bin Abdullah bin Malik An-Nakhoi, salahsawios
tokoh ulama Tabiin, dilahirkeun dina waktos jumenengna nabi
Nabi sareng wafat taun 62 H (681 M).
Kitab Tauhid
148
))
((
Dua perkara di jalma-jalma. Eta nu dua teh di maranehna
kakufuran; Moyok dina hal turunan jeung sasambat ka mayit.
Imam Bukhori sareng Muslim ngariwayatkeun hadits
marfu, ti Ibnu Masud , dadawuh Rosululloh :
))
((
Lain ti bagian kaula anu neunggeulan pipi jeung nyosoek
baju jeung nyambat ku sambatan jahiliyah.
Diriwayatkeun ti Anas saestuna Rosululloh dadawuh:
))
((
Dimana ngamaksud Alloh ka abdi-Na kana kahadean,
ngagancangkeun Alloh keur manehna kana siksaan di dunya.
Jeung dimana ngamaksad Mantena ka abdi-Na kana
kagorengan, nahan Mantena ti manehna kana dosana sampe
dicumponan eta ka manehna dina poe kiyamah. (HR. Tirmidzi
sareng Al-Hakim).
Nabi Muhammad dadawuh:
)) , ,
((
Saestuna gedena ganjaran teh sarta gedena cobaan.
Jeung saestuna Alloh Taala dimana mikacinta ka hiji kaom,
Kitab Tauhid
149
nguji Mantena ka maranehna. Nya saha anu ridlo, nya pikeun
manehna ridlo. Jeung saha anu benci, nya pikeun manehna
kabencian. (Hadits hasan nurutkeun Tirmidzi).

Kandungan dina ieu bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat At-Taghobun
(85)
.
2. Sabar kana cobaan kaasup iman ka Alloh .
3. Disebutkeun ngeunaan hukum moyok turunan.
4. Ancaman keras pikeun jalma anu neunggeulan pipi,
nyosoek baju jeung sasambat ku sambatan jahiliyyah
waktu aya nu maot.
5. Tanda dimana Alloh ngamaksud kahadean ka abdi-Na.
6. Tanda dimana Alloh ngamaksad kagorengan ka abdi-
Na.
7. Tanda kacintaan Alloh ka abdi-Na.
8. Dilarang babari ambek jeung teu sabar kana cobaan
nalika diuji ku Alloh .
9. Ganjaran pikeun jalma anu ridlo nampi ujian jeung
cobaan.



(85) Ayat ieu nunjukkeun ngeunaan kautamaan sobar nampa sagala
takdir Alloh anu paling pait, saperti musibah; jeung nunjukkeun
yen amalna kaasup dina pengertian iman.
Kitab Tauhid
150
BAB 36
RIYA
(86)


Dawuh Alloh :
!| ! ":, />l. _-` || ! >l| l| > _ l
`> !1l ., -l s !>l. : ! ,-, ., >
Caritakeun: Tayalian ari kaula teh manusa bangsa
aranjeun; diwahyukeun ka kaula: Tayalian panembahan
aranjeun teh panembahan anu sahiji. Nya saha anu bukti
miharep nepangan pangerannana, nya kudu amal manehna
kana amal sholeh bari ulah musyrik/ngareujeungkeun
manehna dina ibadah ka pangerananana ka saurang oge.
(QS. Al-Kahfi: 110).
Diriwayatkeun ti Abu Hurairoh dina hadits marfu,
dadawuh Rosululloh : Dadawuh Alloh :
)) ,
((
Kaula teh teu butuh (ka anu reureujeungan tina
ngareujeungkeun). Saha nu amal hiji amal bari
ngareujeungkeun manehna barengan kaula dina eta ka salian
kaula, ninggalkeun kaula ka manehna jeung ka
reujeungannana. (HR. Muslim).
Diriwayatkeun ti Abu Said dina hadits marfu, dadawuh
Rosululloh :

(86) Riya nyaeta nyieun kahadean lantaran neangan pujian manusa.
Kitab Tauhid
151
))
. . ))
_ ((
Naha tong ngabejakeun kaula ka aranjeun kana anu eta
teh pangdipikarempanna ka aranjeun di kaula tibatan Al-
Masihid Dajjal?
(87)
?. Nyaranggem: Kantenan nun Rosululloh.

(87) Al-Masih Ad -Dajjal nyaeta hiji manusa tukang bohong nu bakal
muncul di akhir zaman, manehna ngaku sabagi Al-Masih malah
ngaku sabagi pangeran anu wajib disembah. Kahadirannana di
dunya ieu kaasup diantara tanda-tanda gede tina datangna poe
kiyamah. Sedengkeun kaajaiban-kaajaiban nu bisa
dilakukeunnnana mangrupakeun cobaan ti Alloh pikeun umat
manusa nu masih hirup dina eta zaman. Disebutkeun dina shohih
Muslim yen waktu kamunculan Dajjal didunya teh 40 poe, anu
sapoe tiantarana eta aya nu sarua jeung sataun, aya nu sarua
jeung sabulan, aya nu sarua jeung saminggu, terus poe-poe nu
sejenna saperti poe-poe bisaa atawa lamun ku urang dijumlahkeun
sarua jeung sataun dua bulan dua minggu. Hadits-hadits ngeunaan
Ad-Dajjal ieu tos diriwayatkeun ku sajumlah sahabat diantawisna:
Abu Bakar Ash-Shiddiq, Abu Hurairoh, Muadz bin Jabal, Jabir bin
Abdillah, Abu SAid Al-Khudri, An-Nawwas bin Saman, Anas bin
Malik, Ibnu Umar, Ibnu Abbas, Aisyah, Ummu Salamah, Fatimah
binti Qais sareng nu sanesna. Masalah ieu bisa dirujuk dina kitab-
kitab:
-Shohih Bukhori: kitab Al-fitan bab: 26 27: kitab At-Tauhid bab 27, 31.
-Shohih Muslim: kitab Al-fitan bab: 20, 21, 22, 23, 24, 25.
-Shohih At-Tirmidzi: kitab Al-fitan bab: 55, 56, 57,58, 59, 60,61,62.
-Sunan Abu Dawud: kitab malahim bab: 14, 15.
-Sunan Ibnu Majah: kitab Al-Fitan bab: 33.
-Musnad Imam Ahmad: jilid I hal 6, 7 ; jilid 2 hal : 33, 37, 67, 104, 124,
131 ; jilid 5 hal : 27, 32, 43, 47.
Kitab Tauhid
152
Dadawuh: Musyrik samuni. Nangtung hiji jalma terus sholat
terus ngaluskeun kana sholatna karana anu ningali manehna
tina pandangan/pameunteun jalma ka manehna (HR.
Ahmad).

Kandungan bab:
1. 1-Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Al-Kahfi
(88)
.
2. Masalah anu penting pisan, nyaeta: pernyataan yen
amal soleh lamun dicampuran ku hiji hal nu lain karana
Alloh, maka eta amal teh moal ditampi ku Alloh .
3. Hal eta disabaabkeun lantaran Alloh teh sembahan
anu kacida nolakna kana perbuatan syirik margi
Mantena ngagaduhan sifat Maha cukup (teu butuh
bersyarikat).
4. Sabab anu sejenna lantaran Alloh teh sekutu anu
pangsaena.
5. Rosululloh kalintang khawatir lamun sahabatna
ngalakukeun riya.

-Sareng kitab-kitab sanesna.
(88) Ayat ieu nunjukkeun yen amal ibadah moal ditarima ku Alloh
kajaba lamun nyumponan dua syarat:
Kahiji: ikhlas samata-mata karana Alloh, teuaya syirik di djerona
sanajan syirik leutik saperti riya.
Kadua: sasuai jeung tuntunan Rosululloh , karana hiji amal
disebut sholeh lamun aya dasar parentahna dina agama Islam.
Ayat ieu ngisyaratkeun oge yen ibadah teh tauqifiyah, hartina
berlandasan kana ajaran nu dicandak ku Rosululloh , lain
nuturkeun akal atawa hawa nafsu hiji jalma.
Kitab Tauhid
153
6. Penjelasan ngeunaan riya kalayan ngagunakeun
conto/perumpamaan: Hiji jalma ngalakukeun sholat
karana Alloh, terus pindah sholatna karana manusa nu
merhatikeun ka manehna.









Kitab Tauhid
154
BAB 37
NGALAKUKEUN AMAL SHOLEH PIKEUN KAPENTINGAN
DUNYA KAGOLONG SYIRIK

Dawuh Alloh :
_ l ` >l !l !. ,l| ls !, `
!, .,` ,l` _%! _l > | '!l
1,> ! `-. !, L, ! ! l-
Saha anu bukti miharep kahirupan dunya jeung papaesna,
bakal nyumponan kaula ka maranehna amal-amal maranehna
didinya bari maranehna didinya moal dikarurangan. Tuh itu
teh anu teuaya pikeun maranehna di akherat kajaba naraka;
jeung lebur anu geus milampah maranehna didinya jeung
bathil anu nyata maranehna aramal. (QS. Hud: 15 16).
Dina shohih Bukhori ti Abu Hurairoh, Rosululloh
dadawuh:
))




((
Kitab Tauhid
155
Cilaka abdi dinar, cilaka abdi dirham, cilaka abdi
khomishoh, cilaka abdi khomilah
(89)
, lamun dibere, rido
manehna. Jeung lamun teu dibere, ambek manehna. Cilaka
jeung tikusruk manehna. Jeung dimana kacugak, nya teu bisa
ngalaan, bagja pikeun hiji abdi nyekel manehna kana les
kudana dina jalan Alloh, cawudwud srahna, belewuk dua
dampalna, lamun aya manehna (ditugas) dina ngajaga, aya
manehna dina ngajaga. Jeung lamun aya manehna dina garis
perbatasan, lamun menta idzin (pikeun nepungan raja), teu
diidzinan
(90)
ka manehna; jeung lamun menta pembelaan, teu
dibere pembelaan manehna.

Kandungan bab:
1. Motivasi/dorongan hiji jalma dina ngalaksanakeun amal
ibadahna, nu samistina pikeun akherat malah pikeun
kapentingan dunya (kaasup musyrik jeung ngajadikeun
eta amal teh percumah lantaran teu ditampi ku Alloh
Taala).
2. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Hud
(91)
.

(89) Khomishoh jeung khomilah nyaeta pakean anu dijieun tina wool
atawa sutera disulam ku garis-garis anu endah jeung dipikasenang
ku hate. Maksud dawuhan Rosululloh dina ieu hadits nyaeta
pikeun nuduhkeun ka jalma nu kacida ambisi kana kakayaan
duniawi sampe manehna rela jadi hamba dunya/harta banda.
Maranehna teh jalma-jalma anu cilaka jeung sangsara.
(90) Teu diijinan jeung teu ditarima permohonannana karena teu boga
wibawa atawa teu terpandang, lantaran sakabeh perbuatannana
ngan wungkul mandang karidlo Alloh samata-mata.
(
91
) Ayat ieu ngajelaskeun ngeunaan hukum jalma anu motivasi
ibadahna ngan ukur kapentingan jeung kanimatan dunya, jeung
akibat anu bakal ditarimana boh di dunya atawa di akherat jaga.
Kitab Tauhid
156
3. Jalma muslim disebut abdi dinar, abdi dirham, abdi
khomishoh jeung abdi khomilah [lamun ngajadikeun
kasenangan duniawi sabagi tujuan hirup].
4. Tandana nyaeta lamun dibere kasenangan manehna
ngarasa ridlo; jeung lamun dibere kasusahan, manehna
ambek.
5. Rosululloh ngadoakeun: cilaka jeung tikusruk ka
jalma-jalma hamba dunia.
6. Mantena oge ngadoakeun: lamun kacugak cucuk,
muga ulah bisa nyabut kana eta.
7. Pujian jeung sanjungan pikeun mujahid anu ngamilik
sifat-sifat sakumaha anu diterangkeun dina ieu hadits.

















Kitab Tauhid
157
BAB 38
TAAT KA ULAMA JEUNG UMARO DINA
NGAHARAMKEUN ANU HALAL JEUNG NGAHALALKEUN
ANU HARAM NGANDUNG HARTI NGA-
ARBAB/MEMPERTUHANKEUN KA MARANEHNA

Ibnu Abbas sasauran:
)) , .
. ((
Ampir/deukeut yen turun ka aranjeun hujan batu ti langit.
Nyanggem kuring: Dadawuh Rosululloh : jeung (malah)
ngucapkeun aranjeun: Sasauran Abu Bakar sareng Umar.
Imam Ahmad bin Hanbal sasauran: Simkuring ngarasa
heran ka jalma-jalma anu nyaho kana sanad hadits jeung
kashohihannana, tapi malah ngajadikeun pamadegan Sufyan
sabagi acuannana, padahal parantos dadawuh Alloh :
`> l _%! l! _s . ,.. . ,.`
,s 'l
Nya kudu mikarempan anu nyarulayaan tina aturan
mantena (SAW) yen keuna ka maranehna siksaan atawa
keuna ka maranehna siksa anu peurih. (QS. An-Nuur: 63).
Naha terang anjeun naon anu dimaksud ku siksaan dina
ayat diluhur?. Siksaan nu dimaksud dina eta ayat nyaeta
syirik/musyrik lantaran bisa jadi lamun manehna nolak kana
aturan nabi SAW bakal kajadian dina hatena kasasaran
sahingga nimbulkeun cilaka/siksa.
Kitab Tauhid
158
Diriwayatkeun ti Ady bin Hatim wireh anjeuna ngadangu
Rosululloh maoskeun Dawuhan Alloh :
!,> ,' !,!, _ <
Geus ngajadikeun maranehna ka pandita maranehna
jeung ka Ruhban maranehna pangeran-pangeran ti salian
Alloh. (QS. Al At-Taubah: 31).
Nya saur simkuring ka mantena: Abdi sadaya teu
nyembah ka aranjeuna (Ahbar jeung Ruhban). Nya waler
nabi:
))
. . ((
Naha lain ngaharamkeun maranehna kana nu geus
ngahalalkeun Alloh nya (pipilueun) ngaharamkeun aranjeun
kana eta; jeung ngahalalkeun maranehna kana nu geus
ngaharamkeun Alloh, nya pipilueun ngahalalkeun aranjeun
kana eta?. Nya nyanggem kuring: Kantenan. Dadawuh: Nya
itu teh nga-ibadahan ka maranehna. (HR. Imam Ahmad
sareng Tirmidzi nganyatakeun hasan).
Kandungan bab :
1. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat An-Nuur
(92)
.
2. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat At-Taubah
(93)
.

(92) Ayat ieu ngandung hiji peringetan supaya urang sadaya ulah nepi
ka nyulayaan kana kitab Alloh jeung sunnah Rosululloh.
(93) Ayat dina surat At-Taubah ieu nunjukkeun yen singsaha anu taat
ka salahsaurang kalayan nyalahan/nyulayaan kana hukum nu geus
ditetepkeun ku Alloh sareng Rosul-Na, berarti manehna geus
Kitab Tauhid
159
3. Perlu diperhatikeun harti ibadah anu samemehna
ditolak ku Ady bin Hatim.
4. Nyontokeun kasus anu diuningakeun ku Ibnu Abbas
kalayan nyebat nami Abu Bakar sareng Umar, sareng
naon anu diuningakeun ku Imam Ahmad bin Hanbal
kalayan nyebat nami Sufyan.
5. Hal ieu geus mahabu, sahingga kubra di manusa-
manusa nyembah/ngultuskeun jalma-jalma nu
dipandang sholeh malah nganggap eta hal sabagi
amalan utama, sarta percaya yen eta teh wali Alloh anu
bisa dialap barokah jeung manfaatna lamun dijadikeun
anutan jeung bisa ngadatangkeun bencana/kawalat
lamun dirempak. Nya kitu deui penyembahan/kultus ka
jalma-jalma berelmu/ulama dina hal pengetahuan
jeung fiqih ku jalan nuturkeun naon wae fatwa nu
dikaluarkeunnana tanpa merhatikeun bener atawa
salahna, boh salaras jeung dawuh Alloh, aturan Rosul-
Na atawa henteu?].
Terus ieu hal teh lumangsung leuwih parah deui, ku ayana
penyembahan/kultus ka jalma-jalma anu teu sholeh jeung ka
jalma-jalma bodo ku jalan nuturkeun kitu wae kana ajakan
jeung pamadegan maranehna nepi ka rela nuturkeun
pabidahan jeung pamusyrikan nu dilakukeun ku maranehna].






ngajadikeun eta nu ditaatan teh sabagi pangeran anu disembah ti
salian Alloh.
Kitab Tauhid
160
BAB 39
[NGANGKAT HAKIM KA SALIAN ALLOH
JEUNG ROSUL-NA]

Dawuh Alloh :
l . || _%! `s ` !, ,l| !
_ ,l, ` !. || ,-Ll ` `> .,
` _L:l l.` l. -, | l!-. ||
! < || l _,1l . ,s .
> | .,. ,. !, . 'l> l>
<!, | ! | !.>| !1.
Naha teu ningali anjeun ka anu baroga anggapan
saestuna maranehna geus ariman kana nu geus diturunkeun
ka anjeun jeung kana anu geus diturunkeun ti samemeh
anjeun; ngamaksud maranehna yen ngarangkat hakim ka
Thoghut tur estu geus diparentah maranehna yen
kalufur/nolak kana eta. Jeung ngamaksud syetan yen
ngalinglungkeun ka maranehna linglung anu jauh. Jeung
dimana dicaritaan ka maranehna: Kadarieu kana nu geus
nurunkeun Alloh jeung ka rosul; ningali anjeun ka munafiqin
ngararintangan maranehna ti anjeun bener-bener
ngarintangan. Nya kumaha dimana geus ngeunaan ka
maranehna mushibah sabab anu geus ngaheulakeun
leungeun-leungeun maranehna. Tuluy datang maranehna ka
Kitab Tauhid
161
anjeun bari sarumpah ka Alloh: Teu ngamaksud kuring sarerea
teh kajaba kana nyieun hade jeung ngabantu (ngawujudkeun
perdameyan). (QS. An-Nisaa: 60).
| l .. _ l! !| _> >l`.`
Jeung dimana dicaritaan ka maranehna: Ulah nyieun
kakacowan aranjeun di bumi; ngaromong: Tayalian kuring
sadaya teh anu nyarieun kaberesan. (QS. Al-Baqoroh: 11).
.. _ -, !>l.|
Jeung ulah nyarieun karuksakan aranjeun di bumi
sanggeus beresna eta. (QS. Al-Aroof: 56).
>> l>l -, _ _.> _ < !>`> 1l ``

Naha nya kana hukum jahiliyah mandang (miharep)
maranehna?. Jeung saha nu leuwih alus tibatan Alloh
hukumna pikeun kaom (anu) pada ngayakinkeun?. (QS. Al-
Maaidah: 50).
Diriwayatkeun ti Abdullah bin Umar saestuna Rosululloh
dadawuh:
)) ((
Teu iman salahsaurang aranjeun sampe kabuktian hawa
nafsuna turut kana nu geus ngadatangkeun kaula kana eta.
(Imam Nawawi nganyatakeun hadits ieu shohih).
As-Syabi nguningakeun: Pernah kajadian pasea antara hiji
munafik jeung hiji Yahudi. Urang Yahudi nyarita: Hayu urang
menta dihukuman ka Muhammad, lantaran manehna
Kitab Tauhid
162
nyahoeun yen nabi Muhammad tara nampi sogokan.
Sedengkeun jalma munafik nyarita: Hayu urang ngangkat
hakim ka bangsa Yahudi, lantaran manehna nyaho yen
bangsa Yahudi mah sok narima kana panyogok. Terus
maranehna akhirna mah mufakat kana nyieun hakim teh ka
hiji dukun di Juhainah, nya teras lungsur ieu ayat:
l . || _%! `s ...
Aya oge nu nerangkeun yen ieu ayat lungsur patalian jeung
dua jalma anu pasea, salahsaurangna nyarita: Hayu urang
babarengan ngadukeun ieu pasualan ka Muhammad ,
sedengkeun anu hijina deui nyaritakeun/ngadukeun
masalahna ka Kaab Al-Asyrof, terus maranehna ngadukeun
perkarana ka Umar . Salah saurang di antara eta nu dua
ngajelaskeun ka anjeuna ngeunaan masalah maranehna, teras
Umar naros ka jalma anu teu puas ku kaputusan Rosululloh
: Naha bener saperti kitu? Ngajawab: Enya, bener.
Akhirna dihukum eta jalma ku Umar kalayan sabetan pedang.

Kandungan bab :
1. Penjelasan ngeunaan ayat anu aya dina surat An-Nisaa
(94)
, anu didinya aya katerangan nu bisa ngabantu
pikeun mahamkeun kana harti Thoghut.

(94) Ayat ieu nunjukkeun kawajiban nyieun hakim kana Kitabulloh jeung
Sunnah Rosululloh, jeung narima kadua hukum eta kalayan dasar
ridlo jeung patuh. Singsaha anu ngajadikeun hakim ka salian eta
nu dua, ngandung harti nyieun hakim ka Thoghut, naon wae
ngaran jeung bentukna mah. Jeung nuduhkeun kana yana
kawajiban ingkar ka Thoghut sakaligus ngajauhkeun diri jeung
waspada kana tipu daya syetan. Jeung nuduhkeun oge ieu ayat teh
yen singsaha anu diajak nyieun hakim kana hukum Alloh jeung
Rosul-Na wajib narima kana eta. Lamun nolak, nya manehna teh
Kitab Tauhid
163
2. Penjelasan ngeunaan ayat nu aya dina surat Al-
Baqoroh
(95)
.
3. Penjelasan ngeunaan ayat nu aya dina surat Al-Aroof
(96)
.
4. Penjelasan ngeunaan ayat nu aya dina surat Al-
Maaidah
(97)
.
5. Penjelasan As-Syabi ngeunaan sabab turunna ayat
kahiji (nyaeta anu aya dina surat An-Nisaa).
6. Penjelasan ngeunaan imna nu bener jeung iman nu
palsu (Iman nu bener nyaeta ngajadikeun hakim kana
kitab Alloh jeung sunnah Rosul-Na; jeung ari iman nu
palsu nyaeta teu ngajadikeun hakim kana kitab Alloh
jeung sunnah Rosululloh, malah ngajadikeun hakim ka
Thoghut].

munafik. Naon wae dalih nu dijadikeun alesan saperti nyieun
kahadean jeung ngabantu perdameyan, eta lain mangrupakeun
alesan anu kuat pikeun ngajadikeun hukum kana salian hukum
Alloh jeung Rosul-Na.
(95) Ayat ieu nunjukkeun yen singsaha anu ngajak nyieun hukum kana
salian hukum Alloh, maka manehna geus nyieun karuksakan anu
kacida di bumi, jeung ari dalih ngayakeun kaberesan lain alesan
pikeun ninggalkeun hukum Alloh; Ieu ayat oge nunjukkeun yen
jalma nu gering/panyakitan hatena bakal ngamuterbalikkeun nilai-
nilai, dimana nu hak dijadikeun bathil, jeung anu batil dijadikeun
hak.
(96) Ayat ieu nunjukkeun yen singsaha anu ngajak nyieun hakim ka
salian Alloh, nya manehna teh dipandang geus ngagerakkeun
karuksakan anu parna di bumi, jeung nunjukkeun yen beresna
bumi teh ku nerapkeun hukum Alloh anu dicandak ku utusan
Mantena.
(97) Ayat ieu nunjukkeun yen jalma anu miharep hukum salian hukum
Alloh ngandung harti manehna miharep hukum jahiliyyah.
Kitab Tauhid
164
7. Kisah Umar jeung jalma munafik (yen Umar nyabet
beuheung jalma munafik eta lantaran manehna teu
rela/teu narima kana kaputusan Rosululloh ].
8. Hiji jalma moal mibanda iman anu sampurna samemeh
kahayang nafsuna nuturkeun kana tuntunan nu
dicandak ku Rosululloh .




















Kitab Tauhid
165
BAB 40
INGKAR KANA SABAGIAN ASMA JEUNG SIFAT
ALLOH

Dawuh Alloh :
`> _-l!, l| | ls l.
l| ,!.
Jeung maranehna kalufur ka Nu Maha Murah. Caritakeun:
Mantena teh pangeran kaula; Teuaya panembahan kajaba
Mantena. Ka Mantena tawekkal kaula jeung ka Mantena taubat
kaula. (QS. Ar-Rodu: 30).
Diriwayatkeun dina shohih Bukhori, sasauran Ali bin Abi
Tholib :
)) ((
Prak nyarita aranjeun ka jalma-jalma teh kana nu kenal
(fahameun) maranehna. Naha miharep aranjeun yen
dibohongkeun Alloh jeung Rosul-Na?
Abdur Rozaq ngariwayatkeun ti Mamar ti Ibnu Thowus ti
ramana ti Ibnu Abbas wireh anjeuna ningali hiji jalma reuwas
nalika ngadenge hadits Nabi Muhammad nu patalian jeung
sifat-sifat Alloh , karana ngarasa kabeuratan ku hal eta, nya
Ibnu Abbas sasauran:
, ((
Naon anu hariwang ka itu kabeh?. Manggihan maranehna
ka anu leuleuy di anu muhkamahna eta jeung ngaruksakeun
Kitab Tauhid
166
maranehna kana eta di anu mutasyabihna (sulit difahamina)
98
.
Urang-urang Quraisy nalika ngadarenge Rosululloh
nyebatkeun Ar-Rohman, maranehna alingkar kana eta, nya
ngeunaan sikep maranehna eta, ngalungsurkeun Alloh kana
dawuh-Na:
`> _-l!,
Jeung maranehna kalufur ka Nu Maha Murah.

Kandungan bab:
1. Dinyatakeun teu iman, lantaran ingkar (nolak) kana
sabagian tina Asma jeung Sifat Alloh.
2. Penjelasan ngeunaan ayat nu aya dina surat Ar-
Radu
(99)
.
3. Teu dibenerkeun nepikeun ka jalma-jalma perkara anu
teu kahartieun ku maranehna.

(98) Kasauran Ibnu Abbas disebutkeun ku penulis ieu kitab sabada
kasauran Ali nu nganyatakeun yen sahadena mah teu kudu
diucapkeun hal-hal anu teu kahartieun ku umumna jalma, eta
pikeun nunjukkeun yen nash-nash Al-Quran jeung hadits nu
patalian jeung sifat Alloh teu kaasup eta hal, malah perlu pisan
disebutkeun jeung ditegeskeun, lantaran kabeuratannana sabagian
jalma kana eta hal lain factor penghalang pikeun nyebutkeun jeung
negeskeunnana, sabab para ulama ti zaman baheula nepi ka
ayeuna masih macakeun ayat-ayat jeung hadits-hadits nu patalian
jeung sifat Alloh dihareupeun jalma-jalma umum atawa khusus.
(99) Ayat ieu nunjukkeun kawajiban iman kana sagala Asma jeung Sifat
Alloh, jeung ingkar kana sabagian tina eta kaasup kakufuran.
Kitab Tauhid
167
4. Hal eta disababkeun karana bisa ngakibatkeun Alloh
jeung Rosul-Na dibohongkeun, sanajan maksud
manehna lain kitu.
5. Ibnu Abbas nolak sikep jalma anu ngarasa
kabeuratan ku sifat Alloh jeung nganyatakeun yen
sikep saperti kitu bakal nyilakakeun dirina.

Kitab Tauhid
168
BAB 41
[INGKAR/KUFUR KANA NIMAT ALLOH]

Dawuh Alloh :
- - < . !``
Nyaho maranehna kana nimat Alloh tuluy ingkar
maranehna kana eta. (QS. An-Nahl: 83).
Dina nafsiran ieu ayat, Mujahid nguningakeun yen
maksudna teh nyaeta ucapan hiji jalma: Ieu teh harta
kakayaan warisan ti karuhun kuring.
Aun bin Abdullah sasauran: Tegesna ucapan maranehna
Lamun lain karana si Anu, tangtu moal kajadian kieu.
Ibnu Qutaibah, nafsiran ieu ayat: maranehna
ngarucapkeun: Ieu teh sabab syafaat sesembahan kuring
sarerea.
Abul Abbas
(100)
saparantos nguningakeun ieu hadits nu
diriwayatkeun ku Zaid bin Kholid anu didinya aya dawuhan
nabi: Saestuna Alloh ngadawuhkeun: Geus asup shubuh
sabagian abdi kaula nu iman ka kaula jeung anu kufur ka
kaula. Sakumaha anu geus disebutkeun diluhur
(101)

anjeuna nguninggakeun:
Hal ieu teh loba disebutkeun dina Al-Quran jeung sunnah,
Alloh nyacad jalma anu ngareujeungkeun ka Mantena ku
nganisbatkeun nimat anu geus dibikeun ka salian Mantena.

(100) Abu Al-Abbas Ibnu Taimiyah.
(101) Tos disebutkeun dina bab 30.
Kitab Tauhid
169
Sabagian ulama salaf nguningakeun: nyaeta saperti
ucapan maranehna: anginna alus, nahkodana cerdik, pandai,
jeung sabangsana nu bisa muncul tina kalolobaan ucapan
manusa.

Kandungan bab:
1. Penjelasan ngeunaan dawuh Alloh anu aya dina surat
An-Nahl, nu nganyatakeun ayana jalma-jalma anu
nyaho kana nimat teh datangna ti Alloh, tapi
maranehna kalufur kana eta.
2. Hal ieu mineng kajadian dina ucapan jalma loba,
padahal ieu hal teh kudu dijauhan.
3. Ucapan seperti ieu dianggap sabagi pengingkaran kana
nimat Alloh.
4. Ayana dua hal anu kontradiksi/bertentangan (nyaho
kana nimat Alloh jeung kufur kana eta), bisa kajadian
dina diri manusia.


Kitab Tauhid
170
BAB 42
[LARANGAN NGAJADIKEUN
SAENGAN KANGGO ALLOH.]

Dawuh Alloh :
l-> < . l-.
Nya ulah ngajadikeun aranjeun pikeun Alloh saengan-
saengan bari aranjeun nyaraho (yen Alloh teh Maha Esa).
(QS. Al-Baqoroh: 22).
Ibnu Abbas dina nafsiran ieu ayat sasuran: Ngajadikeun
saengan pikeun Alloh teh nyaeta musyrik, hiji perbuatan dosa
anu leuwih sulit dikanyahokeun tibatan kumarayapna sireum
hideung dina batu hideung tur kaayaan poek mongklengh.
Contona saperti pokpokan anjeun:Demi Alloh jeung demi
hirupna si Fulan, oge demi hirup kuring atawa saperti ucapan:
Lamun lain karana ieu anjing, tangtu urang geus diranjah
bangsat, atawa saperti ucapan : lamun euweuh soang di
imah ieu, tangtu urang sarerea geus didatangan rampog.
Atawa saperti ucapan hiji jalma ka batur-baturna: Ieu teh
kajadian karana pangersa Alloh jeung pangersa salira, atawa
saperti ucapan hiji jalma: Lamun lain karana Alloh jeung
karana si fulan,.
Ku lantaran kitu, omat anjeun ulah nyebutkeun si Anu
dina ucapan-ucapan saperti anu diluhur, lantaran bisa
ngagubragkeun anjeun dina kamusyrikan. (HR. Ibnu Abi
Hatim).
Diriwayatkeun ti Umar bin Khoththob , dadawuh
Rosululloh :
Kitab Tauhid
171
)) ((
Singsaha anu sumpah ku lian Alloh, nya estu geus kufur
manehna atawa musyrik. (HR. Tirmidzi, sareng nganggap
shohih anjeuna kana eta, sareng nyohehkeun kana ieu hadits
teh Imam Hakim).
Sasauran Ibnu Masud :
)) ((
Estu yen sumpah kuring ku Alloh bari bohong, eta leuwih
nyintakeun ka kuring tibatan yen sumpah kuring ku salian
Mantena kana bener.
Diriwayatkeun ti Hudzaifah ,dadawuh Rosululloh :
))
((
Ulah ngucapkeun aranjeun Nu geus ngersakeun Alloh
jeung geus ngersakeun si Fulan, tur tapi prak arucapkeun:
Nu geus ngersakeun Alloh tuluy ngersakeun si Fulan. (HR.
Abu Dawud kalayan sanad jayyid/alus).
Diriwayatkeun ti Ibrohim An-Nakhoi wireh anjeuna
ngalarang ngucapkeun Nyalindung abdi ka Alloh jeung ka
anjeun, tapi anjeuna ngawenangkeun ucapan Nyalindung
abdi ka Alloh, terus ka anjeun, sarta ucapan Lamun lain
karana Alloh, terus karana si Fulan. Jeung teu
ngameunangkeun anjeun tina ucapan: Lamun lain karana
Alloh jeung karana si Fulan.



Kitab Tauhid
172
Kandungan bab:
1. Penjelasan ngeunaan maksud nyieun saengan pikeun
Alloh.
2. Penjelasan para sahabat yen ayat-ayat anu diturunkeun
ku Alloh nu patalian jeung syirik akbar eta ngawengku
oge kana syirik leutik.
3. Sumpah kalayan nyebut asma salain Alloh teh kaasup
syirik.
4. Sumpah ngagunakeun asma salain Alloh sanajan dina
bener, eta leuwih gede dosana tibatan sumpah palsu
kalayan ngagunakeun asma Alloh.
5. Aya perbedaan anu jelas pisan antara ( ) nu
ngandung harti jeung jeung ( ) anu ngandung
hartai tuluy.






Kitab Tauhid
173
BAB 43
JALMA ANU TEU RELA KANA SUMPAH ANU
NGAGUNAKEUN ASMA ALLOH

Diriwayatkeun Ti Ibnu Umar , dadawuh Rosululloh :
)) ,
((
Ulah sumpah aranjeun ku bapa-bapa aranjeun. Saha anu
sumpah ku Alloh, nya kudu jujur manehna. Jeung saha anu
disumpah ka manehna ku Alloh, nya kudu ridlo. Jeung saha
anu teu ridlo, nya lain manehna ti Alloh (lepas tina
tanggungan Alloh ) (HR. Ibnu Majah kalayan sanad hasan).

Kandungan bab :
1. Larangan sumpah kalayan nyebut ngaran nenek
moyang/karuhun.
2. Diparentahkeun ka jalma anu dibere sumpah kalayan
nyebut asma Alloh pikeun rela narima kana eta.
3. Ancaman pikeun jalma-jalma anu teu rela narima kana
eta.






Kitab Tauhid
174
BAB 44
UCAPAN HIJI JALMA: DUMASAR PANGERSA ALLOH
JEUNG PANGERSA SALIRA

Qutaibah sasauran:
)) . .
.
. )) (( . ))
((
Saestuna hiji Yahudi datang ka nabi , nya nyarita:
Saestuna aranjeun bakal malusyrik, ngucapkeun aranjeun: Nu
geus ngersakeun Alloh jeung geus karep anjeun, Jeung
ngucapkeun aranjeun: Demi Kabah. Nya marentah ka
maranehna nabi SAW dimana ngamaksud maranehna yen
sarumpah atawa ngarucapkeun: Demi pangeran Kabah,
jeung yen ngarucapkeun: Anu geus ngersakeun Alloh tuluy
anu karep salira. (HR. An-Nasaa-i sareng nganyatakeun
shohih anjeuna kana eta).

Ibnu Abbas sasauran:
)) . . ))
((
Saestuna hiji lalaki nyarita ka Nabi : "Anu geus
ngersakeun Alloh sareng anu geus ngersakeun salira, nya
dadawuh mantena: Naha geus ngajadikeun anjeun ka kaula
Kitab Tauhid
175
pikeun Alloh (jadi) saengan?. Nu geus ngersakeun Alloh
Nyalira Mantena.
Diriwayatkeun ku Ibnu Majah, ti At-Thufail saderek saibu
sareng Aisyah, saurna:
Simkuring ngimpi saolah-olah simkuring ngadatangan
sakelompok urang-urang Yahudi terus nyarita kuring ka
maranehna: Aranjeun teh estu panghadena kaom lamun teu
ngarucapkeun yen Uzair putera Alloh mah. Maranehna
ngajarawab: Aranjeun oge estu panghadena kaom lamun teu
ngarucapkeun Kalayan pangersa Alloh jeung pangersa
Muhammad. Terus simkuring ngaliwatan sakelompok urang-
urang Nashroni jeung simkuring nyarita ka maranehna: Estu
aranjeun teh panghadena kaom lamun teu ngarucapkeun Al-
Masih teh putera Alloh. Maranehna balik ngajarawab: Estu
aranjeun oge panghadena kaom lamun teu ngarucapkeun:
Dumasar pangersa Alloh jeung pangersa Muhammad. Nya
dina isukna, simkuring ngadatangan nabi SAW sareng
nguningakeun impian kuring tadi ka mantena. Teras nabi SAW
dadawuh: Naha geus ngabewarakeun anjeun kana eta ka
salahsaurang?. Jawab kuring: Muhun. Teras Rosululloh
ngadawuhkeun hiji dawuhan nu diawalan ku muji ka Alloh :
))
.
. ((
Amma badu, nya saestuna Thufail parantos ngimpi hiji
impian, ngabejakeun anjeuna kana eta ka anu ngabejakeun
tiantara aranjeun. Jeung saestuna aranjeun geus ngucapkeun
aranjeun kana hiji kalomah, kabuktian ngahalang ka kaula kieu
jeung kieu yen ngalarang kaula ka aranjeun tina eta, nya ulah
ngucapkeun aranjeun: Anu geus ngersakeun Alloh jeung
Kitab Tauhid
176
ngersakeun Muhammad. Tur tapi prak arucapkeun: Anu geus
ngersakeun Alloh Nyalira Mantena.

Kandungan bab:
1. Hadits di luhur nunjukkeun yen urang Yahudi oge
nyahoeun kana perbuatan nu disebut syirik ashghor
(musyrik leutik).
2. Pemahaman hiji jalma kana benerna can jadi jaminan
manehna bakal narima jeung ngalaksanakeunnana
lamun manehna masih kapangaruhan ku hawa
nafsuna. (Sakumaha urang-urang Yahudi anu ngalarti
kana bener, tapi teu daek nuturkeun eta sarta teu daek
iman ka nabi nu nyandakna).
3. Dawuh Rosululloh : Naha ngajadikeun aranjeun ka
kaula teh saengan pikeun Alloh? Mangrupakeun bukti
ayana panolakan ka jalma-jalma nu nyaritakeun ka
anjeuna: Anu geus ngersakeun Alloh jeung
ngersakeun salira. Upama kieu kanyataannana sikep
mantena SAW, terus kumaha hukumna jalma-jalma anu
ngarucapkeun:
...
Hey pangmuliana makhluk, teuaya pikeun abdi nu
buat nyalindung abdi kana eta salian salira.. jeung dua
bait syair salajengna.
4. Ucapan salahsaurang: Kalayan pangersa Alloh jeung
pangersa salira (nabi SAW) eta kagolong musyrik
leutik-teu kagolong musyrik gede- margi saur nabi:
Aranjeun geus ngarucapkeun hiji ucapan anu karana
sibukna kaula sampe teu sempet kaula ngalarang tina
eta.
Kitab Tauhid
177
5. Ngimpi anu alus kaasup bagian tina wahyu.
6. Ngimpi kadang kajadian sabab disyareatkeunnana hiji
hukum.

Kitab Tauhid
178
BAB 45
SINGSAHA ANU NYAREKAN TAUN SARUA JEUNG GEUS
MILARAAN KA ALLOH

Dawuh Alloh :
l! ! | !.! > !l , !> ! !>l | `$!
! ,l, _ l. | | L
Jeung ngaromong: Henteu eta teh kajaba hirup urang di
dunya. Bakal maot urang jeung bakal hirup; jeung teu
ngabinasakeun ka urang sarerea kajaba taun. Jeung teuaya
pikeun maranehna dina itu tina elmu. Tayalian maranehna teh
kajaba ngira-ngira. (QS. Al-Jaatsiyah: 24).
Diriwayatkeun dina shohih Bukhori sareng Muslim ti Abu
Hurairoh dadawuh Rosululloh :
)) .
(( . ))
((
Dadawuh Alloh : Geus nganyerikeun ka kaula anak
Adam, nyarekan manehna kana taun bari kaula teh taun (nu
ngatur waktu). Ngabulak-balik kaula kana peuting jeung
beurang. Jeung dina hiji riwayat: Ulah nyarekan aranjeun
kana taun, nya saestuna Alloh; Mantena teh taun.
(102)
.

(102) Kaom Jahiliyah, lamun maranehna kakeunaan mushibah, bencana
atawa malapetaka sok nyararekan taun. Nya ngalarang Alloh
kana eta hal lantaran nu nyiptakeun jeung nu ngatur taun
Kitab Tauhid
179

Kandungan bab:
1. Dilarang nyaci waktu/taun.
2. Nyaci waktu/taun ngandung harti nganyerikeun ka
Alloh .
3. Perlu ngahartikeun kana Nabi : lantaran Alloh
saestuna Mantena teh, Pemilik jeung Pengatur waktu
(103)
.
4. Nyaci teh mungkin wae dilakukeun ku salahsaurang,
sanajan dina hatena mah teuaya maksud kitu.










(waktu) teh nya Alloh Nyalira. Sedengkeun ngahina hasil hiji
pagawean hiji jalma sarua jeung ngahina nu nyieunna. Ku ieu
hal, maka nyarekan taun ngandung harti ngahina anu nyipta
jeung ngatur taun.
(103) Dawuh mantena eta nunjukkeun yen sagala perkara nu kajadian
di ieu alam eta teh lumangsung kalayan takdir Alloh, ku lantaran
eta satiap muslim wajib iman kana qodlo jeung qodar Alloh boh
nu hade atawa nu goreng, nu amis atawa nu pait.
Kitab Tauhid
180

BAB 46
PENGGUNAAN GELAR QADLI QUDLOT(HAKIMNA
PARA HAKIM) JEUNG SAJENISNA

Diriwayatkeun dina shohih Bukhori sareng Muslim, ti Abu
Hurairoh dadawuh Rosululloh :
)) _
(( ~ . ~ . )) _
((
Saestuna panghinana ngaran/gelar di hadepan Alloh
teh Rajana para raja, teuaya raja kajaba Alloh Sufyan
(104)

nguningakeun conto kalayan nyaurkeun: "saperti gelar Syahan
Syah" Jeung dina hiji riwayat: Pangdipikabencina lalaki ku
Alloh dina poe kiyamah jeung panggorengna.

Kandungan bab:
1. Larangan ngagunakeun gelar Rajana para raja.
2. Larangan ngagunakeun gelar liannna anu sajenis jeung
gelar di luhur, saperti conto anu diuningakeun ku
Sufyan Syahan Syah.
3. Hal eta dilarang, [lantaran aya nyaruakeun antara
makhluk jeung kholiqna] sanajan hal eta lain anu
dimaksud ku hatena.
4. Larangan ieu tayalian pikeun ngagungkeun Alloh .

(104) Tegesna: Sufyan bin Uyainah.
Kitab Tauhid
181
BAB 47
NGAMULIAKEUN ASMA-ASMA ALLOH JEUNG
NGAGANTI NGARAN PIKEUN IEU TUJUAN

Diriwayatkeun ti Abu Syuraih wireh anjeuna baheula
dipasihan telahan Abul Hakam, Nya dadawuh ka anjeuna
Nabi :
)) .
.
. .
. . _ ((
Saestuna Alloh Mantena teh Al-Hakam, jeung ka
Mantena hukum teh (kaputusan hukum teh). Nya nyanggem
anjeuna: Saestuna kaom abdi dimana bareda pendapat dina
hiji perkara, daratang maranehna ka abdi terus ngahukuman
abdi antara maranehna nya rido dua golongan teh. Nya
dadawuh mantena: Duh alus pisan ieu mah. Nya naon pikeun
anjeun ti anak (naha anjeun boga anak)?. Nyanggem kuring:
Syuraih. Dadawuh: Nya anjeun teh Abu Syuraih, jeung
Muslim jeung Abdullah. Dadawuh mantena: Nya saha anu
panggedena?. Nyanggem kuring: Syuraih. Dadawuh: Nya
anjeun teh atuh Abu Syuraih. (HR. Abu Dawud sareng nu
sanesna).




Kitab Tauhid
182
Kandungan bab:
1. Wajib ngamuliakeun asma jeung Sifat Alloh [jeung
ngalarang ngagunakeun asma atawa
kunyah/telahan/landian nu hartina sajajar jeung asma
Alloh] sanajan maksudna lain kana kitu.
2. Dianjurkeun ngaganti ngarab anu kurang hade pikeun
ngamuliakeun Asma Alloh.
3. Milih ngaran anak anu pangkolotna pikeun kun-yah
(ngaran panggilan/landian).

Kitab Tauhid
183
BAB 48
GUGUYON KALAYAN NYEBUT ASMA ALLOH, ALQURAN
ATAWA ROSULULLOH

Dawuh Alloh :
_l `.l! l1 l !| ! `_ -l #<!,
.. .&! `. '.`. '.-. n -,
`>|
Jeung demi lamun nanya anjeun ka maranehna (tina hal
anu dilakukeun ku maranehna), tangtu ngucapkeun pisan
maranehna: Tayalian geus kajadian kuring sarerea teh
kajongjonan jeung ulin-ulinan. Caritakeun: Naha ka Alloh
jeung kana ayat-ayat Mantena jeung ka utusan Mantena
kajadian aranjeun ngahareureuykeun?. Ulah sasadu aranjeun.
Estu geus kufur aranjeun sanggeus iman aranjeun. (QS. At-
Taubah: 65 66).
Diriwayatkeun ti Ibnu Umar , Muhammad bin Kaab, Zaid
bin Aslam, sareng Qotadah, hiji hadits anu diringkes saperti
kieu: Nalika perang Tabuk, aya hiji jalma anu nyarita: Can
pernah ningal kuring saperti ahli maraca Quran ieu, jalma nu
leuwih bucitreuk beuteungna jeung leuwih bohong
ucapannana jeung leuwih borangan dina pertempuran,
maksudna ka Rosululloh sareng para sahabat anu ahli maos
Al-Quran. Nya sasauran ka manehna Auf bin Malik: Anjeun
tukang bohong, anjeun munafiq. Rek ngalaporkeun kuring
kana hal ieu ka Rosululloh , teras angkat Auf bin Malik ka
Rosululloh pikeun ngalaporkeun eta hal ka mantena; tapi
sateuacanna dugi, turun ka mantena wahyu.
Kitab Tauhid
184
Jeung nalika eta jalma datang ka Rosululloh , mantena
parantos kaluar ti panglinggihannana sareng nunggangan
kana ontana, nya nyarita manehna ka Rosululloh SAW: Nun
Rosululloh, saestuna abdi teh ngan ukur banyol sareng
ngobrol sakumaha yen ngobrol jalmi-jalmi anu keur dina
perjalanan kanggo ngilangkeun payahna perjalanan,
Sasauran Ibnu Umar: sapertina kuring ningal eta jalma
nyekelan kana sarung les onta Rosululloh sedengkeun dua
sukuna titatarajong kana batu bari nyarita: Abdi teh ngan
ukur banyol sareng heuheureuyan wungkul, teras ngadawuh
ka manehna Rosululloh SAW:
&#<!, .. .&! `. '.`.
Naha ka Alloh jeung kana ayat-ayat Mantena jeung ka
utusan Mantena kajadian aranjeun ngahareureuykeun?.
Rosululloh ngadawuhkeun saperti kitu tanpa ngareret
sareng teu ngucapkeun ka manehna kajaba sakitu-kituna.

Kandungan bab:
1. Masalah anu kacida pentingna yen jalma anu banyol
kalayan nyebut asma Alloh, ayat-ayat Alloh jeung
utusan Alloh eta kagolong kufur.
2. Ieu teh penafsiran tina ayat di luhur, pikeun jalma anu
ngalakukeun eta perbuatan, saha wae manehna teh.
3. Aya perbedaan anu kacida jelas antara ngahasut jeung
satia ka Alloh jeung Rosul-Na. [Jeung ngalaporkeun
perbuatan jalma-jalma fasik ka ulil amri pikeun nyegah
kajahatan maranehna eta teu kaasup ngahasut tapi
kaasup kana kasatiaan ka Alloh jeung sakumna kaom
Muslimin].
Kitab Tauhid
185
4. Aya perbedaan anu cukup jelas antara sikep ngamaaf
anu dipicinta ku Alloh jeung sikep tegas ka musuh-
musuh Alloh.
5. Teu satiap permintaan maaf bisa ditarima. [Aya oge
permintaan maaf anu kudu ditolak].

Kitab Tauhid
186
BAB 49
[SYUKUR KANA NIMAT ALLOH]

Dawuh Alloh :
_l - ! _ -, . .. _l1l |
Jeung demi lamun ngicipkeun kaula ka manehna rohmat ti
kaula ti sanggeus kamadaratan ngeunaan eta ka manehna,
tangtu ngucapkeun pisan manehna: Ieu teh boga kuring.
(QS. Fushshilat: 50).
Dina nafsiran ayat ieu, Mujahid sasauran: Ieu teh hasil
jerih payah kuring, jeung kuring ngabogaan hak ngamilik kana
ieu.
Sedengkeun Ibnu Abbas nguningakeun: Ieu teh ti diri
kuring sorangan.

Dawuh Alloh :
! !| .. ls l. s
Nyarita (Qarun) : Tayalian geus dibere kuring eta teh
karana elmu di kuring. (QS. Al-Qoshosh: 78).
Qotadah dina nafsiran ieu ayat- nguningakeun:
Maksudna: karana elmu pangaweruh kuring ngeunaan cara-
cara ekonomi.
Ahli tafsir sanesna nguningakeun: Lantaran Alloh
uningaeun yen kuring layak narima harta kakayaan ieu, nya
ari ieu teh mana nu dimaksud ku Mujahid: Kuring dibere
kakayaan ieu teh lantaran kamuliaan kuring.
Kitab Tauhid
187
Diriwayatkeun ti Abu Hurairoh parantos ngadangu
anjeuna Rosululloh dadawuh:
)) .
.
.
.
. .
.
. . .

. .
.
. .
.
.
((
Saestuna tiluan ti Bani Isroil; nu corob, jeung nu botak
jeung anu lolong. Nya ngamaksad Alloh yen nguji Mantena ka
maranehna. Nya ngutus Mantena ka maranehna hiji malak.
Nya sumping anjeuna ka anu corob teras sasauran: Naon
perkara nu paling nyintakeun ka anjeun?. Nyarita: Rupa anu
Kitab Tauhid
188
alus jeung kulit anu alus jeung ilang ti kuring perkara anu estu
geus miijid ka kuring jalma-jalma kana eta. Nyanggem (rowi):
Nya ngusap anjeuna (Malak) ka manehna terus leungit ti
manehna rurujitna; nya dibere manehna rupa nu alus jeung
kulit anu alus. Dadawuh (Malak): Nya naon barang anu paling
nyintakeun ka anjeun?. Nyarita: Onta atawa sapi- ragu-ragu
Ishaq- nya dibere manehna onta reuneuh, nya dadawuh
(Malak): Muga ngabarokahkeun Alloh ka anjeun dina eta.
Nyanggem: Terus datang anjeuna ka anu botak nya
nyanggem: Naon perkara nu paling nyintakeun ka anjeun?.
Ngomong: Buuk nu alus jeung leungit ti kuring perkara anu
estu geus miijid ka kuring jalma-jalma kana eta, terus ngusap
anjeuna ka manehna nya leungit eta ti manehna jeung dibere
manehna buuk anu alus. Teras dadawuh (Malaikat): Naon
harta anu paling dipikacinta ku anjeun?. Ngomong: Sapi atawa
onta. Nya dibere manehna onta bikang anu reuneuh, nya
nyanggem anjeuna (Malak): Mugi ngabarokahkeun Alloh keur
anjeun dina eta.
Teras sumping anjeuna ka anu lolong teras dadawuh: Naon
perkara paling dipikacinta ku anjeun?. Nyanggem: Yen
ngabalikkeun Alloh ka kuring paningali kuring nya bakal ningal
kuring ku eta ka jalma-jalma. Nya ngusap anjeuna ka
manehna, nya ngabalikkeun Alloh ka manehna paningalina.
Dadawuh: Nya naon harta banda paling nyintakeun ka
anjeun?. Ngajawab: Domba. Nya dibere manehna domba anu
ngajuru, nya dilobakeun ieu nu dua jeung ngajuru/anakan ieu.
Nya kabuktian keur ieu hiji lengkob tina onta (lengkob pinuh
ku onta), jeung pikeun ieu hiji lengkob tina sapi, jeung pikeun
ieu hiji lengkob tina domba.
Dawuh nabi salajengna:
Kitab Tauhid
189
)) .


. . !
:
.
. . .
.
. . .
_

.
.

((
Tuluy saestuna anjeuna geus datang ka anu corob dina
rupana jeung kaayaannana, nya nyanggem: Hiji lalaki anu
miskin, estu geus putus di abdi ongkos-ongkos dina perjalanan
abdi, nya teuaya dugi kanggo abdi dinten ieu kajaba kalayan
(pertulungan) Alloh sareng (kasaean) salira. Nyuhunkeun abdi
ka salira sabab anu parantos masihan Mantena ka salira rupa
Kitab Tauhid
190
anu sae sareng kulit anu sae sareng harta, hiji onta bakal dugi
abdi ku eta dina perjalanan abdi. Nya nyarita manehna: Ari
hak-hak teh loba (Loba pamenta). Nya nyanggem anjeuna ka
manehna: Kaya-kaya saestuna kuring kenal ka anjeun?. Naha
teu bukti anjeun teh corob miijid ka anjeun ka anjeun jalma-
jalma, faqir kacida terus masihan ka anjeun Alloh harta
banda?. Nya ngajawab manehna: Tayalian geus ngawarits
kuring kana ieu harta banda teh bari gede ti anu gede. Nya
dadawuh anjeuna: Lamun bukti anjeun anu bohong, nya muga
ngajadikeun deui ka anjeun Alloh kana anu geus kabuktian
anjeun!.
Nyanggem (Rowi): Jeung sumping anjeuna ka anu botak
dina rupa manehna terus dadawuh anjeuna ka manehna
saperti anu geus ngadawuhkeun ka ieu (anu corob), jeung
ngajawab manehna ka anjeuna saperti anu geus ngajawab eta
ka anjeuna. Nya dadawuh: Lamun nyata anjeun anu bohong,
nya muga ngajadikeun deui ka anjeun Alloh kana nu geus
kabuktian anjeun kana eta!.
Nyanggem (Rowi): Jeung sumping anjeuna ka anu lolong
dina rupa manehna nya sasauran: Hiji lalaki anu miskin sareng
anak jalan; estu geus pegat ka abdi teh ongkos-ongkos dina
perjalanan abdi, nya teuaya ngadugikeun kanggo abdi dinten
ieu kajaba kalayan (pertulungan) Alloh teras kalayan
(bantosan) salira. Nyuhunkeun abdi ka salira sabab anu
parantos ngabalikkeun Mantena ka salira paningali salira,
(nyuhunkeun abdi) hiji domba bakal ngadugikeun abdi ku eta
dina perjalanan abdi!. Nya nyanggem: Estu geus kabuktian
kuring teh lolong; teras ngabalikkeun Alloh ka kuring paninga
kuring, nya prak nyokot anjeun kana nu karep anjeun, jeung
prak tinggalkeun anu karep anjeun, Nya demi Alloh moal
nyusahkeun kuring ka anjeun poe ieu ku hiji perkara geus
nyokot anjeun kana eta karana Alloh. Nya dadawuh: Cekel ku
anjeun babarangan anjeun!. Nya tayalian geus diuji aranjeun
Kitab Tauhid
191
teh. Nya estu geus ridlo Alloh ti anjeun, jeung geus bendu
Mantena ka dua babaturan anjeun. (HR Bukhori Muslim).
Kandungan bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat di luhur
(105)
.
2. Pengertian dawuhan Alloh: tangtu ngomong pisan
manehna: Ieu teh boga kuring.
3. Pengertian dawuhan Alloh: Tayalian geus dibere
kuring eta teh lantaran elmu di kuring.
4. Kisah anu narik perhatian, sakumaha anu terkandung
dina ieu hadits, nyimpen pelajaran-pelajaran anu
berharga dina ieu kahirupan.







(105) Ayat di luhur nunjukkeun kawajiban syukur kana nimat-nimat
Alloh jeung ngaku yen nimat-nimat tadi teh murni ti hadepan
Alloh, jeung nunjukkeun oge yen ucapan hiji jalma ngeunaan
nimat-nimat Alloh nu dikurniakeun ka manehna: Ieu teh hak
anu layak ditarima ku kuring lantaran usaha kuring, eta
mangrupakeun ucapan anu teu sajalan jeung nilai-nilai tauhid.
Kitab Tauhid
192
BAB 50
[NGARAN ANU DI ABDIKEUN KA SALIAN ALLOH]

Dawuh Alloh :
!l !9. !>l. -> l l. ! !9. l-. <
!s :
Nya nalika geus masihan Mantena ka anjeuna duaan (hiji
budak lalaki) anu mulus, ngajadikeun manehna pikeun
Mantena pamarengan-pamarengan dina anu geus masihan
Manten ka anjeuna duaan. Nya Maha Luhur Alloh tina anu
marengkeun maranehna. (QS. Al-Aroof: 190).
Ibnu Hazm sasauran: Para ulama parantos mufakat
ngharamkeun satiap ngaran anu diperhambakeun ka salian
Alloh, saperti: Abdu Umar (hambana Umar), Abdul Kabah
(hambana Kabah) jeung anu sabangsa jeung ieu, kajaba
Abdul Mutholib.
(106)

Ibnu Abi Hatim ngariwayatkeun wireh Ibnu Abbas dina
nafsirkeun eta ayat ngajelaskeun: Saparantos nabi Adam
ngagaulan istrina Hawwa, lajeng Hawa hamil, terus Iblis
datang ka aranjeuna bari nyarita: Saestuna kuring teh sobat
aranjeun duaan anu geus ngaluarkeun ka aranjeun duaan ti
surga; kudu turut aranjeun duaan ka kuring atawa tangtu
ngajadikeun pisan kuring ka manehna (anak anjeun) dua
tanduk uncal, nya bakal kaluar eta tina beuteung anjeun terus
nyoekkeun kana eta; jeung tangtu migawe pisan kuring; jeung

(106) Maksudna: Aranjeuna can dugi kana kamufakatan ngaharamkeun
nami Abdul Muthollib, lantaran asal ngaran ieu aya
hubungannana jeung perbudakan.
Kitab Tauhid
193
tangtu migawe pisan kuring!- Nyingsieunan manehna ka
aranjeunna- Kudu mere ngaran anjeun ka eta teh Abdul
harits
(107)
. Nya nampik aranjeuna yen ngagugu ka manehna
, nya kaluar eta teh bari layon (maot). Teras ngandung deui
anjeuna nya datang deui manehna ka anjeuna terus nyarita
manehna saperti ucapan manehna; nya nampik aranjeunna
yen ngagarugu ka manehna. Nya kaluar eta bari layon. Teras
ngandung deui, nya datang deui manehna ka aranjeuna nya
nyebutkeun ka aranjeuna. Nya dugi ka aranjeuna kacintaan ka
anak nya masihan nami aranjeuna ka eta teh Abdul Harits.
Nya ari itu teh mana dawuhan Alloh :
-> l l. ! !9.
(Geus ngajadikeun aranjeuna pikeun Mantena
pamarengan-pamarengan dina anu geus masihan Mantena ka
aranjeunna). QS Al-Aroof: 190.
Ibnu Abi Hatim ngariwayatkeun deuih, kalayan sanad
shohih, wireh Qotadah dina nafsiran ieu ayat netelakeun:
nyaeta, ngareujeungkeun Alloh jeung taat ka Iblis, lain dina
hal ibadah ka Mantena.
(108)
.

(107) Al-Harits teh ngaran Iblis. Maksud Iblis teh pikeun nyingsieunan
ka aranjeuna supaya Adam sareng Hawa mere ngaran ka
puterana ku eta ngaran (Abdul Harits) sangkan aranjeuna
tigebrus kana kamusyrikan, jeung ieu teh mangrupakeun
salahsahiji cara Iblis pikeun nyilakaeun manusa. Lamun manehna
can mampuh ngagebruskeun manusa sabagi musuh
bubuyutannana kana kamashiyatan nu gede akibatna, bakal
dimimitian tipu daya pikeun ngagebruskeunnana teh ku tindakan
mashiyat anu leutik.
(108) Maksudna: Maranehna teu nyarembah Iblis, tapi taat ka Iblis ku
jalan mere ngaran budak ku sebutan Abdul Harits sakumaha nu
dianjurkeun ku Iblis. Ieu perbuatan kagolong kana musyrik ka
Alloh.
Kitab Tauhid
194
Dina nafsiran dawuhan Alloh:
_l !.. !>l.
Demi lamun masihan gusti ka abdi (budak lalaki) anu
sampurna wujudna)
(109)
, Mujahid nguningakeun: Adam
sareng Hawwa ngaraos khawatir pami puterana lahir dina
wujud anu teu sampurna, jeung penafsiran anu sarua
diriwayatkeun oge ku anjeuna ti Al-Hasan (Al-Bashri), Sai'd
(Ibnu Jubair) sareng anu sanesna.

Kandungan bab:
1. Dilarang mere ngaran anu diperhambakeun ka salian
Alloh.
2. Penjelasan ngeunaan maksud ayat diluhur
(110)
.
3. Kamusyrikan ieu [sakumaha anu dinyatakeun ku ayat
ieu, disababkeun ku mere ngaran wungkul, tanpa
maksud nu sabenerna.
4. Pamasihan Alloh boh anak lalaki atawa anak awewe
dina kaayaan sampurna, eta oge mangrupakeun kurnia
Alloh anu kudu disyukuran.
5. Ulama Salaf nyebatkeun perbedaan antara kamusyrikan
dina taat jeung kamusyrikan dina ibadah.

(109) Surat Al-Aroof: 189.
(110) Ayat ieu nunjukkeun yen anak nu dikurniakeun ku Alloh ka
salahsaurang eta kaasup nimat anu wajib disyukuran, jeung
kaasup kasampurnaan rasa syukur ka Mantena lamun dibere
ngaran anu alus, nyaeta anu teu diperhambakeun ka salian
Mantena, lantaran mere ngaran anu diperhambakeun ka salian
Mantena kagolong musyrik.
Kitab Tauhid
195
BAB 51
[NETEPKEUN AL-ASMA AL-HUSNA KHUSUS KANGGO
ALLOH JEUNG TEU NYELEWENGKEUN KANA ETA]

Dawuh Alloh :
< '!. _.`.>' `s! !, ' _%! >l` .`
>` ! l l-
Jeung kagungan Alloh jenengan-jenengan anu sarae, nya
prak ngadua aranjeun ka mantena ku eta jeung taringgalkeun
anu nyelewengkeun maranehna dina jenengan-jenengan
Mantena. Bakal dibales maranehna anu geus bukti maranehna
aramal.(QS. Al-Aroof: 180).
Ibnu Abi Hatim ngariwayatkeun ti Ibnu Abbas ngeunaan
maksud dawuhan Alloh:
>l` .`
nyelewengkeun maranehna dina jenengan-jenengan
Mantena. Saurna: nyaeta anu ngalakukeun kamusyrikan (dina
asma Mantena) nyaeta jalma-jalma anu ngajaradikeun asma
Mantena pikeun ngaran-ngaran berhala maranehna saperti Al-
Lata anu asalna tina kecap Al-Ilah, jeung Al-Uzza anu asalna
tina kecap Al-Aziizu.
Jeung diriwayatkeun ti Al-Amasy
(111)
dina nafsiran ieu ayat
anjeuna nguningakeun: Maranehna teh ngarasupkeun dina
asma Mantena.

(111) Abu Muhammad: Sulaiman bin Mahran Al-Asdi, dipasihan gelar
Al-Amasy. Salahsawios tabiin ahli tafsir, ahli hadits sareng ahli
Kitab Tauhid
196
Kandungan bab:
1. Wajib netapkeun Asma Alloh [sasuai jeung kaagungan
sarta kamuliaan Mantena].
2. Sadaya Asma Alloh teh Al-Husna (sarae/Maha Endah).
3. Diparentahkeun pikeun ngadoa kalayan nyebat asma-
asma Alloh/Asmaa-ul Husna.
4. Diparentahkeun ninggalkeun jalma-jalma anu nentang
kana asma-asma Mantena jeung jalma-jalma anu
nyelewengkeun kana eta.
5. Penjelasan ngeunaan bentuk penyelewengan Asma
Alloh.
6. Ancaman ka jalma-jalma anu nyelewengkeun Asma
Alloh sahingga nyimpang tina hartina anu hak.












faroidl, anjeuna oge seueur ngariwayatkeun hadits. Dilahirkeun
taun 61 H (681 M) sareng wafat taun 147 H (765 M).
Kitab Tauhid
197
BAB 52
LARANGAN NGUCAPKEUN:
AS-SALAMU ALALLOH

Diriwayatkeun dina shohih Bukhori sareng Muslim, ti Ibnu
Abbas sasauran anjeuna:
)) .
.
((
Kabuktian kuring sadaya dimana aya kuring sadaya
sarengan Nabi Muhammad dina sholat, nyanggem kuring
sadaya:

salam ka Alloh ti abdi-abdi Mantena, Salam ka fulan jeung
fulan, nya dadawuh Nabi : Ulah ngucapkeun aranjeun:

Kasalametan kanggo Alloh, nya saestuna Alloh Mantena teh
Maha masihan kasalametan.

Kandungan bab:
1. Penjelasan ngeunaan mana Assalam
(112)
.

(112) As-Salam: Salahsawios Asma Alloh, anu hartosna: Maha masihan
kasalametan. As-Salam oge ngandung harti kasalametan, sabagi
doa ka jalma nu dibere ucapan salamet. Ku lantaran eta teu
layak jeung teu meunang diucapkeun As-Salaamu Alalloh.
Kitab Tauhid
198
2. Assalam mangrupakeun ucapan salamet.
3. Hal ieu teu layak kanggo Alloh.
4. Alesannana, [karana As-Salam teh salahsahiji Asma
Alloh, Mantena anu masihan kasalametan sareng mung
ka Mantena urang sadaya neda kasalametan.
5. Tos diajarkeun ka para sahabat ngeunaan ucapan
penghormatan anu sasuai/layak kanggo Alloh
(113)
.

(113) Ucapan penghormatan anu sasuai kanggo Alloh nyaeta: At-
Tahiyyatu lillah, Washsholawaatu Wath-thoyyibaat.
Kitab Tauhid
199
BAB 53
NGADOA KU UCAPAN: YA ALLOH HAPUNTEN ABDI
UPAMI NGAMAKSAD GUSTI

Diriwayatkeun dina shohih Bukhori sareng Muslim, ti Abu
Hurairoh , dadawuh Rosululloh :
)) .
((
Ulah ngucapkeun salahsaurang aranjeun: Nun gusti Alloh,
mugi ngahapunten gusti ka abdi upami ngamaksad gusti. Nun
gusti Alloh mugi ngaasih gusti ka abdi upami ngamaksad
gusti!. Kudu ngamantepkeun manehna kana pamenta, nya
saestuna Alloh teuaya anu tiasa maksa ka Mantena.
Jeung dina riwayat Muslim, disebutkeun:
)) ((
Jeung kudu moharakeun manehna kana kacintaan (anu
dipenta); nya saestuna Alloh teu beurat ka Mantena hiji
perkara geus masihkeun Mantena kana eta.
Kandungan bab:
1. Diarang ngucapkan kalimah: Upami ngamaksad gusti
dina ngadoa.
2. Lantaran [Ieu ucapan nunjukkeun saolah-olah Alloh
ngaraos kaabotan dina ngaijabah doa abdi-Na atawa
ngaraos kapaksa kanggo nyumponan permohonan
abdi-Na].
3. Diparentahkeun pikeun ngabogaan kahayang anu kuat
dina ngadoa.
Kitab Tauhid
200
4. Diparintahkeun pikeun ngagedekeun harepan (optimis)
dina ngadoa.
5. Kumargi [Alloh Maha Sugih, Maha Jembar kurnia-Na,
sareng Maha Kawasa kanggo ngersakeun naon wae
anu dimaksad-Na].


Kitab Tauhid
201
BAB 54
DILARANG NGUCAPKEUN: ABDII ATAWA
AMATII (HAMBA KAULA)

Diriwayatkeun dina shohih Bukhori sareng Muslim, ti Abu
Hurairoh dadawuh Rosululloh :
)) . .
. .
((
Ulah ngucapkeun salahsaurang aranjeun (Ka bujang
atawa babu): Sadiakeun dahar pangeran anjeun
(dunungan/juragan anjeun) pangnyadiakeun cai wudlu
pangeran/juragan anjeun!. Jeung ucapkeun: Dunungan abdi
sareng Maula abdi. Jeung ulah ngucapkeun salahsaurang
aranjeun. Abid kaula jeung amat kaula. Jeung kudu
ngucapkeun:Bujang kaula, jeung parawan kaula jeung anak
kaula.

Kandungan bab :
1. Larangan ngucapkeun Abdi atawa Amati, nu hartina
abid kaula.
2. Larangan pikeun hiji abid tina manggil ka
dunungannana ku ucapan Robbii nu ngandung harti
Gusti pangeran abdi, jeung larangan pikeun hiji
dunungan ngucapkeun ka budak beuliannana atawa
pelayanna nu hartina: sadiakeun dahar
pangeran/juragan anjeun .
Kitab Tauhid
202
3. Dianjurkeun ka para dunungan atawa tuan pikeun
manggil pelayan atawa abidna teh ku ucapan: fataya
(bujang kula), fatati (gadis kula), jeung ghulami (anak
kula).
4. Jeung dianjurkeun ka pelayan atawa hamba sahaya
pikeun manggil tuan atawa dunungannana ku
panggilan sayyidi (dunungan abdi) atawa maulaya"
(majikan abdi).
5. Tujuan tina ieu anjuran teh nyaeta pikeun ngamalkeun
tauhid samurni-murnina, sampe dina hal ucapan pisan.






Kitab Tauhid
203
BAB 55
DIRANG NOLAK PAMENTA JALMA ANU NYEBUT ASMA
ALLOH

Ibnu Umar nguningakeun dawuhan Rosululloh :
))

((
Singsaha anu menta kalayan (nyebut nami) Alloh, nya
kudu mere aranjeun ka manehna. Jeung singsaha anu menta
perlindungan kalayan (nyebut nami) Alloh, nya kudu mere
perlindungan aranjeun ka manehna. Jeung saha anu
ngondang ka aranjeun, nya kudu ngadatangan aranjeun ka
manehna. Jeung saha anu migawe ka aranjeun kana
kahadean, nya kudu ngabandingan aranjeun ka manehna. Nya
lamun teu manggihan aranjeun kana nu buat ngabadingan
aranjeun ka manehna, nya prak ngadaruakeun aranjeun keur
manehna sampe ningali aranjeun saestuna aranjeun estu geus
ngabandingan aranjeun ka manehna. (HR. Abu Dawud,
sareng Nasaa-i kalayan sanad shohih).

Kandungan bab:
1. Parentahan pikeun nyubadanan kana pamenta batur
anu menta kalayan nyebut asma Alloh [demi
ngamuliakeun jeung ngagungkeun Alloh].
2. Parintahan pikeun ngalindungan jalma anu menta
perlindungan kalayan nyebut asma Alloh.
Kitab Tauhid
204
3. Anjuran pikeun nyubadanan kana ondangan [dulur sa-
iman].
4. Parentahan pikeun ngabales kahadean [kalayan
balesan anu sabanding atawa leuwih hade tibatan eta].
5. Dina kaayaan teu mampuh pikeun ngabales kahadean
hiji jalma, dianjurkeun pikeun ngadoakeunnana.
6. Rosululloh nganjurkeun pikeun ngadoakeunnana
kalayan enya-enya, sampe ngarasa yakin yen anjeun
geus ngabales kahadeannana.

Kitab Tauhid
205
BAB 56
MENTA HIJI PERKARA KALAYAN NYEBUT
ASMA ALLOH

Jabir nguningakeun dawuhan Rosululloh :
)) ((
Teu meunang dipenta kalayan wajah Alloh kajaba surga.
(HR. Abu Dawud).
Kandungan bab :
1. Diarang menta hiji perkara kalayan nyebut asma Alloh
kajaba lamun menta surga. [Hal ieu, demi
ngagungkeun Alloh sareng ngamuliakeun Asma sareng
Sifat Mantena.
2. Netepkeun bener ayana Wajah kanggo Alloh (sasuai
sareng kaagungan jeung kamuliaan Mantena).

Kitab Tauhid
206
BAB 57
UCAPAN LAMUN

Dawuh Alloh :
l1 l l !l _ "`_: ! !l. ! l .
>.`, l _%! . `l. `.1l || ->!. l.,l < !
. _>`l ! >,l < l . ,, .l
Ngaromong maranehna (kaom munafiq): Lamun aya
pikeun kuring sadaya tina urusan teh hiji perkara, moal
dibunuh kuring sadaya di dieu (dina perang Uhud).
Caritakeun: Lamun aya aranjeun di imah-imah aranjeun,
tangtu kaluar anu geus dipastikeun ka maranehna terbunuh
ka patempatan-patempatan maranehna; jeung pikeun nguji
Alloh kana nu dina dada-dada aranjeun jeung ngaberesihkeun
kana nu dina hate-hate aranjeun. Jeung Alloh teh anu uninga
kana eusi hate-hate. (QS. Ali Imron: 154).
_%! l! > - l !`s!L ! l. '! _s
`. , l | . _,.
Anu geus ngaromong ka dulur-dulurna jeung geus dariuk:
Lamun turut maranehna ka kuring sarerea, moal dibunuh
maranehna. Caritakeun: Nya prak nolak aranjeun ti diri-diri
aranjeun kana maot lamun nyata aranjeun nu balener. (QS.
Ali Imron: 168).
Diriwayatkeun dina shohih Muslim ti Abu Hurairoh
dadawuh Rosululloh :
Kitab Tauhid
207
))
. .
((
Kudu kasengsrem anjeun kana nu bakal manfaat ka
anjeun jeung kudu menta tulung anjeun ka Alloh jeung ulah
ngarasa lemah. Jeung lamun keuna ka anjeun hiji perkara, nya
ulah ngucapkeun: Lamun saestuna kuring migawe kuring,
tangtu kabuktian kieu jeung kieu; tur tapi ucapkeun: Geus
nakdirkeun Alloh; sareng naon bae anu ngersakeun Mantena,
midamel Mantena. Nya saenyana lamun teh mukakeun
pagawean syetan.

Kandungan bab :
1. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Ali Imron
(114)
.
2. Larangan ngucapkeun kecap lamun atawa saupama
nalika kakeunaan mushibah atawa kagagalan.
3. Alesannana, lantaran eta kecap teh bakal mukakeun
panto-panto syetan.
4. Pituduh Rosululloh [nalika narima hiji kagagalan
atawa mushibah] supaya ngucapkeun ucapan anu alus

(114) Kadua ayat di luhur nunjukkeun ayana larangan ngucapkeun
kecap lamun atawa saupama dina hal-hal anu geus
ditakdirkeun ku Alloh pikeun kajadian; jeung ngucapkeun saperti
kitu teh kaasup sifat-sifat jalma munafiq; jeung nunjukkeun yen
perwujudan iman teh nyaeta pasrah jeung ridlo kana takdir Alloh
sarta mikarempanna hiji jalma teu bisa nyalametkeun dirina tina
eta takdir.
Kitab Tauhid
208
[jeung sabar sarta ngimankeun yen naon anu kajadian
teh mangrupakeun katetepan/takdir Alloh].
5. Parintahan pikeun enya-enya dina neangan sagala anu
ngandung manfaat [pikeun bekel di dunya jeung di
akherat] kalayan terus-terusan neda pertulungan Alloh.
6. Larangan tina bersikep sabalikna, nyaeta bersikap
lemah.



















Kitab Tauhid
209
BAB 58
LARANGAN NYACI/NYAREKAN ANGIN

Diriwayatkeun ti Ubay bin Kaab , dadawuh Rosululloh :
)) ((
Ulah nyarekan aranjeun kana angin, jeung dimana ningali
aranjeun kana nu mikabenci aranjeun, nya prak arucapkeun:
))

((
Nun gusti Alloh, saestuna abdi sadaya nyuhunkeun ka
gusti tina kasaean ieu angin sareng kasaean anu dina eta
sareng kasaean anu geus diparentah eta. Sareng nyalindung
abdi ka gusti tina kaawonan ieu angin sareng kaawonan anu
dina eta sareng kaawonan anu geus diparentah eta kana eta.
(HR. Tirmidzi, sareng saurna ieu hadits teh shohih).

Kandungan bab:
1. Dilarang nyarekan angin.
2. Pituduh Rosululloh pikeun ngucapkan doa, Lamun
manusa ningali hiji perkara anu teu
nyenangkeun/pihariwangeun [nalika aya angin gede].
3. Pangwartosan ti Rosululloh yen angin teh meunang
parentah Alloh. [Ku sabab eta, nyarekan angin
ngandung harti nyarekan ka Alloh nu nyiptakeun jeung
marentahkeunnana].
Kitab Tauhid
210
4. Angin anu ngahiliwir eta kadang diparentah ku Alloh
pikeun mawa hiji kahadean, kadang oge diparentah ku
Alloh pikeun hiji kagorengan.

Kitab Tauhid
211
BAB 59
[DILARANG GORENG SANGKA KA ALLOH]

Dawuh Alloh :
L <!, ,s _>l _L l>l l1 !l _
_ `_: | `&# <
Nyangka maranehna ka Alloh lian hak sangkaan jahiliyyah.
Ngarucapkeun maranehna naha aya pikeun kuring sadaya tina
aturan tina hiji perkara?. Caritakeun: Saestuna aturan teh
sakabehna oge kagungan Alloh. (QS. Ali Imron: 154).
U-` _,1`l 1l _,:l :l _,!Ll
<!, L .l ,ls .l .s < ,ls `-l
s `l > ,! ,.
Jeung (pikeun) nyiksa Mantena ka lalaki-lalaki munafiq
jeung awewe-awewe munafiq jeung lalaki-lalaki musyrik jeung
awewe-awewe musyrik anu nyarangka ka Alloh nyanggka
goreng. Ka maranehna teh perputeran goreng, jeung geus
mibendu Alloh ka maranehna jeung ngalanat Mantena ka
maranehna jeung nyadiakeun Mantena pikeun maranehna
Jahannam. Jeung goreng pisan pangbalikan teh. (QS. Al Fath:
6).
Ibnu Qoyyim dina nafsiran ayat nu kahiji, nguningakeun:
Nyangka didieu maksudna nyaeta nyangka yen Alloh moal
masihkeun pertulungan-Nana ka Rosul-Na, jeung yen agama
anu dicandak ku nabi SAW bakal ilang.
Kitab Tauhid
212
Jeung ditafsirkeun oge: yen naon anu keuna ka mantena
SAW teuaya hubungannana jeung takdir/katangtuan Alloh.
Jadi nyangka di dieu ditafsiran ku tilu penafsiran:
Kahiji : Ingkar kana ayana hikmah Alloh.
Kadua : Ingkar kana takdir-Na.
Katilu : Ingkar yen agama nu dicandak ku Rosululloh
bakal disampurnakeun jeung dipasihan
kameunangan ku Alloh ngaluhuran sadaya agama.
Ieu kabeh teh nyangka goreng anu dilakukeun ku kaom
munafikin anu kaunggel dina surat Al-Fath.
Perbuatan ieu disebut Goreng sangka, lantaran nyangka
anu samodel kieu teu layak kanggo Alloh , teu salaras jeung
sareng kaagungan Alloh, teu sasuai jeung kabijaksanaan
Mantena, Puji-Na sareng jangji-Na anu pasti.
Ku sabab eta, singsaha anu nyangka yen Alloh bakal
maparin kameunangan kana kabatilan luhureun bebeneran,
dibarengan ku leungitna hak, atawa nyangka yen naon nu
kajadian ieu lain dumasar qodlo jeung qodar Alloh; atawa
ingkar kana ayana hiji hikmah anu agung pisan dina hal
keunana taqdir Mantena anu ku hikmah-Na eta Alloh
ngagaduhan hak kanggo nampi pujian, malah nyangka yen
anu kajadian teh mung sakadar pangersa Mantena wungkul
tanpa aya hikmah-Na, maka nya ieu pisan nu mangrupakeun
goreng sangkaannana kaom kafir nu diarancam ku naraka
Wail.
Jeung kalolobaan jama ngalakukeun nyangka goreng ka
Alloh , boh dina hal anu patalian jeung diri maranehna
sorangan, atawa dina hal anu patalian jeung jalma sejen ti
maranehna, malah teuaya jalma anu salamet tina goreng
sangka ieu, kajaba jalma-jalma anu bener-bener ma;rifat ka
Alloh, Asma Mantena sareng sifat-Na, jeung marifat kana
Kitab Tauhid
213
kapastian ayana hikmah jeung wajibna aya pujian kanggo
Mantena sabagi perwujudannana.
Maka jalma anu berakal jeung cinta kana dirina, wajib
merhatikeun ieu masalah jeung kudu taubat ka Alloh sarta
menta maghfiroh Mantena tina goreng sangka nu
dilakukeunnana ka Alloh .
Lamun anjeun nitenan, saha wae oge pasti aya dina dirina
sikep/tabeat ngadebat atawa ngaguguyonkeun kana takdir
Alloh, ku ngucapkeun hal anu samistina kitu jeung kieu, aya
nu saeutik ngadebatna teh jeung aya oge anu pohara. Jeung
mangga parikasa diri anjeun nyalira, naha geus bebas tina ieu
sikep atawa acan?

Nya lamun salamet anjeun tina eta, salamet anjeun tina
malapetaka anu gede. Jeung lamun henteu, nya saestuna
simkuring teu yakin anjeun bisa salamet.

Kandungan bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Ali Imron
(115)
.
2. Penjelasan ngeunaan ayat dina surat Al-Fath
(116)
.

(115) Ayat kahiji nunjukkeun yen singsaha anu goreng sangka ka Alloh
yen Alloh bakal terus-terusan mere kameunangan kana
kabathilan sarta leungitna hak, nya manehna teh geus goreng
sangka ka Alloh jeung ieu perbuatan teh kaasup perbuatan kaom
jahiliyah. Ieu ayat nunjukkeun oge yen sagala perkara teh aya
dina panangan Alloh, lumangsung dumasar qodlo jeung qodar
Mantena sarta pasti didinya terkandung hikmah Mantena; jeung
nunjukkeun yen hade sangka ka Alloh teh mangrupakeun
kawajiban tauhid.
Kitab Tauhid
214
3. Disebutkeun yen goreng sangka teh loba pisan
bentukna.
4. Penjelasan yen teuaya nu baris salamet tina goreng
sangka ieu teh kajaba jalma anu marifat ka Alloh,
Asma sareng sifat Mantena tur kenal ka dirina
sorangan.

















(116) Ayat kadua nunjukkeun ayana kawajiban alus sangka ka Alloh
jeung dilarang tina goreng sangka ka Mantena; Nunjukkeun oge
yen goreng sangka ka Alloh teh mangrupakeun perbuatan kaom
munafiq, kaom musyrikin jeung jalma-jalma anu diancam ku siksa
anu kacida beuratna.
Kitab Tauhid
215
BAB 60
INGKAR KANA QODAR (KATANGTUAN
ALLOH TAALA)

Ibnu Umar sasauran: Demi Alloh anu jiwa Ibnu Umar
aya dina panangan Mantena, saupama hiji jalma ngabogaan
emas sagedeeun gunung Uhud, terus diinfakkeun di jalan
Alloh, pasti Alloh moal narima kana eta samemeh manehna
iman kana qodar/katangtuan Alloh. Teras Ibnu Umar
ngaoskeun dawuhan Rosululloh :
))
((
Ari iman teh yen percaya anjeun ka Alloh jeung ka
malaikat-malaikat Mantena jeung kitab-kitab Mantena jeung
utusan-utusan Mantena jeung poe akhir; jeung iman anjeun
kana qodar hadena jeung gorengna. (HR. Muslim).
Diriwayatkeun yen Ubadah Ibnu Shomit sasauran ka
puterana: Hey anakking, saestuna anjeun moal bisa
ngarasakeun lezatna iman samemeh yakin yen naon anu geus
ditakdirkeun ku Alloh bakal keuna ka diri anjeun pasti moal
meleset, jeung naon anu ditakdirkeun moal keuna ka anjeun
pasti moal keuna ka anjeun. Bapa geus nguping dawuhan
Rosululloh :
)) , . .
. ((
Saestuna pangheulana anu geus ngadamel Alloh teh
Qolam; nya dadawuh Mantena ka eta: Pek nulis anjeun!. Nya
nyarita: Nun pangeran abdi, sareng kana naon nyeratkeun
Kitab Tauhid
216
abdi teh?. Dadawuh: Tulis ukuran-ukuran sadaya perkara
sampe ngadeg kiyamah!.
Hey anakking, Bapa oge geus nguping dawuhan
Rosululloh :
)) ((
Saha anu maot kana lian ieu (teu netepan ieu hal), nya
lain manehna ti bagian kaula (lain umat kaula).
Jeung dina riwayat Imam Ahmad disebutkeun:
)) , .
((
Saestuna pangheulana anu geus ngadamel Alloh teh
Qolam; nya dadawuh Mantena ka eta: Pek nulis anjeun!. Nya
berjalan eta dina itu waktu sarta anu eta teh pibuktieun nepi
ka poe kiyamah.
Diriwayatkeun ku Ibnu Wahab, dawuhan Rosululloh :
)) ((
Nya singsaha anu teu iman kana takdir hadena jeung
gorengna, ngaduruk ka manehna Alloh ku seuneu naraka.
Diriwayatkeun dina Musnad jeung Sunan
(117)
, ti Ibnu
Dailami, sasauran: Geus dating kuring ka Ubay bin Kaab, nya
nyanggem kuring: Aya hiji karagu-raguan dina hate kuring
ngeunaan masalah takdir, nya carioskeun ka kuring hiji hadits,

(117) Musnad di dieu maksudna nyaeta kitab koleksi hadits anu disusun
ku Imam Ahmad. Jeung sunan maksudna nyaeta kitab koleksi
hadits anu disusun ku Abu dawud sareng Ibnu Majah.
Kitab Tauhid
217
kalayan harepan muga Alloh ngilangkeun karaguan eta tina
hate kuring, nya sasauran anjeuna:
))

((
Lamun nginfakkeun anjeun sagedeeun gunung Uhud
emas, moal narima kana eta Alloh ti anjeun sampe iman
anjeun kana takdir jeung yakin anjeun anjeun saestuna anu
geus keuna ka anjeun, teu bukti eta pikeun nyalahan ka
anjeun; jeung anu nyalahan ka anjeun, teu bukti eta pikeun
keuna ka anjeun. Jeung lamun maot anjeun kana luar ieu,
tangtu jadi anjeun tibagian ahli naraka".
Saur Ibnu Dailami salajengna: Teras kuring ngadatangan ka
Abdullah bin Masud, Hudzaifah bin Yaman sareng Zaid bin
Tsabit, sadayana nerangkeun ka kuring hadits nu sarua jeung
dawuhan Nabi Muhammad di luhur. (HR. Al-Hakim jeung
eta hadits teh dinyatakeun shohih).
Kandungan bab:
1. Katerangan ngeunaan kawajiban iman kana qodar.
2. Katerangan ngeunaan cara iman kana qodar.
3. Amal Ibadah salahsaurang teh percumah, lamun teu
didasaran ku iman kana takdir.
4. Disebutkeun yen salahsaurang moal ngarasakeun kana
iman samemeh ngiankeun kana takdir.
5. Penjelasan yen makhluk pangheulana anu diciptakeun
ku Alloh teh Qolam.
Kitab Tauhid
218
6. Dibewarakeun dina hadits yen kalayan parentah ti
Alloh- eta qolam teh nulis katangtuan-katangtuan
sampe poe kiyamah.
7. Rosululloh nganyatakeun yen mantena lulubaran ti
jalma-jalma anu teu ariman kana takdir.
8. Tradisi para ulama salaf dina ngilangkeun karaguan,
nyaeta ku jalan nanyakeun ka para ulama (saluhureun
anjeuna).
9. Jeung para ulama salaf masihkeun jawaban anu bisa
ngilangkeun karaguannana eta, ku jalan ngan
nguningakeun hadits ti Rosululloh.















Kitab Tauhid
219
BAB 61
MUSHOWWIR
[TUKANG NGAGAMBAR MAKHLUQ ANU NYAWAAN]

Diriwayatkeun ku Imam Bukhori sareng Muslim ti Abu
Hurairoh , dadawuh Rosululloh :
)) .
((
Dadawuh Alloh : Jeung saha anu leuwih dolim tibatan
anu indit rek nyieun manehna saperti ciptaan kaula; nya prak
nyieun maranehna hiji sireum leutik, atawa prak nyieun
maranehna hiji siki, atawa prak nyieun manehna hiji siki
gandrung.
Diriwayatkeun ku Imam Bukhori sareng Muslim ti Aisyah,
dadawuh Rosululloh :
)) ((
Pangbeuratna jalma-jalma siksaannana dina poe kiyamah
teh anu nyararuaan kana ciptaan Alloh .
Sakumaha riwayat Bukhori sareng Muslim ti Ibnu Abbas
sasauran anjeuna: Nguping kuring Rosululloh dadawuh:
))
((
Satiap tukang ngagambar teh dina naraka; dijadikeun
pikeun manehna ku satiap gambar anu geus ngagambar
manehna kana eta jadi hiji jirim anu nyiksa ka manehna dina
naraka jahannam.
Kitab Tauhid
220
Imam Bukhori sareng Muslim ngariwayatkeun ti Ibnu
Abbas dina hadits marfu, Rosululloh dadawuh:
))
_ ((
Singsaha anu ngagambar kana hiji gambar di dunya,
diperedih manehna yen niupkeun didinya ruh, bari henteu
manehna kana nu bisa niupkeun.
Imam Muslim ngariwayatkeun ti Abu Al-Hayyaj, sasauran
anjeuna: saestuna Ali bin Abi Tholib sasauran ka simkuring:
))
((
Naha tong ngutus kaula ka anjeun kana nu geus ngutus
ka kaula kana eta Rosululloh yen teu ninggalkeun anjeun
kana hiji gambar kajaba nyoekkeun anjeun kana eta, jeung
henteu kuburan anu dipucukulkeun, kajaba ngaratakeun
anjeun kana eta.

Kandungan bab:
1. Ancaman beurat pikeun para perupa makhluk anu
bernyawa.
2. Hal itu disababkeun lantaran manehna teu berlaku
sopan santun ka Alloh , sakumaha dawuh Alloh :
Jeung saha anu leuwih dolim tibatan anu indit rek
nyiptakeun kana saperti ciptaan kaula.
3. Dawuh Alloh: nya prak nyieun maranehna hiji sireum
leutik, atawa prak nyieun maranehna hiji siki, atawa
prak nyieun manehna hiji siki gandrung.
Kitab Tauhid
221
nunjukkeun kana kakawasaan Alloh, jeung
ngabolekerkeun kana kalemahan manusa.
4. Ditegaskeun dina hadits yen para perupa/tukang
ngagambar teh mangrupakeun manusa anu paling
peurih siksana.
5. Alloh baka nyiptakeun ruh pikeun satiap tukang
ngagambar nu khusus diciptakeun pikeun nyiksa
tukang-tukang ngagambar dina naraka Jahannam.
6. Tukang ngagambar bakal dibebanan niupkeun ruh kana
gambar anu dijieun ku manehna.
7. Parintahan pikeun ngamusnahkeun gambar-gambar
anu kapanggih.














Kitab Tauhid
222
BAB 62
DILARANG NGALOBAKEUN SUMPAH

Dawuh Alloh :
L> >
Jeung kudu ngajaga aranjeun kana sumpah-sumpah
aranjeun. (QS. Al-Maaidah: 89).
Abu Hurairoh sasauran: Nguping kuring Rosululloh
dadawuh:
)) ((
Sumpah teh mayukeun kana barang dagangan (tapi)
ngalebur kana (barokahna) usaha. (HR. Bukhori Muslim).
Diriwayatkeun ti Salman dadawuh Rosululloh :
))

((
Tilu; Moal ngajak nyarita ka maranehna Alloh jeung moal
ngaberesihkeun Mantena ka maranehna jeung pikeun
maranehna siksaan anu peurih: Aki-aki zina, jeung anu fakir
tapi sombong, jeung hiji lalaki geus ngajadikeun manehna ka
Alloh (sabagi) barang dagangannana teu meuli manehna
kajaba ku sumpahna jeung teu ngajual manehna kajaba ku
sumpahna. (HR. Thobroni kalayan sanad shohih).
Diriwayatkeun dina shohih Bukhori sareng Muslim ti Imron
bin Hushoin dadawuh Rosululloh :
Kitab Tauhid
223
)) ((
. ))

((
Panghadena umat kaula teh generasi kaula, tuluy anu
ngiring-ngiringan ka maranehna, tuluy anu ngiring-ngiringan
ka maranehna. Sasauran Imron: Nya teu terang kuring naha
nyebat mantena saparantos generasina teh dua kali atanapi
tilu kali?. Tuluy saestuna sanggeus aranjeun (aya) hiji kaom
anu sarumpah bari teu (samemeh) diparenta sumpah, jeung
hariyanat tur teu barisa dipercaya, jeung nadzar maranehna
tur teu nyarumponan, jeung jelas di maranehna lintuh/burayut
kadut.
Diriwayatkeun oge dina shohih Bukhori sareng Muslim, ti
Ibnu Masud , dadawuh Nabi Muhammad :
))
((
Panghadena umat kaula teh generasi kaula, tuluy anu
ngiring-ngiringan ka maranehna, tuluy anu ngiring-ngiringan
ka maranehna.Tuluy bakal dating hiji kaom miheulaan
panyaksian salahsaurang maranehna kana sumpahna jeung
sumpahna kana panyaksiannana.
Ibrohim (An-Nakhoi) sasauran: Maranehna
nareunggeulan kuring lantaran panyaksian atawa sumpah
(anu dilakukeun ku kuring) nalika kuring leutik keneh.
Kandungan bab:
Kitab Tauhid
224
1. Ayana washiyat ti Alloh pikeun ngajaga sumpah (ulah
sologoto sumpah).
2. Penjelasan Rosululloh yen sumpah teh bisa
ngalariskeun barang dagangan, tapi oge bisa ngahapus
kabarokahan usaha.
3. Ancaman beurat pikeun jalma anu ngalobakeun
sumpah, boh nalika ngajual atawa nalika meuli.
4. Peringetan yen dosa teh bisa jadi gede sanajan faktor
nu ngadorongna mah leutik
(118)
.
5. Larangan jeung celaan pikeun jalma nu ngalakukeun
sumpah tanpa dipenta.
6. Pujian Rosululloh kanggo tilu generasi atawa opat
generasi (sakumaha anu disebut dina hadits), sareng
nguningakeun naon anu bakal kajadian sabadana.
7. Larangan jeung celaan pikeun jalma anu mere
kasaksian tanpa dipenta.
8. Ulama salaf (ulama nu tiparayun) nareunggeulan
barudak leutik lantaran mere kasaksian atawa sumpah
(119)
.


(118) Saperti jalma anu geus huisan nu zina atawa jalma malarat anu
adigung, samistina mah maranehna teu ngalakukeun ieu dosa
lantaran factor penunjang/pendorongna kana eta dosa teh kacida
lemahna.
(119) Hal eta dilakukeun ku kaom salaf pikeun ngadidik barudak
sangkan teu gampang nyaksi jeung nganyatakeun sumpah nu
akhirna bakal jadi kabisaaan, kalayan enteng manehna bakal
bersaksi jeung sumpah nepi ka dina hal anu sabenerna mah teu
layak make sumpah. Loba sumpah eta dilarang, lantaran
perbuatan eta nunjukkeun kana hiji sikep ngaremehkeun jeung
teu ngagungkeun kana Asma Alloh Taala.
Kitab Tauhid
225
BAB 63
PERJANJIAN KA ALLOH SARENG NABI-NA

Dawuh Alloh :
-, < | `.s .1. _ -, !.
`.l-> < l. | < `l- ! l-.
Jeung kudu nyumponan aranjeun kana janji (ka) Alloh
dimana geus jangji aranjeun tur ulah ngalanggar aranjeun
kana sumpah-sumpah sanggeus kokohna eta bari estu geus
ngajadikeun Alloh ka aranjeun anu nanggungjawab. Saestuna
Alloh uninga kana nu milampah aranjeun. (QS. An-Nahl: 91).
Buraidah sasauran: Upami Rosululloh ngangkat
komandan pasukan perang atawa batalyon, mantena
ngadugikeun pesen ka anjeuna supaya tetep taqwa ka Alloh
jeung memperlakukeun hade ka kaom Muslimin anu sarengan
anjeuna. Teras dadawuh:
))


((
Prak perang aranjeun kalayan jenengan Alloh dina jalan
Alloh, prak marerangan ka anu kufur ka Alloh; prak parerang
jeung ulah korupsi aranjeun, jeung ulah ingkar jangji aranjeun
jeung ulah ngabinasa bari telenges jeung ulah maehan ka
barudak. Jeung dimana manggihan anjeun ka musuh anjeun ti
Kitab Tauhid
226
anu malusyrik, nya ajak maranehna kana tilu perkara- atawa
tilu hal- nya ka anu mana eta ngagugu maranehna ka anjeun,
nya tarima ti maranehna jeung tahan diri (eureunkeun
serangan) ti maranehna.
))

((
Tuluy prak ngajak anjeun ka maranehna kana Islam, nya
lamun geus ngagarugu ka anjeun, nya tarima ti maranehna.
Tuluy prak ngajak ka maranehna kana pindah ti lembur
maranehna ka lembur Muhajirin jeung bejakeun ka maranehna
saestuna maranehna lamun marigawe kana itu, nya pikeun
maranehna teh (saperti) anu pikeun muhajirin; jeung
kawajiban maranehna teh (saperti) anu kawajiban muhajirin,
))

, ((
Nya lamun narolak yen parindah tidinya, nya bejakeun ka
maranehna saestuna maranehna bakal kajaradian saperti
muslimin , berjalan ka maranehna hukum Alloh Taala jeung
teuaya pikeun maranehna dina hal ghonimah jeung fai hiji
perkara oge kajaba yen jihad maranehna barengan Muslimin.
))
((
Kitab Tauhid
227
Nya lamun maranehna narolak, nya penta ka maranehna
jizyah
(120)
, Nya lamun maranehna geus nyarubadanan ka
anjeun, nya tarima ti maranehna jeung tahan diri ti
maranehna. Nya lamun maranehna narolak, nya prak menta
tulung anjeun ka Alloh jeung prak perangan maranehna!.
)) _


((
Jeung dimana ngepung anjeun ka ahli benteng terus
ngamaksud maranehna ka anjeun yen ngajadikeun anjeun
pikeun maranehna tanggungan Alloh jeung tanggungan nabi-
Na, tur tapi kudu ngajadikeun anjeun pikeun maranehna
tanggungan anjeun jeung tanggungan sahabat-sahabat
anjeun; nya saestuna aranjeun yen ngalanggar aranjeun kana
tanggungan-tanggungan aranjeun jeung tanggungan sahabat-
sahabat anjeun eta leuwih enteng tibatan yen ngalanggar
aranjeun kana tanggungan Alloh jeung tanggungan nabi-Na.
)) _

((
Jeung dimana ngepung anjeun ka ahli benteng terus
ngamaksud maranehna yen nempatkeun (ngaluarkeun)

(120) Jizyah nyaeta duit anu dicokot ti jalma-jalma kafir sabagi tanda
katundukan maranehna ka nagara Islam jeung sabagi ganti
perlindungan nagara islam kana jiwa jeung harta maranehna.
Kitab Tauhid
228
maranehna kana hukum Alloh, nya ulah nempatkeun anjeun
ka maranehna kana hukum Alloh, tur tapi tempatkeun
maranehna kana hukum anjeun, nya saestuna anjeun teu
nyaho naha ngeunaan anjeun di maranehna kana hukum Alloh
atawa henteu?. (HR. Muslim).

Kandungan bab:
1. Perbedaan antara perjanjian ka Alloh jeung perjanjian
ka Nabi-Na jeung perjanjian ka kaom muslimin.
2. Pituduh Rosululloh pikeun milih salahsahiji pilihan
anu paling ringan resikona tiantara dua pilihan nu aya.
3. Etika dina berjihad, nyaeta supaya ngagorowok kalayan
ngucapkeun: Bismillaah fie sabiilillah.
4. Parentah pikeun merangan kaom kafir.
5. Parentah pikeun salawasna menta pertulungan ka Alloh
dina nyanghareupan/merangan kaom kafir.
6. Perbedaan antara hukum Alloh jeung hukum hasil
ijtihad para ulama.
7. Disyareatkeun pikeun hiji komandan dina kondisi anu
diperlukeun saperti anu kasebut dina hadits, pikeun
berijtihad dina nangtukeun hukum tertentu, sanajan
manehna teu nyaho naha ijtihadna teh meneran kana
hukum Alloh atawa henteu?





Kitab Tauhid
229
BAB 64
DILARANG SUMPAH MIHEULAAN ALLOH

Jundub bin Abdullah sasauran: Dadawuh Rosululloh :
)) . .
((
Geus nyarita hiji lalaki: Demi Alloh moal ngahampura Alloh
ka si Fulan. Nya dadawuh Alloh : saha ieu anu sumpah ka
kaula yen moal ngahampura kaula ka si Fulan?. Saestuna
kaula estu geus ngahampura kaula ka manehna jeung geus
ngahancurkeun/ngalebur kaula kana amal anjeun. (HR.
Muslim).
Jeung disebutkeun dina hadits riwayat Abu Hurairoh yen
jalma anu sumpah kitu teh, jalma anu ahli ibadah. Nyanggem
Abu Hurairoh: Manehna geus ngucapkeun ucapan anu
ngahancurkeun dunya jeung akherat. (HR. Ahmad sareng
Abu Dawud)

Kandungan bab:
1. Peringetan supaya teu sumpah miheulaan Alloh.
2. Hadits di luhur nunjukkeun yen naraka teh leuwih
deukeut ka salahsaurang tibatan tali sendalna.
3. Nya kitu deui surga.
4. Buktina nyaeta naon anu tos disaurkeun ku adalah Abu
Hurairoh di luhur: Manehna geus ngucapkeun ucapan
anu ngahancurkeun dunya jeung akherat.
Kitab Tauhid
230
5. Kadang-kadang salahsaurang bisa meunangkeun
pangampura Alloh dilantarankeun aya hiji hal anu ku
manehna dipikabenci.
Kitab Tauhid
231
BAB 65
DILARANG NGAJADIKEUN ALLOH SABAGI PERANTARA
KA MAKHLUK-NA

Diriwayatkeun ti Jubair bin Muthim yen aya hiji urang
Arab badui datang ka Rosululloh terus ngomong: Nun
Rosululloh, jalma-jalma geus pada kabeakeun tanaga, anak
pamajikan kalaparan, harta banda pada musnah, nya cing
menta hujan pikeun kuring sarerea ka pangeran anjeun, estu
geus ngajadikeun kuring sarerea ka Alloh sabagi perantara ka
anjeun, jeung ngajadikeun kuring sarerea ka anjeun sabagi
perantara ka Alloh. Nya dadawuh Nabi SAW:
))
. !
(( .
Maha suci Alloh, maha suci Alloh Nya teu weleh-weleh
mantena nasbih sampe dikanyahokeun itu (kakuciwaan) dina
beungeut-beungeut sahabat mantena. Lajeng ngadawuh:
Cilaka maneh!, naha nyaho maneh naon ari Alloh teh?.
Saestuna pertingkah (kadudukan) Alloh teh leuwih agung
tibatan itu; saestuna eta teh teu dijadikeun permentaan
syafaat ku Alloh ka saurang oge. (HR. Abu Dawud).
Kandungan bab:
1. Rosululloh ingkar ka hiji jalma anu ngucapkeun:
Kuring sarerea ngajadikeun Alloh sabagi perantara ka
anjeun.
2. Rosululloh kalintang bendu nalika ngadangu ieu
ucapan, sareng nasbih mantena sababaraha kali
sahingga para shohabat ngaraos sieun.
Kitab Tauhid
232
3. Rosululloh teu ingkar kana ucapan urang badui:
Ngajadikeun kuring sarerea ka anjeun sabagi
perantara ka Alloh.
4. Penjelasan ngeunaan mana dawuh Rosul
Subhaanalloh [ Maha Suci Alloh].
5. Kaom muslimin ngajadikeun Rosululloh sabagi
perantara [dina waktos jumenengna] pikeun
nyuhunkeun hujan ka Alloh ].

Kitab Tauhid
233
BAB 66
UPAYA ROSULULLOH DINA NGAJAGA KAMURNIAN
TAUHID, JEUNG NUTUP SADAYA JALAN ANU
NGAJURUS KANA KAMUSYRIKAN

Abdullah bin Asy-Syikhkhir sasauran: Nalika kuring
ngiring ka delegasi Bani Amir nepangan Rosululloh , nyarios
kuring sadaya:
)) . .
, .
((
Salira teh sayyiduna (tuan kami/jungjunan abdi sadaya),
nya dadawuh mantena: Sayyid (Jungjunan) anu sabenerna
mah Alloh , Terus nyanggem kuring sadaya: Jeung (Salira)
teh pangpunjulna abdi sadaya leres-leres punjul, jeung pang
agungna abdi sadaya kasaeannana. Nya dadawuh mantena:
Prak arucapkeun ku pokpokan aranjeun atawa sabagian
pokpokan aranjeun (nu wajar) jeung ulah nyered pisan ka
aranjeun syetan. (HR. Abu Dawud kalayan sanad shohih).
Diuningakeun ku Anas bin Malik yen aya sabagian jalma
anu nyarita:
)) .


. ((
Kitab Tauhid
234
Nun Rosululloh, Nun pangsaena abdi sadaya sareng
putera pangsaena abdi sadaya, sareng jungjunan abdi sadaya
sareng putera jungjunan abdi sadaya. Nya dadawuh
Rosululloh : Hey ieuh inget jalma-jalma, prak arucapkeun
ku ucapan aranjeun jeung ulah mohokeun (ngabodokeun)
pisan ka aranjeun syetan. Kaula teh Muhammad abdi Alloh
sareng utusan Mantena, teu mikaresep kaula yen
ngagungkeun aranjeun ka kaula ngaluhuran kadudukan kaula
anu geus nempatkeun ka kaula Alloh . (HR. An-Nasaa-i
kalayan sanad jayyid).

Kandungan bab :
1. Peringetan ka para sahabat supaya teu bersikep
leuleuwiheun ka mantena SAW
(121)
.
2. Jalma nu dipanggil kalayan panggilan Anjeun teh
jungjunan abdi sadaya, hadena mah manehna
ngajawab: Jungjunan nu sabenerna mah Alloh.
3. Rosululloh mepelingan ka para sahabat supaya
henteu kasered jeung karayu ku syetan, padahal
maranehna (para sahabat) teu narerangkeun kajaba nu
sabenerna.
4. Rosululloh (teu miharep sanjungan ti para shohabat
nu ngaliwatan kadudukan nu sabenerna), sakumaha
kafaham tina dawuhna: Kaula teh Muhammad abdi
Alloh sareng utusan Mantena, teu mikaresep kaula yen
ngagungkeun aranjeun ka kaula ngaluhuran kadudukan
kaula anu geus nempatkeun ka kaula Alloh .

(121) Bab ieu nunjukkeun yen tauhid teh moal sampurna jeung murni,
kajaba ku ngajauhkeun diri tina satiap ucapan anu ngajurus kana
perlakuan anu kaleuleuwiheun ka makhluk, lantaran
dihariwangkeun bakal ngagusur kana kamusyrikan.
Kitab Tauhid
235
BAB 67
[KAAGUNGAN JEUNG KAKAWASAAN ALLOH ]

Dawuh Alloh :
! ' < _> . `_ !-> .., 1l
V.l L ., >, l-. !s :
Jeung teu ngagungkeun maranehna (musyrikin) ka Alloh
sabenerna ngagungkeun ka Mantena. Jeung ari bumi
sakabehna keupeulan Mantena dina poe kiyamah tur langit-
langit anu ditarilep dina panangan tengen Mantena. Maha
sanget Mantena sareng Maha luhur tina anu malusyrik
maranehna. (QS. Az-Zumar: 67).
Ibnu Masud sasauran: Salahsaurang pandita Yahudi
datang ka Rosululloh terus nyarita:
)) _
_ _ _
_ _ .
.
Hey Muhammad, saestuna kuring manggihan yen Alloh
ngajadikeun langit-langit dina hiji ramo jeung bumi-bumi dina
hiji ramo, jeung tatangkalan dina hiji ramo, jeung cai dina hiji
ramo jeung tanah/latar bumi dina hiji ramo, jeung
sakabeh/sasesa makhluk dina hiji ramo, teras dadawuh: Kaula
teh raja. Nya gumujeng nabi sampe ebreh waos-waos
Kitab Tauhid
236
gigirna karana ngabenerkeun kana ucapan pandita; teras
maos mantena (kana dawuhan Alloh):
! ' < _> . `_ !-> .., 1l
V.l L ., >, l-. !s :
Jeung teu ngagungkeun maranehna (musyrikin) ka Alloh
sabenerna ngagungkeun ka Mantena. Jeung ari bumi
sakabehna keupeulan Mantena dina poe kiyamah tur langit-
langit anu ditarilep dina panangan tengen Mantena. Maha
sanget Mantena sareng Maha luhur tina anu malusyrik
maranehna. (QS. Az-Zumar: 67).
Jeung dina riwayat Imam Muslim aya tambahan:
)) _ .
((
Jeung gunung-gunung jeung tatangkalan dina hiji ramo,
terus ngagerakkeun Mantena kana eta kabeh nya dadawuh:
Kaula teh raja; Kaula teh Alloh.
Jeung dina riwayat Imam Bukhori diuningakeun:
)) _ _
_ ((
Ngajadikeun Alloh kana pirang-pirang langit teh dina hiji
rema, sareng cai sareng taneuh luhureun hiji rema; sareng
sasesa makhluk dina hiji rema. (HR. Bukhori Muslim).
Imam Muslim ngariwayatkeun ti Ibnu Umar dadawuh
Rosululloh :
Kitab Tauhid
237
))
.
.
((
Bakal nilepan/ngagulung Alloh kana langit-langit dina poe
kiyamah teras nyandak kana eta ku panangan-Nana anu
tengen teras ngadawuh: kaula teh raja; Dimana nu sarombong
(tukang sawenang-wenang) teh?.Dimana nu garede hulu teh?.
Teras ngagulung Mantena kana bumi-bumi anu tujuh lajeng
nyandak kana eta ku panangan kiwa-Na teras ngadawuh:
Kaula teh raja; Dimana anu sarombong teh?. Dimana anu
garede hulu teh?.
Diriwayatkeun ti Ibnu Abbas , sasauran:
))
((
Henteu ari langit-langit anu tujuh jeung bumi-bumi anu
tujuh dina panagan Nu Maha Murah teh, kajaba saperti hiji siki
leutik dina leungeun salahsaurang aranjeun.
Ibnu Jarir sasauran: Yunus ngariwayatkeun ka simkuring ti
Ibnu Wahb, ti Ibnu Zaid, ti ramana (Zaid bin Aslam),
nyanggem: Dadawuh Rosululloh :
))
_ ((
Henteu ari langit-langit tujuh dina Al-Kursi teh kajaba
saperti sababaraha dirham anu tujuh disimpen dina tameng.
Kitab Tauhid
238
Lajeng Ibnu Jarir sasauran: Jeung Abu Dzarr sasauran:
"Nguping kuring Rosululloh dadawuh:
))
((
Henteu ari Al-Kursi (anu aya) di Arsy kajaba saperti hiji
geulang tina beusi disimpen eta antara dua puncer tegalan
tina bumi.
Diriwayatkeun ti Ibnu Masud sasauran anjeuna:
)) , _
_ ,
_ , _ ,
((
Antara langit dunya jeung anu ngiring-ngiringan kana eta
teh 500 taun. Jeung antara tiap langit jeung langit teh 500
taun. Jeung antara langit katujuh jeung Al-Kursi teh 500 taun.
Jeung antara Al-Kursi jeung cai teh 500 taun. Jeung ari Arasy
teh luhureun cai. Jeung ari Alloh mah luhureun Arasy, bari teu
samar ka Mantena hiji perkara tina amal-amal aranjeun. (HR.
Ibnu Mahdi ti Hamad bin Salamah, ti Aisyah, ti Zarr, ti
Abdullah bin Masud).
Atsar ieu diriwayatkeun ti sababaraha jalur sanad,
sakumaha anu diuningakeun ku Imam Adz-Dzahabi.
Al-Abbas bin Abdul Mutholib sasauran: dadawuh
Rosululloh :
Kitab Tauhid
239
)) , . ,
.

, ,

((
Naha terang aranjeun sabaraha antara langit jeung bumi?.
Nyanggem kuring sadaya: Alloh jeung Rosul-Na langkung
uninga. Dadawuh: Antara eta nu dua teh lalakon 500 taun;
jeung ti satiap langit ka langit teh lalakon 500 taun; jeung ari
kandelna satiap langit teh lalakon 500 taun; jeung antara
langit katujuh jeung Arasy teh aya lautan anu antara dasarna
jeung permukaannana (luhurna) teh saperti anu antara langit
jeung bumi. Jeung ari Alloh teh luhureun itu kabeh bari teu
samar ka Mantena hiji perkara tina amal-amal anak Adam. (
HR. Abu Dawud sareng ahli hadits nu sanesna).

Kandungan bab:
1. Penjelasan ngeunaan ayat anu disebut diluhur
(122)
.
2. Pengetahuan ngeunaan sifat-sifat Alloh, sakumaha
anu terkandung dina hadits kahiji, masih dikenal di

(122) Ayat ieu nunjukkeun kaagungan jeung kakawasaan Alloh ,
jeung leutikna sadaya makhluk upama dibandingkeun sareng
Mantena; oge nunjukkeun yen singsaha anu milampah musyrik,
ngandung harti manehna teu ngagungkeun Alloh kalayan
ngagungkeun anu sabenerna.
Kitab Tauhid
240
lingkungan bangsa Yahudi dina waktos jumenengna
Rosululloh , maranehna nafsirkeun kalayan penafsiran
anu nyimpang tina hak.
3. Nalika pandita Yahudi nyebutkeun ngeunaan eta elmu
ka Rosululloh, mantena ngabenerkeun kana eta
sareng lungsur ayat Al-Quran anu negeskeun kana eta.
4. Rosululloh gumujeng nalika ngadangu elmu nu
agung ieu anu disebutkeun ku pandita Yahudi.
5. Disebutkeun kalayan tegas dina ieu hadits ngeunaan
ayana dua panangan kanggo Alloh, jeung yen sadaya
langit disimpen dina panangan tengen Mantena jeung
sakabeh bumi disimpen dina panangan kiwa Mantena
dina dintenan kiyamah.
6. Dinyatakeun dina hadits yen panangan anu sejenna teh
nyatana panangan Mantena anu kiwa.
7. Disebutkeun dina hadits kaayaan jalma-jalma anu
sawenang-wenang jeung sombong dina poe kiyamah.
8. Dijelaskeun yen sadaya langit jeung bumi dina epek-
epek Alloh lir ibarat hiji siki sasawi anu disimpen dina
leungeun salahsaurang aranjeun.
9. Al-Kursi kagungan Alloh teh leuwih gede tibatan langit .
10. Arasy teh leuwih gede tibatan Al-Kursi.
11. Arasy teh lain Al-Kursi, jeung lain samudera cai.
12. Jarak antara langit nu hiji jeung langit nu sejenna teh
perjalanan 500 taun.
13. Jarak antara langit katujuh jeung Al-Kursi teh
perjalanan 500 taun.
14. Jarak antara Kursi jeung samudra teh perjalanan 500
taun.
Kitab Tauhid
241
15. Arasy sakumaha anu diterangkeun dina hadits, ayana
teh diluhureun samudra.
16. Alloh anegleng di luhur Arasy.
17. Jarak antara langit jeung bumi teh perjalanan 500 taun.
18. Kandel masing-masing langit teh perjalanan 500 taun.
19. Samudra nu aya di luhureun sadaya langit teh, antara
dasar jeung luhurna/permukaannana, jauhna
perjalanan 500 taun, jeung mung Alloh anu Maha
uninga kana eta .
Sadaya Puji mung kagungan Alloh Nyalira, Robb antero
Alam; Mugia Sholawat sareng Salam dilimpahkeun ka
jungjunan urang sadaya nyaeta Nabi Muhammad ,
kulawargina, sadaya sahabatna sareng sadaya umatna anu
satia ibadah dina raraga bertauhid ka Mantena!. Aammiin!.








Tamat diserat sareng ditarjamahkeun ku Simkuring, abdi
Alloh nu dloif: Ahmad Juhaman Suriah Al-Fahlawi
dina wengi ahad kaping 26 Robiiul Awwal 1433 H/18
Februari 2012 M tabuh 20 WIB.

Kitab Tauhid
242
DAFTAR ISTILAH

Adh-h = Idhoh: sihir, nipu, tindakan maseakeun / ngadu
dombakeun, ngahasut jeung mitenah.
Adhih (ism fail): Tukang sihir.
Adwa : Nepakeun atawa nularkeun panyakit.
Ain : Pangaruh jahat anu disababkeun ku rasa dengki hiji
jalma ngaliwatan panon, nyeri/kasakit panon.
Alaihissalam : Ka anjeuna kasalametan.
Alloh Akbar: Alloh Maha Agung.
Atsar: aya dua pengertian:
1. Hadits.
2. Caritaan atawa perbuatan anu dinisbatkeun ka sahabat
atawa tabiin nu nerangkeun dawuhan nabi, padamelan
nabi atawa panganken nabi.
Azimah : jimat/ ruqyah/ mantera.
Azza wa Jalla : Maha Gagah sareng Maha Agung.
Barzakh : Alam ghoib sabada manusa ninggalkeun alam
dunya nepi ka poe kiyamah, disebut oge alam kubur,
alam rawatan samentara.
Dinar : Ngaran duit di zaman Rosululloh anu dijieun tina
emas.
Dirham : Ngaran duit di zaman Rasaulullah anu leuwih
leutik nilaina tibatan dinar, dijieunna tina emas.
Fai : harta anu dicokot ku kaom Muslimin ti musuh tanpa
ngaliwatan perang heula lantaran ditinggalkeun ku
musuh memeh kajadian pertempuran.
Kitab Tauhid
243
Fal : Rasa optimis; gede harepan nasib hade jeung sukses.
Ghonimah : Harta anu dicokot ku kaom muslimin ti pihak
musuh maranehna nalika perang; barang rampasan
perang.
Ghoul : Hantu (genderewo), salahsahiji jenis jin.
Hadits : Tuntunan atawa padoman anu diajarkeun ku
Rosululloh ngalangkungan dawuhna, sikep,
perbuatan sareng persetujuan mantena (taqrir); hiji
perkara anu dinisbatkeun ka Nabi , boh mangrupa
ucapan, perbuatan, sikep atanapi persetujuan.
Hamah : Manuk bueuk/manuk hantu.
Hasan : Hadits anu tingkatannana sahandapeun hadits
shohih, karana daya hafal atawa kacermatan jeung
katalitian jalma anu ngariwayatkeunnana masih kurang,
tapi lamun loba jalanna mah, eta hadits ningkat
darajatna jadi shohih.
Ibadah : Pengabdian diri ka Alloh ku jalan taat kana sadaya
parentah-Na, jeung ngajauhan kana naon hal anu
dilarang ku Mantena, sakumaha anu geus diajarkeun
ku Rosululloh , dibarengan ku pinuh rasa rendah hate
jeung pinuh rasa cinta.
Iman : Ucapan hate jeung lisan anu dibarengan ku
perbuatan, dituturkeun ku kaikhlasan hate kalayan
niyat karana Alloh samata-mata jeung didasaran ku
nyekel pageuh kana sunnah Rosululloh .
Isnad : Silsilah jalma-jalma anu ngariwayatkeun patatalepana
hadits ti Rosululloh .
Istinja : Susuci atawa ngaberesihkeun diri sanggeus miceun
hajat leutik atawa hajat gede.
Kitab Tauhid
244
Iyafah : Norah/ngaramal nasib hade ku cara ngahiberkeun
manuk, lamun hiber ka jihat katuhu dihartikeun sabagi
alamat hade. Bedana jeung thiyaroh nyaeta ngaramal
nasib gote/sial ku ningali manuk, sasatoan atawa nu
salianna.
Jahiliyah : Kabodoan, nyaeta hiji zaman anu ciri utamana
nyaeta ngagungkeun/nyembah ka salian Alloh
sahingga eta nu salian Alloh teh disembah, dipuji-puji,
ditaatan; cirri sejenna nyatana bobrokna mental
jeung rujadna akhlaq. Ieu zaman jahiliyah teh
lumangsung sateuacan datangna Islam.
Jaiz: mubah : teu dilarang jeung teu dianjurkeun.
Jayyid : Hiji tingkatan sanad hadits di saluhureun hasan.
Jibt : Sihir; sesebutan anu bisa digunakeun pikeun sihir,
tukang sihir, tukang ramal, dukun, berhala jeung anu
sabangsana.
Jizyah : Sajenis pajeg anu dicokot ti jalma-jalma non Muslim
nu mampuh jeung geus nincak dewasa sabagi ganti
tina zakat nu dicokot ti jalma-jalma muslim. Jizyah
dimaksudkeun sabagi jaminan terpeliharana harta
banda jeung kasalametan jalma non muslim anu hirup
di nagara Islam nu dibikeun ku kaom muslimin.
Al-Kholil : Kakasih mulia, tingkatannana leuwih luhur tibatan
habib (kakasih).
Khomilah : Pakean tina bulu atawa buludru; pakean anu
dijieun tina wool.
Khomishoh : Pakean nu dijieun tina wool atawa sutera make
sulaman anu endah tur narik simpati.
Kunyah (baca: kun-yah) : Ngaran panggilan pikeun
kahormatan saperti: Abul Abbas, Abu Abdillah, Abu
Kitab Tauhid
245
Hasan, jeung sabangsana. Bisaana dinisbatkeun ka
anak mimiti.
Makruh : Sacara bahasa ngandung harti Hal anu dipikabenci.
Hiji hal anu lamun dilaksanakeun dipandang kurang
hade, tapi lamun ditinggalkeun, bakal meunang
ganjaran.
Marfu : Hadits nu didugikeun ku Rosululloh ; hiji hal anu
dinisbatkeun ka Rosululloh boh mangrupa ucapan,
perbuatan, sikep atawa persetujuan sanajan anu
nganisbatkeun teh saurang sahabat atawa saurang
tabiin.
Mauquf : Hiji hal anu dinisbatkeun ka hiji sahabat boh
mangrupa ucapan, perbuatan atawa persetujuan;
ucapan anu dikaluarkeun ku hiji sahabat nabi atawa
perbuatan anu dilakukeunnana atawa
persetujuannana kana hal nu dilakukeun ku
salahsaurang Tabiin.
Mufti : Jalma anu matwakeun atawa nunjukkeun kana hiji
masalah.
Nadzar : Ucapan hiji jalma yen manehna rek ngalakukeun hiji
perkara kanggo Alloh lamun kahontal di manehna
salahsahiji cita-cita.
Nau : Bentang; harti asalna: surup atawa munculna bentang.
Nusyroh : tindakan pengobatan jalma nu kakeunaan sihir
kalayan ngagunakeun mantera atawa jampe;
ngubaran/ngalawan sihir ku sihir.
Qodlo = Qodar: Katetapan ilahi, hartina yen sagala perkara
anu kajadian di alam raya ieu, eta diuninga, dicatet,
dikersakeun sareng diciptakeun ku Alloh .
Qunut : Maca doa dina sholat, dilaksanakeun sabada cengkat
tina ruku/sateuacan sujud dina rokaat akhir, utamana
Kitab Tauhid
246
waktu nazilah/aya bencana nu ngancam kasalametan
umat Islam.
Radhiyallohu anhu; anhaa; anhumaa,anhum : Muga
mikaridlo Alloh ti anjeuna/aranjeuna.
Risywah : Duit sogokan; kolusi, maling babarengan.
Riya : Ngalakukeun hiji amal karana hayang pamuji ti sasama
manusa; amal anu lain karana Alloh. Riya teh bisa
patalian jeung urusan akherat atawa urusan kadunyaan.
Jadi anu disebut riya teh lain ukur patalian jeung amal-
amal nu sifatna kaakheratan saperti sholat, shodaqoh
jeung amal-amal sejenna, tapi hal-hal kadunyaan oge
bisa kakeunaan riya contona saperti make pakean anu
diluar bates kawajaran kalayan tujuan neangan
perhatian/sensasi ti anu ningali. Carana bisa make
pakean anu ngarumbay atawa pakean anu pungset
merecet tur ipis saperti anu geus jadi trend di zaman
kiwari. Tujuan utamana tangtu pikeun narik perhatian
batur ku jalan mamerkeun kaendahan bentuk badan
jeung salianna. Para ahli psikologi nyebutkeun yen
kalakuan kitu teh mangrupakeun gejala exhibitionisme.
Jadi upama agama nyebut eta kalakuan sabagi bagian
tina kamunafikan malah kamusyrikan, para pakar
psikologi ngagolongkeun eta kalakuan teh sabagi bagian
tina panyakit jiwa sarta jalma anu kaeunteupannana
wajib nempuh psikoterafi.
Ruqyah : Usaha penyembuhan/pengobatan hiji panyakit
ngaliwatan cara/metoda pembacaan ayat-ayat Al-
Quran, doa-doa, atawa mantera-mantera.
Sakarat al-maut : rasa peurih, weureu jeung sakit anu
dirasakeun ku salahsaurang nalika dicabut
nyawana; sakarat=weureu.
Sanad : Jalan patatalepana hadits ti nabi ka sahabat
Kitab Tauhid
247
dugi ka Mudawwin.
Shofar/Shafar : Bulan kadua dina taun hijriyah, nyaeta bulan
sabada bulan Muharram.
Shohih : Hadits nu diriwayatkeun sacara nyambung ku jalmi-
jalmi anu kapercaya perilaku, daya hapal sareng
katalitiannana mimiti ti awal sanad nepi ka nu akhirna,
bebas tina kaganjilan atawa sabab nu ngakibatkeun
lemahna hiji hadits.
Shallallohu alaihi wasallam: mugia ngarohmat Alloh ka
anjeuna sareng mugia maparinkeun kasalametan .
Subhanahu wa taala: Maha suci Alloh sareng Maha Luhur.
Subhanalloh : Maha suci/suci Alloh.
Syahadat : Panyaksian/pangakuan anu kaluar dumasar elmu
anu dilahirkeun tina teuteupan lahir jeung bathin,
dibenerkeun ku hate jeung diucapkeun ku letah yen
Teuaya anu hak diibadahan kajaba Alloh sareng
saestuna nabi Muhammad teh utusan Alloh kalayan
faham kana mana jeung ngamalkeun naon anu jadi
tungtutannana boh nu shifatna lahir atawa bathin.
Syafaat : Perantaraan, nyaeta perantaraan anu bakal
dilakukeun ku Rosululloh ka Alloh , sareng eta hal
teh kalayan ijin Mantena, tujuannana pikeun mere
karinganan beban umat manusa di padang mahsyar
dina poe kiyamah, jeung ieu teh anu disebut
syafaatul kubro atawa al-maqomal mahmuda; pikeun
ngasupkeun ka surga ka jalma anu boga hak pikeun
meunangkeun surga; jeung teu ngasupkeun kana
naraka pikeun jalma anu bertauhid ti umat nabi SAW
anu ngabogaan dosa nu sakuduna mah asup ka
naraka; pikeun ngaluarkeun tina naraka ka jalma-
jalma anu bertauhid anu ngalaman asup heula kana
naraka; pikeun nambahan ganjaran jeung
Kitab Tauhid
248
ningkatkeun darajat ahli-ahli surga; jeung jadi
perantaraan ka Alloh pikeun ngaringankeun siksa ka
sabagian jalma kafir, tapi hal ieu mah khusus kanggo
paman nabi SAW, Abu Tholib.
Taala : Maha Luhur.
Taawwudz : Menta perlindungan ka Alloh ku ngucapkeun:
Audzu billaah min (Nyalindung abdi ka Alloh
ti).
Tahmid : Muji ka Alloh Taala ku ngucapkeun Alhamdulillah
(Pujian teh kagungan Alloh).
Tahrif : Nyelewengkeun salahsahiji nash tina Al-Quran atawa
Hadits ku cara ngarobah lafazhna atawa ngabalikeun
hartina tina harti anu sabenerna.
Takbir : ngagungkeun Alloh ku ngucapkeun Allohu Akbar
(Alloh Maha Agung).
Takyif : Mempertanyakeun kumaha sifat jeung pertingkah
Alloh.
Tamiimah : Hiji perkara anu dikangkalungkeun dina beuheung
budak sabagi tolak balai atawa pangusir kasakit; jimat
keur nahan kajahatan. Dina hal ieu kagolong oge
perkara nu disebut haikal.
Tamtsil : Nyarupakeun sifat Alloh kana sifat makhluk-Na.
Tathoyyur : Firasat goreng; ngarasa boga nasib sial; atawa
ngaramal nasib goreng lantaran ningali manuk, sato
atawa salianna.
Tathil : Ingkar kana sakabeh atawa sabagian sifat-sifat Alloh.
Sedengkeun perbedaannana jeung tahrif, yen tathil teu
ngaku kana mana sabenerna anu terkandung dina hiji
nash tina Al-Quran atawa Al-Hadits. Anapon ari tahrif
nyaeta ngarobah lafazhna atawa mere penafsiran anu
Kitab Tauhid
249
nyimpang tina harti anu sabenerna nu terkandung dina
eta nash.
Tawil : aya tilu pengertian:
1. Hakekat atawa kanyataan anu sabenerna tina hiji
ucapan atawa berita. Saperti kecap-kecap tawiel anu
disebut dina Al-Quran 7 : 3, 53: 7, 39 : 10, jeung
sabangsana.
2. Penafsiran, saperti kasauran para ahli tafsir: tawil tina
dawuh Alloh :Wajhullooh/raray Alloh, hartina jadi
karidlo Alloh : penafsiran tina dawuh Alloh:
Yadulloh/panangan Alloh jadi kakawasaan Alloh
3. Penyimpangan hiji kecap tina mana anu sabenerna
kana mana anu sejen. Jeung ieu teh anu dimaksud ku
tawil anu sering disebutkeun dina pembahasan
teologis.
Tiwalah: Guna-guna; pelet.
Thoghut: Satiap perkara anu disembah ti salian Alloh.
Thorq: Ngaramal ku jalan nyieun garis-garis dina taneuh.
Carana diantarana: saperti anu dilakukeun ku kaom
Jahiliyah, nyaeta: ku nyieun garis-garis anu loba sacara
acak, terus dipupus dua-dua. Lamun anu nyesa teh dua
garis, eta tandana bakal sukses atawa bernasib mujur,
tapi lamun anu nyesa teh sagaris/ngan hiji gurat, eta
majar teh pertanda bakal sial.
Ulama: Ilmuwan; sacara khusus: jalma-jalma anu ngagaduhan
rasa sieun ku Alloh jeung ahli dina bidang agama Islam.
Umaro: Pamimpin; pangawasa.
Wadaah: Hiji perkara anu dicokot ti laut, nyarupaan cangkang
keong, numutkeun kayakinan anggapan jahiliyyah eta
benda teh bisa dipake pikeun ngahadang kasakit.








Tamat diserat sareng ditarjamahkeun ku
Simkuring, abdi Alloh nu dloif: Ahmad
Juhaman Suriah Al-Fahlawi
dina wengi ahad kaping 26 Robiiul
Awwal 1433 H/18 Februari 2012 M tabuh
20 WIB.

You might also like